NGAROBAH RARANGKÉN PER-AN KANA UNGKARA KECAP BASA SUNDA


Dina basa Indonésia, rarangkén (imbuhan) per-an téh pohara produktifna. Réa pisan kecap anu bisa dilarapan éta rarangkén, malah saterusna mah aya anu geus jadi istilah baku, tur mi-boga harti mandiri.
Kiwari, éta rarangkén téh karasa pisan nyosokna kana basa Sunda. Pikeun urang anu sok (rajeun) nyieun tulisan dina basa Sunda, kecap anu maké rarangkén per-an téh sok jadi masalah: kumaha ngunikeunana, atawa kumaha piungkaraeunana. Naha ari dina basa Sunda aya rarangkén per-an téh? Mun euweuh, kumaha atuh pigantieunana? Sabalikna, mun rék dianggap aya, naha rék ditulis sacéréwéléna kawas dina basa Indonésia, atawa rék dirobah heula (di-Sunda-keun)? Mindeng pisan deuih, urang sok jadi kateug, lantaran hésé manggihan kecap sasaruanana. Pangna urang remen kateug téh, sabab biasana dina waktu mikir téh, upamana dina rék ngagelarkeun karangan, urang sok katalikung ku jalan pikiran ngagunakeun basa Indonésia, atawa materi anu rék ditulis ku urang teu pati nyoko kana nuansa budaya Sunda. Cindekna, ari mikir ku basa Indonésia, ari prakna ditulis bet dina basa Sunda. Atuh tangtu waé hasilna remen teu nyekrup. Ungkara kalimah anu disusun ku urang karasana teu/kurang nyunda. Atawa, bisa waé lantaran materi anu rék ditulis ku urang téh teu pati nyoko atawa ngagambarkeun nuansa, suasana, katut alam pikiran Sunda.
Ieu mah minangka tarékah saheulaanan, saméméh aya palanggeran anu baku (jinek), pun uing nyoba-nyoba nyusun papasingan kecap anu dina basa Indonésiana maké rarangkén per-an.

  1. Rarangkén per-an dina basa Indonésia dirobah jadi rarangkén pa-an dina ungkara kecap Sundana, kalawan kecap asalna dirobah kana basa Sunda, contona:
perkumpulan  --- pakumpulan
perkampungan  --- pakampungan
perguruan  ---- paguruan, robah deui jadi paguron
perilmuan  ---- paélmuan, tapi teu bisa mun jadi paélmon
perdukunan ---- padukunan
pertukangan ---- patukangan
perusahaan  ---- pausahaan
perlindungan --- panangtayungan
                             panyalindungan
perpustakaan  ---- pabukuan, robah deui jadi pabukon

2. Rarangkén per-an dina basa Indonésia dirobah ku kekecapan (istilah) anu geus nyampak
dina basa Sunda, anu prosés morfologisna rupa-rupa, contona:
perjalanan  --- lalampahan
persamaan ---- sasaruaan
persaudaraan --- duduluran
perjudian --- adu-aduan
*peringatan ---- pangéling-ngéling
persahabatan ---- sosobatan
perencanaan  ---- rarancang
pertukaran  ---- tutukeuran
perwakilan  --- wawakil
perceraian  ---- pepegatan
pertengakaran  ---- pacéngkadan, papaséaan
perkalian  --- kakalian, tapi teu bisa dirobah jadi kakalén
permintaan  --- paménta
perundingan --- rundingan
peraturan  ---- aturan, lain palaturan
pertalian  --- katalian
perkataan   ---- omongan
persekongkolan ---- sapongkol
perdamaian  --- karépéh-rapihan
pertambahan  --- tambahna
persaingan  ---- silisaingan
percampuran  ---- pacampurna
perbedaan  ---- bédana
perbendaharaan ---- kajembaran, kabeungharan (tapi husus keur kecap/kalimah)
pertolongan  ---- pitulung
pertumbuhan  ---- tumuwuhna
peribadatan  ---- ibadah
perjodohan   ---- jodo
percontohan  ---- conto
perkotaan  ---- kota
perburuan  --- tegal pamoroan (husus nuduhkeun tempat)
             persepakbolaan --- dunya méngbal (maén bal)
            pertanyaan  ---- patalékan, sakapeung angger pertanyaan, atawa robah jadi
pananya, ngan lain pananyaan

Catetan:
Ieu parobahan téh tangtu bakal dumasar kana kalimahna deuih; teu matok kawas bieu anu dicontokeun waé. Upamana waé kecap peringatan anu ku urang ditarjamahkeun jadi pangéling-ngéling, tapi ari dina kalimah séjén mah can tangtu kitu,  misalna:
            "Penjahat tidak menghiraukan tembakan peringatan."
Kecap tembakan peringatan téh geus jadi istilah husus. Asa teu keuna mun ku urang ditarjamahkeun jadi témbakan pangéling-ngéling atawa témbakan ngélingan. Mun arék ogé témbakan ngingetan, bari jeung ieu ogé teu pati pas kana maksudna. Mé-mang, dina sawatara kasus mah conto anu dibéréndélkeun di luhur bieu téh teu sagem-blengna ngepas, lian ti hésé néangan sasaruaanana téh, contona:
            "Pemain belakang Persib mendapat peringatan keras dari wasit."
Naon ari Sundana peringatan keras, naha sarua jeung ditegor? Asana mah béda, nya? Urang pikiran wé ku saréréa. Lamun éta kalimah rék di-Sundakeun, wayahna kudu dirobah ungkarana.

3. Rarangkén per-an anu (urang anggap waé) geus ditampa dina wangun morfologis Sunda, tapi ukur pikeun sawatara kecap waé, contona:
perhatian, malah sok dilemeskeun jadi perhatosan
perjanjian, robah saeutik jadi perjangjian
perjuangan, robah saeutik jadi perjoangan
perkawinan
pertandingan
perlawanan

4. Rarangkén per-an anu dianggap tacan jadi basa Sunda, tapi hésé ngarobahna, tur
  umumna mah geus jadi istilah husus, contona:
pertanian
perkebunan
perburuhan
perumahan
perkantoran
pertanahan
perpajakan
perairan
persenyawaan
persuratkabaran
perkeretaapian

Catetan:
Rék kumaha sikep urang dina nyanghareupan wangun kecap kawas kieu? Ceuk pamanggih kuring, geus waé urang tampa. Urang sawang tina sisi positifna, nyaéta basa Sunda sina ngabeungharan, sarta mampuh dipaké alat komunikasi dina alam kakiwarian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar