DongÉng Gagak Jeung Anjing

Gagak maling déngdéng, nu keur dipoé dina nyiru. Cok nu panggedéna, ukuran leuwih ti satampah. Geleber kana tangkal, ngajauhan buruan.
Lar anjing. Ungas-ingus ngambeu daging. Barang tanggah, déngdéng dina pamatuk gagak pikabitaeun pisan.
“Euleuh éta Sakadang Gagak. Asa tos lawas teu tepang-tepang. Ka mana waé atuh Juragan téh?”
Gagak teu maliré.
“Sono, lah. Resep ku gandangna, ningal salira téh. Beu, yakin taya tandingna.”
Karepna rék hiber deui, tapi asa resep mireng pamuji anjing.
“Éta, lah, soanten salira anu matak nineung mah. Teu weléh kapicangcam, nya iraha tiasa diparengkeun deui nguping?”
“Gak ….”
Pluk waé ragrag, da pamatukna maké sina engab.
Anjing bungah. “Nuhun, baraya …,” bari rék nyapluk déngdéng.
Tapi, kadéngé sora nu ngudag. Anjing teu bisa ngejat.
“Tah, kapanggih siah, nu sok malingan poé déngdéng téh!”
Habek, popongkol satakerna nyamber punduk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar