DEMUNG JANGGALA Bagian 6

“DEMUNG..., Demung ...! Ka mana ari Si Demung?”
“Da tadi mah di pipir, Abahna. Rék naon kitu?” pamajikanana norojol ti dapur.
Tacan kaburu ditémbalan, da anu digeroanana kaburu datang mantén.
“Ti mana ari manéh?”
“Tas ti pasir, Bah,” témbalna.
“Rék naon maké los-los ka pasir? Jeung ku naon éta leungeun mani bararéd?”
“Uing téh tas néang sayang bincarung, anu dina tangkal lamé téa. Barang keur ngagulantung dina dahan, ari pék téh peunggas. Hadéna kaburu nyekel deui dahan séjén, ngan terus nyorosod.”
“Na atuh ari manéh! “ omong indung kukutna.
“Heueuh, keun waé meujeuhna,” bapa kukutna némpas. “Tuh, ku déwék geus dipangnyieunkeun lelempagan téh, tilu. Ruyungna ogé mani geus herang. Pék geura ajaran ku ilaing!” bari nuduhkeun lelempagan anu disarandékeun dina séség dapur.
Budak téh katénjo mani jigrah. Hég dialak-ilik.
“Urang ajaran kana hayam nya, Bah?”
“Montong, siah!”
“Apan ngarah engkéna terus dipeuncit.”
“Hayang nyatu jeung daging hayam mah, montong dilempag heula hayamna, watir! Téwak waé ku silaing, terus peuncit,” ceuk bapa kukutna. “Kana gebog waé ajaranana mah. Cing, sabaraha deupa manéh kuat ngalempagkeunana. Lamun geus bisa ti nu rada jauh, bari nancebna bener, engké ku déwék dipangnéangankeun tumbak enyaan. Urang pesen ka Si Salhiam, panday anu di lebak téa.”
“Apan Abah ogé boga tumbak mah, anu diteundeun di goah.”
“Wuah, tumbak goréng patut. Geus medu-medu acan janggalana ogé.”
“Naon janggala téh, Bah?”
“Heueuh, seuseukeut tumbak téh ngaranna janggala,” témbal bapa kukutna.
“Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang,” Demung rada kerung.
“Heueuh, pan lahan lembur urang téh méncos siga seuseukeut tumbak. Geura pék ku ilaing tengetan. Mimitina tina gulampéng lebah kebon Mang Wikanta, terus ayeuna tina lebah dapuran kawung anu rembet, geuning waktu silaing dipuak sigung téa, pan ka dieu téh lempeng. Ti kidul lempeng, ti kaler lempeng, nerosna ka lebah lahan anu dipake imah urang. Tuh, pan siga seuseukeut tumbak, nya?”
“Jadi urang téh cicing dina tungtungna nya, Bah?” 
“Heueuh. Tah, geuning silaing ngarti.”
Demung ngahuleng. Teu lila pok nyarita deui, “Bah, alus henteu lamun ngaran uing jadi Demung Janggala?”
“Kuma karep silaing,” témbal bapa kukutna.
Léos manéhna ka tempat anu rada lega. Kek lelempaganana dikeupeul bari terus masang kuda-kuda. Belesur dilempagkeun. Bres keuna kana tangkal cau manggala anu pangsisina.
“Ulah anu sadapuran atuh anu dilempagna! Téangan anu nenggang!”
“Anu itu, Bah?”
“Tah, heueuh. Cing mundur deui lima léngkah, ngarah rada anggang!”
Pék manéhna masang kuda-kuda siga bieu. Belesur dilempagkeun. Luput, ukur tiba ngagaris.
“Cing sakali deui!”
Luput deui waé.
“Sing merenah atuh kuda-kudana!”
Ayeuna mah masang kuda-kudana leuwih dibebenah. Matana mencrong seukeut kana lebah tangkal cau, terus narik napas jero pisan.
“Héat ...!” bari ngalempagkeun satakerna.
Gabres, nyeceb aya kana sacurukna.
“Cing mundur deui saléngkah!”
Gabres deui meneran kana tengah-tengahna.
“Saléngkah deui mundur ti anu bieu!”
Gabres deui keuna.
Kitu wé terus, tepi ka tangkal cau téh barocok.
“Capé ah, Bah!”
“Heueuh, isuk deui wé tuluykeun. Barina gé ayeuna mah geus burit,” walon bapa kukutna. “Ku saha manéh diajar ngalempag?”
“Ku Mamang Jalaprang,” témbalna. “Di dayeuh mah, Bah, biasana sok di alun-alun lelempagan téh. Ngalempagkeunana ogé sok tina kuda bari ditegarkeun,” omongna bari nyusutan késang dina tarangna. “Bah, uing hayang boga kuda.”
“Heueuh, engké lamun pareng aya milik. Silaing sanggup kitu ngurusna?”
“Sanggup, Bah. Baréto ogé da uing téh kungsi boga kuda. Alus téh, Bah. Buluna bopong, susurianana panjang, awakna ogé lempay. Mun ayeuna ditéang ka dayeuh, aya kénéh kitu?”
“Wuah, tangtuna ogé geus euweuh. Geus aya anu nyokot atuh, lamun teu paéh ogé. Apan dayeuhna ogé geus pindah ayeuna mah.”
“Abah ceuk saha?”
“Ngadéngé wé ti nu tas baralik ti ditu. Ayeuna mah, cenah, urut dayeuh téh geus jadi deui leuweung.”
“Boro tadina mah uing hayang ulin ka dayeuh.”
“Rék nanahaon los-los ka dayeuh sagala! Bet déwék ogé tara pirajeunan.”
“Hayang panggih jeung Si Aceuk.”
“Wuah, lanceuk silaing mah tangtuna ogé geus euweuh di dieu atuh.”
“Terus deuih, uing hayang panggih jeung jelema anu ti heula nyilakakeun uing téa. Moal asa-asa, Bah, ku uing mah rék dilempag lebah bobokongna.”
“Naha maké milih lebah bobokongna, lain dadana?”
“Ah, da tacan wani ari ti hareup mah. Tapi mun uingna geus sagedé Abah mah wani masing gelut pahareup-hareup ogé.”
“Meugeus siah, ah, ari nyarita téh!” bapa kukutna ngagebés.
“Bah,” omongna deui bangun anu panasaran kenéh. “Ari Abah ceuk saha pajar Si Aceuk geus euweuh?”
“Heueuh, meureun déwék ogé. Apan lanceuk silaing téh kaboyong ku musuh. Ceuk béja, sakabéh boyongan terus dibawa ka nagara batur, di wétan.”
Demung ngahuleng deui. Sanggeus rada lila, pok nanya, “Jauh kitu nya, Bah?”
“Meureun enya, jauh. Déwék ogé ukur semet dédéngé tara. Rék naon kitu? Rék disusul ku silaing?”
Demung teu némbalan.
“Hayoh geura mandi kaituh!” omong bapa kukutna deui. 
“Tapi, Bah, mun uingna geus gedé mah, najan aya di nagara batur ogé rék disusul.”
“Kuma karep silaing.”
***
TEU karasa, geus aya taunna Demung cicing jeung indung bapa kukutna téh. Manéhna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Hirupna gedé di alam.
Nincak umur tujuh welas taun, dedeganana sembada. Bedas ngala ka bapa, balung ngala ka uyut. Najan kitu, angger kénéh ari dinangna-néngnéna mah, utamana ku indung kukutna. Teu kaop ngaringkang rada jauh bari teu bébéja heula, sok terus kekeleyengan ditétéangan. Paribasa, melang. Padahal ari saenyana mah indung kukutna téh singsieuneun manéhna indit teu balik deui. Anu matak, kacida teu panujueunana lamun salakina indit ti imah peuting-peuting téh. Omongna ogé, “Bisi diturutan ku anak urang!”
Aya alusna. Bapa kukutna ogé bisa maksakeun nyengkér manéh. Ayeuna mah geus jarang pisan lunta, ari lain kapaksa-paksa teuing mah. Atuh jeung dua sobatna ogé — Si Jangkung jeung Si Joban téa — geus teu pati raket deuih. Abah Demung jejem ngurus pakaya keur ngahirupan kulawargana. Tapi, dina hiji poé mah manéhna maksakeun indit, susulumputan. Isukna, manéhna balik bari nungtun belo.
“Yeuh, Demung, anu baréto dipénta ku silaing téh, ayeuna mah ku déwék ditedunan.”
“Anak kuda keur uing ieu téh, Bah?”
“Heueuh,” témbal bapa kukutna. “Sing getén waé ngurusna, ngarah téréh gedé mah.”
Mani teu sirikna ditatap diusap anak kuda téh. Belo jalu alus pisan. Buluna hideung meles, dina suku tukangna aya sopalan sapasang.
“Anak kuda ti mana?” pamajikanana nanya, ngaharéwos.
“Ah, aya wé. Déwék téh bakat ku hayang nyukakeun budak,” témbalna. Gék diuk dina samak pandan bari ngageberan awakna.
“Kudu dipalajar heula, Bah, anak kuda téh. Katénjona bangun tacan wawuheun-wawuheun acan kana kadali,” omong Demung.
“Heueuh atuh.”
Tilu poé ti harita, di gigireun imahna geus aya gedogan. Teu dialus-alus ieuh nyieunna ogé, padu iuh wé. Waktu ngadegkeunana kabeneran dibantuan ku Si Jangkung jeung Si Joban, da harita téh keur ngaranjang bari terus milu mareuting.
“Pigedéeun geura anak kuda téh, Kang,” omong Si Jangkung.
“Piraku teu gedé, anak kuda kanyaah Juragan Cutak téa atuh. Apan bapana ogé sakitu lempayna. Béjana mah turunan kuda Sanghiyang Kalang. Buluna ogé sarua jeung anu ieu, hideung meles.” omong Si Joban.
“Geuning silaing nyaho?”
“Apan kungsi nénjo, basa aya iring-iringan di alun-alun. Kabeneran harita uing balik ti pasar.”
“Kuduna mah anu didudut téh bapana atuh, Kang.”
“Wuah, ari silaing sok ngaborongkeun! Nya ari hayang dikepung ku pacalang mah, pék waé. Ieu ogé kabeneran keur ngencar ka tegalan. Da lamun dicokotna ti jero gedogan mah, déwék ogé mikir dua kali.”
“Untung waé waktu ditungtunna langsung nurut.”
“Wuah, ceuk saha? Belo keur kumincir téa, boro-boro beunang ditungtun, kalah jarata-jérété!”
“Atuh meureun kudu dipanggul.”
“Dibebedol wé ku déwék téh. Lila-lila mah leuseuh sorangan. Tuh ilikan, dampal leungeun déwék baloléksék kénéh, urut pabedol-bedol. Hadéna waé tambangna wedel.”
“Kabeneran waé harita taya anu nganyahoankeun, waktu Akang keur adu regeng téh,” omong Si Joban.
“Apan déwék jalanna mabal. Bélaan kukurusukan éta téh, euy,” omong Abah Demung. “Geus jempé, euy! Itu anak déwék ka dieu!”
“Mung, ku Amang rék dibéré ngaran belo téh,” omong Si Joban sanggeus Demung nyampeurkeun ka deukeut gedogan. 
“Naon, Mang?”
“Si Bedol,” témbalna bari nyéréngéh. Si Jangkung ogé milu seuri, sabab manéhna geus ngartieun, sanggeus bieu nyaho lalakon beunangna éta belo.
“Sok ngacapruk ari nyarita téh. Ngaran éta mah kudu keur kebo atuh, Mang!” omong Demung.
“Wuah, didengé-déngé teuing atuh caritaan paman silaing mah!” omong bapa kukutna.
“Ku uing ogé geus dibéré ngaran, Mang.”
“Naon?”
“Si Wulung,” témbal Demung.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar