Nu Kaleungitan Lumar

Hujan gedé leuwih ti misti. Lumar ‘na tonggong babaturan plak-pluk sajeroning lalampahan. Leungit tanda, antukna kadungsang-dungsang. Nyorangan. Leuweung gerotan kur nyésakeun kakeueung. Rus-ras ka lembur, ngahiap ninitah turun. Haneut moyan anjog ka sampalan. Paréntul saung dadakan. Pagerbitis. Elup bedil nojo dada. “Kuring hayang balik,” pokna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar