Dadung

“Héy, ki silah, anu ngaliwat. Bantuan kula ngabanda. Ieu meunang bangsat.” Gorowok ti tengah kebon. Nyampeurkeun. Karérét beungeut haropak. Ngeleper. “Karah maling naon atuh silaing, ti jalma sugih?” Teu némbalan, kalah ngeluk, indung sukuna utek-utekan. “Maling cau. Tuh geuning, atah kénéh geus dituar. Cau meunang ngadeudeuh-deudeuh. Tah ieu dadungna. Borogod sing wedel. Cuang anteurkeun ka désa, sina meunang hukuman. Tuman.” Song tali satengah deupa. Ret, ret, ngan saguriwek. Pageuh pisan. “Naha bet leungeun kula anu dibandana?” Teu ditémbalan. Kalah pok, “Hayu, milu ka kula!” Hareugeueun. Tambah ngeleper. Najan teu burung engab, “Naha saha atuh ari salira?” Ngageter asa-asa, tumanya ka jalma anyar pinanggih. “Kula? Umar.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar