Kitu deui tempat urut bégalan patina Mamang Darga
sabatur-batur, dipariksa gemet pisan. Jungkrangna diturunan, gerembelna
dicacaran. Tapi tetela bangké karaman téh henteu kapanggih. Ukur aya urutna;
ledug jeung pinuh ku getih.
“Yakin silaing, Darga yén si bangsat téh geus modar?”
Juragan Patih mariksa ka bawahanana anu peuting tadi kagiliran jaga.
“Leres, Juragan. Ku tiluan dicehcer, dugi ka awakna rangsak.
Lajeng manéhna ragrag ka dieu. Kakuping pisan ngagebutna ogé,” témbal perjurit
Darga.
“Tapi geuning ayeuna euweuh buktina!” ceuk Patih Sungsang.
Saréréa taya anu ngabijilan carita, ukur silipelong.
“Mun enya modar kudu aya bangkéna atuh!”
“Rupina tos séép direcah ku ajag, Juragan Patih,” omong
Darga.
“Naha enya, kitu? Cing, saha anu peuting tadi ngadéngé ajag
babaung di lebah dieu?” Juragan Patih nanya ka perjurit anu araya di dinya.
“Abdi, Juragan. Écés pisan kakuping ti rorompok,
kinten-kinten tos ngagayuh ka tengah wengi, tembal salah surang perjurit.
“Leres, abdi gé tos taki-taki, bilih ngaranjah deui
ingon-ingon sapartos anu kajantenan dina minggu pengker,” omong anu séjén.
“Ajagna hanjat ka lembur?” Patih Sungsang mariksa deui.
“Anu mawi, teu aya. Dugi ka subuh abdi ngintip di buruan,
tapi lebeng teu aya némbongan. Kakuping babaungna téh mung dugi ka leresan ieu
jungkrang.”
“Jadi ku ajag, nya? Tapi naha mani teu nyésa saeutik-eutik
acan,” omong Juragan Patih Sungsang bari gogodeg.
“Rupina ajagna seueur, Juragan, margi sakali ngabubuhan téh
sok dugi ka aya welasna. Malih likur, kétang,” omong Mamang Darga, pikeun
nyayakinkeun dununganana.
Ku sabab buntu teu manggih raratan, ahirna mah maranéhna
unggah deui tina dasar jungkrang.
“Kadé, di wates dayeuh ulah aya anu balangah. Ulah tepi ka
kajadian kawas peuting tadi. Aya karaman asup tepi ka teu kanyahoan,” omong
Juragan Patih bari clak mancal kudana.
Puguh waé di dayeuh téh beuki harénghéng. Karasa pisan
tagiwur jeung matak bangreungna. Keur mah perjurit anu miang ka pakidulan ogé
tacan marulang deui, katurug-turug di tempat anu nampeu ka padaleman aya
riributan. Atuh saréréa diperih pati sangkan leuwih iatna.
Listayu ogé pipikiranana ngarasa kaweur. Sabab,
dihenteu-henteu ogé, apan manéhna anu jadi biang ririweuhan téh. Kumaha
pibalukareunana lamun seug Pangawulaan uningaeun kana kajadian anu sabenerna,
omongna dina jero haté.
Kitu deui Si Ibi. Manéhna ngarasa tagiwur ku dua ku tilu.
Kumaha lamun ahirna kabokér yén anu jadi sumber mamala téh ayana di imah aing,
ceuk pamikirna. Enya, pan sidik yén Radén Emung ditéangna ku gulang-gulang téh
ti imah aing pisan.
Lian ti éta, manéhna ngarasa sedih anu pohara. Masing kalah
kumaha ogé Si Ibi ngarasa yakin pisan yén anu datang téh budak asuhanana
bareto. Tapi naha Ndén Ayu jiga anu teu asak jeujeuhan? Kalah der ngutus
gulang-gulang.
Deudeuh teuing, Radén, satebih-tebih badé nepangan tuang
raka, tapi bet kalah disampakkeun pati. Naha atuh Radén nanasiban salira téh
bet salamina katideresa. Hapunten Ibi, Radén. Ibi tos satékah polah midamel
tarékah supados Ndén Ayu percanteneun yén Radén jumeneng kénéh. Tapi geuning
raka téh keukeuh waé nyepeng pamadeganana.
Lamun keur nyorangan, Si Ibi remen ceurik bangun anu
kanyenyerian. Manéhna keukeuh ngarasa dosa, sabab teu bisa nepungkeun hiji adi
ka lanceukna anu geus papisah welasan taun.
Hiji poé, waktu Si Ibi rék balik ka imahna, manéhna kacida
ngarénjagna barang nénjo jelema keur ngalangsud lebah golodog dapurna. Méh baé
ngoceak, lamun ituna teu kaburu malik terus nyanghareup ka manéhna mah.
“Radén ...,’ pokna bari terus nyampeurkeun. Anu keur
ngalangsud téh ku manéhna dijungjungkeun lalaunan. Rupa-rupa rasa pagalo dina
dadana. Sieun aya, watir aya.
“Ibi ...,” omongna laun. “Naha téga hianat ka kami?”
“Radén,” omong Si Ibi tandes, najan sorana laun. “Sanés Ibi,
tapi tuang raka.”
Demung melong. Sorot panonna geus mimiti surem. Papakeanana
geus rubat-rabet, balas tikakarait. Beungeutna ogé haropak tur kacida kucelna.
“Enggal ka lebet,” omong Si Ibi. Ceuk angkananana, di luar
mah inggis aya anu nganyahoankeun.
Da puguh geus teu bisaeun nangtung-nangtung acan, waktu
dibawa ka jero téh mani teu sirikna diséséréd. Sanggeus aya di jero, pribumi
gura-giru nutupkeun deui panto. Aya kaanéh anu harita nyampak dina dirina,
sangkilang keur nyanghareupan jelema anu dipikanyaah ti bubudak dina kaayaan
tatu parna, Si Ibi geus teu hayangeun deui ceurik. Bisa jadi geus béak
piceurikeunana.
Si Ibi gancang naheur cai. Geus kitu terus nuras lebu keur
ngumbah anu taratuna. Koréléng ka pipir, rék néangan babadotan keur naplokan
anu raheut garudawang. Untungna téh teu dibarengan ku rasa geumpeur teu sing.
Éstu antaré pisan sakur anu dipigawéna téh.
“Naha Ibi rido ngurus kami anu geus batan sakieu?”
“Duh, Ménak, tong naros kitu. Lillahi taala Ibi ngarasanan
salira téh,” témbal urut pangasuhna.
“Ibi, naha Si Aceuk bet kitu peta? Naha bet nitahan
gulang-gulang pikeun ngaraponan kami?”
“Radén téh lepat hartos. Saleresna tuang raka mah taya
maksad ngaraponan salira,” omong Si Ibi, bari terus ku manéhna dicaritakeun
deui, naon pangna Listayu nitahan gulang-gulang.
“Ibi, da ayeuna mah geus kieu buktina, rék kumaha deui atuh?
Si Aceuk angger nyekel pamadeganana, teu daékeun ngaku adi ka kami.”
“Sanés teu ngangken, Radén, tuang raka téh, tapi anjeunna
teu acan ngaraos yakin. Apan kapalayna téh jonghok heula sareng salira. Namung,
naha atuh Radén teu kersa waé nepangan? Ibi ogé ngaraos hémeng kénéh, naon anu
janten alesanana pangna Radén keukeuh teu kersa nyumpingan raka. Da sanaos
Radén sumping ka padaleman ogé, sanggem Ibi mah moal matak janten barubah ieuh,
asal sumpingna sing lantip.”
Demung ngahuleng sakedapan, najan ahirna mah teu burung
nyoara, “Asa tacan waktuna lamun kami kudu cacarita anu sajalantrahna pisan.
Kieu waé atuh, Ibi, ayeuna mah. Kami boga barang anu kudu dipasrahkeun ka Si
Aceuk. Jung anteurkeun ku Ibi, bari sakalian sebutkeun yén kami aya kénéh di
dieu,” omongna bari kusiwel ngodokkeun ramo kana jero sabukna. “Tah ieu, Bi!”
“Radén, ti mana kénging ieu barang?” ceuk Si Ibi bari
ngajenghok. Manéhna apaleun pisan kana éta kongkorong anu cikénéh ditémbongkeun
ku urut asuhanana.
“Ibi apal kana ieu kongkorong?”
“Atuh kantenan. Éta téh kangkalung Endén anu dirampas ku
bégal anu nelah Demung Janggala téa. Tapi ari ayeuna, naha bet aya dina
panangan Radén?”
“Ibi, ka dieu sing deukeut,” omong Demung. Si Ibi diukna
ngised. “Ibi, apan Demung Janggala téh nya kami téa.”
Jelegér! Lir gelap tengah poé éréng-éréngan anu nyamber kana
embun-embunan. Barang ngadéngé kitu, bis waé Si Ibi tijengkang. Naha bet asa
beuki teu pikahartieun ieu téh?
“Ibi, jig béjakeun ka Si Aceuk yén Demung Janggala téh
Surapamungkas téa. Béjakeun deuih yén kami aya di dieu bari geus taya peta
pikeun naon-naon, komo ngalawan mah. Tapi mun Si Aceuk keukeuh waé hamham, pék
émbarkeun sangkan perjurit ti padaleman ngambreg ka dieu. Kami moal ngejat,
sabab geus ngarasa cacap kapanasaran. Geuning tarékah kami pikeun nepungan
lanceuk anu jadi panyileukan beurang jeung peuting téh ukur bisa semet dieu.”
“Mangga ku Ibi badé didugikeun, Radén,” omong Si Ibi.
“Namung Ibi téh asa gaduh kénéh kapanasaran, sarengna deui bilih Ibi katarosan
ku tuang raka.”
“Kumaha, Ibi?”
“Naon margina Radén bet milih janten karaman?” ceuk Si Ibi,
semu asa-asa.
“Kami hayang mulangkeun kanyeri. Kami téh asa
diteungteuinganan deungeun-deungeun, Ibi. Indung bapa kami tepi ka ayeuna taya
raratanana. Kami nandangan kasangsaraan anu kacida panjangna, hirup
kadungsang-dungsang. Kitu deui jeung lanceuk anu ngan éta-étana kapaksa jadi
papisah. Anu matak, ti baréto kénéh dina haté kami geus aya niat hayang
mulangkeun kapeurih,” témbal Demung, sorana alon. Najan geus ngalempréh taya
daya, tapi ari sumanget hirupna mah masih kénéh katémbong. “Jig ayeuna mah
geura tepungan Si Aceuk. Lamun manéhna ngarasa panasaran, buru geura datang ka
dieu. Sugan waé tali duduluran téh bisa nyambung deui. Jeung poma kudu
dibéjakeun, kami mah moal ménta nanaon, ukur hayang panggih. Kami moal ganggu
kana kahirupan Si Aceuk, da puguh ti anggalna kénéh ogé geus pada-pada milih
jalan hirup séwang-sewangan.”
Si Ibi unggeuk bari terus undur ka luar.
***
NGAHAJA milih waktu anu rinéh, tur lebah nyaritakeunana ogé
Si Ibi téh malapah gedang pisan. Manéhna sabisa-bisa milihan kecap jeung
ungkara kalimah anu lalantip. Tapi najan kitu, Listayu teu burung ngajenghok.
Komo deui basa Si Ibi nyodorkeun kongkorong anuna mah.
“Ayeuna kénéh kami rék bébéja, sangkan éta jalma buru-buru
diraponan sarta isuk kudu geus ditunggel beuheungna,” omong Listayu tandes.
“Endén, upami kitu mah kapalay salira, tangtos Ibi bade
ngiring janten anu diraponanana,” omong Si Ibi tatag.
“Ibi! Naon maksudna, caritaan Ibi téh?” Listayu nyentak.
“Endén, asa tos kaétang cekap Ibi babakti ka Endén; ti kawit
orok beureum dugi ka ayeuna salira tos cumarita. Nyanggakeun babakti Ibi ka
salira. Hapunten anu kasuhun, margi tangtos Ibi seueur kaluluputan ....”
“Ké, kami tacan ngarti kana caritaan Ibi,” Listayu gancang
megat kalimah.
“Sumuhun, apan Endén uninga ku anjeun, murangkalih asuhan
Ibi téh aya dua; nyaéta salira sareng tuang rai. Endén tiasa kaaping ku Ibi
langkung ti likuran taun, tug dugi ka ayeuna. Namung tuang rai mah henteu kitu,
ku margi kapungkur papisah téa. Tah ayeuna, tuang rai sumping deui. Jalaran
kitu, janten kawajiban Ibi kanggo ngaping sareng ngaméménanana, da apan ayeuna
tos batan sakitu kaayaanana. Ibi hoyong mageuhan amanat tuang ibu sareng tuang
rama suargi. ‘Mihapé budak anu dua,’ saurna. Dén Pamungkas sidik ayeuna aya.
Piraku Ibi téga ngantep? Salajengna, Ibi badé milih nyarengan tuang rai, da
nyarengan Endén mah kaétang tos cekap. Saupamina tuang rai badé diraponan dugi
ka ditibanan hukuman, Ibi badé ngiringan. Janten upami ayeuna Endén badé
nimbalan gulang-gulang kanggo ngaraponan tuang rai, sami waé sareng ngaraponan
Ibi.”
Ngadéngé caritaan urut pangasuhna sakitu panggerna, Listayu
jadi ngahuleng. Teu sangka bakal ka dinya brasna, tuda.
“Sanés Ibi badé incah kumawula, tapi da kumaha ka tuang rai
ogé Ibi téh wajib buméla. Keun, da salira mah ayeuna tos reugreug pageuh ieuh.
Masing teu disarengan ku Ibi ogé moal matak janten nanaon.”
“Ibi ... !” omong Listayu bari mencrong urut pangasuhna.
“Ibi geus yakin yén itu téh Si Emung?”
“Duka tos sabaraha kali Endén naros kitu,” témbal Si Ibi.
“Ibi mah tos yakin pisan. Kanggo naon atuh, Endén, Ibi kumawantun ngabohong ka
salira.”
Listayu ngahuleng deui. Teu lila, pok nyarita alon, “Lamun
kitu mah, keun atuh kami rék nepungan manéhna. Tapi lamun aya kitu-kieu ka diri
kami, misalna waé manéhna ngarogahala, Ibi kudu daék tanggung jawab dunya
ahérat.”
“Sing percanten ka Ibi, Endén,” témbal urut pangasuhna.
Paromanna ngadadak jadi marahmay kacida. Manéhna gancang nyuuh kana suku
Listayu, terus ngagukguk ceurik.
“Ibi, geus tong kateterusan, bisi matak barubah ka batur.
Ayeuna kami rék dangdan heula. Engké lamun geus poék, hayu urang ka imah Ibi,
rerencepan. Kadé, bisi barudak aya nu nyahoeun, utamana anu gedé,” ceuk
Listayu.
Kira-kira liwat sareupna, Listayu kadua pangasuhna indit
rerencepan. Ngahaja nyokot jalan ka tukangeun padaleman. Kabeneran anu jaga
keur teu ngulampreng ka dinya.
Sajajalan Listayu teu weléh gegebegan. Masing kalah kumaha
ogé manéhna loba karisi. Kumaha lamun batur aya nu nyahoeun, peuting-peuting
kaluar ti padaleman. Komo deui anu rék disampeurkeun téh lalaki. Lamun tepi ka
kanyahoan, terus kaémpér-émpér ka Kangjeng Dalem, geus tangtu bakal jadi
gugujrudan. Malah teu mustahil bakal aya anu nuding yén calon padmi ngalambang
sari.
Si Ibi unggah ka imahna. Listayu ngajengjen kénéh di luar.
“Saha éta?” kadéngé aya sora ti jero.
“Ibi, Radén,” témbaIna bari terus ngahurungkeun palita.
Ngahaja sumbuna dipanjangan, ngarah leuwih caang.
Listayu nuturkeun unggah, terus nyampeurkeun ka anu keur
ngalempréh.
“Demung Janggala ...!”
Demung ngalieuk. Bréh aya awéwé geus ngajengjen gigireunana.
Ébréh katénjo, ti mimiti rupa tepi ka dedeganana.
“Aceuk ...!” témbalna alon.
Duanana papencrong-pencrong.
“Mun enya andika téh adi kami, cing atuh kami béré bukti anu
tétéla,” omong Listayu. Saenyana kacangcaya manéhna geus rék mimiti leungit,
sanggeus neuteup beungeut nonoman anu keur ngalempréh hareupeunana. Najan geus
loba pisan robahna, tapi aya gurat-gurat anu ngaenyakeun yén anu ngagolér téh
adina. Nyarita kitu sotéh bawaning ku hayang yakin.
“Dina walikat Aceuk anu beulah kénca aya tanda hideung
sagedé jéngkol ngora. Kulincir Aceuk aya dua, sarua jeung kulincir dina sirah
kuring,” omong Demung.
“Terus, naon deui?”
“Baréto, kira-kira umur kuring lima taun, Aceuk mantuan Ambu
ngarihan di pawon. Harita kuring lulumpatan, ngudag anak manuk anu hiber tina
kandangna. Kuring nubruk Aceuk anu keur nyiukan cai tina sééng maké siwur. Suku
kuring kaléob, tina lebah bincurang tepi ka mumuncangan. Kuring teu bisa
leumpangna ogé aya kana dua bulanna. Tepi ka ayeuna, urut kaléob téh aya kénéh.
Bisi cangcaya, pék ku Aceuk singkabkeun ieu simbut anu nutupan suku kuring.”
“Emung!” Listayu ngarontok bari ngagukguk bangun anu
kanyenyerian. Rupa-rupa rasa anu pagalo dina dadana, nya harita pisan bedahna.
Demung ogé nyurucud cipanon. Najan manéhna geus nelah lalaki
dugal, tapi ku ayana kajadian kitu mah haténa ngadadak jadi lééh, lir lilin
nyanding durukan.
Listayu masih kénéh ceurik eueuriheun bari nangkeup pageuh
adina. Si Ibi ogé nginghak dina tunjangeunana.
“Teu sangka nya, Aceuk, urang diparengkeun panggih téh dina
kaayaan geus sakieu buktina. Jalan hirup urang geus kacida patarenggangna,”
omong Demung bari dumareuda.
“Keun waé, Adi. Ku sakieu ogé urang téh geus pirang-pirang
nya ngarasa sukur. Urang diparengkéun panggih deui. Masing kalah kumaha ogé,
Emung téh adi Aceuk, anu dipicangcam méh taya kendatna. Aceuk remen puasa dina
poé wewedalan Emung. Anu dipalar téh sangkan Emung salamet tur meunang
panangtayungan Gusti, sarta urang bisa ditepungkeun deui,” omong Listayu,
sanggeus ceurikna leler. “Si Ibi geus cacarita ngeunaan Emung. Tapi najan kitu,
Aceuk angger hayang langsung ngadéngé ti Emung pribadi. Kumaha lalakon Emung
anu saenyana?”
“Lalakon anu matak pikanyerieun wungkul, Aceuk.”
“Naha dikira lalakon Aceuk matak pikauruyeun, kitu?
Enas-enasna mah sarua waé, Emung. Ngan meureun bédana téh lebah cangkangna,”
omong Listayu bari memener adina, ngarah diukna merenah.
Demung ngadadarkeun lalakon hirupna. Kabéh ditéték taya anu
kaliwat. Manéhna teu hayangeun sumput salindung, sabab sagala rupana geus
nembrak ieuh. Anu matak, ku manéhna diterangkeun saha ari bapa kukutna, jeung
naon pangna manéhna milih jalan anu ceuk anggapan nagara mah mengpar kacida:
jadi karaman!
“Tah kitu, Aceuk, anu karandapan ku kuring jero welasan taun
téh. Haté kuring salawasna dipuuk ku kaceuceub. Ku sabab taya deui jalan pikeun
ngalongsongkeun bangbaluh jeung harga diri, kuring milih jalan barontak. Kuring
hayang némbongkeun yén teu salawasna anu dikakaya taya peta pikeun ngalawan.
Mun téa mah anu séjén milih jalan ku masrahkeun diri kana takdir, kuring mah
henteu. Kuring téh hayang boga ajén diri jeung nanjeurkeun ngaran kulawarga.”
“Saenyana haté Aceuk ogé sarua waé kitu. Ngan bédana téh
dina lebah lolongkrang anu kapanggih ku urang, katurug-turug Aceuk mah awéwé,”
omong Listayu. “Saenyana urang mah ukur jadi jalma katideresa wungkul, bari
jeung teu apal kana jujutan perkara nu sabenerna. Enya, pan urang mah teu
kungsi pipilueun kana babarontakan anu ditujukeun ka urang wétan. Urang mah teu
mais teu meuleum! Tapi naha ari dina lebah nanggung balukarna mah bet jadi
kababawa. Malah dina émprona mah kasangsaraan urang téh leuwih panjang. Lila
pisan Aceuk namperkeun éta pasualan anu tumiba ka urang duaan. Nya
kacindekanana mah, Emung, kaayaan anu geus ngarobah hirup urang téh. Kaayaan
anu ngalantarankeun urang papisah, terus manggihan lolongkrang séwang-séwangan.
Aceuk nimu lolongkrang téh kieu. Séjén deui jeung anu kapanggih ku Emung. Terus
deuih, urang ngaliwat kana éta lolongkrang téh sabab kapaksa, da ngan aya
éta-étana. Keur ngan hiji-hijina téh, lolongkrangna tarahal kacida.”
“Tong nyalahkeun teuing kaayaan, Aceuk,” omong Demung.
“Hirup urang jadi kieu téh tacan tangtu alatan takdir Pangéran, tapi ku sabab
aya panggawé anu lian. Lamun enya Gusti nakdirkeun urang kudu sangsara, atuh
meureun pilih kasih Anjeunna téh. Teu, teu percaya kuring mah yén sakabéh anu
tumiba ka diri urang téh kapalay Pangéran.”
Listayu teu nyarita.
“Anu matak, Aceuk, kuring mah hayang terus ngalawan. Kuring
moal sumerah kana anu ceuk batur sok disarebut takdir,” omong Demung deui.
“Teu pati timu Aceuk téh lamun dibawa nyarita perkara éta
mah. Anu jelas, hirup Aceuk kieu téh lain kahayang sorangan, tapi kapaksa ku
kaayaan. Apan bieu gé geus ditandeskeun. Aceuk mah ukur pangawak awéwé anu
heureut deuleu pondok léngkah. Meureun ku Si Ibi ogé geus didongéngkéun, naon
pangna Aceuk tepi ka jadi kieu, anu tangtuna ogé luareun wangwangan jeung
kahayang Emung.”
“Enggeus, Ceuk. Si Ibi geus ngadadarkeun lalakon Aceuk,”
walon Demung.
Pleng duanana euweuh anu cacarita, siga anu keur aranteng
nataran lamunanana.
“Ari pakarepan Emung ayeuna rék kumaha?” Listayu nanya.
“Kuring asa geus méh cacap kapanasaran dina urusan duduluran
mah, sabab geus bisa tepung jeung Aceuk. Kari jeung alo tacan tepung téh.”
“Enya, Aceuk ogé ngarti dina urusan duduluran mah. Maksud
Aceuk mah, pakarepan Emung anu séjénna.”
“Aceuk, kuring téh kapalang geus dicap karaman, ulon-ulon
kajahatan, jeung sesebutan lianna anu dianggap méngpar tina hukum nagara.
Jigana moal ka mana deui brasna lalakon hirup téh, lamun lain ka dinya. Tapi
kétang, kitu sotéh lamun diparengkéun kénéh panjang umur, da geuning kaayaan
kuring ayeuna mah batan sakieu. Katénjo cénghar sotéh, bané wé sanggeus tepung
jeung Aceuk, anu jadi panyileukan beurang jeung peuting.”
“Emung, kahayang Aceuk mah, cing atuh sing nyaah kana diri.
Emung téh ngora kénéh, harepan hirup masih ngembat panjang.”
“Apan tadi ogé geus disebutkeun, urang téh geus milih jalan
séwang-séwangan téa, sanajan éta téh bakat ku kapaksa jeung anu aya ngan
éta-étana.”
“Nurutkeun sawangan Aceuk mah, saenyana pikeun Emung aya
deui jalan séjén.”
“Tangtu, ngan tacan katoong yén kuring bakal piuntupeun
ngalakonanana. Kaharti pisan yén Aceuk melang jeung nyaah ka kuring. Tapi,
Aceuk, dina urusan ieu mah urang teruskeun waé leumpang dina jalan
séwang-séwangan. Atuh Aceuk, jig geura miang dina paniatan sorangan. Kitu deui
kuring, moal rék pindah pileumpangan. Urang pada-pada ngarti waé.”
“Emung, nanjeurkeun ajén diri téh bisa rupa-rupa carana, teu
salawasna kudu ku pakarang waé.”
“Bisa jadi keur Aceuk mah kitu. Tapi keur kuring? Tacan
tangtu sarua, komo deui dina kaayaan kawas ayeuna. Aceuk tong hamham, kuring
moal rék ngagunasika Aceuk.”
Listayu teu ngomong. Da geus kasawang, pakarepan adina geus
moal bisa dionggét-onggét deui. Manéhna geus apal pisan, kumaha pasipatan adina
ti bubudak: merékedeweng jeung gurat batu! Mun carékna kitu téh, kitu wé!
“Ayeuna mah panggih enggeus, rék naon deui urang téh, da
pimanaeun bakal bisa terus reureujeungan. Kuring rék amitan, pikeun nyampeur
deui lalakon anu kamari katunda heula,” ceuk Demung.
“Ulah waka, Adi!”
“Taya pihadéeunana lamun kuring terus cicing di dieu. Lamun
kanyahoan ku anu séjén, geus tangtu bakal goréng balukarna. Lain waé ka diri
kuring, tapi deuih ka Aceuk jeung ka Si Ibi. Beu, tada teuing barubahna di
padaleman lamun ahirna kabokér yén Demung Janggala téh adina calon padmi
Kangjeng Pangawulaan.”
“Ceuk timbangan Aceuk mah, ulah waka indit, sabab Emung
tacan cageur. Rék kumaha bisana lumampah dina kaayaan kitu?”
“Lamun Aceuk melang kana kaayaan kuring ayeuna, tur hayang
neundeun rasa nyaah ku mangrupa pitulung, kuring mah anteuran kuda waé keur
indit ti dieu.”
“Éta mah perkara babari. Ngan ieu mah nyaram sotéh pédah
melang jeung sono kénéh. Boa iraha urang bisa panggih deui, tuda. Jeung deuih,
lain Emung téh hayang panggih heula jeung anak Aceuk? Meureun hayang ngajaran
ngalahun alo sorangan.”
Demung ngahuleng sakedapan. Sanggeus rada lila, kakara pok
nyarita, “Nya, ari kitu kahayang Aceuk mah, heug waé atuh! Tapi Aceuk datang ka
dieuna tong leuir teuing, bisi kuring kaburu kaambeu ku anu séjén.”
“Peuting isuk Aceuk rék ka dieu deui. Wayahna waé ku Emung
tungguan,” omong Listayu. “Ayeuna mah da geus peuting, Aceuk rék mulang deui ka
padaleman. Hayu atuh, Ibi!”
“Enya, kitu waé atuh,” walon Demung.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar