SEPRÉ

Hayang nyalsé, ngahaja ninyuh cikopi di dapur, bari ngareureuhkeun capé. Nyot udud. Karasa haneutna cengkéh.
“Aya langganan anyar, keur ngadagoan,” ceuk nu mawa béja, jolna ti rohang tamu.
“Bikeun atuh ka nu séjén,” cekéng téh.
“Keur ngareusi. Apan loba nu peré. Bagi-bagi komisina,” bari nyirihil.
Ditoong tina sesela panto. Aya lalaki diuk rada nukangan. Kang Bandi, kitu? Boa enya. Kang Bandi anu baréto pangheulana nyaréan, dina umur wewelasan, lantaran waragad rumah sakit teu bisa dianjuk. Aya lima-genep kalina, ngan teu kungsi sabulan. Eureun-eureun sotéh satutas indung dianteurkeun kana mobil janazah.
“Gancang geura ka kamar. Kadé tong nguciwakeun,” digebah ku nu boga tempat.
Enya ah, asa Kang Bandi. Apal kénéh kana pamakéna, anu sok rurusuhan. Ngan pédah ayeuna mah geus teu pati rosa tanagana.
Réngsé. Angger kawas baréto, terus dangdan deui rurusuhan. Nangtung nukangan, bari nyisiran.
“Badé mindoan?”

Manéhna gideug, sok neundeun duit luhureun sepré. Laju kaluar ka luar.

HADÉ KU OMONG GORÉNG KU OMONG

RÉK alus rék goréng, omongkeun baé. Maksudna, kudu balaka, ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun. Cacak lamun goréng gé, teu kudu sungkan-sungkan nyaritakeun lebah mana goréngna.
Kitu ayeuna mah paribasa “hadé ku omong goréng ku omong téh” disurahanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk légégna mah: kudu transparan. Ulah ditutup-tutup, sangkan anu séjén arapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meureun mun dina basa Indonésiana mah.
Kitu ceuk ayeuna. Tapi, kumaha ari ceuk baréto? Tétéla harti éta paribasa téh robah, da ari asalna mah teu kitu. Hadé ku omong ku goréng ku omong, maksudna: alus jeung goréngna jelema téh gumantung kana omonganana. Jalma nu alus omonganana, bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna, nu goréng omonganana, bakal diajén goréng. Cindekna, alus jeung goréngna jalma téh diukur ku omonganana. Nu dimaksud hadé atawa goréng di dieu bisa tujul kana eusi atawa substansi omonganana, bisa deuih kana tatacara atawa étikana.
Mana nu rék dipaké cecekelan, naha harti ayeuna, atawa harti asalna? Jih, nya teu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mah boga saréréa, nya, Ceu Enéng. Ari basa mah apan mekar saluyu jeung paneka jaman. Dina kabuktianana, aya sawatara paribasa anu robah hartina, upamana waé “bengkung ngariung bongkok ngaronyok”, anu ayeuna sok dihartikeun: keun baé hirup ripuh gé, nu penting asal ngariung sadudulur. Padahal, dina harti asalna mah, éta paribasa téh ngandung maksud hirup sauyunan. Tuh, apan sakitu patukang-tonggongna, nya?
Tah, lebah “hadé ku omong goréng ku omong”, pikeun kaperluan ieu tulisan, pun uing rék nyokot harti saasal. Yén alus jeung goréngna jalma téh bakal diukur ku omonganana. Bakal alus kasebutna, mun alus omonganana. Bakal goréng kasebutna, mun goréng omonganana.
Éta paribasa téh produk dina hiji jaman, gelar tina kahirupan urang Sunda mangsa kapungkur. Meureun, jaman karuhun urang masih kénéh jumeneng, omongan anu dikedalkeun ku hiji jalma téh bakal dipaké ukuran dina nangtukeun pangajén. Éta pangna dina ngomong téh kudu ati-ati, ulah saengabna, ulah padu heuay. Apan geus jadi kacapangan, mun kuda dicekel kadalina, ari jalma mah omonganana.
Ngomong téh kudu alus, mun urang hayang diajénan batur. Kitu ceuk karuhun, anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam. Heueuh, apan dina Quran aya sawatara ayat anu nétélakeun yén ngomong téh kudu qaulan sadida, qaulan layyina, atawa qaulan ma’rufa anu lamun dicokot babarina mah nya omongan anu alus téa. Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw. anu ceuk basa urang pasantrén mah: Sing saha-saha anu iman ka Alloh jeung kana poé kiyamah, mangka (maranéh) kudu nyarita hadé, atawa jempé.
Ngan masalahna, naha jaman kiwari masih kénéh luyu ngukur hadé jeung goréngna jalma téh tina omonganana? Tah, lebah dieu, pun uing ngahuleng. Ku ngabandungan rupa-rupa hal dina mangsa ayeuna, asa mindeng manggihan jalma anu hadé omonganana, tapi sabada dibandungan, bet tepi kana kacindekan: éta jelema téh geuning goréng, euy!
Teu mustahil pamanggih pun uing dihualkeun: gagabah maké nyebut goréng ka nu lian! Apan alus jeung goréng mah lain ceuk panénjo jalma, tapi aya dina wewenang Gusti Alloh. Tong sok nyanyahoanan! Boa nu ku silaing disebut goréng téh, mungguh Pangéran mah alus.
Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagala rupa gé, lamun geus wangsulkeun ka Anu Di Luhur mah, urang-urang téh apan teu daya teu upaya. Tapi, salaku mahluk nu boga akal, apan urang téh kudu ngagunakeun éta akal, pikeun nimbang rupa-rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teu ngagunakeun akal? Kitu apan pidawuh Gusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasil pikiran urang teu merenah, nya munasabah baé.
Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus omonganana, laju ku urang bisa dipeunteun hadé. Dina kabuktianana, loba nu omonganana hadé, tapi dina pamustunganana ku urang henteu dipeunteun hadé. Beu, ari caritaanana mah kurang kumaha hadé jeung merenahna, genah kana ceuli, matak nyerep kana manah, pikabungaheun, matak gedé haté, jeung sajabana. Tapi éta caritaan téh horéng ukur lalambé, ngan wungkul keur pangirut, leuwih jauhna sakadar pangbébénjo.
Omongan haradé dipidatokeun gegederan, ditabeuh dina rupa-rupa forum, ditulis tingjareblag dina spanduk, diwawarkeun dina média massa, dipaké jejer lagu, jadi hiasan barang cindera mata, jeung ... wah dina naon rupaning nu bisa kadéngé jeung katénjo. Ramé pokona mah. Di jalan raya, di alun-alun, di buruan pasar, dalah di géng seselempet, pinuh ku kekecapan haradé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teuing tuda aya omongan dina kampanyeu goréng. Bet kabéh gé jangjina mah demi rahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mah pikeun kapentingan umum. Tepi ka asa enya, amanat UUD 1945 téh bakal sim salabim .... ngarobah nu katideresa jadi raharja, subur mamur gemah ripah loh jinawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah di tengah imah, kahirupan éstu raweuy beuweungeun rambay alaeun.
Tapi, kituna téh ukur semet omongan, ukur catur tanpa bukur, tara dituturkeun ku buktina. Antukna saréréa jadi maphum, tepi ka tara ngarep-ngarep najan sakumaha hadéna omongan anu dikedalkeun gé. Moal, moal aya buktina. Nu puguh mah ukur jadi omongan tamba bau sungut. Malah boa anu ngedalkeun éta omongan haradé téh, dina seuhseuhanana mah maranéhna gé teu ngarti kana naon anu diomongkeunana.
Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omong goréng ku omong” téh geus teu luyu jeung kanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuh anu ayeuna bisa dipaké ukuran hadéna jalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deui dongéngna. Sapuk?


Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas Pasundan

DEMUNG JANGGALA Bagian 19 (tamat)

PEUTING éta, Demung sama sakali teu bisa ngerejepkeun panon. Nyileuk parat tepi ka wanci janari. Aya hiji rasa anu hésé pisan digambarkeunana ku ayana kajadian patepung jeung lanceukna téh. Sagala rupa geus bruk-brak ayeuna mah. Geus cacap! Perkara éta, antara manéhna jeung lanceukna geus milih jalan séwang-séwangan, dalah dikumaha. Hal éta mangrupa hiji kanyataan anu timbulna lain dadakan, tapi ngaliwatan heula jalan anu sakitu panjangna.
Isukna, isuk-isuk kénéh Si Ibi geus ngurunyung, sakalian bari nganteurkeun dahareun.
“Radén, nyanggakeun ieu kaolahan kenging tuang raka nyalira; kasedep Radén,” omong Si Ibi bari mukakeun daun cau panutup piring.
“Cobék belut, Ibi?”
“Sumuhun,” témbal urut pangasuhna. “Enden téh belaan rebun-rebun miwarangan réncangna milarian belut. Sesah kenging, da sanés usumna. Aya genep ogé, belut sami-sami cingir.”
“Ari tadi peuting taya naon-naon, Ibi?”
“Henteu. Samulihna ti dieu téh, anjeunna teras ngajak cacarios dugi ka subuh, margi kaleresan Kangjeng Pangawulaan henteu sumping. Sakitu Ibi tos merelek heuay ogé, tuang raka téh bangun anu teu bosen-bosen nyarioskeun Radén,” omong Si Ibi. “Mangga atuh geura dituang, meungpeung haraneut kénéh.”
“Pangalaskeun atuh, sabab kami tacan bisa turun tina kasur.”
Demung dahar mani ngalimed. Keur mah diasongan kabeukina, katurug-turug hasil kaolahan hiji jalma anu dipicangcam saban mangsa. Gedé kaingétanana Si Aceuk ték tepi ka pangabeuki aing ogé apaleun kénéh.
“Radén,” omong Si Ibi sanggeus merenan urut dahar, “saleresna Enden téh kagungan kapalay. Mung waé, saurna téh bakal pisesaheun ngadugikeunana. Ari margina, teu acan tangtos sapagodos sareng salira.”
“Kumaha kitu, Ibi?”
“Teu tebih ti anu dicarioskeun tadi wengi ku anjeunna.”
“Jadi kami kudu babalik pikir, terus biluk ka musuh kawas Si Aceuk?”
“Sanes kitu pibasaeunana, rupina. Tuang raka téh teu kinten bingaheunana saupami Radén énggal-énggal nyandak jalan kahirupan anu patingtrimeun kanggo sadayana, utamina kanggo salira Radén ku anjeun. Tuang raka téh, Radén, teu kinten melangeunana.”
“Enya, Ibi, kaharti ku kami ogé. Sabab tangtuna ogé ku Si Aceuk geus kasawang, hukuman naon anu baris ditibankeun ka diri kami, saupama kacerek ku pasukan Pangawulaan. Apan anu ti heula-heula ogé, ditugel jangga di alun-alun. Tapi pikeun diri kami sorangan mah, asa teu matak jadi halangan rék dikitu-kieu ogé. Saenyana, haté kami ogé geus ngaku yén kami kudu tamaha, da bongan maké wani nanduk ka ratu bedang ka raja. Nya atuh kudu tarima kana hukumanana. Da meureun ari hukum mah moal nanyakeun, naon pangna kami kitu péta. Hukum mah moal nanyakeun rasa, tapi maluruh bukti. Tapi, Ibi, da diri kami mah teu boga kabeungbeurat ieuh.”
“Tapi, kumaha atuh tuang raka? Naha Radén teu hawatos?”
“Lebah dieu kaharti deuih, Ibi. Ngan ari enggeus, kami kudu kumaha atuh?”
“Saur Endén, asa taya lepatna saupami Radén enggal angkat sing tebih. Engké dina hiji waktos, saupami kaayaan tos tépéh-rapih, tuang raka mangga geura tepangan deui.”
Demung ngahuleng sakeudeung, bangun aya anu dipikiran. Teu lila, pok nyarita, “Teu bisa, Ibi. Sarua jeung teu bisana lamun Si Aceuk ku kami dititah ninggalkeun padaleman. Antara kami jeung Si Aceuk geus pada-pada boga pangabétah séwang-séwangan,” pokna. “Kieu waé atuh, Ibi. Tong dipaké melang teuing, da kami jeung Si Aceuk téh geus pada-pada sawawa ieuh. Terus deuih, najan kalakuan kami diaranggap geus jauh méngparna, tapi da kami mah moal rék mamawa Si Aceuk”.
“Tapi panginten, Radén, angger waé tuang raka téh bakal kaciwit kulit kabawa daging.”
“Ah moal, Ibi, pan anu séjén mah tepi ka ayeuna tacan aya anu apaleun yén kami téh adi Si Aceuk. Lamun ieu rusiah tepi ka bocor, moal ti mana deui huluwotanna, lamun lain ti urang tiluan. Ari kami bet piraku nyilakakeun diri sorangan. Teuing lamun jolna ti Si Aceuk atawa ti Ibi mah.”
“Ih, paralun atuh Ibi mah, Radén. Bet piraku Ibi téga ka salira sareng ka tuang raka. Margi, upami Radén sareng tuang raka tikunclung, atuh diri Ibi ogé sami bakal cilaka.”
***
LIWAT sareupna, Listayu geus aya deui di hareupeun adina. Kawas peuting kamari waé, manéhna indit rerencepan.
“Adi, tah ieu anak Aceuk anu pangleutikna,” pokna bari ngasongkeun budak lalaki kira-kira umur dua taun. “Anu dua deui mah teu dibawa. Keun sugan ka hareupna urang tepungkeun. Anu cikal, lalaki, ayeuna geus ningkat rumaja. Anu kadua, awéwé, umur sawelas taun jalan.”
Budak téh didiukkeun gigireun emangna. Hég diusapan bari haben dipencrong. Tétéla budak anu ti heula dibawa dina tandu téa.
“Hampura Mamang, Jalu,” omong Demung.
Budak téh kalah rungah-ringeuh. Sakapeung rét ka indungna, sakapeung rét ka emangna.
“Siga saha nya, Ceuk?”
“Siga bapana duanana ogé. Ngan anu cikal anu rék sarimbag jeung Emung mah. Meureun geus apal, kumaha dongéngna anak Aceuk anu éta.”
“Enggeus, Ceuk, ti Si Ibi. Tadina mah pangpangna kuring hayang panggih téh jeung budak anu éta, budak anu lahirna alatan panggunasika deungeun.”
“Geus waé, Mung, tong dicaritakeun kapeurih budak nu éta mah. Karunya ka jinisna,” omong Listayu. “Enya, da budakna mah teu boga dosa. Keun waé manéhna mah ulah tepi ka nyahoeun yén lahirna ka dunya téh waktu Aceuk keur dikakaya; yén manéhna teu puguh saha bapana. Lamun manéhna tepi ka apaleun kana riwayat dirina anu saenyana, inggis bisi ...,” Listayu teu kebat nyaritana.
“Bisi kumaha, Ceuk?”
“Bisi ... nuturkeun tapak lacak emangna,” témbal Listayu lalaunan. “Aceuk teu hayang lamun éta budak hirupna dipuuk ku kaceuceub, anu engkéna baris meupeus keuyang taya reureuhna. Pastina ogé capé lamun hirup salawasna motah kawas Emung téh. Leuheung basa lamun ku manéhna kabadanan. Meureun pédah Aceuk mah ukur pangawak awéwé anu matak boga pikiran kitu ogé. Rumasa waé, Aceuk mah hirup téh loba pisan karempan.”
“Kaharti pisan, Aceuk. Meureun pangna kitu téh duméh Aceuk geus panggih jeung kasenangan dunya.”
“Disebut kitu, henteu deuih. Buktina, ceuk saha Aceuk ngarasa lugina lahir batin? Senang sotéh lamun diténjo gulubur luarna, da ari kaayaan batin mah teu kitu. Jigana ari lebah kamarudah mah, moal pati béda ti anu karandapan ku Emung. Ngan nya kitu, Aceuk mah beunang disebutkeun teu mampuh ngarobah lalakon. Carékna ceuk Anu Ngatur kitu téh, ah, kitu wé! Da kumaha atuh, kamampuh anu nyampak dina diri Aceuk ngan sakieu-kieuna. Ngan meureun hiji anu jadi udagan téh, Aceuk hayang nenjo barudak hirupna tingtrim. Jigana lebah dinya nyokona tanggung jawab diri Aceuk mah,” omong Listayu. “Adi, tangtuna ogé bakal kapapanjangan lamun urang nyaritakeun perkara éta mah. Aceuk boga pamadegan sorangan, atuh Emung nya kitu kénéh, anu katenjona téh hésé pisan pinyambungeunana. Tapi, lain hartina urang kudu pegat duduluran.”
“Enya, kaharti ku kuring ogé,” walon Demung.
Maranehna uplek ngobrol tepi ka peuting. Ari dipaké nyacapkeun kasono mah teu karasa nyérélékna waktu téh. Nyaho-nyaho geus rék tengah peuting wé. Si Ibi ogé teu incah ti dinya, terus ngabandungan bari sakapeung-kapeungeun milu mairan. Manéhna jonglon nyarandé bari ngusapan budak anu keur saré dina lahunanana.
“Geus peuting teuing ieu téh, Aceuk rék amitan,” omong Listayu. “Hampura lamun Aceuk teu bisa nepungan deui. Keun, sugan jaga urang bisa diparengkéun panggih deui. Mun Emung geus ngarasa jagjag, kari pupulih ka Si Ibi. Naon waé kahayang Emung, anu sakirana pipanteseun jeung kadada kaduga mah ku Aceuk baris ditedunan,” bari jeung nangtung, terus malik ka Si Ibi. “Hayu atuh, Ibi, anteurkeun kami balik!”
“Teu kudu dianteurkeun ku Si Ibi,” ceuk hiji sora ti luareun imah.
Saréréa ngarénjag. Naha saha anu bieu nyarita?
Bray panto muka. Dina taweuran geus ngarégrég jelema aya welasna.
“Akang ...!” Listayu satengah ngajerit.
Si Ibi ngayekyek barang nénjo Kangjeng Dalem geus ngajega dina lawang panto. Demung ogé ngagurinjal, tapi terus ngagebru deui, sabab raheutna karasa nyeri ngadadak, bubuhan hudangna disakalikeun.
“Geus, geus,” omong Pangawulaan bari terus asup. “Obrolan Eulis kabeh ogé geus kadéngé ku Akang kalawan gemet pisan. Geus ti peuting tadi kénéh Akang ngintip di dieu,” bari nyengkatkeun Listayu. “Rayi Demung,” bari nyampeurkeun ka Demung. Prok duanana silipencrong.
Pangawulaan ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman. Kaayaan ngadadak jempling. Rénghap papas ogé teu sirikna écés kapireng.
“Akang ngahaja mapag Rayi ka dieu,” omong Pangawulaan.
“Akang ...,” Listayu ngarangkul suku Pangawulaan. Manéhna ceurik mani kanyenyerian.
“Geus, Eulis,” omong Pangawulaan deui bari ngusapan buuk Listayu.
“Kumaha atuh ... pun adi ... ?” nanya pegat-pegat bari nginghak.
“Akang geus nyaho jeung geus ngarti kana lalakon aranjeun duaan. Minangka hiji pribadi manusa, Akang ogé sarua ngarasa tunggara, barang ngadéngé lalakon hirup aranjeun. Malah ka Rayi Demung mah aya punjulna. Akang hormat pisan ka Rayi anu geus némbongkeun kétak enggoning nanjeurkeun ajén diri. Tah kitu pangajén Akang minangka hiji pribadi manusa anu sarua pada-pada boga rasa. Tapi, Eulis, masing inget, pan Akang téh pangagung anu jadi papayung sakumna pangeusi Ukur. Lebah dieu Eulis kudu bisa ngabédakeun. Perkara adi urang, Akang téh teu bisa cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng. Najan jeung dulur, ari hukum mah angger kudu ditanjeurkeun. Pisakumahaeun teuing carita batur, lamun Akang pilih kasih dina nibankeun hiji putusan,” pokna, terus ngalieuk ka Demung. “Hampura Akang, Rayi. Lain hartina Akang rék megatkeun duduluran. Akang ngarti kana kasang tukang jeung lalampahan hirup Rayi, naha bet jadi kitu. Tapi deuih sabalikna, Rayi ogé kudu ngarti kana kalungguhan Akang. Lain rék téga, ngan bonganna hirup urang kauger ku rarambu hukum.”
Kaayaan beuki jempling. Anu kadéngé ukur inghakna Listayu, bareng jeung ngadududna angin peuting.


Geger Layang (Cibiru), 8 Zulhijjah 1413 H

DEMUNG JANGGALA Bagian 18

ISUKNA di dayeuh ibur, aya karaman ampir nyulusup ka padaleman. Perjurit dikeprak sangkan leuwih taki-taki, ulah tepi ka kabongohan ku anu nyiliwuri. Méh saban tempat diasrék, dipariksa, bisi aya anu matak curiga. Geus puguhing jalma anyar pinanggih anu ngaliwat ka dayeuh mah, kabeh dikumpulkeun di laun-alun, bisi aya di antarana anu bakal jadi ulon-ulon riributan.
Kitu deui tempat urut bégalan patina Mamang Darga sabatur-batur, dipariksa gemet pisan. Jungkrangna diturunan, gerembelna dicacaran. Tapi tetela bangké karaman téh henteu kapanggih. Ukur aya urutna; ledug jeung pinuh ku getih.
“Yakin silaing, Darga yén si bangsat téh geus modar?” Juragan Patih mariksa ka bawahanana anu peuting tadi kagiliran jaga.
“Leres, Juragan. Ku tiluan dicehcer, dugi ka awakna rangsak. Lajeng manéhna ragrag ka dieu. Kakuping pisan ngagebutna ogé,” témbal perjurit Darga.
“Tapi geuning ayeuna euweuh buktina!” ceuk Patih Sungsang.
Saréréa taya anu ngabijilan carita, ukur silipelong.
“Mun enya modar kudu aya bangkéna atuh!”
“Rupina tos séép direcah ku ajag, Juragan Patih,” omong Darga.
“Naha enya, kitu? Cing, saha anu peuting tadi ngadéngé ajag babaung di lebah dieu?” Juragan Patih nanya ka perjurit anu araya di dinya.
“Abdi, Juragan. Écés pisan kakuping ti rorompok, kinten-kinten tos ngagayuh ka tengah wengi, tembal salah surang perjurit.
“Leres, abdi gé tos taki-taki, bilih ngaranjah deui ingon-ingon sapartos anu kajantenan dina minggu pengker,” omong anu séjén.
“Ajagna hanjat ka lembur?” Patih Sungsang mariksa deui.
“Anu mawi, teu aya. Dugi ka subuh abdi ngintip di buruan, tapi lebeng teu aya némbongan. Kakuping babaungna téh mung dugi ka leresan ieu jungkrang.”
“Jadi ku ajag, nya? Tapi naha mani teu nyésa saeutik-eutik acan,” omong Juragan Patih Sungsang bari gogodeg.
“Rupina ajagna seueur, Juragan, margi sakali ngabubuhan téh sok dugi ka aya welasna. Malih likur, kétang,” omong Mamang Darga, pikeun nyayakinkeun dununganana.
Ku sabab buntu teu manggih raratan, ahirna mah maranéhna unggah deui tina dasar jungkrang.
“Kadé, di wates dayeuh ulah aya anu balangah. Ulah tepi ka kajadian kawas peuting tadi. Aya karaman asup tepi ka teu kanyahoan,” omong Juragan Patih bari clak mancal kudana.
Puguh waé di dayeuh téh beuki harénghéng. Karasa pisan tagiwur jeung matak bangreungna. Keur mah perjurit anu miang ka pakidulan ogé tacan marulang deui, katurug-turug di tempat anu nampeu ka padaleman aya riributan. Atuh saréréa diperih pati sangkan leuwih iatna.
Listayu ogé pipikiranana ngarasa kaweur. Sabab, dihenteu-henteu ogé, apan manéhna anu jadi biang ririweuhan téh. Kumaha pibalukareunana lamun seug Pangawulaan uningaeun kana kajadian anu sabenerna, omongna dina jero haté.
Kitu deui Si Ibi. Manéhna ngarasa tagiwur ku dua ku tilu. Kumaha lamun ahirna kabokér yén anu jadi sumber mamala téh ayana di imah aing, ceuk pamikirna. Enya, pan sidik yén Radén Emung ditéangna ku gulang-gulang téh ti imah aing pisan.
Lian ti éta, manéhna ngarasa sedih anu pohara. Masing kalah kumaha ogé Si Ibi ngarasa yakin pisan yén anu datang téh budak asuhanana bareto. Tapi naha Ndén Ayu jiga anu teu asak jeujeuhan? Kalah der ngutus gulang-gulang.
Deudeuh teuing, Radén, satebih-tebih badé nepangan tuang raka, tapi bet kalah disampakkeun pati. Naha atuh Radén nanasiban salira téh bet salamina katideresa. Hapunten Ibi, Radén. Ibi tos satékah polah midamel tarékah supados Ndén Ayu percanteneun yén Radén jumeneng kénéh. Tapi geuning raka téh keukeuh waé nyepeng pamadeganana.
Lamun keur nyorangan, Si Ibi remen ceurik bangun anu kanyenyerian. Manéhna keukeuh ngarasa dosa, sabab teu bisa nepungkeun hiji adi ka lanceukna anu geus papisah welasan taun.
Hiji poé, waktu Si Ibi rék balik ka imahna, manéhna kacida ngarénjagna barang nénjo jelema keur ngalangsud lebah golodog dapurna. Méh baé ngoceak, lamun ituna teu kaburu malik terus nyanghareup ka manéhna mah.
“Radén ...,’ pokna bari terus nyampeurkeun. Anu keur ngalangsud téh ku manéhna dijungjungkeun lalaunan. Rupa-rupa rasa pagalo dina dadana. Sieun aya, watir aya.
“Ibi ...,” omongna laun. “Naha téga hianat ka kami?”
“Radén,” omong Si Ibi tandes, najan sorana laun. “Sanés Ibi, tapi tuang raka.”
Demung melong. Sorot panonna geus mimiti surem. Papakeanana geus rubat-rabet, balas tikakarait. Beungeutna ogé haropak tur kacida kucelna.
“Enggal ka lebet,” omong Si Ibi. Ceuk angkananana, di luar mah inggis aya anu nganyahoankeun.
Da puguh geus teu bisaeun nangtung-nangtung acan, waktu dibawa ka jero téh mani teu sirikna diséséréd. Sanggeus aya di jero, pribumi gura-giru nutupkeun deui panto. Aya kaanéh anu harita nyampak dina dirina, sangkilang keur nyanghareupan jelema anu dipikanyaah ti bubudak dina kaayaan tatu parna, Si Ibi geus teu hayangeun deui ceurik. Bisa jadi geus béak piceurikeunana.
Si Ibi gancang naheur cai. Geus kitu terus nuras lebu keur ngumbah anu taratuna. Koréléng ka pipir, rék néangan babadotan keur naplokan anu raheut garudawang. Untungna téh teu dibarengan ku rasa geumpeur teu sing. Éstu antaré pisan sakur anu dipigawéna téh.
“Naha Ibi rido ngurus kami anu geus batan sakieu?”
“Duh, Ménak, tong naros kitu. Lillahi taala Ibi ngarasanan salira téh,” témbal urut pangasuhna.
“Ibi, naha Si Aceuk bet kitu peta? Naha bet nitahan gulang-gulang pikeun ngaraponan kami?”
“Radén téh lepat hartos. Saleresna tuang raka mah taya maksad ngaraponan salira,” omong Si Ibi, bari terus ku manéhna dicaritakeun deui, naon pangna Listayu nitahan gulang-gulang.
“Ibi, da ayeuna mah geus kieu buktina, rék kumaha deui atuh? Si Aceuk angger nyekel pamadeganana, teu daékeun ngaku adi ka kami.”
“Sanés teu ngangken, Radén, tuang raka téh, tapi anjeunna teu acan ngaraos yakin. Apan kapalayna téh jonghok heula sareng salira. Namung, naha atuh Radén teu kersa waé nepangan? Ibi ogé ngaraos hémeng kénéh, naon anu janten alesanana pangna Radén keukeuh teu kersa nyumpingan raka. Da sanaos Radén sumping ka padaleman ogé, sanggem Ibi mah moal matak janten barubah ieuh, asal sumpingna sing lantip.”
Demung ngahuleng sakedapan, najan ahirna mah teu burung nyoara, “Asa tacan waktuna lamun kami kudu cacarita anu sajalantrahna pisan. Kieu waé atuh, Ibi, ayeuna mah. Kami boga barang anu kudu dipasrahkeun ka Si Aceuk. Jung anteurkeun ku Ibi, bari sakalian sebutkeun yén kami aya kénéh di dieu,” omongna bari kusiwel ngodokkeun ramo kana jero sabukna. “Tah ieu, Bi!”
“Radén, ti mana kénging ieu barang?” ceuk Si Ibi bari ngajenghok. Manéhna apaleun pisan kana éta kongkorong anu cikénéh ditémbongkeun ku urut asuhanana.
“Ibi apal kana ieu kongkorong?”
“Atuh kantenan. Éta téh kangkalung Endén anu dirampas ku bégal anu nelah Demung Janggala téa. Tapi ari ayeuna, naha bet aya dina panangan Radén?”
“Ibi, ka dieu sing deukeut,” omong Demung. Si Ibi diukna ngised. “Ibi, apan Demung Janggala téh nya kami téa.”
Jelegér! Lir gelap tengah poé éréng-éréngan anu nyamber kana embun-embunan. Barang ngadéngé kitu, bis waé Si Ibi tijengkang. Naha bet asa beuki teu pikahartieun ieu téh?
“Ibi, jig béjakeun ka Si Aceuk yén Demung Janggala téh Surapamungkas téa. Béjakeun deuih yén kami aya di dieu bari geus taya peta pikeun naon-naon, komo ngalawan mah. Tapi mun Si Aceuk keukeuh waé hamham, pék émbarkeun sangkan perjurit ti padaleman ngambreg ka dieu. Kami moal ngejat, sabab geus ngarasa cacap kapanasaran. Geuning tarékah kami pikeun nepungan lanceuk anu jadi panyileukan beurang jeung peuting téh ukur bisa semet dieu.”
“Mangga ku Ibi badé didugikeun, Radén,” omong Si Ibi. “Namung Ibi téh asa gaduh kénéh kapanasaran, sarengna deui bilih Ibi katarosan ku tuang raka.”
“Kumaha, Ibi?”
“Naon margina Radén bet milih janten karaman?” ceuk Si Ibi, semu asa-asa.
“Kami hayang mulangkeun kanyeri. Kami téh asa diteungteuinganan deungeun-deungeun, Ibi. Indung bapa kami tepi ka ayeuna taya raratanana. Kami nandangan kasangsaraan anu kacida panjangna, hirup kadungsang-dungsang. Kitu deui jeung lanceuk anu ngan éta-étana kapaksa jadi papisah. Anu matak, ti baréto kénéh dina haté kami geus aya niat hayang mulangkeun kapeurih,” témbal Demung, sorana alon. Najan geus ngalempréh taya daya, tapi ari sumanget hirupna mah masih kénéh katémbong. “Jig ayeuna mah geura tepungan Si Aceuk. Lamun manéhna ngarasa panasaran, buru geura datang ka dieu. Sugan waé tali duduluran téh bisa nyambung deui. Jeung poma kudu dibéjakeun, kami mah moal ménta nanaon, ukur hayang panggih. Kami moal ganggu kana kahirupan Si Aceuk, da puguh ti anggalna kénéh ogé geus pada-pada milih jalan hirup séwang-sewangan.”
Si Ibi unggeuk bari terus undur ka luar.
***
NGAHAJA milih waktu anu rinéh, tur lebah nyaritakeunana ogé Si Ibi téh malapah gedang pisan. Manéhna sabisa-bisa milihan kecap jeung ungkara kalimah anu lalantip. Tapi najan kitu, Listayu teu burung ngajenghok. Komo deui basa Si Ibi nyodorkeun kongkorong anuna mah.
“Ayeuna kénéh kami rék bébéja, sangkan éta jalma buru-buru diraponan sarta isuk kudu geus ditunggel beuheungna,” omong Listayu tandes.
“Endén, upami kitu mah kapalay salira, tangtos Ibi bade ngiring janten anu diraponanana,” omong Si Ibi tatag.
“Ibi! Naon maksudna, caritaan Ibi téh?” Listayu nyentak.
“Endén, asa tos kaétang cekap Ibi babakti ka Endén; ti kawit orok beureum dugi ka ayeuna salira tos cumarita. Nyanggakeun babakti Ibi ka salira. Hapunten anu kasuhun, margi tangtos Ibi seueur kaluluputan ....”
“Ké, kami tacan ngarti kana caritaan Ibi,” Listayu gancang megat kalimah.
“Sumuhun, apan Endén uninga ku anjeun, murangkalih asuhan Ibi téh aya dua; nyaéta salira sareng tuang rai. Endén tiasa kaaping ku Ibi langkung ti likuran taun, tug dugi ka ayeuna. Namung tuang rai mah henteu kitu, ku margi kapungkur papisah téa. Tah ayeuna, tuang rai sumping deui. Jalaran kitu, janten kawajiban Ibi kanggo ngaping sareng ngaméménanana, da apan ayeuna tos batan sakitu kaayaanana. Ibi hoyong mageuhan amanat tuang ibu sareng tuang rama suargi. ‘Mihapé budak anu dua,’ saurna. Dén Pamungkas sidik ayeuna aya. Piraku Ibi téga ngantep? Salajengna, Ibi badé milih nyarengan tuang rai, da nyarengan Endén mah kaétang tos cekap. Saupamina tuang rai badé diraponan dugi ka ditibanan hukuman, Ibi badé ngiringan. Janten upami ayeuna Endén badé nimbalan gulang-gulang kanggo ngaraponan tuang rai, sami waé sareng ngaraponan Ibi.”
Ngadéngé caritaan urut pangasuhna sakitu panggerna, Listayu jadi ngahuleng. Teu sangka bakal ka dinya brasna, tuda.

“Sanés Ibi badé incah kumawula, tapi da kumaha ka tuang rai ogé Ibi téh wajib buméla. Keun, da salira mah ayeuna tos reugreug pageuh ieuh. Masing teu disarengan ku Ibi ogé moal matak janten nanaon.”
“Ibi ... !” omong Listayu bari mencrong urut pangasuhna. “Ibi geus yakin yén itu téh Si Emung?”
“Duka tos sabaraha kali Endén naros kitu,” témbal Si Ibi. “Ibi mah tos yakin pisan. Kanggo naon atuh, Endén, Ibi kumawantun ngabohong ka salira.”
Listayu ngahuleng deui. Teu lila, pok nyarita alon, “Lamun kitu mah, keun atuh kami rék nepungan manéhna. Tapi lamun aya kitu-kieu ka diri kami, misalna waé manéhna ngarogahala, Ibi kudu daék tanggung jawab dunya ahérat.”
“Sing percanten ka Ibi, Endén,” témbal urut pangasuhna. Paromanna ngadadak jadi marahmay kacida. Manéhna gancang nyuuh kana suku Listayu, terus ngagukguk ceurik.
“Ibi, geus tong kateterusan, bisi matak barubah ka batur. Ayeuna kami rék dangdan heula. Engké lamun geus poék, hayu urang ka imah Ibi, rerencepan. Kadé, bisi barudak aya nu nyahoeun, utamana anu gedé,” ceuk Listayu.
Kira-kira liwat sareupna, Listayu kadua pangasuhna indit rerencepan. Ngahaja nyokot jalan ka tukangeun padaleman. Kabeneran anu jaga keur teu ngulampreng ka dinya.
Sajajalan Listayu teu weléh gegebegan. Masing kalah kumaha ogé manéhna loba karisi. Kumaha lamun batur aya nu nyahoeun, peuting-peuting kaluar ti padaleman. Komo deui anu rék disampeurkeun téh lalaki. Lamun tepi ka kanyahoan, terus kaémpér-émpér ka Kangjeng Dalem, geus tangtu bakal jadi gugujrudan. Malah teu mustahil bakal aya anu nuding yén calon padmi ngalambang sari.
Si Ibi unggah ka imahna. Listayu ngajengjen kénéh di luar.
“Saha éta?” kadéngé aya sora ti jero.
“Ibi, Radén,” témbaIna bari terus ngahurungkeun palita. Ngahaja sumbuna dipanjangan, ngarah leuwih caang.
Listayu nuturkeun unggah, terus nyampeurkeun ka anu keur ngalempréh.
“Demung Janggala ...!”
Demung ngalieuk. Bréh aya awéwé geus ngajengjen gigireunana. Ébréh katénjo, ti mimiti rupa tepi ka dedeganana.
“Aceuk ...!” témbalna alon.
Duanana papencrong-pencrong.
“Mun enya andika téh adi kami, cing atuh kami béré bukti anu tétéla,” omong Listayu. Saenyana kacangcaya manéhna geus rék mimiti leungit, sanggeus neuteup beungeut nonoman anu keur ngalempréh hareupeunana. Najan geus loba pisan robahna, tapi aya gurat-gurat anu ngaenyakeun yén anu ngagolér téh adina. Nyarita kitu sotéh bawaning ku hayang yakin.
“Dina walikat Aceuk anu beulah kénca aya tanda hideung sagedé jéngkol ngora. Kulincir Aceuk aya dua, sarua jeung kulincir dina sirah kuring,” omong Demung.
“Terus, naon deui?”
“Baréto, kira-kira umur kuring lima taun, Aceuk mantuan Ambu ngarihan di pawon. Harita kuring lulumpatan, ngudag anak manuk anu hiber tina kandangna. Kuring nubruk Aceuk anu keur nyiukan cai tina sééng maké siwur. Suku kuring kaléob, tina lebah bincurang tepi ka mumuncangan. Kuring teu bisa leumpangna ogé aya kana dua bulanna. Tepi ka ayeuna, urut kaléob téh aya kénéh. Bisi cangcaya, pék ku Aceuk singkabkeun ieu simbut anu nutupan suku kuring.”
“Emung!” Listayu ngarontok bari ngagukguk bangun anu kanyenyerian. Rupa-rupa rasa anu pagalo dina dadana, nya harita pisan bedahna.
Demung ogé nyurucud cipanon. Najan manéhna geus nelah lalaki dugal, tapi ku ayana kajadian kitu mah haténa ngadadak jadi lééh, lir lilin nyanding durukan.
Listayu masih kénéh ceurik eueuriheun bari nangkeup pageuh adina. Si Ibi ogé nginghak dina tunjangeunana.
“Teu sangka nya, Aceuk, urang diparengkeun panggih téh dina kaayaan geus sakieu buktina. Jalan hirup urang geus kacida patarenggangna,” omong Demung bari dumareuda.
“Keun waé, Adi. Ku sakieu ogé urang téh geus pirang-pirang nya ngarasa sukur. Urang diparengkéun panggih deui. Masing kalah kumaha ogé, Emung téh adi Aceuk, anu dipicangcam méh taya kendatna. Aceuk remen puasa dina poé wewedalan Emung. Anu dipalar téh sangkan Emung salamet tur meunang panangtayungan Gusti, sarta urang bisa ditepungkeun deui,” omong Listayu, sanggeus ceurikna leler. “Si Ibi geus cacarita ngeunaan Emung. Tapi najan kitu, Aceuk angger hayang langsung ngadéngé ti Emung pribadi. Kumaha lalakon Emung anu saenyana?”
“Lalakon anu matak pikanyerieun wungkul, Aceuk.”
“Naha dikira lalakon Aceuk matak pikauruyeun, kitu? Enas-enasna mah sarua waé, Emung. Ngan meureun bédana téh lebah cangkangna,” omong Listayu bari memener adina, ngarah diukna merenah.
Demung ngadadarkeun lalakon hirupna. Kabéh ditéték taya anu kaliwat. Manéhna teu hayangeun sumput salindung, sabab sagala rupana geus nembrak ieuh. Anu matak, ku manéhna diterangkeun saha ari bapa kukutna, jeung naon pangna manéhna milih jalan anu ceuk anggapan nagara mah mengpar kacida: jadi karaman!
“Tah kitu, Aceuk, anu karandapan ku kuring jero welasan taun téh. Haté kuring salawasna dipuuk ku kaceuceub. Ku sabab taya deui jalan pikeun ngalongsongkeun bangbaluh jeung harga diri, kuring milih jalan barontak. Kuring hayang némbongkeun yén teu salawasna anu dikakaya taya peta pikeun ngalawan. Mun téa mah anu séjén milih jalan ku masrahkeun diri kana takdir, kuring mah henteu. Kuring téh hayang boga ajén diri jeung nanjeurkeun ngaran kulawarga.”
“Saenyana haté Aceuk ogé sarua waé kitu. Ngan bédana téh dina lebah lolongkrang anu kapanggih ku urang, katurug-turug Aceuk mah awéwé,” omong Listayu. “Saenyana urang mah ukur jadi jalma katideresa wungkul, bari jeung teu apal kana jujutan perkara nu sabenerna. Enya, pan urang mah teu kungsi pipilueun kana babarontakan anu ditujukeun ka urang wétan. Urang mah teu mais teu meuleum! Tapi naha ari dina lebah nanggung balukarna mah bet jadi kababawa. Malah dina émprona mah kasangsaraan urang téh leuwih panjang. Lila pisan Aceuk namperkeun éta pasualan anu tumiba ka urang duaan. Nya kacindekanana mah, Emung, kaayaan anu geus ngarobah hirup urang téh. Kaayaan anu ngalantarankeun urang papisah, terus manggihan lolongkrang séwang-séwangan. Aceuk nimu lolongkrang téh kieu. Séjén deui jeung anu kapanggih ku Emung. Terus deuih, urang ngaliwat kana éta lolongkrang téh sabab kapaksa, da ngan aya éta-étana. Keur ngan hiji-hijina téh, lolongkrangna tarahal kacida.”
“Tong nyalahkeun teuing kaayaan, Aceuk,” omong Demung. “Hirup urang jadi kieu téh tacan tangtu alatan takdir Pangéran, tapi ku sabab aya panggawé anu lian. Lamun enya Gusti nakdirkeun urang kudu sangsara, atuh meureun pilih kasih Anjeunna téh. Teu, teu percaya kuring mah yén sakabéh anu tumiba ka diri urang téh kapalay Pangéran.”
Listayu teu nyarita.
“Anu matak, Aceuk, kuring mah hayang terus ngalawan. Kuring moal sumerah kana anu ceuk batur sok disarebut takdir,” omong Demung deui.
“Teu pati timu Aceuk téh lamun dibawa nyarita perkara éta mah. Anu jelas, hirup Aceuk kieu téh lain kahayang sorangan, tapi kapaksa ku kaayaan. Apan bieu gé geus ditandeskeun. Aceuk mah ukur pangawak awéwé anu heureut deuleu pondok léngkah. Meureun ku Si Ibi ogé geus didongéngkéun, naon pangna Aceuk tepi ka jadi kieu, anu tangtuna ogé luareun wangwangan jeung kahayang Emung.”
“Enggeus, Ceuk. Si Ibi geus ngadadarkeun lalakon Aceuk,” walon Demung.
Pleng duanana euweuh anu cacarita, siga anu keur aranteng nataran lamunanana.
“Ari pakarepan Emung ayeuna rék kumaha?” Listayu nanya.
“Kuring asa geus méh cacap kapanasaran dina urusan duduluran mah, sabab geus bisa tepung jeung Aceuk. Kari jeung alo tacan tepung téh.”
“Enya, Aceuk ogé ngarti dina urusan duduluran mah. Maksud Aceuk mah, pakarepan Emung anu séjénna.”
“Aceuk, kuring téh kapalang geus dicap karaman, ulon-ulon kajahatan, jeung sesebutan lianna anu dianggap méngpar tina hukum nagara. Jigana moal ka mana deui brasna lalakon hirup téh, lamun lain ka dinya. Tapi kétang, kitu sotéh lamun diparengkéun kénéh panjang umur, da geuning kaayaan kuring ayeuna mah batan sakieu. Katénjo cénghar sotéh, bané wé sanggeus tepung jeung Aceuk, anu jadi panyileukan beurang jeung peuting.”
“Emung, kahayang Aceuk mah, cing atuh sing nyaah kana diri. Emung téh ngora kénéh, harepan hirup masih ngembat panjang.”
“Apan tadi ogé geus disebutkeun, urang téh geus milih jalan séwang-séwangan téa, sanajan éta téh bakat ku kapaksa jeung anu aya ngan éta-étana.”
“Nurutkeun sawangan Aceuk mah, saenyana pikeun Emung aya deui jalan séjén.”
“Tangtu, ngan tacan katoong yén kuring bakal piuntupeun ngalakonanana. Kaharti pisan yén Aceuk melang jeung nyaah ka kuring. Tapi, Aceuk, dina urusan ieu mah urang teruskeun waé leumpang dina jalan séwang-séwangan. Atuh Aceuk, jig geura miang dina paniatan sorangan. Kitu deui kuring, moal rék pindah pileumpangan. Urang pada-pada ngarti waé.”
“Emung, nanjeurkeun ajén diri téh bisa rupa-rupa carana, teu salawasna kudu ku pakarang waé.”
“Bisa jadi keur Aceuk mah kitu. Tapi keur kuring? Tacan tangtu sarua, komo deui dina kaayaan kawas ayeuna. Aceuk tong hamham, kuring moal rék ngagunasika Aceuk.”
Listayu teu ngomong. Da geus kasawang, pakarepan adina geus moal bisa dionggét-onggét deui. Manéhna geus apal pisan, kumaha pasipatan adina ti bubudak: merékedeweng jeung gurat batu! Mun carékna kitu téh, kitu wé!
“Ayeuna mah panggih enggeus, rék naon deui urang téh, da pimanaeun bakal bisa terus reureujeungan. Kuring rék amitan, pikeun nyampeur deui lalakon anu kamari katunda heula,” ceuk Demung.
“Ulah waka, Adi!”
“Taya pihadéeunana lamun kuring terus cicing di dieu. Lamun kanyahoan ku anu séjén, geus tangtu bakal goréng balukarna. Lain waé ka diri kuring, tapi deuih ka Aceuk jeung ka Si Ibi. Beu, tada teuing barubahna di padaleman lamun ahirna kabokér yén Demung Janggala téh adina calon padmi Kangjeng Pangawulaan.”
“Ceuk timbangan Aceuk mah, ulah waka indit, sabab Emung tacan cageur. Rék kumaha bisana lumampah dina kaayaan kitu?”
“Lamun Aceuk melang kana kaayaan kuring ayeuna, tur hayang neundeun rasa nyaah ku mangrupa pitulung, kuring mah anteuran kuda waé keur indit ti dieu.”
“Éta mah perkara babari. Ngan ieu mah nyaram sotéh pédah melang jeung sono kénéh. Boa iraha urang bisa panggih deui, tuda. Jeung deuih, lain Emung téh hayang panggih heula jeung anak Aceuk? Meureun hayang ngajaran ngalahun alo sorangan.”
Demung ngahuleng sakedapan. Sanggeus rada lila, kakara pok nyarita, “Nya, ari kitu kahayang Aceuk mah, heug waé atuh! Tapi Aceuk datang ka dieuna tong leuir teuing, bisi kuring kaburu kaambeu ku anu séjén.”
“Peuting isuk Aceuk rék ka dieu deui. Wayahna waé ku Emung tungguan,” omong Listayu. “Ayeuna mah da geus peuting, Aceuk rék mulang deui ka padaleman. Hayu atuh, Ibi!”
“Enya, kitu waé atuh,” walon Demung.
***

DEMUNG JANGGALA Bagian 17

TI saprak Pangawulaan ngeprak perjurit ka pakidulan Ukur, lahan panglumpatan Demung sabalad-balad beuki ngaheureutan. Beuki dieu, beuki werit, anu karasa dina kahirupan maranéhna téh. Ngan éta ogé aya kénéh untungna, lolobana ukur nyaraho ngaran tapi teu apal rupa. Cacak lamun teu kitu mah, manéhna kudu geus beunang.
Anu matak, jangji anu dikedalkeun ka Si Ibi yén dina jero saminggu rék datang deui téh, dina émprona mah jadi meral. Manéhna teu bisa gura-giru indit ka dayeuh, da keur teu aman téa. Perjurit ti kabupatén teu weléh ngasrék ka pilemburan, rék néwak manéhna. Lain bantrak-bantrakeun, tuda. Itu mah sajaba ti jumlahna loba téh, pakarangna ogé samakta. Tungtungna Demung ukur bisa sasalingkeran, babalicétan ti hiji leuweung ka leuweung lianna.
Meureun Si Aceuk geus nganti-nganti ti kamari kénéh, omongna dina jero haté. Duh, kacipta sonona. Papisah geus aya kana welas taunna, ari ayeuna bakal diparengkéun tepung deui. Meureun alo aing téh aya anu geus rada gedé. Pan tilu budakna téh, ceuk Si Ibi ogé. Bagja, aing bisa panggih deui jeung nu jadi lanceuk. Ngan hanjakalna téh, naha atuh Si Aceuk bet jadi parekan Pangawulaan. Kudu kumaha atuh aing lamun engké kudu nyanghareupan manéhna, sabab dihenteu-henteu ogé apanan musuh itu téh!
Cunduk kana waktuna, Demung bisa tepung deui jeung urut pangasuhna. Ngahaja datangna ogé rerencepan, peuting-peuting.
Éta ogé bélaan sasalingkeran heula, da bisi kapanggih ku gulang-gulang anu terus-terusan dikeprak ngajaga kaamanan.
Tapi, manéhna kacida ngajenghok, barang geus ngadéngé caritaan Si Ibi. Geuning bet mencog tina panyangka ti saméméhna.
“Radén,” omong urut pangasuhna, “Endén téh teu percanteneun yén Radén masih kénéh jumeneng. Malik kalah sasauran kieu, ‘Ibi, naha maké percaya kana omongan jalma saliwat! Boa teuing éta mah jelema téh ukur jurig nyiliwuri.’ Tah, kitu kasauranana, Radén.”
Demung ngahuleng bari hareneg. “Meureun ku Ibi teu gemet dicaritakeunana,” omongna sanggeus rada lila balem.
“Ih, Radén, raraosan mah Ibi téh asa kirang kumaha. Sagala rupi katerangan ti Radén tos didugikeun, tapi Ndén Ayu angger teu percanteneun, malih katingalna téh semu anu curiga.”
Demung ukur bisa melengek. Naha Si Aceuk maké kitu?
“Kumaha atuh upami ayeuna Radén angkat nepangan anjeunna, ka lebet. Piraku manawi ari tos jonghok mah anjeunna teu percanteneun kénéh waé.”
Demung teu némbal, da puguh éta anu embung téh. Lain pihadéeun lamun nepungan ka ditu mah, sabab engkéna bakal loba itu-ieu. Da sahenteuna, asup ka padaleman mah moal bisa rerencepan.
“Mangga, disarengan ku Ibi upami badé angkat ayeuna mah,” omong Si Ibi deui.
“Ulah, Bi, ari kami anu kudu ka padaleman mah. Apan ti heula ogé geus dicaritakeun, naon alesanana jeung naon pibalukareunana. Tapi kaya kieu mah, boro-boro daékeun nepungan, apan percayaeun ogé henteu.”
“Ku émutan Ibi, dina waktos-waktos ieu mah Enden moal kersaeun ngantunkeun padaleman.”
“Naha aya naon kitu, Ibi?”
“Kieu, Radén,” témbal SI Ibi. “Rupina Radén ogé tos uninga wiréh garwa Kangjeng Pangawulaan parantos ngantun sawatara sasih anu kalangkung. Ibi nguping wartos yén Endén Ayu badé dianggo gegentos padmi. Anu mawi, ayeuna téh anjeunna tara tebih ti Kangjeng Dalem. Upami leres cios téh, tuang raka teu kinten bagjana.”
“Ibi, geus tong nyaritakeun urat emas Si Aceuk!” Demung megat kalimah. “Kami mah teu urusan, Si Aceuk rék jadi naon, jadi naon ogé. Kami mah ukur hayang panggih jeung manéhna.”
“Sumuhun, Ibi ogé ngartos. Namung kedah kumaha deui atuh tarékah Ibi téh? Buktos-buktos naon deui anu kedah didugikeun ku Ibi ngeunaan salira ka tuang raka, supados Endén percanteneun yén Radén téh raina?”
Demung ngahuleng deui, da rumasa teu bisa méré deui bongbolongan anu leuwih ti anu enggeus-enggeus. Manéhna ogé geus boga sawangan, masing kalah kumaha ogé, lamun teu jonghok mah bakal hésé ngayakinkeun lanceukna. Ituna keukeuh moal percayaeun kitu waé, lamun ukur ngandelkeun katerangan ngaliwatan batur mah.
“Kieu waé atuh, Ibi,” ceuk Demung sanggeus rada lila balem, “béjakeun sakali deui ku Ibi yén kami keur aya di dieu. Kami mah ukur hayang panggih, kituh! Mun teu ayeuna, biheung iraha deui bisana.”
“Mangga, Radén. Antosan atuh di dieu. Ibi badé nepangan heula tuang raka,” omongna bari jung indit.
Harianeun ari Si Aceuk, naha maké teu percaya atuh, omong Demung dina jero haténa.
Si Ibi nyieun piandel anu kadua kalina, tapi Listayu keukeuh teu percayaeun. Malah tungtungna mah Si Ibi jadi dicarékan.
“Ibi, naha kawas lain kolot waé lalampahan téh? Ka jelema teu puguh saha-sahana, bet percaya! Barina ogé, mun enya mah manéhna téh Si Emung, naha atuh lain datang sorangan ka dieu, ulah ukur mihapé talatah ka Ibi!”
Si Ibi teu ngomong nanaon. Nénjo galagat kitu mah, najan hantem dicaritakeun ogé, dununganana moal ngandeleun. Malah teu mustahil bakal jadi ngabarérang ka saréréa.
“Kami mah geus yakin, éta jelema anu ngaku-ngaku Si Emung téh rék ngagebruskeun kami. Pasti titahan anu séjén pikeun nyilakakeun kami. Kami ogé nyaho, ka kami téh loba anu sirik. Pék geura ku Ibi lelebah pibalukareunana, lamun kami nepungan manéhna, komo peuting-peuting kawas ayeuna, tangtu bakal jadi sumber pitenah, anu teu mustahil bakal kaémpér-émpér ka Kangjeng Dalem. Pék pikir, kumaha balukarna lamun tepi ka kitu? Tangtu kami bakal cilaka. Batur mah, anu ngaréwaeun ka kami, geus tangtu bakal ngaleprokan.”
Si Ibi beuki ngeluk. Manéhna banget ku bingung. Ka ieu nyaah, ka itu hayang nulungan. Ngan, kudu di lebah mana nyambungkeunana atuh?
“Kami rék ngageroan gulang-gulang. Keun, sina ditéang jelema anu ayeuna aya di imah Ibi téh,” omong Listayu bari ngajéngkat.
“Entong, Endén ...,” Si Ibi buru-buru nyegah, sabab lamun tepi ka kitu téh bakal leuwih goréng balukarna.
“Naha maké nyarék? Kami hayang bukti. Sugan lamun geus jonghok mah, kami bakal bisa ngabuktikeun sakabéh caritaan Ibi bieu.”
“Entong, Endén,” omong Si Ibi deui. “Margi kitu amanat anjeunna ogé; anu sanes mah ulah dugi ka aya anu terangeun. Upami Endén teu kersa nepangan mah, sawios ku Ibi didugikeunana. Itu mah da henteu maksa kedah tépang sareng Endén. Saurna ogé, ieu mah saupami Endén percanten sareng kersa.”
“Teu! Teu bisa! Kami kudu nyaho heula jalmana. Kami kudu yakin, naha lain ukur panipuan wungkul éta jelema téh. Lamun tétéla ukur rék ngagebruskeun, kami rék nitah gulang-gulang sina terus diraponan. Moal diantep. Mun teu kitu, tangtu bakal terus jadi cucuk rungkang kana kahirupan kami.”
“Endén tos teu percanten kana pisanggem Ibi?”
“Dina urusan éta mah, henteu!”
“Endén tos teu percanten kana kanyaah Ibi ka salira?”
“Percaya. Da lamun taya Ibi mah kami téh boa geus kumaha. Tapi, Ibi, dina urusan ieu mah kami boga pamadegan yén Ibi mikirna salancar teuing. Kahiji, bet mustahil Si Emung hirup deui. Pan sidik geus paéh kabawa caah. Kadua, naha bet kudu kami anu kudu nepungan manéhna, lain itu anu datang ka dieu. Apan jadi tibalik!” témbal Listayu mani néngtéréwélang. “Geus ayeuna mah Ibi, tong loba carita, jeung tong ngahalang-halang maksud kami. Kami rék nitahan gulang-gulang ayeuna kénéh.”
“Endén....”
Tapi Listayu kaburu indit mantén. Tinggal Si Ibi anu ngahuleng, teu nyaho naon anu kudu terus dipilampah.
Teu kungsi lila, Listayu geus ngurunyung deui.
“Geus, kami geus nitahan gulang-gulang, sangkan jelema anu ngaku-ngaku Si Emung téh dibawa ka dieu. Cing, urang buktikeun caritaanana; naha enya manéhna téh adi kami,” omongna.
“Endén, atuh engké Ibi baris dilepatkeun ku tuang rai.”
“Tuang rai, tuang rai wéh! Geus Ibi, jempé!” Listayu rada nyentak.
Atuh Si Ibi téh bep was balem. Manéhna kacida ngarasa bingungna. Kitu salah, kieu lain.
Demi gulang-gulang anu limaan, maranéhna gasik nyumponan paréntah dununganana. Sadatang-datang ka imah anu dijugjug, terus waé ngetrokan panto.
Ceuk panyangka Demung, anu keketrok téh pasti Si Ibi. Kalawan teu tatanya heula, manéhna buru-buru ngalaan selag panto.
Barang bray, bet kacida ngajenghokna, sabab anu narangtung dina handapeun papanggé téh bet jauh dina panyangkana.
“Hayoh turun, terus milu ka kaula!” omong anu saurang, gegedugna.
Teg waé timbul panyangka goréng. Aing rék diraponan!
Ké heulaanan! Jeung kudu sumerah mah, aing rék ngalawan heula.
“Buru, andika geura turun!”
Ngan sakilat Demung luncat bari nubruk salasaurang gulang-gulang anu rajeg dina panyawéran. Puguh waé maranéhna ogé jadi reuwas, sabab teu nyangka bakal kitu.
“Éit, kurang ajar! Naha silaing kalah nyilakakeun déwék!” omong anu bieu ditubruk.
Demung undur-unduran. Barang aya lolongkrang pikeun kabur, ngan beretek waé manéhna lumpat.
“Kepung, euy!”
Durugdug padangaberik. Gulang-gulang ngalalugas gobang. Katénjo tinggurilap, da katojo ku cahya bulan.
Lumpatna teu bisa kebat, sabab kahalangan ku gawir anu gurawés kacida. Breg ditingker, tapi ka hésé néangan lolongkrang pikeun ngejat. Ari Demung, da puguh 1émor; manéhna ukur samet taki-taki.
Sajeroning ningker udaganana téh, gulang-gulang teu ngalartieun. Naha ieu jelema kalah nangtang picilakaeun? Apan bieu ogé ukur dititah néang wungkul, sangkan manéhna kairingkeun ka padaleman, lain pikeun diraponan. Anu matak, gulang-gulang téh teu waka nyieun tindakan, da inggis bisi nyalahan.
“Ki Silah, kadé bisi andika salah harti! Andika ...,” ceuk gegedugna.
Tapi, tacan ogé réngsé nyarita, Demung geus narajang mantén ka anu nangtung pangsisina. Der galungan, sabab Demung rék ngarebut gobangna. Anu opatan deui gancang ngangseg. Malah aya anu langsung ngaheumbatkeun gobangna. Gabres! Hanjakal nyalahan. Gobang kalah nyangsang kana kekemplongan baturna kénéh, da puguh harita anu galungan téh teu beda ti puyuh anu keur diadu.
Demung gancang ngagurinjal, bari terus ngabar-ngabar gobang meunang ngarebut ti musuhna. Héat diheumbatkeun, nenggel pisan kana dada gulang-gulang anu nangtung katuhueunana.
Anu séjén henteu cileureun. Demung disabet ti beulah kénca. Manéhna ngelok saeutik, tapi seuseukeut gobang geus nampeu teuing kana lebah iga burungna. Bres kabeunangan, najan teu sababaraha nenggel. Méh bareng jeung éta, Demung rikat nyabetkeun gobangna ka beulah kénca. Musuhna nakis ku leungeun kénca, najan balukarna ramona rampal.
Anu tarung beuki ragot; papelit-pelit, papinter-pinter. Najan dihurup ku tiluan, Demung masih kénéh bisaeun ngimbangan. Awakna geus raca tapak pakarang. Kitu deui gulang-gulang anu tiluan, leungeun jeung awakna geus darewang. Tapi lila-lila mah Demung jadi remen kadesek. Komo deui sanggeus pingpingna dewang mah. Manéhna geus teu pati ajeg masang kuda-kudana. Tapi anu tiluan ogé teu langsung bisa nganggeuskeun, sanajan anu dua deui mah tatuna tacan sabaraha. Tétéla maranéhna nyanghareupan lawan anu tanggoh kacida.
Demung terus mundur, da beuki kasedekkeun. Tungtungna manéhna tikoséwad. Guprak ragrag kana gawir anu sakitu lungkawing jeung baralana.
“Modar siah!”
Gulang-gulang anu dua narangtung dina biwir jungkrang bari tumpa-tempo ka handap. Najan harita caang bulan, tapi anu ragrag téh teu katénjo lebah-lebahna, da puguh di handapeun gawir sakitu canéomna.
“Silaing bisa kénéh, nangtung, Ji,” gegedugna nanya ka anu keur ngudupruk.
“Teu kuat, Kang ...,” témbalna alon.
“Sok, urang payang ku duaan, euy!” omongna ka anu saurang.
“Atuh jalma anu bieu ragrag moal ditéang heula?” baturna kalah malik nanya.
“Naha? Rék naon kitu, Tam?”
“Bisi hirup kénéh,” témbalna.
“Lah, tangtuna ogé geus modar ragrag ka dinya mah. Meugeus teu kudu ditéang, kahésé-hésé! Aluk mah tulungan heula ieu batur urang, Si Soji!”
“Ari Kang Apung jeung Si Sarja kumaha, Kang?”
“Geus teu empés-empés duanana ogé,” témbalna.
“Naha Juag téh kalah ngunclungkeun urang kana burang, Kang? Atuh kaya kieu mah teu béda ti méré langgir kalieun.”
“Nyaéta, déwék ogé teu ngarti. Apan cenah tadi, timbalanana ogé ukur pikeun ngiringkeun. Nyana-nyana pikieueun mah, ku déwék tangtu ditigas beuheungna, waktu manéhna kakara mukakeun panto ogé,” témbal gegedugna. “Geus waé urusan éta mah ulah waka dicaritakeun ayeuna. Déwék ogé maké ngarasa hoream tadi téh, da. Tapi ari teu ngagugu, bet piraku, da urang mah ukur darma piwarangan. Mun Juag tepi ka bendu, tangtuna ogé bakal matak barabé.”
Regeyeng dipayang ku duaan. Ngahaja maranéhna teu ngaliwat ka lawang kori, tapi nyalingker ka tukangeun padaleman. Inggis matak geruh ka saréréa.
Teu kungsi lila anu duaan téh geus cunduk ka jero. Srog ka hareupeun Listayu. Puguh waé dununganana kacida kagetna, sabab gulang-gulang titahanana baloboran getih.
“Kumaha?”
“Katitiwasan abdi téh, Juag,” omongna sanggeus sila hareupeun dununganana.
“Naha kumaha kitu, Mamang Darga?” Listayu gasik mariksa.
“Sumun, jalmi anu kedah diiringkeun téh lapur henteu kapuluk. Ku margi ngalawan, lajeng ku abdi sadaya diraponan.”
“Terus kumaha?”
“Pun Apung sareng pun Sarja dugi ka tiwasna. Lajeng pun Soji ogé tatu parna. Abdi badé nyanggakeun bebendu ka Gamparan, wiréh pamundut teu tiasa katedunan.”
Listayu ngahuleng. kitu deui Si ibi ujug-ujug taya tangan pangawasa. Manéhna hayangeun ngocéak, tapi dina tikorona asa aya anu ngahalangan.
“Badé kumaha ayeuna salajengna?” Mamang Darga nanya, sanggeus saréréa lila paheneng-heneng.
“Mamang,” ceuk Listayu. “Kitu deui manéh, Satam! Maranéh tong kapalang béla ka kami,” omongna dilaunkeun. “Sumangga, kaulanun.”
“Peupeujeuh maranéh tong loba béja yén ieu kajadian téh alatan paréntah ti kami. Ngarti?”
Duanana tingharuleng.

“Kieu atuh,” ceuk Listayu, neruskeun caritana, “maranéh kudu nyieun laporan ka Juragan Patih yén waktu keur ngaronda ngurilingan lembur, bet manggihan karaman anu nyulusup ka dayeuh. Ku maranéh diraponan, tepi ka ahirna dongéngna jadi kitu. Kaharti, henteu?”
“Kahartos, Juag,” témbalna alon.
“Pek inget-inget, kami moal poho kana kahadéan maranéh. Isuk pagéto, pék tagih ka kami. Ngan saratna kawas bieu.”
“Mangga. Ayeuna abdi badé amitan,” ceuk Mamang Darga.
“Enya, jung.”
Ti sainditna gulang-gulang, Listayu ogé ngaléos ka pajuaranana. Pikiranana ngadadak marungkawut. Naha aya-aya waé atuh rereged téh?
Mun ngarah digugu mah, karepna hayang nyarékan bébéakan ka Si Ibi. Enya, da urut pangasuhna anu jadi cukang lantaran timbulna kajadian bieu téh. Tapi ras deui, najan dicarékan laklak dasar ogé, geus moal aya gunana. Malah kuriak waé jadi ngabarubahkeun ka saréréa. Anu kuduna dibawa lantip jeung disimbutan téh tangtuna ogé bakal jadi rusiah umum.
Sapeupeuting Si Ibi ogé gawéna ngan nginghak. Naha bet jadi kieu pamustunganana geuning?
***

DEMUNG JANGGALA Bagian 16

TI saprak kajadian harita, Demung remen katénjo huleng jentul. Sakapeung diuk nyorangan sallia-lila. Pikiranana kumalayang bari pinuh ku padungdengan.
Naha téténjoan aing harita henteu salah, omongna dina jero haté. Tapi asa piraku, da nilik keureutan beungeutna mah geus moal salah deui, éta téh Si Aceuk. Pipina kempot, panonna cureuleuk. Rada robahna téh pédah ayeuna mah awakna jadi ngareusi. Terus deuih lebah sorana, tétéla sora Si Aceuk anu remen kadéngé welasan taun ka tukang. Jeritna, masih kénéh jerit anu baheula, lamun keur metikan kembang hég manggihan hileud bulu. Ngan rada hamhamna téh, naha ka aing mani teu apaleun pisan. Pédah ieu kitu, dedegan jeung beubeungeutan aing geus robah pisan? Padahal, papisah téh tacan likuran taun. Tapi meureun, bisa waé kituna téh alatan kasima, tepi ka manéhna taya ingétan neges-neges jalma anu aya di hareupeunana.
Saenyana, aing kénéh anu salah mah. Padahal matak naon mun harita téh sebut ngaranna. Atawa, bakal leuwih hadé deui lamun manéhna dibawa heula, ngarah bisa ditanya. Ari ku aing kalah 1éos ditinggalkeun deui. Naha atuh maké rurusuhan harita téh? Ari ayeuna, rék disusul ogé, disusul ka mana, da teu écés raratanana. Boa aya di mana, boa aya di mendi.
Mun téa mah enya Si Aceuk, naha manéhna bet dikawal ku gulang-gulang? Ari budak anu dina jero tandu, anakna kitu? Anak ti saha?
Rupa-rupa pertanyaan galécok dina jero dadana. Tapi, hiji ogé teu manggih keur pijawabeunana. Antukna Demung ukur semet padungdengan aingna jeung aingna. Aya ogé sobatna anu terus marengan, teu ieuh bisaeun méré bongbolongan.
Manéhna tambah kaseuit-seuit lamun nénjo deui kongkorong meunang ngarampas harita. Gedéna ampir sacinggir budak, liontinna ditaretés inten mani babarasatan. Bréh kongkorong, bréh kacipta anu makéna. Batinna beuki kasiksa. Tapi anéhna, bet tanya bosenna nénjo. Meusmeus diilikan, meusmeus diilikan. Kituna téh bari ngimpleng-ngimpleng anu samar tur matak raranjugan; da anu diimplengna sasat geus jadi panyileukan sapopoé, tapi kapindingan halimun anu ngadingding.
“Mamang, kuring téh hayang dianteur deui ka dayeuh,” omong Demung ka sobatna.
“Rék naon?”
“Hayang néangan raratan awéwé anu kamari ieu téa, bisi enya manéhna téh lanceuk kuring,” témbalna.
Sobatna saurang ogé taya anu waka némbalan.
“Kumaha, Mang?”
“Asa paur rék saba dayeuh téh,” omong Si Joban. “Kuriak waé engké urang aya anu ngaraponan.”
“Atuh sing bisa dina urusan nyamurna,” walon Demung.
“Naha geus yakin yén awéwé anu kamari téh lanceuk Ujang? Jeung deuih, naha enya matuhna di dayeuh?” Si Jangkung nanya.
“Ari yakin mah tangtuna ogé acan. Ngan asa taya salahna lamun kuring néangan heula bukti.”
“Jang, néangan jelema hiji anu matuh di dayeuh, ceuk Mamang mah teu béda ti ngubek leuwi rék ngala beunteur. Geus tangtu kana héséna. Jigana kudu mulan-malén nalungtikna ogé.”
“Enya, kuring ogé ngarti. Ngan ieu mah awahing ku hayang nyacapkeun kapanasaran,” omong Demung. “Tapi, kuring moal rék maksa sangkan Mamang milu. Kahiji, da mémang moal aya pihasileunana. Kadua, ieu mah ukur urusan kuring pribadi.”
Sanggeus rada lila, pok sobatna nyarita, “Piraku Mamang rék téga nénjo Ujang indit nyorangan. Ngan anu kudu dipikiran ku urang téh, lebah pisalameteunana. Lain kitu, euy?”
“Enya, Mung,” témbal Si Joban.
“Ah, asal urangna we sing tarapti. Sok ayeuna urang badamikeun, kumaha carana sangkan urang rapih nyamur.”
***
DEMUNG katilu sobatna miang ka dayeuh. Lalakon sapoé leumpangna ogé, da kaitung jauh, komo deui ieu mah bari naranggung dagangan.
Isukna.
“Terus waé urang ngajugjug pasar,” omong Demung.
Teu béda ti hayam panyambungan barang mimiti datang mah. Tuda iraha teuing maranéhna ngulampreng ka dayeuh. Kabeneran pisan isukna ninggang poé pasar. Anu dagang jeung anu rék balanja ramé balawiri. Tepi ka wanci haneut moyan téh daganganana geus rék béak salayan séwang, cacakan anu didadasarkeunana ukur sabangsaning beubeutian meunang sarabut-rabutna ti kebon.
“Jang, lamun dagangan urang geus béak, rék kumaha deui?” Si Jangkung nanya semu ngaharéwos.
“Urang buburuh ngarit keur parab kuda,” témbalna.
Sabot kitu, lar aya awéwé tengah tuwuh ngaliwat ka hareupeun dadasarna. Ku Demung karérét meueusan. Bet maké pangangguran hayang neges-neges. Ngahaja dudukuy cetokna dilelepkeun heula, ngarah ituna henteu nyahoeun yén aya anu nyérangkeun. Kabeneran deuih éta awéwé téh barangbeuli ka tukang dagang gigireun Demung. Atuh rurupaanana beuki atra.
Demung ngagebeg sanggeus yakin kana téténjoanana. Rék saengabeun pisan nanya, hadéna kaburu sadar deui. Lain pihadéeun lamun ditanya ayeuna mah, ceuk pamikirna. Tungtungna Demung semet nyiku sobatna bari ngaharéwos, “Awéwé itu tuturkeun, terus ku Mamang cirian di mana matuhna!”
“Saha kitu, Jang, itu téh?” Si Akung nanya.
“Tong loba tatanya,” témbalna, angger ditompokeun kana ceuli sobatna.
Teu talangké, Si Akung terus milu seselendep. Atuh Demung jeung Si Joban mah jongion deui nyanghareupan dadasarna. Henteu cacarita, da kabeneran terus aya anu barangbeuli. Sajeroning kitu téh, pikiran Demung masih kénéh nganteng ka awéwé tengah tuwuh téa. Nilik kana dedegan jeung rurupaan mah asa teu salah yén bieu téh Si Ibi. Leuh, muga-muga sing enya. Tangtuna ogé aing bakal babari lamun mapaykeun Si Aceuk.
Si Jangkung tacan embol-embol. Atuh anu nitahna jadi teu genah haté; lieuk deui, lieuk deui. Naha mani lila-lila teuing ieu téh? Boa-boa leungiteun udagan. Atawa, naha imahna jauh, kitu?
Tepi ka pasar coréngcang, anu dititah ngukuntit téh tacan jol kénéh waé. Demung geus teu sabar, gawéna ngan élékésékéng teu ngeunah cicing.
“Cing susul atuh ku Mamang! Geuning Mang Akung téh kalah lep buleneng.”
“Tapi peupeujeuh tong ka mamana, bisi engké urang jadi silitéangan,” walon Si Joban.
“Moal.”
Léos indit.
Arl teu kungsl lila, anu dijurungan ti heula jol datang.
“Naha mani ngampleng, Mang?” Demung nanya, bakat ku geus teu sabar hayang manggih katerangan.
“Lah, Jang, awéwé anu tadi téh asup ka padaleman. Atuh Mamang téh teu bisa terus nuturkeun. Tungtungna mah ukur basa nungguan teu jauh ti lawang kori. Kasebelanana téh, teu balik deui! Ceuk dina haté, moal kitu matuhna di jero? Ari rék naléngténg tatanya, asa kararagok Mamang téh, pangpangna sieun anu ditanya terus curiga,” témbal Si Akung.
“Terus kumaha, Mang?”
“Sanggeus kesel ngadagoan, tepi ka kira-kira wanci lohor, Mamang rék sajungeun pisan balik deui ka dieu, da angkanan téh bisi Ujang kesel nungguan, ari pék manéhna bijil ti lawang kori. Nya terus waé ku Mamang dituturkeun, sakumaha paménta Ujang,”
“Kapanggih imahna?”
“Enya. Di beulah kalér. Ti dieu téh terus waé lempeng. Engké di lebah tangkal asem, méngkol ka kenca. Ti dinya lempeng deui, kira-kira tilu ratus léngkah. Tah, anu dihareupna aya tangkal namnam imahna téh, nyanghareup ngidul.”
“Kuring ayeuna rék ka ditu atuh,” omongna bari rurusuhan. “Mamang tong ka mamana, bisi Mang Joban néangan.”
“Ké heula, Jang, ngarah Mamang teu panasaran, saha atuh saenyana manéhna téh?”
“Pangasuh kuring bareto,” témbalna pondok bari terus ngaléos rurusuhan.
Teu nyalahan panuduhan sobatna téh. Imah anu keur ditéangan babari kapanggihna.
Demung ngajanteng bari mikir-mikir, kudu kumaha ngasongkeun pamuka carita. Tapi ahirna mah manéhna lahlahan ngetrok panto.
Bray muka. Pribumi ngelol ti tukangeun panto. Demung kalah ngajanteng. Picaritaeun anu rék dikedalkeun ngadadak lus-les.
“Rék ka saha, Ujang?” pribumi miheulaan nanya.
“Eu ..., eu ..., rék ka dieu waé ngahaja,” témbalna. Katara pisan anu keur geugeumeueunana téh.
“Rék naon?”
Tah, rék naon, yeuh? Daék salamet, Demung kasima! Tina perbawa ngaguruhna rupa-rupa rasa jigana.
Pribumi melong ka ki sémah anu sama sakali anyar pinanggih. Pok deui nanya, “Rék aya naon maké nepungan Ibi?”
“Béjana Ibi ... butuh binih paré ketan hideung,” témbalna sabalang bentor. Jigana téh asal padu engab.
“Binih paré?” pribumi kerung. “Ah, henteu. Ibi mah lain tukang tani, da.”
Demung ngahuleng deui. Geus yakin pisan ayeuna mah yén anu hareupeunana téh pangasuhna bareto. Ngan, rék kumaha ngamimitian nyaritana, da puguh geuning kalah jadi kasima.
“Salah déngé meureun, Ujang.”
“Enya meureun salah déngé,” omong Demung bari nyuplak dudukuy cetokna, terus dipaké ngageberan awakna. Maksudna mah sugan waé itu bisaeun neges-neges beungeut manéhna. Saha anu nyaho, ujug-ujug apaleun. “Ibi, meunang kitu kuring milu reureuh heula sakeudeung dina babancik? Asa teu kuat ku panas mani nongtoréng kieu.”
“Nya hempék,” témbalna. “Ari sakalieun cai-cai waé mah aya, da,” omongna deui bari terus ka jero imah. Teu kungsi lila geus jol deui bari ngasongkeun téko jeung lumurna.
“Cai-cai atuh, Ujang, lumayan tamba hanaang.”
“Puguh waé hanaang mah, Ibi,” bari cur ngeusian lumur.
“Cenah Ujang téh rék nawarkeun binih paré, tapi mana daganganana?”
“Eu ..., dipihapékeun di beulah dinya, da ditatanggung ogé ukur kabeurat-beurat,” témbalna bari cur deui ngeusian lumur. Manéhna nginum mani ngalekik. Da jeung enyana, keur hanaang.
Pribumi ogé gék milu diuk, tukangeun bangbarung. Demung geus bisa neger-neger manéh. Manéhna ngararancang ungkara kalimah anu baris dikedalkeun pikeun ngutarakeun pamaksudanana.
“Lain, kieu ieu téh, Ibi,” manéhna muka carita.”Kuring téh boga tanyakeuneun.”
“Rék nanyakeun naon, da Ibi mah ukur jalma taya kanyaho.”
“Kieu, Bi,” omongna antaré naker, “kuring téh keur néangan lanceuk anu geus lawas papisah. Cing sugan Ibi apal.”
“Naha saha atuh lanceuk Ujang téh?”
Méméh ngajawab, Demung ngarénghap heula, “Listayuwangi.”
Si Ibi kacida ngajenghokna. Bis waé tidagor kana panto.
“Henteu, Ujang. Teu nyaho,” témbalna semu ngadegdeg. Jung nangtung, rék buru-buru ngajéngkat ka jero. Ngan ku Demung kaburu ditongtak leungeunna.
“Ibi tong ngabohong!” bari dipencrong beungeutna. Pribumi terus ngayekyek, da ayeuna mah jadi manéhna anu kasima. “Bareto Ibi kungsi ngasuh dua budak; hiji awéwé, hiji lalaki. Kitu, lin?”
Si Ibi kalah calangap. Ku Demung disurungkeun meueusan ka tukangeun panto, bari manéhna ogé terus unggah ka jero. “Ibi, kuring téh budak asuhan Ibi anu lalaki”
“Ah, lain ....”
“Naha maké nyebut lain?”
“Lain ..., lain ..., Dén Emung mah geus maot kabawa palid.”
“Hirup kénéh, Ibi. Pan ieu buktina. Kuring téh Surapamungkas téa.”
“Teu percaya ...,” bari gogodeg.

“Naha ku kuring kudu diterangkeun sagala rupana?” Demung mencrong beungeut pribumi. “Hadé. Regepkeun ku Ibi! Ibi jeung salaki Ibi ngagandék ka bapa kuring, Senapati Suranangga suargi. Pancén Ibi sapopoé nyaéta ngasuh Si Aceuk jeung kuring. Waktu umur kuring méméh nincak sapuluh taun, kuring katut Si Aceuk dibawa ngalolos, lantaran di dayeuh aya riributan. Ibi inget kénéh, waktu urang kapeutingan di sisi cai, sabab teu manggih pameuntasan?” Demung nyarita mani ngagorolang. Demi Si Ibi kalah terus calangap. “Naha perlu diteruskeun, sangkan Ibi beuki yakin yén kuring téh budak asuhan Ibi anu disangka geus paéh? Heug. Bandungan deui! Waktu lolos ti dayeuh, kuring digandong ku Si Mamang. Isukna, urang kaberik ku musuh, tepi ka beunangna. Ibi tacan yakin kénéh? Urang teruskeun deui. Si Mamang terus dibanda, ari kuring dipundak ku salasaurang musuh. Terus kuring nyabut kerisna. Terus dicocogkeun kana cangkéng anu mundak kuring. Terus kuring dibeubeutkeun. Kuring lumpat, da harita padangaberik. Ibi inget kénéh, basa harita kuring dibeberik ka sisi walungan?”
  Si Ibi beuki calangap.
“Kuring luncat ka walungan, terus kabawa palid ka hilir. Tapi, kuring teu paéh sakumaha ceuk pangira Ibi.”
“Saha atuh anjeun téh ... ?” Si Ibi nanya bari molohok bangun anu kasima kénéh.
“Kuring téh Pamungkas téa. Jaman keur budak, kuring remen ngéndong di imah Ibi. Ibi sok mangnyieunkeun cobék belut kabeuki kuring. Ari Si Mamang, sok mangalakeun anak manuk. Hiji poé, kuring luludeunganan ngala sayang manuk dina tangkal dadap tukangeun imah Ibi. Kuring ragrag. Ibi harita ngocéak bari lumpat muru kuring anu keur aduh-aduhan, bélaan cul kéjo anu keur diakeul, tepi ka ahirna ambacak dikacak hayam anu arasup ka dapur. Ibi rawah-riwih ....”
“Radén ...!” Si Ibi ngajerit bari nubruk nonoman sembada anu diuk hareupeunana.
Si Ibi ceurik mani ngagukguk. Demung ogé jadi ngarasa sedih, rus-ras ka anu lain-lain.
“Ibi geus yakin yén kuring téh Surapamungkas?” ceuk Demung, sanggeus Si Ibi leler ceurikna.
“Emh, Si Radén ..., aya ku teu sangka ...,” ngan sakitu anu kedal tina biwir urut pangasuhna.
“Mémang moal aya anu nyangka, tuda.”
“Hapunten Ibi, Radén ...,” omongna deui.
“Sarua waé, Ibi, kami ogé kudu dihampura, sabab bisi matak ngabarubahkeun.”
“Ih, Ibi mah asa mendak bagja anu taya hinggana ieu téh,” bari nyusutan cimata ku tungtung kabayana.
“Ari Si Mamang mana? Geuning asa teu katémbong ieu téh.”
“Apan tos ngantun, Radén,” témbalna alon.
“Iraha?” Demung ngarénjag.
“Pas dina dinten éta kénéh, waktos Radén ragrag ka walungan téa,” témbal urut pangasuhna, bari terus dicaritakeun lalakon maot salakina.
“Atuh meureun harita téh palidna patutur-tutur jeung kuring, nya?”
Si Ibi teu némbal, kalah tungkul.
“Tah, Ibi,” ceuk Demung deui, “ari Si Aceuk di mana?”
“Aya, Radén,” témbal pribumi.
“Aya téh, naha di mana?” Demung nanya deui, awaking ku geus teu sabar.
“Di padaleman, nyarengan Kangjeng Pangawulaan.”
“Naha teu salah déngé ieu téh?” Demung kacida ngarénjagna.
Si lbi henteu nyoara, ukur unggeuk lalaunan.
“Ké, naha kumaha mimitina?”
“Panjang dongéngna mah, Radén,” bari terus didongéngkeun lalakon anu karandapan ku Listayu, ti saenggeusna jadi boyongyan. “Tah kitu, anu karandapan ku tuang raka téh. Ayeuna mah mangga waé geura sumpingan tuang raka téh. Mangga, ku Ibi dianteur.”
Demung ngahuleng. Manéhna nimbang-nimbang, naha mending nepungan ayeuna, atawa tong waka. Nataku hayang panggihna mah, malah hésé rék disisilihanana. Tapi lamun ditepungan ayeuna, naha moal aya matakna? Pan aing datang ka dayeuh téh bari nyamur. Moal kitu bakal nimbulkeun mamala, sabab ceuk sasatna sarua waé jeung rék nyébakeun diri.
“Kumaha Si Aceukna cageur?”
“Anu mawi, Radén, nuju teu damang. Janten upami Radén sumping téh, étang-étang sakantenan ngalayad.”
“Oh kitu, Ibi? Ti iraha?”
“Tos aya kana samingguna. Tapi ayeuna mah rada sakinten. Kawitna kieu, dina minggu pengkér, tuang raka téh dicandak ku Kangjeng anu badé bubujeng. Namung di satengahing jalan, rombonganana papisah. Lajeng Endén Ayu téh kacilakaan. Rombonganana dipegat ku bégal anu tos kawentar bengisna,” témbal Si Ibi.
Gebeg! Enya atuh, Si Aceuk anu harita dipegat aku aing téh. Ras manéhna inget kana kajadian saminggu ka tukang. Kacipta deui awéwé anu ngajerit dina jero tandu bari nanangkeup budak leutik. Najan kitu, Demung teu pati nénjokeun pasemon reuwas.
“Kumaha atuh ari ayeuna?” Demung nanya deui.
“Sanggem Ibi ogé, tos maju ka damang ayeuna mah, mung masih kénéh sok katingal gegebegan teu puguh. Baluas kénéh rupina mah, Radén,” témbal pribumi. “Emh tuda, Radén, wartosna mah éta bégal téh taya pisan rasrasanana. Anu mawi, ayeuna mah gegedén ti dayeuh ogé tara warantuneun saba ka pakidulan, upami teu dikawal ku perjurit anu samakta mah. Kangjeng Pangawulaan parantos nimbalan, sing saha waé anu tiasa néwak gegedugna, baris dipasihan hadiah. Éta mah naha kacerék hirup-hirup, atanapi tos jadi babatang.”
Demung ngahuleng deui. Enya, tétéla geuning aing geus nyanghareupan picilakaeun di ditu, di dieu. Sasatna anu bakal jadi mamala téh geus nampeu pisan. Mun kurang-kurang tapis dina milih tincakeun mah, geus tangtu aing bakal keuna ku burang.
“Panginten Radén ogé tos sering nguping,” omong Si ibi deui.
“Naon téa, Ibi?”
“Éta, begal anu sok ngabubuhan tur sering ngagalaksak di pakidulan. Numutkeun wartos, namina téh Demung Janggala. Sakitu bapana mah tos kacerek, malih tos ditibanan hukuman teukteuk beuheung, tapi ayeuna téh kalah beuki mahabu.”
“Euh, horéng kitu, Ibi?”
“Sumuhun, Radén,” walon Si Ibi. “Malih tilu dinten ka pengkér mah, Kangjeng Dalem parantos nimbalan ka Juragan Patih supados saénggal-énggalna ngabeledig éta begal katut usung-ésangna. Nyandak perjuritna ogé langkung ti sawidak. Jabi deuih tangtosna ogé baris dikiatan ku kapetengan ti sawatara umbul anu aya di pakidulan. Janten werit tuda, Radén, kahirupan rahayat di ditu téh.”
“Étah, Ibi mani sagala apal.”
“Ih, apan Ibi mah sering lar-sup ka lebet. Da sanaos Endén kagungan lanjang sakitu seueurna, ka Ibi mah angger nganggap pangasuhna anu teu tiasa digentos ku lanjang sanésna,” omong pribumi. “Kumaha atuh, Radén, badé angkat ayeuna waé nepangan Endén téh?”
Demung ngahuleng heula. Sanggeus rada, lila, kakara pok némbalan, “Jigana mah moal waka, Ibi. Ari pangpangna mah bisi matak ngabarubahkeun ka urang padaleman.”
“Naha maké janten ngabarubahkeun? Apan anu badé nepangan téh raina ku anjeun, sanés si itu, sanés si éta.”
“Ih ari Ibi. Bet geuraheun teuing! Apan bieu ku Ibi geus didongengkéun ka kami yén saha-sahana Si Aceuk anu sabenerna téh kacida disimbutanana. Terus deuih, apan Pangawulaan apaleunana ka Si Aceuk téh urang Cihaur, anu hirupna geus teu dulur teu baraya, tur cundukna ka dieu téh dibawa ku ..., ku saha téh?”
“Juragan Sungsang Pamangger,” témbal Si Ibi.
“Tah, enya. Kari-kari ayeuna, bet jol kami anu ngakukeun adina. Piraku teu matak ngahudang kapanasaran. Sahenteuna, Pangawulaan bakal tetelepék. Ceuk wangwangan kami, saha anu nyaho mun ahirna rusiah Si Aceuk kabokér, yén Si Aceuk téh lain urang Cihaur, tapi pituin wedalan Ukur, anakna Sénapati Suranangga. Hal ieu tangtuna ogé moal pihadéeun, boh keur kami boh keur diri Si Aceuk. Kaharti ku Ibi?”
“Kahartos atuh upami kitu mah, Radén.”
“Tah, paling-paling ogé engké waé nepungan mah, lamun Si Aceuk geus jagjag deui. Kitu ogé tepungna ulah di padaleman.”
“Janten Ibi kedah kumaha atuh ayeuna?”
“Ibi cukup nerangkeun yén kami masih kénéh aya di kieuna. Tapi omat, ieu katerangan ulah tepi ka betus ka anu lian. Kadé, Ibi ulah sakacuam-caem, bisi ahirna kaémpér-émpér ka Pangawulaan,” témbal Demung. “Ayeuna mah da kami geus meunang kapastian yén Si Aceuk aya, kami rék amitan heula.”
“Naha bet angkat ayeuna, Radén?”
“Aya uruskeuneun heula. Minggu hareup, kami rék nepungan deui Ibi ka dieu. Tapi saméméhna, dongéngkeun heula ka Si Aceuk.”
“Ké, Radén,” omong Si Ibi. “Ti tatadi mung Ibi wungkul anu ngadongengkéun riwayat téh. Ari Radén henteu kantos ngadadarkeun pangalaman anu kantos karandapan ku salira.”
“Naha perlu kitu?”
“Kantenan waé. Margi tangtosna ogé engkéna, bakal janten bahan dongengkeuneun ku Endén. Upami Ibi nyanggem yén Radén jumeneng kénéh, ku émutan Ibi, tuang raka moal percanteneun kitu waé, margi kedah diuningakeun heula lalakonna. Geuning Ibi ogé nembé, teu ujug-ujug percanten kana kasauran salira.”
Demung ngahuleng heula. “Hadé atuh mun kitu mah. Kieu, Bi. Harita téh pan kami ragrag ka walungan. Saterusna mah kami teu inget di bumi alam, teuing sabaraha lilana, da nyaho-nyaho sotéh sanggeus kami aya anu nulungan, nyaéta ku jelema anu saterusna jadi bapa kukut kami,” omong Demung, bari terus ngadongengkéun lalampahanana jero welasan taun papisah jeung lanceukna. Tangtuna ogé ukur dijugjugan anu pantesna wungkul. Enya, pantes didongengkéun ka Si Ibi.
Sajeroning ngadéngékeun téh, Si Ibi gawéna ngan gogodeg bari cruk-crék. “Murahing Pangeran, Radén,” omongna, sanggeus Demung réngsé medar lalakon hirupna, “salira tiasa kénéh salamet sareng dipanjangkeun yuswa. Atuh ayeuna, tuang raka ogé parantos tiasa kapapay deuih.”
“Enya,” omongna. “Lain teu sono kami téh, Ibi. Rék amitan waé ayeuna, mah.”
“Hapunten atuh Ibi, Radén. Ibi jangji, baris mageuhan cariosan Radén nembé. Upami minggu payun bade sumping deui, mangga diantos pisan.”
Demung turun tina golodog. Dudukuy cetokna dilelepkeun ngarah nutupan beungeutna, terus indit rurusuhan.
***

DEMUNG JANGGALA Bagian 15

CUNDUK waktuna, dina jero lima-genep poé Demung geus bisa ngumpulkeun babaturanana. éta ogé mani hararésé, bubuhan ngarasa bangbaungeun kénéh. Katurug-turug deuih, aya anu tatuna tacan cageur pisan. Minangka rada hararipeutna téh, sanggeus dibejér-béaskeun pihasileunana: bakal mucekil.
“Arapal ka Sékéhaur, lin?” Demung ngawahan, rék nerangkeun rarancangna engké. “Tah, pan jalan liliwatan téh aya di sahandapeun cadas anu sakitu nawingna. Dina prakna engké megat, urang kudu aya dina luhureun cadas, ngarégrég kira-kira sapuluh deupa séwang anggangna. Ku cara kitu, urang aya dina kaayaan anu nguntungkeun. Kahiji, bakal babari ngajorag ti luhur mah, bari urangna teu kudu turun heula. Sarta musuh urang moal bisaeun ngaberik gagancangan, sabab pan jalanna ogé sakitu rumpilna. Kadua, lamun urang kira-kira teu sanggup terus ngayonan, rék kabur ka jero leuweung ogé babari. Yakin, itu moal bisaeun ngudag. Kaharti?”
“Peun, lebah dinyana mah, kula geus bisa nyawang,” omong gegedug ti Kolébérés. “Ngan anu masih kénéh panasaran téh, naha enya bakal aya anu ngaliwat ka dinya, sabab biasana ogé jalan éta mah suwung ku nu lalar liwat. Lamun tacan pasti mah, kula horéam inditna ogé. Sieun engké téh hanas urang ngalelentuk nungguan, tapi anu didagoanana euweuh.”
“Enya. Ulah rék natambuh laku. Kira-kira teu pihasileun mah, mending kénéh néangan anu séjén. Kajeun hasilna teu pati mucekil, tapi geus pasti,” omong anu séjén.
“Kuring yakin yén aleutan ménak bakal ngaliwat ka dinya,” omong Demung, tandes, bisi niat babaturanana ngolémbar deui.
“Ari kuring mah kieu ieu téh, Jang,” ceuk anu pangkolotna, urang Pasirjambu. “Naha rék langsung ditempuh ku urang anu dipegat téh, bari jeung teu dibéré heula tangara?”
“Enya,” témbal Demung. “Pokona mah barang geus katénjo ngabrul, sarta geus asup kana tataheunan urang, langsung waé jorag ti luhur, tong dibéré mingé pikeun ngalawan.”
“Ah, euweuh ti dituna lamun kitu mah. Biasana ogé anu dipegat téh tara langsung ditarajang, tapi sok dibéré heula kasempétan pikeun serah bongkokan. Lamun maranéhna keukeuh rék ngalawan, ku urang kakara diayonan. Tapi lamun ménta ampun méméh prung mah, ulah ieuh diganggu jalmana; cukup ku dirampas babawaanana,” omongna deui.
Demung teu waka bisaeun némbalan. Ari sugan téh lain rék kadinya losna, tuda.
“Anu rék dipilampah ku Ujang, geus luareun tetekon jeung kailaharan anu sok dipigawé ku urang-urang,” anu séjén mairan.
“Kieu saenyana mah,” Si Joban milu nyarita, “anu rék disanghareupan ku urang téh rada béda ti biasa ...,” nyaritana teu kebat sabab kaburu dikiceupan ku Demung.
“Pokona mah, anu rék milu, hayu bareng. Anu moal, jeun teuing, ngan meureun moal meunang bagian nanaon. Kitu wé lah! Da lamun haben patugeng-tugeng, kalah ka manjangkeun catur. Kuring mah teu resep paréa-réa omong!”
Sanggeus dikitukeun mah, saréréa jempé. Maranéhna sapuk kana pangajak Demung.
“Mamang, tong dibéjakeun rék nempuh aleutan Pangawulaan atuh! Éta mah ukur rusiah urang duaan,” ceuk Demung ka sobatna, waktu cacarita paduduaan.
“Enya, ampir Mamang kalepasan,” témbalna.
Dina rék brengna, anu megat geus karumpul, sakumaha hasil babadamian ti heula. Wanci haneut moyan, maranéhanana geus ngajéngjréng dina biwir cadas nawing. Aya anu nyarékel gondéwa, aya deuih anu nyangigirkeun batu sagedé-gedé sirah. Pokona mah ngan kari prak. Geus kacipta bakal nyocolna. Musuh anu araya di handap moal bisaeun loba hojah, lir lauk dina bubu!
Tapi, anu didago-dago téh lebeng. Boro-boro aleutan pangagung ti dayeuh, teu ponggawa-ponggawana acan!
Demung katut batur-baturna mimiti marudah haté. Lengo deui, lengo deui, ngalieukan ka beulah wétan. Lapur, teu kalangkangna-kalangkangna acan. Tepi ka wanci tangangé, anu didagoan teu embol-embol.
“Mana? Geuning euweuh!” mimiti kadéngé aya anu nyoara, minangka pikeun ngedalkeun kakeuheul; tapi teuing kudu keuheul ka saha.
“Heueuh! Hanas sing geus kapentrang ti tadi kéneh,” omong baturna. “Héy, urang Janggala!” ngageroan ka Demung. “Geuning teu bukti caritaan andika téh!”
“Dagoan sakeudeung deui atuh, bisi anu di jalan aya heula halangan,” témbal Demung ti peuntaseunana.
“Sakeudeung-sakeudeung podol séro! Jaba cangkeul jeung kesel, jaba cokor ditapuk sireum tataman.”
Demung teu némbal. Ceulina karasa panas barang ngadéngé kitu mah. Tapi, manéhna teu bisa nambalang kateterusan, da puguh enya keur ninggang di salah. Tangtu waé dirina anu jadi paneumbleuhan saréréa.
Anu maregat geus mimiti luh-lah humandeuar. Malah tungtungna mah narungtutan tarurun deui ti panyumputanana. Nénjo galagat kitu, Demung ogé milu turun deuih.
“Geus waé bubar! Cumah ngalelekur nungguan di dieu gé,” ceuk gegedug Pasirjambu.
“Heueuh. Kaya kieu mah déwék teu hayang teuing babarengan deui jeung urang Janggala. Hanas lalakon leumpang sakitu jauhna, tapi hasilna nyamos,” anu séjén mairan.
Ngadéngé kitu-kitu teuing mah, Demung ogé teu cicingeun.
Manéhna nyampeurkeun bari némbal, “Kakara ayeuna déwék gagal. Naha teu inget yén anu ti heula-heula mah salawasna ogé sok hasil?”
Sanggeus nénjo paroman Demung kitu mah, saréréa taya deui nu wani némbal. Kahiji, maranéhna rada gimir nyanghareupanana. Najan enya urang Janggala kari tiluan deui, tapi maranéhna geus apal, saha jeung kumaha ari kabisa Demung dina urusan bégalan pati. Memang enya caritaanana téh bener. Gagal sotéh karék ayeuna, da biasana mah tara kungsi nyamos.
“Kula ayeuna rék neruskeun lalampahan, moal putus harepan ukur ku sakieu. Saha di antara maranéh anu rék milu?” omong Demung ka batur-baturna.
“Naha rék terus ka mana deui?” gegedug Kolébérés nanya.
“Urang ka Pasirsalam,” témbal Demung.
“Hah! Ka Pasirsalam? Atuh jauh temen. Rék naon los-los ka leuweung?”
“Kula moal bisa nerangkeun di dieu. Mun rék milu, hayu!”
Babaturanana silirérét. Maranéhna ngarasa bingbang, sabab rék naon los-los ka tempat anu sakitu jauhna, bari teu puguh udaganana.
Lantaran taya anu nyarita, tungtungna Demung ukur ngajak dua sobat satiana. Éta ogé Si Joban jeung Si Jangkung téh saenyana ngarasa seunggaheun kacida. Tapi lamun baha, sieun matak goréng balukarna. Piraku gegedugna rék sina indit nyorangan.
Tapi lila-lila mah, sanggeus Demung katut dua sobatna ngaléos, anu séjén ogé aya anu terus nuturkeun; urang Pasirjambu jeung urang Bojonglaja, kabéhna aya tujuhan. Teuing mémang karepna, teuing pédah ngarasa kapaksa jeung kagok asong.
Maranéhna terus leumpang ngulon. Saréréa jempé, kawas anu keur ngararasakeun nyeri huntu. Saenyana dina pikiran Si Joban loba kedalkeuneun, tapi teu manggih lolongkrang pikeun pokna.
Lebah mumunggang pasir, aya jalan sisimpangan anu brasna ka Tegalwaru. Jalan netek arula-arileu. Ceuk anu bohong téa mah, lamun nanjak di dinya, tuur bisa antel jeung gado; bakat ku netek!
Maranéhna ngadon reureuh, bari ngararasakeun kacapé urut bieu kukurusukan di jalan takulan. Panonpoé geus mimiti lingsir ngulon.
Sabot kitu, Si Joban ngajorowok bari nunjuk ka lebak, “Itu geuning!”
Enya waé, katénjo aya anu ngabrul ka dieukeun. Tacan pati écés jumlahna mah, da jauh kénéh. Ngan anu sidik, jiga teu sabaraha loba.
Saréréa blas-blus kana ruyuk sisi-sisieun jalan. Demung ngawaskeun ti lebah tangkal asem. Hiji, dua, tilu ..., ngan aya dalapan jelema geuning. Kitu ogé anu opatan mah purah nanggung tandu. Tukangeunana aya kuda umbal momot barang. Asa piraku rombongan Pangawulaan ukur sakitu jumlahna.
“Aya araheunana moal ieu téh?”
“Aya, Mang, ngan jigana moal loba,” témbal Demung bari terus nyalingker.
Kabeneran deui waé, megat téh dina lebah mumunggang. Anu rék dipegat tangtuna ogé geus leuseuh, urut bieu nyorang tanjakan.
Najan sasatna geus jadi pagawéan baku, tapi keur kitu mah angger waé maranéhna degdegan. Komo barang nénjo anu tiluan mawa tumbak nyalulagrang mah. Kira-kira sapamaledog ogé geus kaciri, tuda, anu datang téh dikawal ku kapetengan.
“Geuning dibarengan ku perjurit,” Si Jangkung ngaharéwos.
“Tong gimir, Mang. Keun bagian kuring kapetengan anu hareupna mah,” omong Demung, sarua ngaharéwos.
Barang geus aya hareupeunana, Demung rikat ngajleng bari tatahar rék ngalempagkeun tumbak. Anu séjén ogé jlung-jleng ningker sasaranana.
“Pasrahkeun sakabéh babawaan ...!” Demung ngajorowok.
Puguh baé anu kakara réngsé nyorang tanjakan téh reuwasna kabina-bina. Tapi, lain gé kapetengan padaleman lamun kudu mundur ku sakitu mah. Apan ngaraponan bapa maling atawa meruhkeun bangsat gerot geus jadi kaulinan sapopoéna. Maranehna ogé rikat arék ngalawan.
Tapi, Demung geus miheulaan ngalempagkeun tumbakna. Salilana ogé tara nyalahan. Seuseukeut tumbak nanceb kana lebah hulu angen musuhna.
Der waé gelut campuh. Tapi, ku sabab teu ngimbang jumlahna, kapetengan anu tilu deui terus ngababatang. Ari anu ngagotong tandu, kalah ngaberetek balik deui ka jalan urutna. Ku Demung diberik. Gabres beunang anu nanggungna di beulah tukang. Najan teu nenggel, tapi teu burung terus ngudupruk. Guprak tandu téh ragrag tina taktak anu ngagotongna. Kadéngé sora anu ngajerit: sora awéwé!
Anu ngagotong tandu geus katénjo ngayekyek. Komo sanggeus Si Joban datang nyampeurkeun mah. Congo tumbak jeung seuseukeut gobang anu geus lamokot ku getih wuwuh matak paur.
“Ampun ..., Jur ... raggaaan ...,” omong anu saurang.
Lamun musuh geus nyebut ampun, hartina ménta dihirupan. Teu kaci terus dipaehan, da kitu “aturanana”.
Demung nyampeurkeun tandu anu geus ngajéngjéhé dina kamalir. Hég réréganana disingkabkeun ku congo tumbak. Bréh aya awéwé mani ngahéphép bari nanangkeup budak leutik. Barang bray, barang jerit! Atuh budak anu ditangkeupna ogé milu ngocéak deuih.
Kitu deui waktu Si Joban nyampeurkeun bari ngabar-ngabar gobang. Éta awéwé ngajerit deui, bari beuki nyempod ka juru tandu.
Demung terus mencrong, malah ampir teu ngiceup-ngiceup. Perkara éta awéwé sakitu gamulengna, geus pasti éta mah. Kitu deui perhiasanana anu sakitu reunceumna. Tapi, lain éta anu ngalantarankeun manéhna terus mencrong mah. Lain, lain!
Barang Si Joban rék ngarongkong ka jero tandu, maksudna rék ngadudut eusina, ku Demung gancang dihalangan, malah bari semu dijengkangkeun. Puguh waé baturna téh jadi hémeng. Komo deui barang nénjo Demung kalah terus ngajanteng bari mencrong teu ngiceup-ngiceup mah. Demi awéwé anu dipencrongna téa anggur beuki ngahéphép.
“Urang raradan emas intenna,” ceuk Si Joban, maksudna mah ménta kasaluyuan. Tapi Demung angger balem. Lelembutanana teuing keur ngacacang ka mendi.
Lantaran anu ditanya henteu ngabijilan omongan, Si Joban malik ka awéwé anu dina jero tandu. Pokna satengah nyentak, “Laanan siah perhiasanana!” Nyarita kitu téh bari angger ngajanteng tukangeun Demung. Si Joban teu wanieun deui ngarongkong ka jero, sabab sieun dijengkangkeun kawas bieu.
Da puguh keur sakitu kasimana, batan ngagugu mah éta awéwé téh kalah beuki ngayekyek.
“Buru laanan, siah, bisi ku aing dirangsadanana!” pokna deui.
Kongkorongna dilaan rurusuhan. Kitu deui geulangna diporosotkeun. Suweng jeung ali katut panitih taya anu diiwalkeun. Ku Si Joban buru-buru ditampanan bari satengah dijéwang.
Sajeroning kitu, Demung masih kénéh ngajanteng, teu ngomong sakemék-kemék acan. Pipikiranana tacan ngumpul deui.
“Bijil siah!” ceuk Si Joban deui.
Anu di jero tandu kalah beuki nyempod bari pageuh nangkeup budakna.
“Bijil, bisi tanduna ku aing dicacag!”
Ngadéngé kitu, Demung malik mureleng ka baturna. Matana ngadadak hurung. Tumbakna diangkat, terus dilempengkéun ka lebah dada Si Joban.
Puguh waé, Si Joban ngadadak kabur pangacian. Ngan deregdeg waé lumpat ngajauhan, mani tibabaranting, nyampeurkeun batur-baturna anu keur ngararadan barang rampasan.
Demung malik deui mencrong ka anu keur ngahéphép di juru tandu; jiga anu rék nyacapkeun kapanasaran. Lalaunan rérégan tandu ku manéhna ditutupkeun deui. Geus kitu mah, léos waé leumpang nyampeurkeun batur-baturna anu keur ngarejengan babandan.
“Leupaskeun!” omong Demung pondok. Geus kitu, manéhna terus ngahuit babaturanana sangkan buru-buru ingkah ti dinya.
Saréréa nurut, najan masih kénéh aya anu ngarasa panasaran. Blas-blus ka anu bala gagancangan, bisi kaburu aya anu ngudag nyusulan.
“Mung, naha awéwé sakitu gamulengna henteu dibawa?” Si Joban lahlahan nanya, waktu laluntana geus rada jauh.
“Sakali deui nyarita kitu, ditiir ku aing éta genggerong téh!” témbalna.
Si Joban ukur silipelong jeung baturna.
Sajajalan, Demung henteu nyoara pisan. Baturna anu duaan ogé sarua, milih jempe. Disada-disada deui téh dina waktuna babagi barang rampasan.
Réngsé babagi, maranéhna terus papencar, baralik ka salemburna-salemburna. Najan beubeunanganana teu pati mucekil, tapi maranéhna jaligrah, sabab ti pihakna taya anu jadi korban.
Sanggeus rada jauh, Demung ngajak reureuh ka dua sobatna, da lamun terus lumaku ogé bakal kapeutingan di jalan.
“Mung, ku naon siga anu bingung?” Si Jangkung ngawani-wani manéh nanya.
Demung teu waka némbal.
“Éta, Mung, asa ku teu ngalalarti Mamang mah,” anu saurang deui mairan.
“Mamang, ulah teu ngahampura ka kuring, pédah tadi geus ngasaran Mamang,” omongna alon. Siga anu horéam nyaritana ogé.
“Naha naon atuh sababna bet kitu peta?”
Méméh ngajawab, Demung neuteup heula ka langit, ka lebah layung anu rék mimiti hibar. Rét deui ka dua sobatna. Sanggeus rada lila, kakara pok nyarita, “Mamang, kuring téh teuing salah téténjoan, teuing kumaha ...,” reg deui ngarandeg. Puguh waé anu duaan téh beuki ngarasa panasaran.
“Tacan ngarti Mamang mah. Anu dimaksud salah téténjoan téh, kumaha?”
“Mun teu salah, awéwé anu tadi dina tandu téh ....”
Pleng deui teu nyarita, Demung kalah ngusap beungeut, terus narik napas jero pisan.
“Saha, Mung?” duanana nanya méh bareng, bakat ku geus teu kawawa hayang buru-buru manggih jawaban anu écés.
“Si Aceuk téa, Mang ...,” témbalna alon.

***