Kawali

Katiga teuing ku gangas. Butuh jukut satengah sundung, wayahna ngaprak ka buruan rumah sakit, tukangeun kamar mayat. Rada culang-cileung, mana komo maju ka reup-reupan. “Euy, kula ngahiras,” ngagupay. Teu burung disampeurkeun, bari mangsar-mingsir. “Bantuan ngagotong layon,” pokna deui. Ngaranjug. Banget reuwasna. Layon wanoja, dangdanan kabaheulaan. Rancunitna geus teu kudu dijejegan, sampulur hésé bandingna, najan kabaya lebah dadana beureum ku getih. “Tong nyebut teu sanggup, mun enya nyaah ka Sunda. Jeung tong kagok bébéla, ieu layon urang bawa ka Kawali. Keun, sina tingtrim di sarakanana. Bari sina ngajadi bukti pikeun balaréa, kumaha pengkuhna nyekel tangtungan sorangan, manan daék dicacampah deungeun.” Ah, kalah beuki kasima. “Hempék geura jungjungkeun, tah lebah dinyana!” Angger, teu bisa prak. Komo deui sanggeus kadéngé nu tingjorowok, ngambreg lir éngang dirojok sayang. “Tah, kapanggih siah nu sok malingan mayit téh!” Buk-bek paneunggeul. Durugdug digusur. “Teu rumaos abdi mah. Ih, ulah dibangkol. Domba gagaduhan teu acan diparaban ….”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar