SEPRÉ

Hayang nyalsé, ngahaja ninyuh cikopi di dapur, bari ngareureuhkeun capé. Nyot udud. Karasa haneutna cengkéh.
“Aya langganan anyar, keur ngadagoan,” ceuk nu mawa béja, jolna ti rohang tamu.
“Bikeun atuh ka nu séjén,” cekéng téh.
“Keur ngareusi. Apan loba nu peré. Bagi-bagi komisina,” bari nyirihil.
Ditoong tina sesela panto. Aya lalaki diuk rada nukangan. Kang Bandi, kitu? Boa enya. Kang Bandi anu baréto pangheulana nyaréan, dina umur wewelasan, lantaran waragad rumah sakit teu bisa dianjuk. Aya lima-genep kalina, ngan teu kungsi sabulan. Eureun-eureun sotéh satutas indung dianteurkeun kana mobil janazah.
“Gancang geura ka kamar. Kadé tong nguciwakeun,” digebah ku nu boga tempat.
Enya ah, asa Kang Bandi. Apal kénéh kana pamakéna, anu sok rurusuhan. Ngan pédah ayeuna mah geus teu pati rosa tanagana.
Réngsé. Angger kawas baréto, terus dangdan deui rurusuhan. Nangtung nukangan, bari nyisiran.
“Badé mindoan?”

Manéhna gideug, sok neundeun duit luhureun sepré. Laju kaluar ka luar.

HADÉ KU OMONG GORÉNG KU OMONG

RÉK alus rék goréng, omongkeun baé. Maksudna, kudu balaka, ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun. Cacak lamun goréng gé, teu kudu sungkan-sungkan nyaritakeun lebah mana goréngna.
Kitu ayeuna mah paribasa “hadé ku omong goréng ku omong téh” disurahanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk légégna mah: kudu transparan. Ulah ditutup-tutup, sangkan anu séjén arapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meureun mun dina basa Indonésiana mah.
Kitu ceuk ayeuna. Tapi, kumaha ari ceuk baréto? Tétéla harti éta paribasa téh robah, da ari asalna mah teu kitu. Hadé ku omong ku goréng ku omong, maksudna: alus jeung goréngna jelema téh gumantung kana omonganana. Jalma nu alus omonganana, bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna, nu goréng omonganana, bakal diajén goréng. Cindekna, alus jeung goréngna jalma téh diukur ku omonganana. Nu dimaksud hadé atawa goréng di dieu bisa tujul kana eusi atawa substansi omonganana, bisa deuih kana tatacara atawa étikana.
Mana nu rék dipaké cecekelan, naha harti ayeuna, atawa harti asalna? Jih, nya teu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mah boga saréréa, nya, Ceu Enéng. Ari basa mah apan mekar saluyu jeung paneka jaman. Dina kabuktianana, aya sawatara paribasa anu robah hartina, upamana waé “bengkung ngariung bongkok ngaronyok”, anu ayeuna sok dihartikeun: keun baé hirup ripuh gé, nu penting asal ngariung sadudulur. Padahal, dina harti asalna mah, éta paribasa téh ngandung maksud hirup sauyunan. Tuh, apan sakitu patukang-tonggongna, nya?
Tah, lebah “hadé ku omong goréng ku omong”, pikeun kaperluan ieu tulisan, pun uing rék nyokot harti saasal. Yén alus jeung goréngna jalma téh bakal diukur ku omonganana. Bakal alus kasebutna, mun alus omonganana. Bakal goréng kasebutna, mun goréng omonganana.
Éta paribasa téh produk dina hiji jaman, gelar tina kahirupan urang Sunda mangsa kapungkur. Meureun, jaman karuhun urang masih kénéh jumeneng, omongan anu dikedalkeun ku hiji jalma téh bakal dipaké ukuran dina nangtukeun pangajén. Éta pangna dina ngomong téh kudu ati-ati, ulah saengabna, ulah padu heuay. Apan geus jadi kacapangan, mun kuda dicekel kadalina, ari jalma mah omonganana.
Ngomong téh kudu alus, mun urang hayang diajénan batur. Kitu ceuk karuhun, anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam. Heueuh, apan dina Quran aya sawatara ayat anu nétélakeun yén ngomong téh kudu qaulan sadida, qaulan layyina, atawa qaulan ma’rufa anu lamun dicokot babarina mah nya omongan anu alus téa. Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw. anu ceuk basa urang pasantrén mah: Sing saha-saha anu iman ka Alloh jeung kana poé kiyamah, mangka (maranéh) kudu nyarita hadé, atawa jempé.
Ngan masalahna, naha jaman kiwari masih kénéh luyu ngukur hadé jeung goréngna jalma téh tina omonganana? Tah, lebah dieu, pun uing ngahuleng. Ku ngabandungan rupa-rupa hal dina mangsa ayeuna, asa mindeng manggihan jalma anu hadé omonganana, tapi sabada dibandungan, bet tepi kana kacindekan: éta jelema téh geuning goréng, euy!
Teu mustahil pamanggih pun uing dihualkeun: gagabah maké nyebut goréng ka nu lian! Apan alus jeung goréng mah lain ceuk panénjo jalma, tapi aya dina wewenang Gusti Alloh. Tong sok nyanyahoanan! Boa nu ku silaing disebut goréng téh, mungguh Pangéran mah alus.
Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagala rupa gé, lamun geus wangsulkeun ka Anu Di Luhur mah, urang-urang téh apan teu daya teu upaya. Tapi, salaku mahluk nu boga akal, apan urang téh kudu ngagunakeun éta akal, pikeun nimbang rupa-rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teu ngagunakeun akal? Kitu apan pidawuh Gusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasil pikiran urang teu merenah, nya munasabah baé.
Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus omonganana, laju ku urang bisa dipeunteun hadé. Dina kabuktianana, loba nu omonganana hadé, tapi dina pamustunganana ku urang henteu dipeunteun hadé. Beu, ari caritaanana mah kurang kumaha hadé jeung merenahna, genah kana ceuli, matak nyerep kana manah, pikabungaheun, matak gedé haté, jeung sajabana. Tapi éta caritaan téh horéng ukur lalambé, ngan wungkul keur pangirut, leuwih jauhna sakadar pangbébénjo.
Omongan haradé dipidatokeun gegederan, ditabeuh dina rupa-rupa forum, ditulis tingjareblag dina spanduk, diwawarkeun dina média massa, dipaké jejer lagu, jadi hiasan barang cindera mata, jeung ... wah dina naon rupaning nu bisa kadéngé jeung katénjo. Ramé pokona mah. Di jalan raya, di alun-alun, di buruan pasar, dalah di géng seselempet, pinuh ku kekecapan haradé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teuing tuda aya omongan dina kampanyeu goréng. Bet kabéh gé jangjina mah demi rahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mah pikeun kapentingan umum. Tepi ka asa enya, amanat UUD 1945 téh bakal sim salabim .... ngarobah nu katideresa jadi raharja, subur mamur gemah ripah loh jinawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah di tengah imah, kahirupan éstu raweuy beuweungeun rambay alaeun.
Tapi, kituna téh ukur semet omongan, ukur catur tanpa bukur, tara dituturkeun ku buktina. Antukna saréréa jadi maphum, tepi ka tara ngarep-ngarep najan sakumaha hadéna omongan anu dikedalkeun gé. Moal, moal aya buktina. Nu puguh mah ukur jadi omongan tamba bau sungut. Malah boa anu ngedalkeun éta omongan haradé téh, dina seuhseuhanana mah maranéhna gé teu ngarti kana naon anu diomongkeunana.
Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omong goréng ku omong” téh geus teu luyu jeung kanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuh anu ayeuna bisa dipaké ukuran hadéna jalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deui dongéngna. Sapuk?


Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas Pasundan

DEMUNG JANGGALA Bagian 19 (tamat)

PEUTING éta, Demung sama sakali teu bisa ngerejepkeun panon. Nyileuk parat tepi ka wanci janari. Aya hiji rasa anu hésé pisan digambarkeunana ku ayana kajadian patepung jeung lanceukna téh. Sagala rupa geus bruk-brak ayeuna mah. Geus cacap! Perkara éta, antara manéhna jeung lanceukna geus milih jalan séwang-séwangan, dalah dikumaha. Hal éta mangrupa hiji kanyataan anu timbulna lain dadakan, tapi ngaliwatan heula jalan anu sakitu panjangna.
Isukna, isuk-isuk kénéh Si Ibi geus ngurunyung, sakalian bari nganteurkeun dahareun.
“Radén, nyanggakeun ieu kaolahan kenging tuang raka nyalira; kasedep Radén,” omong Si Ibi bari mukakeun daun cau panutup piring.
“Cobék belut, Ibi?”
“Sumuhun,” témbal urut pangasuhna. “Enden téh belaan rebun-rebun miwarangan réncangna milarian belut. Sesah kenging, da sanés usumna. Aya genep ogé, belut sami-sami cingir.”
“Ari tadi peuting taya naon-naon, Ibi?”
“Henteu. Samulihna ti dieu téh, anjeunna teras ngajak cacarios dugi ka subuh, margi kaleresan Kangjeng Pangawulaan henteu sumping. Sakitu Ibi tos merelek heuay ogé, tuang raka téh bangun anu teu bosen-bosen nyarioskeun Radén,” omong Si Ibi. “Mangga atuh geura dituang, meungpeung haraneut kénéh.”
“Pangalaskeun atuh, sabab kami tacan bisa turun tina kasur.”
Demung dahar mani ngalimed. Keur mah diasongan kabeukina, katurug-turug hasil kaolahan hiji jalma anu dipicangcam saban mangsa. Gedé kaingétanana Si Aceuk ték tepi ka pangabeuki aing ogé apaleun kénéh.
“Radén,” omong Si Ibi sanggeus merenan urut dahar, “saleresna Enden téh kagungan kapalay. Mung waé, saurna téh bakal pisesaheun ngadugikeunana. Ari margina, teu acan tangtos sapagodos sareng salira.”
“Kumaha kitu, Ibi?”
“Teu tebih ti anu dicarioskeun tadi wengi ku anjeunna.”
“Jadi kami kudu babalik pikir, terus biluk ka musuh kawas Si Aceuk?”
“Sanes kitu pibasaeunana, rupina. Tuang raka téh teu kinten bingaheunana saupami Radén énggal-énggal nyandak jalan kahirupan anu patingtrimeun kanggo sadayana, utamina kanggo salira Radén ku anjeun. Tuang raka téh, Radén, teu kinten melangeunana.”
“Enya, Ibi, kaharti ku kami ogé. Sabab tangtuna ogé ku Si Aceuk geus kasawang, hukuman naon anu baris ditibankeun ka diri kami, saupama kacerek ku pasukan Pangawulaan. Apan anu ti heula-heula ogé, ditugel jangga di alun-alun. Tapi pikeun diri kami sorangan mah, asa teu matak jadi halangan rék dikitu-kieu ogé. Saenyana, haté kami ogé geus ngaku yén kami kudu tamaha, da bongan maké wani nanduk ka ratu bedang ka raja. Nya atuh kudu tarima kana hukumanana. Da meureun ari hukum mah moal nanyakeun, naon pangna kami kitu péta. Hukum mah moal nanyakeun rasa, tapi maluruh bukti. Tapi, Ibi, da diri kami mah teu boga kabeungbeurat ieuh.”
“Tapi, kumaha atuh tuang raka? Naha Radén teu hawatos?”
“Lebah dieu kaharti deuih, Ibi. Ngan ari enggeus, kami kudu kumaha atuh?”
“Saur Endén, asa taya lepatna saupami Radén enggal angkat sing tebih. Engké dina hiji waktos, saupami kaayaan tos tépéh-rapih, tuang raka mangga geura tepangan deui.”
Demung ngahuleng sakeudeung, bangun aya anu dipikiran. Teu lila, pok nyarita, “Teu bisa, Ibi. Sarua jeung teu bisana lamun Si Aceuk ku kami dititah ninggalkeun padaleman. Antara kami jeung Si Aceuk geus pada-pada boga pangabétah séwang-séwangan,” pokna. “Kieu waé atuh, Ibi. Tong dipaké melang teuing, da kami jeung Si Aceuk téh geus pada-pada sawawa ieuh. Terus deuih, najan kalakuan kami diaranggap geus jauh méngparna, tapi da kami mah moal rék mamawa Si Aceuk”.
“Tapi panginten, Radén, angger waé tuang raka téh bakal kaciwit kulit kabawa daging.”
“Ah moal, Ibi, pan anu séjén mah tepi ka ayeuna tacan aya anu apaleun yén kami téh adi Si Aceuk. Lamun ieu rusiah tepi ka bocor, moal ti mana deui huluwotanna, lamun lain ti urang tiluan. Ari kami bet piraku nyilakakeun diri sorangan. Teuing lamun jolna ti Si Aceuk atawa ti Ibi mah.”
“Ih, paralun atuh Ibi mah, Radén. Bet piraku Ibi téga ka salira sareng ka tuang raka. Margi, upami Radén sareng tuang raka tikunclung, atuh diri Ibi ogé sami bakal cilaka.”
***
LIWAT sareupna, Listayu geus aya deui di hareupeun adina. Kawas peuting kamari waé, manéhna indit rerencepan.
“Adi, tah ieu anak Aceuk anu pangleutikna,” pokna bari ngasongkeun budak lalaki kira-kira umur dua taun. “Anu dua deui mah teu dibawa. Keun sugan ka hareupna urang tepungkeun. Anu cikal, lalaki, ayeuna geus ningkat rumaja. Anu kadua, awéwé, umur sawelas taun jalan.”
Budak téh didiukkeun gigireun emangna. Hég diusapan bari haben dipencrong. Tétéla budak anu ti heula dibawa dina tandu téa.
“Hampura Mamang, Jalu,” omong Demung.
Budak téh kalah rungah-ringeuh. Sakapeung rét ka indungna, sakapeung rét ka emangna.
“Siga saha nya, Ceuk?”
“Siga bapana duanana ogé. Ngan anu cikal anu rék sarimbag jeung Emung mah. Meureun geus apal, kumaha dongéngna anak Aceuk anu éta.”
“Enggeus, Ceuk, ti Si Ibi. Tadina mah pangpangna kuring hayang panggih téh jeung budak anu éta, budak anu lahirna alatan panggunasika deungeun.”
“Geus waé, Mung, tong dicaritakeun kapeurih budak nu éta mah. Karunya ka jinisna,” omong Listayu. “Enya, da budakna mah teu boga dosa. Keun waé manéhna mah ulah tepi ka nyahoeun yén lahirna ka dunya téh waktu Aceuk keur dikakaya; yén manéhna teu puguh saha bapana. Lamun manéhna tepi ka apaleun kana riwayat dirina anu saenyana, inggis bisi ...,” Listayu teu kebat nyaritana.
“Bisi kumaha, Ceuk?”
“Bisi ... nuturkeun tapak lacak emangna,” témbal Listayu lalaunan. “Aceuk teu hayang lamun éta budak hirupna dipuuk ku kaceuceub, anu engkéna baris meupeus keuyang taya reureuhna. Pastina ogé capé lamun hirup salawasna motah kawas Emung téh. Leuheung basa lamun ku manéhna kabadanan. Meureun pédah Aceuk mah ukur pangawak awéwé anu matak boga pikiran kitu ogé. Rumasa waé, Aceuk mah hirup téh loba pisan karempan.”
“Kaharti pisan, Aceuk. Meureun pangna kitu téh duméh Aceuk geus panggih jeung kasenangan dunya.”
“Disebut kitu, henteu deuih. Buktina, ceuk saha Aceuk ngarasa lugina lahir batin? Senang sotéh lamun diténjo gulubur luarna, da ari kaayaan batin mah teu kitu. Jigana ari lebah kamarudah mah, moal pati béda ti anu karandapan ku Emung. Ngan nya kitu, Aceuk mah beunang disebutkeun teu mampuh ngarobah lalakon. Carékna ceuk Anu Ngatur kitu téh, ah, kitu wé! Da kumaha atuh, kamampuh anu nyampak dina diri Aceuk ngan sakieu-kieuna. Ngan meureun hiji anu jadi udagan téh, Aceuk hayang nenjo barudak hirupna tingtrim. Jigana lebah dinya nyokona tanggung jawab diri Aceuk mah,” omong Listayu. “Adi, tangtuna ogé bakal kapapanjangan lamun urang nyaritakeun perkara éta mah. Aceuk boga pamadegan sorangan, atuh Emung nya kitu kénéh, anu katenjona téh hésé pisan pinyambungeunana. Tapi, lain hartina urang kudu pegat duduluran.”
“Enya, kaharti ku kuring ogé,” walon Demung.
Maranehna uplek ngobrol tepi ka peuting. Ari dipaké nyacapkeun kasono mah teu karasa nyérélékna waktu téh. Nyaho-nyaho geus rék tengah peuting wé. Si Ibi ogé teu incah ti dinya, terus ngabandungan bari sakapeung-kapeungeun milu mairan. Manéhna jonglon nyarandé bari ngusapan budak anu keur saré dina lahunanana.
“Geus peuting teuing ieu téh, Aceuk rék amitan,” omong Listayu. “Hampura lamun Aceuk teu bisa nepungan deui. Keun, sugan jaga urang bisa diparengkéun panggih deui. Mun Emung geus ngarasa jagjag, kari pupulih ka Si Ibi. Naon waé kahayang Emung, anu sakirana pipanteseun jeung kadada kaduga mah ku Aceuk baris ditedunan,” bari jeung nangtung, terus malik ka Si Ibi. “Hayu atuh, Ibi, anteurkeun kami balik!”
“Teu kudu dianteurkeun ku Si Ibi,” ceuk hiji sora ti luareun imah.
Saréréa ngarénjag. Naha saha anu bieu nyarita?
Bray panto muka. Dina taweuran geus ngarégrég jelema aya welasna.
“Akang ...!” Listayu satengah ngajerit.
Si Ibi ngayekyek barang nénjo Kangjeng Dalem geus ngajega dina lawang panto. Demung ogé ngagurinjal, tapi terus ngagebru deui, sabab raheutna karasa nyeri ngadadak, bubuhan hudangna disakalikeun.
“Geus, geus,” omong Pangawulaan bari terus asup. “Obrolan Eulis kabeh ogé geus kadéngé ku Akang kalawan gemet pisan. Geus ti peuting tadi kénéh Akang ngintip di dieu,” bari nyengkatkeun Listayu. “Rayi Demung,” bari nyampeurkeun ka Demung. Prok duanana silipencrong.
Pangawulaan ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman. Kaayaan ngadadak jempling. Rénghap papas ogé teu sirikna écés kapireng.
“Akang ngahaja mapag Rayi ka dieu,” omong Pangawulaan.
“Akang ...,” Listayu ngarangkul suku Pangawulaan. Manéhna ceurik mani kanyenyerian.
“Geus, Eulis,” omong Pangawulaan deui bari ngusapan buuk Listayu.
“Kumaha atuh ... pun adi ... ?” nanya pegat-pegat bari nginghak.
“Akang geus nyaho jeung geus ngarti kana lalakon aranjeun duaan. Minangka hiji pribadi manusa, Akang ogé sarua ngarasa tunggara, barang ngadéngé lalakon hirup aranjeun. Malah ka Rayi Demung mah aya punjulna. Akang hormat pisan ka Rayi anu geus némbongkeun kétak enggoning nanjeurkeun ajén diri. Tah kitu pangajén Akang minangka hiji pribadi manusa anu sarua pada-pada boga rasa. Tapi, Eulis, masing inget, pan Akang téh pangagung anu jadi papayung sakumna pangeusi Ukur. Lebah dieu Eulis kudu bisa ngabédakeun. Perkara adi urang, Akang téh teu bisa cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng. Najan jeung dulur, ari hukum mah angger kudu ditanjeurkeun. Pisakumahaeun teuing carita batur, lamun Akang pilih kasih dina nibankeun hiji putusan,” pokna, terus ngalieuk ka Demung. “Hampura Akang, Rayi. Lain hartina Akang rék megatkeun duduluran. Akang ngarti kana kasang tukang jeung lalampahan hirup Rayi, naha bet jadi kitu. Tapi deuih sabalikna, Rayi ogé kudu ngarti kana kalungguhan Akang. Lain rék téga, ngan bonganna hirup urang kauger ku rarambu hukum.”
Kaayaan beuki jempling. Anu kadéngé ukur inghakna Listayu, bareng jeung ngadududna angin peuting.


Geger Layang (Cibiru), 8 Zulhijjah 1413 H