Lalakon Munggaran Jadi Tukang Ngarang (Pangalaman Kuring Pribadi)

Ngarang bisa dianggap hiji profési. Éta anggapan ku kuring bakal diheueuhan. Da jeung enyana, kuring pibadi gé kitu. Ari salah sahiji ciri profési téh apan aya patalina jeung sumber kahirupan atawa sungapan pirejekieun.
Tah, rejeki anu turun ti Alloh, anu jadi sumber kahirupan kuring sakaluwarga katut saeutik-eutikeun pikeun méré mawéh ka nu lian, dicukang-lantaranan ku ngarang, atawa ku kagiatan séjén anu deukeut atawa anu dadasarna ti dinya. Apanan kuring mah henteu tukuh nyieunan karangan rékaan wungkul, tapi aya karya jurnalistik, bahasan, biografi, rumpaka lagu, jeung tulisan dina bentuk lianna. Kabéh ogé dina migawé anu bieu ditataan téh titik panginditanana tina ngarang. Cacak mun kuring ku Gusti henteu dibéré pangabisa kana ngarang, jigana téh lebah migawéna moal jalan, atawa dina bisana ogé moal maksimal. Upamana dina profési jurnalistik, mun panginditan kuring lain tina ngarang, kuring yakin yén hasil pagawéan téh ukur sahandapeun kelas jajar pasar.
Ngarah teu pabaliut, ku kuring rék dibédakeun heula antara nyusun carita rékaan (fiksi) jeung tulisan lianna anu lain fiksi. Anu dimaksud ngarang dina ieu tulisan nyaéta nulis atawa nyusun karangan carita rékaan, boh dina wangun lancaran (carpon jeung novel), boh dina wangun ugeran (sajak jeung guguritan). Tulisan kuring anu winangun karya jurnalistik, éséy, biografi, katut pedaran paélmuan mah rék diiwalkeun. Cindekna, dina ieu tulisan mah prosés nulisna moal rék disebut ngarang.
Kitu deui urang watesanan heula yén anu dimaksud ngarang di dieu téh ngarang dina basa Sunda, sabab kuring mah icikibung jeung teuteuleuman-jijibrugan téh di dinya, lain dina basa Indonésia.
Saenyana lamun ditilik tina jumlah tulisan anu geus jadi buku mah, karya fiksi anu dikarang ku kuring téh teu satengahna-satengahna acan. Buktina waé, tepi ka ayeuna, tulisan kuring anu geus medal jadi buku aya 52 judul (kuring aya dina posisi panyusun atawa pangarang anu nyekel hak cipta; jadi lain dina posisi saukur masrahkeun tulisan pikeun dihimpun dina antologi beunang batur). Tina 52 judul téh, karya rékaan anu winangun novel mah ngan ukur aya dua welas judul, ditambah kumpulan carpon sajudul, jeung naskah drama sajudul. Cindekna, ampir saimbang jeung lobana tulisan kuring dina wanda biografi (kuring tacan kungsi ngaluarkeun buku kumpulan sajak).
Tah, anu rék dipedar di dieu téh ngeunaan kasang tukang kuring ngarang carita rékaan dina basa Sunda. Naha jijieunan kuring rék disebut karya sastra atawa lain, duka téh teuing. Éta mah kari kumaha cék anu meunteunna waé. Ngarah teu nimbulkeun kesan yén kuring aya dina posisi sastrawan, geus waé dina nyaritakeun prosé kréatif téh kuring rék maké istilah karya fiksi. Ari sababna, mun ngagunakeun istilah karya sastra mah bisi beurat teuing.
Nya ku sabab éta ieu tulisan téh dijudulan “Lalakon munggaran jadi tukang ngarang”, lain “Lalakon munggaran jadi sastrawan”. Lamun nempatkeun diri dina posisi sastrawan mah bisi teu kataékan, sabab maqomna luhur teuing.
Tina sajumlahing karya fiksi jieunan kuring, anu ditulisna dina basa Indonésia mah saeutik pisan. Ayeuna mah ngarah babari ngitungna, urang ukur deui tina karya fiksi anu geus jadi buku. Tina lima welas judul buku, anu ditulisna dina basa Indonésia mah ngan ukur  dua judul, Pemberontakan di Cimarémé jeung Singgasana Terakhir Pajajaran; ari anu opat welas deui ditulis dina basa Sunda (Miang jeung Kaludeung, Si Paser, Demung Janggala, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian, Galuring Gending, Bulan Kungsi Ngolémbar, Ujay Kodok, Mandé Durma, Ceu Wawang—kumpulan carpon, Randu Jalaprang—naskah drama, Ajo Pitbul, Sekar Panggung, jeung Kalang Baruang).
Kurung batok
Sok rajeun éta ogé aya pikiran, naha ngarang téh kawas nu tukuh kudu dina basa Sunda waé, tur padahal karya kuring lianna (anu lain fiksi) loba anu ditulisna dina basa Indonésia. Ana dipikiran deui, kuring téh kawas nu geus katalimbeng ku basa Sunda dina nyieun karya fiksi mah. Atawa meureun bisa jadi lamun ngarang dina basa Indonésia mah kuring téh teu enya-enya yakin kana kamampuh diri sorangan; kurang pédé mun cék barudak rumaja kiwari mah. Kekecapan dina basa Indonésia asa lalinghas pisan ana rék dirangki jadi hiji karya fiksi téh. Tapi ari pikeun nulis karya non fiksi mah, leuwih lindeuk kénéh basa Indonesia; babari diperuhkeunana. Bisa jadi meureun kuring langka latihan ngarang fiksi dina basa Indonésia. Atawa bisa jadi meureun tepi ka poé kuring masih kénéh boga anggapan yén basa Sunda téh pangmampuh-mampuhna pikeun nyukangan jeung ngawadahan naon-naon anu rék dikedalkeun mangrupa karangan. Jadi, tepi ka poé ieu kuring tacan bisa (atawa tacan hayang, kitu?) sagemblengna meuntas kana basa Indonésia. Rumasa, dina bab nyieun karangan fiksi mah kuring téh kurung batok.
Yakin hakul yakin, pangabisa kuring kana ngarang téh mangrupa bagian tina wujuding kanyaah Gusti Alloh. Tangtu dina émprona mah éta kanyaah téh henteu ngagebro kitu waé, atawa geus katémbong ngagurat bawa ti kudrat, tapi ngaliwatan heula tarékah anu panjang, anu kudu dipigawé ku kuring pribadi: tatanya jeung tetelepék ka anu geus bisa, padungdengan jeung anu lian, macaan heula karangan jijieunan batur, jeung latihan anu taya anggeusna. Ana kitu, kabisa kuring téh henteu leupas tina andil nu séjén—malah boa lolobana, kétah! Cacak mun taya nu lian, anu daékeun diguruan atawa diajak padungdengan, kuring moal boga kabisa kawas ayeuna. Ana kitu, jadina atawa bisana kuring kana ngarang téh lain karana karep jeung tarékah pribadi wungkul, tapi loba pisan disokong ku jasa batur, anu kacida panjangna mun ditatan hiji-hijina mah.
Bisa jadi, dina urusan tulas-tulis mah kuring téh kaasup kana kolom produktif. Ari sababna, nulis téh pikeun kuring mah geus dianggap hiji pagawéan. Lamun teu nyieun tulisan, atuh meureun moal boga sumber rejeki keur kahirupan. Kitu cék cohagna mah. Pikeun kuring, nulis téh, kaasup ngarang carita fiksi, geus dianggap hiji patukangan atawa industri rumahan (home-industry).
Teu béda ti tukang kayu atawa tukang panday. Apan tukang kayu gé umumna tara tukuh nyieunan hiji jenis barang. Anu dijieun ku manéhna bisa rupa-rupa; nu penting asal bahanna tina kai. Hiji waktu manéhna nyieun kusén, misplang, panto, jandéla, palapon, korsi, tempat tidur, atawa ngan saukur nyieun jojodog, bakiak, pérah bedog, atawa ukur tusuk gigina pisan. Rék naon baé anu dijieun ku tukang kayu, tangtu bakal aya gunana, keur anu butuheun mah. Taya hartina sotéh pikeun anu teu butuheun; kawas teu butuhna tusuk gigi pikeun jalma anu geus lémong alias euweuh huntuan, atawa teu butuhna bakiak pikeun jalma anu (punten!) teu bogaeun suku.
Kitu deui tukang panday; naha rék nyieun pacul, arit, dékol, bedog, tatah atawa patik, nu penting mah asal bahanna tina beusi.
Kuring nyebut umumna téh bisi aya tukang kayu atawa tukang panday anu tukuh ukur nyieun hiji barang. Pagawéan sapopoéna téh ukur nyieunan kusén wé, upamana, tepi ka ngaharamkeun kana nyieun jojodog atawa pérah bedog. Tah, kuring mah teu kitu. Anu ditulis téh bisa naon waé; anu penting asal bisa dipaké sumber kahirupan, sarta teu papalingpang jeung prinsip hirup.
Novel jeung naskah pidato
Kitu minangka alesanana mun aya nu tetelepék, naon sababna bet sagala ditulis, tepi ka samakbruk pisan. Pikeun kuring mah taya bédana antara ngarang novel jeung mangnyieunkeun pidato pejabat. Sarua baé, lah! Sarua pikeun sumber kahirupan. Mun téa mah rék disebut aya bédana, jigana téh dina lebah prosésna, atawa dina kasugemaan haté anu sipatna non materi. Naha sugema kénéh nyieun novel atawa mangnyusunkeun pidato? Ah, sual éta mah rélatif; teu bisa digitik rata. Bisa waé nyieun pidato bacakeuneun pejabat gé leuwih sugema batan ngarang carpon, lamun éta pidato ngabuahkeun hasil positif dina kahirup-huripan masarakat, upamana.
Éta pangna dina ngarang fiksi téh kuring mah tara (pati) dibangbaluhan ku udagan pikeun nyieun hiji karya anu nyastra. Orientasi kuring mah lain jadi sastrawan, tapi tukang ngarang. Anu matak, ngarang mah nya ngarang baé. Sual hasilna rék disebut alus atawa goréng, naha kaasup karya sastra atawa carita panglipur (pangbeberah), malah sakapeung sok disebut carita picisan, kuring mah tara pirajeunan opénan, sanajan ari cék anggapan sorangan mah: alus éta karangan jieunan kuring téh. Tapi apan anu disebut alus cék kuring, tacan tangtu bakal dianggap alus ku batur. Hanas mun téa mah ti antara karangan kuring aya anu kapeunteun (biasana mah karangan anu dipasanggirikeun), ah meureun éta mah keur kabeneran waé. Da geuning ari dina hirup mah sok paparengan. Meureun kuring keur pareng dina nyieunna, sarta pareng anu meunteunna deuih.
Lamun karangan kuring aya anu kapeunteun, tangtu waé matak bungah, komo dina lebah nampa hadiahna mah. Malah kadieunakeun mah motivasi ngudag-ngudag hadiah téh beuki ngandelan.
Kumaha lamun teu kapeunteun? Naha sedih?
Ari rasa sedih jeung kuciwa mah tangtu aya. Tapi, kumaha deui atuh, ari lain kudu ditarimakeun. Mana kitu gé, heueuh, meureun karangan kuring téh goréng, cék batur anu meunteunna mah.
Kumaha deuih lamun kabeneran karangan sorangan téh alus ari cék rarasaan mah, tepi ka optimis bakal meunang, tapi dina kanyatanana bet éléh ku karangan anu (cek kuring) goréng?
Ah, nya keun baé, najan ari kahanjelu mah sok rajeun aya. Kapan anu meunteunna ogé batur, lain kuring. Mun téa mah karangan kuring teu kapeunteun, nya tarimakeun baé, da bongan saha maké hayang miluan pasanggiri. Ari pasanggiri téa, apan jurina téh batur. Mun embung éléh, tong miluan pasanggiri atuh. Geus baé cukup dibaca ku sorangan, atawa bikeun ka jelema anu engkéna bakal muji urang.
Anu matak kuring mah geus waé nyieun deui karangan pikeun pasanggiri séjén, atawa pikeun dina taun hareupna, da keretas boga kénéh, kitu deui mesin ketik (aéh, komputer ayeuna mah) aya ngajugrug. Muga-muga waé atuh nu engké mah meunang.
Kuring kaasup anu remen ngilukeun karangan kana pasanggiri. Hasilna, alhamdulillah, sok rajeun meunang, tapi deuih anu nyamos gé aya. Keur sakuringeun, udagan miluan pasanggiri téh utamana mah hadiahna.
Ku dianggap mindeng miluan pasanggiri téa, tepi ka ti antara babaturan sok loba anu méré gelar ka kuring: pemburu hadiah. Aya deuih anu nyebut renegade (saenyana ieu téh judul filem serial, Renegade, dibintangan ku Lorenzo Lamas; eusina nyaritakeun hiji pulisi anu disersi, terus ancrub jadi pemburu hadiah ku cara néwakan penjahat anu geus diwontidkeun).
Éta dina urusan pasanggiri. Ayeuna urang saeutik nyaritakeun bab kritik.
Kumaha lamun karangan kuring dijejeléh batur? Heueuh, ku kritikus téa, cenah? Ih, nya keun baé. Malah sukur nu aya. Mana kitu gé kana jijieunan sorangan aya anu haat merhatikeun. Éta cenah lebah dipépéhékna, ulah dipaké nyeri haté, atawa terus hayang ngajorag. Heueuh apan, anu ditulis ku kritikus gé tacan tangtu bener (kabéh); boa teuing aya (loba) ngacona, boa teuing aya kapentingan séjén anu urang teu kudu nyaho. Keun ari lebah dipuji ku kritikus mah, teu kudu dicaturkeun deui, da saha jalmana anu teu hayang dipuji atuh, najan meureun ulah terus jadi ria, sabab engkéna bisi dibendon Gusti.
Naha ari tulisan kritikus téh aya gunana? Ih, nya tangtu, malah loba. Anu matak Gusti nakdirkeun aya kritikus gé naha ku naon atuh; tangtu geus dijamin aya gunana. Rumasa, kuring ogé sok remen meunang luang ti kritikus téh, boh anu nembrakkeun pamanggihna dina tulisan, boh anu ditepikeun sacara lisan (upamana dina forum diskusi, atawa ngobrol kitu waé).
Kritikus méré pangajén jeung tinimbangan kana karya jijieunan urang. Éta téh penting pisan pikeun nambahan wawasan, jeung pikeun ngukur kamampuh diri sorangan. Loba aspék dina karangan anu ku sorangan mah teu kapikiran, ari kritikus bet goréhél bisa katimu, leupas tina bener jeung salahna.
Ngan hanjakal, dina kahirupan karangan fiksi atawa sastra Sunda (ayeuna) mah anu disebut kritikus téh langka pisan. Padahal, salaku tukang ngarang, kuring kacida ngarep-ngarepna.
Teu parok
Cék rarasaan sorangan, dina ngarang téh kuring mah basajan pisan, bari jeung pengkuh kana tradisi (tradisional) deuih. Teu hayang dirugal-rigel héhéséanan, da moal pimetueun. Geus waé anu sakirana kadada-kaduga, tur teu dijungjurigan ku hiji udagan anu hamo kahontal. Anu penting mah karangan kuring dibaca batur, bari kahartieun jeung resepeun deuih. Hanas tina eusina sok rajeun aya pulunganeunana, ah, éta mah bané waé keur diparengkeun kitu.
Mun téa mah anu didadarkeun bieu dianggap teu parok jeung batur, ah, nya keun baé. Heueuh, piraku ari hayoh baé kudu sarua jeung kudu nutur-nutur kahayang batur mah, mana temen barieukeunana.
Hanas batur mah ngarang téh teu kawas kuring, dadahutna oge henteu sambarangan, sabab udaganana hayang nyastra, ih, nya alus baé. Hanas batur mah dina ngarang téh kudu puguh heula konsép éstétikana, weweg tiorina, tur adiluhung udaganana, ih, nya alus baé. Éta hartina dina dunya kurung-karang téh beunghar ku jalma lega panalar.
Ngan kahayang mah, meureun, ulah terus jadi silih hualkeun, bari ngarasa diri pangkasépna atawa pangakangna, ari anu séjén goréng sopak. Mun geus kitu, terus waé babaladan; silih puji jeung silih tabeuh jeung papada baladna deui, bari resep ngadedetkeun jeung nyecepo ka anu lain balad.
Ari kuring mah da geus naker diri, moal pibisaeun mun hayang kikituan téh. Heueuh, maksud téh ngarang sasastraan, tur boga angkeuhan hayang nyieun karangan anu adiluhung ajénna, sarta mun ku batur teu dianggap sastra téh sok terus ambek. Kapan tadi gé geus disebutkeun, pikeun kuring mah ngarang téh teu béda ti patukangan. Ana kitu, kuring mah: tukang ngarang. Tah, rék di dinya waé merenahkeun diri sorangan téh.
Lamun kitu, naon atuh anu dimaksud ngarang téh, lamun urang nyaritakeunana di luar tujuan pikeun pangupa jiwa? Tah, rada hésé ngarumuskeunana mun aya anu nanya kitu mah. Ngan anu sidik, ku ngaliwatan ngarang, kuring bisa ngedalkeun eusi haté jeung eusi pikiran (kudu dipaluruh deui jigana, naha ari haté jeung pikiran téh dua “institusi” anu misah, atawa boa éta-éta kénéh). Ngarang téh kudu aya heula ilham atawa inspirasi, cenah. Anu matak, ceuk cenah deui waé, teu kurang-kurang anu hayang ngarang téh kudu néangan heula ilham, ngaliwatan rupa-rupa cara. Aya anu ngahaja néangan tempat sepi tingtrim anu pamandanganana éndah dibarung ku cur-corna cai, aya anu nyileuk sapeupeuting, aya anu méditasi heula, jeung sajabana.
Tapi, kuring mah teu bisa ngajinekkeun, naon anu disebut ilham téh. Da dina émprona atawa prosésna mah sok dimimitian tina jorojoy hayang ngarang ngeunaan anu, upamana. Tah, sok terus waé dipigawé (karangan kuring umumna ditulis dina basa lancaran, carpon atawa novel, da ari kana nyieun sajak mah teu pati timu). Jigana éta kitu anu disebut ilham téh? Heueuh, bahan karangan meureun anu disebut ilham téh. Ngan cék rarasaan, anu kitu mah teu kudu dikotéktak-ditéangan heula, da geus nyarampak; anu penting mah lebah purun jeung henteuna. Tah, anu kaalaman ku sorangan mah mimindengna lebah teu purun, perbawa kedul téa. Datangna kadaék kana ngarang téh gumantung kana rupa-rupa faktor, di antarana sual pangabutuh, atawa lantaran kudu nohonan jangji ka batur (ituna pesen karangan, kuring nyanggupan). Ku dua faktor éta mah sok bisa dipaksakeun jadi purun, najan keur horéam gé.
Raména pasar
Dina geus prakna nulis, sok ngamalir kitu waé, nyaho-nyaho karangan téh anggeus wé. Tapi kadang-kadang sok aya anu teu tutug. Pikeun kuring mah teu matak jadi sual. Ah, sok diteundeun heula wé minangka hanca, engké disampeur deui. Aya kalana hiji karangan katunda aya bulanna, malah taunna kétang; ngagantung teu anggeus-anggeus.
Kitu deui dina prakna ngarang, kuring mah geus mékanis, tur teu mibutuh suasana husus (komo anu dijieun-jieun mah), upamana kudu di tempat anu sepi atawa kudu tengah peuting dina mangsana simpé. Mun téa mah kuring kudu ngarang dina suasana raména pasar, ah jigana téh moal matak jadi halangan, ngan meureun kasebutna teu ilahar.
Lamun kuring keur ngarang, geus biasa deuih kaganggu atawa diselang heula ku kagiatan séjén, upamana maraban heula hayam, atawa kudu nyanghareupan heula sémah, atawa kudu ngasuh heula budak (anu tacan bisa téh ngarang bari gapléh).
Sok rajeun kajadian (jaman ngarang maké mesin ketik), karangan anu keur ditulis téh ditinggalkeun heula sakeudeung lantaran aya kaperluan séjén. Barang ditéang deui, keretas dina rol mesin tik geus aya tulisan séjén, atawa ukur runtuyan aksara anu teu bisa dibaca. Singhoréng anu boga gawéna téh anak kuring; meureun maksudna mah hayang ngajaran ngetik.
Bogana bahan pikeun dikarang téh bisa ngaliwatan rupa-rupa cara; bisa tina anu langsung katénjo atawa kadéngé, tina maca, atawa tina hasil obrolan jeung batur. Éta bahan téh aya anu ukur manjing sacarponeun, atawa bisa waé mahi keur nyieun novel.
Ngarang carpon jeung novel tangtu loba bédana. Lain waé ukur dina palebah waktu anu dipikabutuhna, tapi deuih tataharna. Mun rék ngarang novel, runtuyan kajadian anu bakal ngawangun kagemblengan carita téh sok ditulis heula. Urang sebut waé, éta téh minangka rangkayna. Kitu deui tokoh-tokoh katut karakterna sok didéskripsikeun heula, bisi engké dina prakna ditulis jadi paselup.
Lian ti éta, mun rék ngarang novel mah saméméhna kudu aya panalungtkan anu gemet heula ngeunaan obyék anu baris dikarang (mun ngarah rada légég mah, disebutna risét), atawa sakurang-kurangna néangan référénsi tina bahan bacaan, atawa tatanya ka anu dianggap loba kaweruhna.
Dina prakna nyieun novel, kuring teu salawasna pengkuh kana rangkay carita anu geus disusun saméméhna. Ana geus mimiti dipigawé mah sok robah-robah, misalna tokohna jadi nambahan, atawa jalan caritana jadi robah. Pangna kitu téh biasana lantaran kuring manggihan bahan anyar dina geus prakna ngarang. Komo lamun hanca karangan katunda rada lila mah, kamungkinan robah téh gedé pisan.
Gedé untungna kuring jadi wartawan aya likurna taun téh, bari remen aprak-aprakan deuih, sabab mindeng manggihan bahan, atawa sakurang-kurangna bisa nengetan situasi di sawatara tempat anu kungsi didatangan. Pangalaman jadi pasukan tempur dina dunya kawartawanan loba pisan mangpaatna; jadi weruh kana kaayaan di rupa-rupa tempat (ti mimiti métropolitan tepi ka pasiringan di tutugan gunung), sarta wawuh jeung rupa-rupa jalma (boh karakterna boh profésina).
Anu sok dicaritakeun dina karangan-karangan kuring lalakon anu ilahar waé, anu nalalembrak, anu réalistik bisa kaalaman atawa katimu dina kahirupan manusa sapopoé. Najan caritana réalistik, tapi kuring tara nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku diri pribadi kalawan togmol. Ku kituna, paling-paling éta pangalaman téh ukur milu ngawarnaan wungkul, minangka sambarana. Ari anu dijadikeun poko carita mah sok hasil rékaan waé.
Lian ti éta, kuring mah teu mampuh nyieun karangan anu caritana ahéng, anu madu-lawungkeun kahirupan di luar logika saujratna, kawas dina dongéng atawa carita pantun. Kitu deui dina pola nyieun karangan, kuring mah sok ngagunakeun anu geus ilahar waé, tara dijungkar-jungkir.
Bahan anu baris diréka jadi carita téh tangtu saméméhna diolah heula, dipapantes jeung dialus-alus (cék rarasaan sorangan mah). Hanas dina geus jadina henteu ngawujud karangan anu dianggap alus, ah., meureun kuring bisana ukur tepi ka dinya.
Ngarang = Disetrap ku Guru 
Jolna paniatan hayang jadi tukang ngarang téh henteu sakaligus, tapi ngaliwatan prosés anu kawilang panjang. Waktu keur budak, rarasaan mah kuring teu boga cita-cita jadi tukang ngarang. Kétang, boa anu disebut cita-cita gé teu boga, ah! Lalakon hirup téh ngagorolong kitu waé, teu diruah-raéh, teu dimomonés.
Karuhun kuring asa teu kadéngé aya anu kungsi jadi pangarang (bujangga meureun nya, ari jaman baheula mah). Kulawarga kuring mah tukang dagang. Anu matak, di imah téh tara pirajeunan aya buku gular-golér. Mun aya koran atawa keretas naon baé nu aya tulisanana, paling-paling ukur urut bungkus. Kolot kuring mah boro-boro wawuheun kana ngadidik maca (kuring cicing téh jeung indung, henteu milu ka bapa).
Jadi, kasang tukang hirup kuring mah lain dina tradisi resep maca, komo mun resep ngarang mah. Paling-paling ogé sok dipangdongéngkeun ku nini, minangka buruh mencétan.
Mimiti nyaho kana nu disebut ngarang téh basa geus kelas opat di SD Galunggung 5, Tasikmalaya (taun 1966). Ibu Surtijah, guru kuring harita, méré pancén nyieun karangan ka murid-muridna, dina basa Sunda, kudu maké judul “Pangalaman dina Poé Minggu”. Ari kuring, dibéré pancén kitu téh teuing kudu kumaha mimitina. Ngan untung baé bisa niron kana beubeunangan batur. Kira-kira kalimahna téh kieu, sauted pisan, jajauheun mun disebut hiji karangan:
“Dina dinten Minggu abdi sok nyeuseuhan, kukumbah, sasapu, bari tara.”
Karangan jieunan murid téh kudu dibaca di hareupeun kelas, saurang-saurang. Nyao, poho deui ari kana eusi karangan meunang batur mah. Ngan asana téh aya anu rada panjang, henteu sauted teuing kawas karangan jieunan kuring (jaba meunang niron). Jeung deuih asa raramé, sabab aya anu medar pangalaman waktu piknik dina poé Minggu. Nyao heueuh, nyao bohong.
Waktu giliran kuring ka hareup, terus maca beubeunangan ngarang téa, Ibu Guru mureleng: “Naon? Sing puguh ngarang téh. Baca deui!” Der deui dibaca éta karangan anu ngan sauted téh. Bu Guru bendu deui baé, lantaran kuring dianggap ngaheureuykeun.
“Ongkoh sok nyeuseuhan, kukumbah, sasapu. Tapi naha bet bari tara!” saurna nyentak.
Kuring ngabetem. Sumpahna gé, éta ungkara “bari tara” téh dipapatahan ku batur; nyao Si Jéjé, nyao Si Rohimun anu méré saranna téh. Jeung deuih maksud maranéhna téh heureuy, bari ku kuring ogé ukur dianggap heureuy. Ari sugan teu matak jadi bahla kitu; hanas digugu.
Alhamdulillah, tepi ka bubaran sakola, kuring disetrap, sina nangtung gigireun bor. Babaturan mah kalah tingcirihil, nyeueung kuring disetrap téh. Si kuya!
Tah, panggih deui jeung tugas ngarang téh sataun ti harita, basa geus kelas lima. Ari anu kudu dikarangna ngeunaan cita-cita, dina basa Indonésia. Harita guruna Pa Abdullah, rada galak; béda jeung Ibu Surtijah anu paling-paling ukur nyetrap wungkul mun ngahukum murid nu bangor téh.
Ngeunteung kana pangalaman di kelas opat, kuring teu hayang ngalaman deui disetrap gara-gara ngarang. Anu matak, kuring hayang nyieun karangan anu serieus, najan ari lolobana mah meunang niron ti batur.
Inget kénéh, aya ungkara anu kieu unina: “... ingin menjadi orang berguna bagi nusa dan bangsa.” Tapi, ari lebah cita-cita kuring hayang jadi naon mah, berekah geus poho deui. Naha hartita téh hayang jadi pilot, atawa dokter, atawa naon. Ngan nu sidik, kuring nyebutkeun yén boga cita-cita. Heueuh, nyebut kitu sotéh ukur nurutan batur.
Pleng deui taya tugas ngarang di sakola téh. Poho deui, naha waktu ujian di SD aya pancén nyieun karangan atawa euweuh.
Geus di SMP, kelas hiji (taun 1969), kakara panggih deui jeung pancén nyieun karangan. Inget kénéh, ngarang sajak, dina pelajaran basa Indonesia, ari guruna Ibu Émi.
Sajak beunang kuring dijudulan “Diponegoro”. Ku Ibu Guru dipuji, alus. Padahal éta sajak téh meunang nyutat tina buku pelajaran kénéh, ngan pédah aya sawatara bagian anu ungkarana diganti. Judul aslina mah lain éta; teuing naon, poho deui.
Jigana mah Bu Émi apaleun yén karya kuring téh teu orosinal. Tapi, anu matak dipuji gé meureun pédah dianggap kréatif. Heueuh, kréatif dina lebah ngarakit (ngarakit dina harti ngaasembling, lain ngarakit cék basa Sunda).
Saterusna kuring sok remen ngarakit (ngaasembling) sajak beubeungan batur anu kabaca dina buku, majalah, atawa koran. Teuing meunang sabaraha judul kikituan téh, da taya pisan bangkarakna.
Ningkatna pangaresep kana ngarakit sajak téh sanggeus asup kana mangsa puber. Biasana nyieun sajak téh dina buku perkenalan boga babaturan. Tapi, lila-lila mah kuring gé hayang nyieun karya anu orisinal. Alhamdulillah hasil, tapi teuing naon judulna, da ayeuna geus euweuh dokuméntasina. Nya terus dikirimkeun ka koran Pikiran Rakyat (taun 1972). Teu dimuat.
Harita, mimiti diajar ngarang téh dina dua basa; Sunda jeung Indonésia. Kungsi nyieun karangan keur rubrik Ngadu Rahul dina Manglé. Asana mah teu kungsi dikirimkeun, da ukur jadi bacaeun babaturan wungkul. Nyoba-nyoba deui nyieun carita pondok. Ditulis kitu baé, dina keretas folio bergaris. Lantaran kaca dina Manglé téh dikolom-kolom, kuring gé dina nyieun karangan téh nurutan kitu, dikolom-kolom, disaruakeun jeung kolom dina majalah, diséntian heula, da bisi méncog tina ukuran aslina. Ieu gé poho deui, naha karangan kuring téh kungsi dikirimkeun atawa henteu.
Harita, dina haté geus mimiti aya gerentes hayang bisa ngarang, terus hayang dimuat, terus engkéna meunang honor.
Tamat ti SMP, bus ka SMEA, tapi ukur meunang sababaraha bulan. Taun hareupna, asup deui ka SMA Negeri 2. Nya harita saenyana mimiti kuatna hayang bisa ngarang bari rada daria téh.
Kahiji, bisa jadi kajurung ku mangsa puber. Kadua, butuh ku honorna, mun tepi ka dimuat téh. Jeung katilu, kuring meunang dorongan sumanget ti guru, Pa Aon Abdul Muin. Lian ti éta, bisa jadi ku sabab kuring resep maca. Ieu karesep téh mimiti tumuwuh basa keur kelas opat atawa lima SD. Anu mimiti dibaca téh komik wayang, meunang nginjeum ti taman bacaan. Ti dinya terus néma kana bacaan lianna, najan tara ngahagalkeun ari meulian buku mah, tapi kitu waé meunang nginjeuman ti batur. Sanggeus di SMP, kakara wawuh jeung perpustakaan sakola, disambung ku di SMA.
Ari minangka pikeun latihan nulis, waktu geus di SMA, kuring sok ngeusian majalah dinding. Malah lila-lila mah dipercaya jadi anu purah ngokolakeunana (jadi redaktur meureun mun gayana mah).
Lantaran ti heula waktu ngirimkeun karangan anu mimiti teu dimuat, boa-boa panyababna téh faktor teu diketik. Atuh meureun mun hayang dimuat mah karangan téh ulah digudrud. Nya terus baé karangan kuring nu rék dikirimkeun téh diketik heula. Beu, lila naker ngetikna ogé, késang badag késang lembut cék nu bohong téa mah, bari loba salah deuih.
Sakapeung kuring sok maké mesin ketik meunang nginjeum ti organisasi, lantaran harita kuring jadi pangurus Pelajar Islam Indonesia (PII). Mun teu kitu, kuring sok ngadon ngetik di sakola. Biasana ari geus bubaran, kuring sok nyimpang ka kantor tata usaha. Kabeneran Kang Mamat, pagawé tata usaha di sakola sok ngidinan kuring baranggawé di dinya.
Kelas dua SMA, nya nyoba-nyoba ngirimkeun sajak ka Manglé. Alhamdulillah dimuat, ngan teu dihonoran, sabab ukur ngeusian rubrik rumaja. Kuring meunang panuyun ti Ceu Aam Amilia. Karya kuring anu mimiti dimuat téh judulna “Tatar Padahérang”, eusina nyaritakeun kahirupan di Ciamis kidul anu saban taun kacaahan. Cék rarasaan mah, eusi éta sajak téh sama sakali henteu ngagambarkeun bab pubertas.
Ti dinya mah terus baé jadi resep, malah ahirna dianggap sumber kahirupan, tug tepi ka kiwari.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar