Ali
Kapangpéngkeun kana lulurung waktu. Bet tepung sareng salira, nu sok kasabit dina solawat, ka ahlul bait. Ngaheneng sotéh bawaning ajrih, pareng jonghok sareng kakasih Rasul. Cacak lamun jadi Kéansantang, ku hayang weruh kana getih sorangan. Naker salira dina kaludeung, untupan ngajak paluhung-luhung. Ah, da rumasa héngkér jeung épés méér. Pimanaeun. Salira surti, nepak taktak lalaunan, “Kula gé manusa biasa.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar