DEMUNG JANGGALA Bagian 17

TI saprak Pangawulaan ngeprak perjurit ka pakidulan Ukur, lahan panglumpatan Demung sabalad-balad beuki ngaheureutan. Beuki dieu, beuki werit, anu karasa dina kahirupan maranéhna téh. Ngan éta ogé aya kénéh untungna, lolobana ukur nyaraho ngaran tapi teu apal rupa. Cacak lamun teu kitu mah, manéhna kudu geus beunang.
Anu matak, jangji anu dikedalkeun ka Si Ibi yén dina jero saminggu rék datang deui téh, dina émprona mah jadi meral. Manéhna teu bisa gura-giru indit ka dayeuh, da keur teu aman téa. Perjurit ti kabupatén teu weléh ngasrék ka pilemburan, rék néwak manéhna. Lain bantrak-bantrakeun, tuda. Itu mah sajaba ti jumlahna loba téh, pakarangna ogé samakta. Tungtungna Demung ukur bisa sasalingkeran, babalicétan ti hiji leuweung ka leuweung lianna.
Meureun Si Aceuk geus nganti-nganti ti kamari kénéh, omongna dina jero haté. Duh, kacipta sonona. Papisah geus aya kana welas taunna, ari ayeuna bakal diparengkéun tepung deui. Meureun alo aing téh aya anu geus rada gedé. Pan tilu budakna téh, ceuk Si Ibi ogé. Bagja, aing bisa panggih deui jeung nu jadi lanceuk. Ngan hanjakalna téh, naha atuh Si Aceuk bet jadi parekan Pangawulaan. Kudu kumaha atuh aing lamun engké kudu nyanghareupan manéhna, sabab dihenteu-henteu ogé apanan musuh itu téh!
Cunduk kana waktuna, Demung bisa tepung deui jeung urut pangasuhna. Ngahaja datangna ogé rerencepan, peuting-peuting.
Éta ogé bélaan sasalingkeran heula, da bisi kapanggih ku gulang-gulang anu terus-terusan dikeprak ngajaga kaamanan.
Tapi, manéhna kacida ngajenghok, barang geus ngadéngé caritaan Si Ibi. Geuning bet mencog tina panyangka ti saméméhna.
“Radén,” omong urut pangasuhna, “Endén téh teu percanteneun yén Radén masih kénéh jumeneng. Malik kalah sasauran kieu, ‘Ibi, naha maké percaya kana omongan jalma saliwat! Boa teuing éta mah jelema téh ukur jurig nyiliwuri.’ Tah, kitu kasauranana, Radén.”
Demung ngahuleng bari hareneg. “Meureun ku Ibi teu gemet dicaritakeunana,” omongna sanggeus rada lila balem.
“Ih, Radén, raraosan mah Ibi téh asa kirang kumaha. Sagala rupi katerangan ti Radén tos didugikeun, tapi Ndén Ayu angger teu percanteneun, malih katingalna téh semu anu curiga.”
Demung ukur bisa melengek. Naha Si Aceuk maké kitu?
“Kumaha atuh upami ayeuna Radén angkat nepangan anjeunna, ka lebet. Piraku manawi ari tos jonghok mah anjeunna teu percanteneun kénéh waé.”
Demung teu némbal, da puguh éta anu embung téh. Lain pihadéeun lamun nepungan ka ditu mah, sabab engkéna bakal loba itu-ieu. Da sahenteuna, asup ka padaleman mah moal bisa rerencepan.
“Mangga, disarengan ku Ibi upami badé angkat ayeuna mah,” omong Si Ibi deui.
“Ulah, Bi, ari kami anu kudu ka padaleman mah. Apan ti heula ogé geus dicaritakeun, naon alesanana jeung naon pibalukareunana. Tapi kaya kieu mah, boro-boro daékeun nepungan, apan percayaeun ogé henteu.”
“Ku émutan Ibi, dina waktos-waktos ieu mah Enden moal kersaeun ngantunkeun padaleman.”
“Naha aya naon kitu, Ibi?”
“Kieu, Radén,” témbal SI Ibi. “Rupina Radén ogé tos uninga wiréh garwa Kangjeng Pangawulaan parantos ngantun sawatara sasih anu kalangkung. Ibi nguping wartos yén Endén Ayu badé dianggo gegentos padmi. Anu mawi, ayeuna téh anjeunna tara tebih ti Kangjeng Dalem. Upami leres cios téh, tuang raka teu kinten bagjana.”
“Ibi, geus tong nyaritakeun urat emas Si Aceuk!” Demung megat kalimah. “Kami mah teu urusan, Si Aceuk rék jadi naon, jadi naon ogé. Kami mah ukur hayang panggih jeung manéhna.”
“Sumuhun, Ibi ogé ngartos. Namung kedah kumaha deui atuh tarékah Ibi téh? Buktos-buktos naon deui anu kedah didugikeun ku Ibi ngeunaan salira ka tuang raka, supados Endén percanteneun yén Radén téh raina?”
Demung ngahuleng deui, da rumasa teu bisa méré deui bongbolongan anu leuwih ti anu enggeus-enggeus. Manéhna ogé geus boga sawangan, masing kalah kumaha ogé, lamun teu jonghok mah bakal hésé ngayakinkeun lanceukna. Ituna keukeuh moal percayaeun kitu waé, lamun ukur ngandelkeun katerangan ngaliwatan batur mah.
“Kieu waé atuh, Ibi,” ceuk Demung sanggeus rada lila balem, “béjakeun sakali deui ku Ibi yén kami keur aya di dieu. Kami mah ukur hayang panggih, kituh! Mun teu ayeuna, biheung iraha deui bisana.”
“Mangga, Radén. Antosan atuh di dieu. Ibi badé nepangan heula tuang raka,” omongna bari jung indit.
Harianeun ari Si Aceuk, naha maké teu percaya atuh, omong Demung dina jero haténa.
Si Ibi nyieun piandel anu kadua kalina, tapi Listayu keukeuh teu percayaeun. Malah tungtungna mah Si Ibi jadi dicarékan.
“Ibi, naha kawas lain kolot waé lalampahan téh? Ka jelema teu puguh saha-sahana, bet percaya! Barina ogé, mun enya mah manéhna téh Si Emung, naha atuh lain datang sorangan ka dieu, ulah ukur mihapé talatah ka Ibi!”
Si Ibi teu ngomong nanaon. Nénjo galagat kitu mah, najan hantem dicaritakeun ogé, dununganana moal ngandeleun. Malah teu mustahil bakal jadi ngabarérang ka saréréa.
“Kami mah geus yakin, éta jelema anu ngaku-ngaku Si Emung téh rék ngagebruskeun kami. Pasti titahan anu séjén pikeun nyilakakeun kami. Kami ogé nyaho, ka kami téh loba anu sirik. Pék geura ku Ibi lelebah pibalukareunana, lamun kami nepungan manéhna, komo peuting-peuting kawas ayeuna, tangtu bakal jadi sumber pitenah, anu teu mustahil bakal kaémpér-émpér ka Kangjeng Dalem. Pék pikir, kumaha balukarna lamun tepi ka kitu? Tangtu kami bakal cilaka. Batur mah, anu ngaréwaeun ka kami, geus tangtu bakal ngaleprokan.”
Si Ibi beuki ngeluk. Manéhna banget ku bingung. Ka ieu nyaah, ka itu hayang nulungan. Ngan, kudu di lebah mana nyambungkeunana atuh?
“Kami rék ngageroan gulang-gulang. Keun, sina ditéang jelema anu ayeuna aya di imah Ibi téh,” omong Listayu bari ngajéngkat.
“Entong, Endén ...,” Si Ibi buru-buru nyegah, sabab lamun tepi ka kitu téh bakal leuwih goréng balukarna.
“Naha maké nyarék? Kami hayang bukti. Sugan lamun geus jonghok mah, kami bakal bisa ngabuktikeun sakabéh caritaan Ibi bieu.”
“Entong, Endén,” omong Si Ibi deui. “Margi kitu amanat anjeunna ogé; anu sanes mah ulah dugi ka aya anu terangeun. Upami Endén teu kersa nepangan mah, sawios ku Ibi didugikeunana. Itu mah da henteu maksa kedah tépang sareng Endén. Saurna ogé, ieu mah saupami Endén percanten sareng kersa.”
“Teu! Teu bisa! Kami kudu nyaho heula jalmana. Kami kudu yakin, naha lain ukur panipuan wungkul éta jelema téh. Lamun tétéla ukur rék ngagebruskeun, kami rék nitah gulang-gulang sina terus diraponan. Moal diantep. Mun teu kitu, tangtu bakal terus jadi cucuk rungkang kana kahirupan kami.”
“Endén tos teu percanten kana pisanggem Ibi?”
“Dina urusan éta mah, henteu!”
“Endén tos teu percanten kana kanyaah Ibi ka salira?”
“Percaya. Da lamun taya Ibi mah kami téh boa geus kumaha. Tapi, Ibi, dina urusan ieu mah kami boga pamadegan yén Ibi mikirna salancar teuing. Kahiji, bet mustahil Si Emung hirup deui. Pan sidik geus paéh kabawa caah. Kadua, naha bet kudu kami anu kudu nepungan manéhna, lain itu anu datang ka dieu. Apan jadi tibalik!” témbal Listayu mani néngtéréwélang. “Geus ayeuna mah Ibi, tong loba carita, jeung tong ngahalang-halang maksud kami. Kami rék nitahan gulang-gulang ayeuna kénéh.”
“Endén....”
Tapi Listayu kaburu indit mantén. Tinggal Si Ibi anu ngahuleng, teu nyaho naon anu kudu terus dipilampah.
Teu kungsi lila, Listayu geus ngurunyung deui.
“Geus, kami geus nitahan gulang-gulang, sangkan jelema anu ngaku-ngaku Si Emung téh dibawa ka dieu. Cing, urang buktikeun caritaanana; naha enya manéhna téh adi kami,” omongna.
“Endén, atuh engké Ibi baris dilepatkeun ku tuang rai.”
“Tuang rai, tuang rai wéh! Geus Ibi, jempé!” Listayu rada nyentak.
Atuh Si Ibi téh bep was balem. Manéhna kacida ngarasa bingungna. Kitu salah, kieu lain.
Demi gulang-gulang anu limaan, maranéhna gasik nyumponan paréntah dununganana. Sadatang-datang ka imah anu dijugjug, terus waé ngetrokan panto.
Ceuk panyangka Demung, anu keketrok téh pasti Si Ibi. Kalawan teu tatanya heula, manéhna buru-buru ngalaan selag panto.
Barang bray, bet kacida ngajenghokna, sabab anu narangtung dina handapeun papanggé téh bet jauh dina panyangkana.
“Hayoh turun, terus milu ka kaula!” omong anu saurang, gegedugna.
Teg waé timbul panyangka goréng. Aing rék diraponan!
Ké heulaanan! Jeung kudu sumerah mah, aing rék ngalawan heula.
“Buru, andika geura turun!”
Ngan sakilat Demung luncat bari nubruk salasaurang gulang-gulang anu rajeg dina panyawéran. Puguh waé maranéhna ogé jadi reuwas, sabab teu nyangka bakal kitu.
“Éit, kurang ajar! Naha silaing kalah nyilakakeun déwék!” omong anu bieu ditubruk.
Demung undur-unduran. Barang aya lolongkrang pikeun kabur, ngan beretek waé manéhna lumpat.
“Kepung, euy!”
Durugdug padangaberik. Gulang-gulang ngalalugas gobang. Katénjo tinggurilap, da katojo ku cahya bulan.
Lumpatna teu bisa kebat, sabab kahalangan ku gawir anu gurawés kacida. Breg ditingker, tapi ka hésé néangan lolongkrang pikeun ngejat. Ari Demung, da puguh 1émor; manéhna ukur samet taki-taki.
Sajeroning ningker udaganana téh, gulang-gulang teu ngalartieun. Naha ieu jelema kalah nangtang picilakaeun? Apan bieu ogé ukur dititah néang wungkul, sangkan manéhna kairingkeun ka padaleman, lain pikeun diraponan. Anu matak, gulang-gulang téh teu waka nyieun tindakan, da inggis bisi nyalahan.
“Ki Silah, kadé bisi andika salah harti! Andika ...,” ceuk gegedugna.
Tapi, tacan ogé réngsé nyarita, Demung geus narajang mantén ka anu nangtung pangsisina. Der galungan, sabab Demung rék ngarebut gobangna. Anu opatan deui gancang ngangseg. Malah aya anu langsung ngaheumbatkeun gobangna. Gabres! Hanjakal nyalahan. Gobang kalah nyangsang kana kekemplongan baturna kénéh, da puguh harita anu galungan téh teu beda ti puyuh anu keur diadu.
Demung gancang ngagurinjal, bari terus ngabar-ngabar gobang meunang ngarebut ti musuhna. Héat diheumbatkeun, nenggel pisan kana dada gulang-gulang anu nangtung katuhueunana.
Anu séjén henteu cileureun. Demung disabet ti beulah kénca. Manéhna ngelok saeutik, tapi seuseukeut gobang geus nampeu teuing kana lebah iga burungna. Bres kabeunangan, najan teu sababaraha nenggel. Méh bareng jeung éta, Demung rikat nyabetkeun gobangna ka beulah kénca. Musuhna nakis ku leungeun kénca, najan balukarna ramona rampal.
Anu tarung beuki ragot; papelit-pelit, papinter-pinter. Najan dihurup ku tiluan, Demung masih kénéh bisaeun ngimbangan. Awakna geus raca tapak pakarang. Kitu deui gulang-gulang anu tiluan, leungeun jeung awakna geus darewang. Tapi lila-lila mah Demung jadi remen kadesek. Komo deui sanggeus pingpingna dewang mah. Manéhna geus teu pati ajeg masang kuda-kudana. Tapi anu tiluan ogé teu langsung bisa nganggeuskeun, sanajan anu dua deui mah tatuna tacan sabaraha. Tétéla maranéhna nyanghareupan lawan anu tanggoh kacida.
Demung terus mundur, da beuki kasedekkeun. Tungtungna manéhna tikoséwad. Guprak ragrag kana gawir anu sakitu lungkawing jeung baralana.
“Modar siah!”
Gulang-gulang anu dua narangtung dina biwir jungkrang bari tumpa-tempo ka handap. Najan harita caang bulan, tapi anu ragrag téh teu katénjo lebah-lebahna, da puguh di handapeun gawir sakitu canéomna.
“Silaing bisa kénéh, nangtung, Ji,” gegedugna nanya ka anu keur ngudupruk.
“Teu kuat, Kang ...,” témbalna alon.
“Sok, urang payang ku duaan, euy!” omongna ka anu saurang.
“Atuh jalma anu bieu ragrag moal ditéang heula?” baturna kalah malik nanya.
“Naha? Rék naon kitu, Tam?”
“Bisi hirup kénéh,” témbalna.
“Lah, tangtuna ogé geus modar ragrag ka dinya mah. Meugeus teu kudu ditéang, kahésé-hésé! Aluk mah tulungan heula ieu batur urang, Si Soji!”
“Ari Kang Apung jeung Si Sarja kumaha, Kang?”
“Geus teu empés-empés duanana ogé,” témbalna.
“Naha Juag téh kalah ngunclungkeun urang kana burang, Kang? Atuh kaya kieu mah teu béda ti méré langgir kalieun.”
“Nyaéta, déwék ogé teu ngarti. Apan cenah tadi, timbalanana ogé ukur pikeun ngiringkeun. Nyana-nyana pikieueun mah, ku déwék tangtu ditigas beuheungna, waktu manéhna kakara mukakeun panto ogé,” témbal gegedugna. “Geus waé urusan éta mah ulah waka dicaritakeun ayeuna. Déwék ogé maké ngarasa hoream tadi téh, da. Tapi ari teu ngagugu, bet piraku, da urang mah ukur darma piwarangan. Mun Juag tepi ka bendu, tangtuna ogé bakal matak barabé.”
Regeyeng dipayang ku duaan. Ngahaja maranéhna teu ngaliwat ka lawang kori, tapi nyalingker ka tukangeun padaleman. Inggis matak geruh ka saréréa.
Teu kungsi lila anu duaan téh geus cunduk ka jero. Srog ka hareupeun Listayu. Puguh waé dununganana kacida kagetna, sabab gulang-gulang titahanana baloboran getih.
“Kumaha?”
“Katitiwasan abdi téh, Juag,” omongna sanggeus sila hareupeun dununganana.
“Naha kumaha kitu, Mamang Darga?” Listayu gasik mariksa.
“Sumun, jalmi anu kedah diiringkeun téh lapur henteu kapuluk. Ku margi ngalawan, lajeng ku abdi sadaya diraponan.”
“Terus kumaha?”
“Pun Apung sareng pun Sarja dugi ka tiwasna. Lajeng pun Soji ogé tatu parna. Abdi badé nyanggakeun bebendu ka Gamparan, wiréh pamundut teu tiasa katedunan.”
Listayu ngahuleng. kitu deui Si ibi ujug-ujug taya tangan pangawasa. Manéhna hayangeun ngocéak, tapi dina tikorona asa aya anu ngahalangan.
“Badé kumaha ayeuna salajengna?” Mamang Darga nanya, sanggeus saréréa lila paheneng-heneng.
“Mamang,” ceuk Listayu. “Kitu deui manéh, Satam! Maranéh tong kapalang béla ka kami,” omongna dilaunkeun. “Sumangga, kaulanun.”
“Peupeujeuh maranéh tong loba béja yén ieu kajadian téh alatan paréntah ti kami. Ngarti?”
Duanana tingharuleng.

“Kieu atuh,” ceuk Listayu, neruskeun caritana, “maranéh kudu nyieun laporan ka Juragan Patih yén waktu keur ngaronda ngurilingan lembur, bet manggihan karaman anu nyulusup ka dayeuh. Ku maranéh diraponan, tepi ka ahirna dongéngna jadi kitu. Kaharti, henteu?”
“Kahartos, Juag,” témbalna alon.
“Pek inget-inget, kami moal poho kana kahadéan maranéh. Isuk pagéto, pék tagih ka kami. Ngan saratna kawas bieu.”
“Mangga. Ayeuna abdi badé amitan,” ceuk Mamang Darga.
“Enya, jung.”
Ti sainditna gulang-gulang, Listayu ogé ngaléos ka pajuaranana. Pikiranana ngadadak marungkawut. Naha aya-aya waé atuh rereged téh?
Mun ngarah digugu mah, karepna hayang nyarékan bébéakan ka Si Ibi. Enya, da urut pangasuhna anu jadi cukang lantaran timbulna kajadian bieu téh. Tapi ras deui, najan dicarékan laklak dasar ogé, geus moal aya gunana. Malah kuriak waé jadi ngabarubahkeun ka saréréa. Anu kuduna dibawa lantip jeung disimbutan téh tangtuna ogé bakal jadi rusiah umum.
Sapeupeuting Si Ibi ogé gawéna ngan nginghak. Naha bet jadi kieu pamustunganana geuning?
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar