DEMUNG JANGGALA Bagian 7

BUBUHAN alus ngurusna, belo téh morontod pisan. Buluna hérang gugurilapan. Saban poé dileukeunan dipalajar, tepi ka dudukna, malah ahirna jadi iceus. Si Wulung geus apal kana sora dunungan.
Kuda hideung lumpatna teu weléh dangah, payus pisan jeung dedegan anu tumpakna; nonoman sembada kasép rupana. Moal aya anu nyangka wedalan kampung mencil nu nenggang ti paraméan.
Ampir saban poé Demung negarkeun kuda di tegalan bari ngasakkeun katapis ngalempag tumbak. Getih jurit kokocoran ti girangna, kiwari geus ngamuara dina dirina.
Minangka pikeun ngundakkeun kabisa, Demung remen ngintip kidang muruy di tegalan. Belesat diberik, leuwih tarik batan mimis. Leungeun kénca nyekel kadali Si Wulung, anu katuhu dipaké ngaheumbat tumbak. Langka luput, najan kidang sakumaha girasna ogé.
Demung jeung Si Wulung, teu beda ti gula reujeung amisna. Dalit ngahiji, najan beda kokocoran. Kanyaah Demung tamplok ka Si Wulung. Kitu deui sato kadeudeuhna bangun anu geus apal pisan kana adat jeung pamaké dununganana.
Anu matak, Demung kacida ngajenghokna barang dina hiji poé nénjo Si Wulung direjengan ku pacalang, dipaksa sina bijil ti gedogan. Harita téh Demung karék balik ngarit ti pasir. Barang datang ka buruan, ari pék kasampak kitu.
Sundung diecagkeun rurusuhan. Sirintil nyampeurkeun pacalang anu tas ngeurad Si Wulung. Geus rék sahabekeun pisan, manéhna ditongtak ku bapa kukutna.
“Mangké heula!”
Nyanghareupan pacalang anu tiluan, saeunyana Demung ngarasa untupan. Komo deui manéhna aya di pihak anu bener.
“Rék naon silaing sisirintil?” anu saurang nyorongot.
“Naha kuda déwék maké dibawa?” Demung malik nanya, sarua nyeuneuna.
“Tanya tah bapa silaing. Tong nanya ka déwék!”
“Yeuh déwék ogé moal mawa teu pupuguh lamun taya alesanana mah,” omong anu saurang deui.
Demung ngarérét ka bapana. Tapi anu dirérétna kalah ngabigeu.
“Yeuh déngékeun ku silaing, ieu kuda téh kagungan Juragan Cutak. Najan geus ampir tilu taun leungit, tapi kami moal kapalingan. Anu matak, ku kami ayeuna rék dibawa.”
Demung kacida ngajenghokna. Teu nyangka, horéng kitu sualna. Manéhna malik ka bapa kukutna, “Bah, meunang ti mana kuda téh tadina?”
“Meunang meuli,” témbalna alon.
“Tuh, pan meunang meuli!” omong Demung.
“Kami mah teu nyaho meunang meuli atawa lain. Pokona, ieu kuda kagungan dunungan kami. Ayeuna rék dibawa. Hayu arindit!”
“Ké heula!” Demung geus rék nyirintil deui, tapi kaburu di halangan ku bapa kukutna.
“Lain lawan-lawaneun urang, Mung,” omongna leuleuy. 
“Tapi teu adil, Bah. Kuda meunang hésé capé ngurus, ayeuna dibawa tanpa permisi.”
Si Wulung dibedol ku duaan. Da puguh henteu wawuheun, kuda téh kalah abrag-abragan. Tapi ari ku hantem diakalan mah, lila-lila daékeun leumpang, najan bari sisirig. Cacak lamun anu nungtunna teu tapis mah, jigana kudu geus ngajéngjéhé.
Sedih, keuheul, jeung ambek pagalo dina dadana. Da lamun teu dihalangan mah, ti tadi kénéh ogé manéhna geus galungan. Demung geus gilig, rék kumaha waé balukarna, manéhna moal rék mundur, najan tepi ka kudu urusan, upamana.
“Bah, naha maké ngahalang-halang?”
“Urang kudu nyaah kana diri. Teu pira ge ukur kuda, keun waé lah! Jeung ti batan diri urang jadi cilaka,” omong Abah Demung.
“Enya ari kituna téa mah. Uing gé, Bah, lain rék néangan picilakaeun. Ngan ieu mah bawaning ku ngarasa diteungteuinganan. Ku uing rék disusul. Jeun teuing masing kudu urusan jeung ménak ogé. Teu pira ukur pangkat cutak, bari jeung uing ngarasa bener.”
“Ulah, Mung! Sing karunya ka Ema,” ceuk indung kukutna. “Kuda mah urang néangan deui wé. Mun manéh tepi ka kitu peta, sarua hartina jeung teu nyaah ka Ema.“
“Ah, uing mah asa ku teu ngalalarti!” ceuk manéhna bari terus ngaléos, ambek. Karepna mah rék meupeus keuyang, ngan taya layan.
Indung jeung bapa kukutna ngabaretem, da puguh kasalahan téh saenyana nyampak dina dirina. Bapa kukutna ogé aya gerentes rék balaka, tapi haté leutikna disimbutan ku kaéra anu pohara. Lamun téa mah dibéjakeun yén éta kuda meunang maling, tangtu anak kukutna baris malik keuheul ka manéhna. Tungtungna mah asa nété semplék nincak semplak, da bongan salah ti mimitina.
***
GEUS tilu poé Demung papisah jeung Si Wulung. Manéhna keukeuh hayangeun nyusul, bapa kukutna pageuh ngahalangan. Antukna jadi patugeng-tugeng. Da mun teu ras ka indung kukutna mah, manéhna geus hayang sajung-jungeun.
“Tong haben waé dipaké pikiran. Sual kuda mah, keun ku déwék rék dipangnéangankeun deui. Tapi déwékna ménta témpo,” ceuk bapa kukutna.
“Uing mah banget teu ngarti, naha Abah jeung Ema hayoh waé ngahalang-halang pakarepan uing. Komo lamun urang nincak dina salah, cacak bari jeung bener ogé geuning Abah mah kitu,” omongna.
“Yeuh, Demung, anu bakal disanghareupan ku silaing téh ménak. “
“Teu cacah teu ménak, ari ninggang dina salah mah teu bisa kitu. Naha maké kudu gimir ku ménak, da urang aya dina bebeneran.” 
Bapa kukutna teu ngomong.
“ Uing jadi panasaran ka Abah,” omong Demung deui. 
“Panasaran lebah manana?”
“Cing hayang nanya sakali deui, ku Abah kudu dijawab sajalantrahna. Ari éta, kuda téh meunang meuli ti saha?”
“Pokona mah meunang meuli ti jalma saliwat,” témbalna. 
“Ah, mustahil, Bah!”
“Silaing teu percaya ka déwék?”
“Mustahil, Bah. Kuda kitu rupana, mustahil dijual ku jalma saliwat. Sok béjakeun, ku uing rék disusul jalmana! Mun perlu diwejek, nya kari diwejek jalma kitu mah!”
Bapa kukutna ngabetem deui.
“Atawa,” ceuk Demung bangun rada asa-asa, “boa-boa éta kuda téh lain meunang meuli, tapi meunang maling.”
“Ngomong naon sia?” bari nyirintil.
“Enya, meunang maling.”
Gampleng ditampiling satakerna. Puguh waé mani ngabangkieung. Demung rikat nangtung deui, terus mencrong kana beungeut bapa kukutna.
“Sok siah nyarita deui!”
Demung ukur ngusapan pipina. Léos waé indit. Gejlig turun ti imah.
Bapa kukutna ogé teu nyarita nanaon deui. Bet katénjo siga anu pohara kaduhungna, ku péta dirina bieu téh. Kalepasan teuing, tuda.
“Demung ..., Demung ... !”
Taya anu némbalan.
Gék deui bapa kukutna diuk. Enya, ari enggeusna mah kaduhung bieu téh, ceuk dina haténa. Da masing kalah kumaha ogé, saenyana aing anu salah.
Jol pamajikanana ngélék boboko, dieusi béas meunang ngisikan.
“Teu nénjo Si Demung bieu di lebak?”
“Henteu,” témbal pamajikanana. “Naha ka mana kitu? Apan ti tatadi ogé aya di imah.”
“Anu matak, bieu téh indit.”
“Nya atuh keun waé ari indit mah,” omongna bari képoh-képoh niupan seuneu.
“Anu matak, bisi teu balik deui.”
“Naha maké teu balik deui, kawas anu kakara manéhna luas-léos?”
“Bisi terus pundung,” témbal salakina.
“Pundung? Naha?”
“Ku aing bieu dicabok.”
“Dicabok? Naha naon atuh dosana?” pamajikanana ngageréwék. Da mun deukeut ka tatangga mah, jigana bakal kadéngéeun ku batur salembur. “Teu sudi aing mah! Meunang aing hésé capé ngurus, ku sia kalah disiksa!” ngagorowokna beuki tarik.
Salakina kalah ngabetem bari capa-cipi.
“Téangan siah ayeuna kénéh! Mun henteu, aing ogé rék indit ti dieu!”
“Heueuh, sabar atuh!” omongna. Enya gé awak tangihgul bari beungeut pikasieuneun, tapi ari lebah dicarékan ku pamajikanana mah tara ngalawan. Komo deui ieu nincak dina salah.
Bapa kukutna buru-buru turun ti imah, léos ka kalér, rék nyusul anu pundung. Henteu kasusul, da puguh salah nyokot jalan. Anu pundung nyokot jalan kidul, ari anu nyusulna ngudag ka kalér. Batan tepung mah, kalah beuki anggang.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar