Sentak Badakeun

Hayang nyalsé, ngahaja ninyuh cikopi di dapur, bari ngareureuhkeun capé. Nyot udud. Karasa haneutna cengkéh.
“Aya langganan anyar, keur ngadagoan,” ceuk nu mawa béja, jolna ti rohang tamu.
“Bikeun atuh ka nu séjén,” cekéng téh.
“Keur ngareusi. Apan loba nu peré. Bagi-bagi komisina,” bari nyirihil.
Ditoong tina sesela panto. Aya lalaki diuk rada nukangan. Kang Bandi, kitu? Boa enya. Kang Bandi anu baréto pangheulana nyaréan, dina umur wewelasan, lantaran waragad rumah sakit teu bisa dianjuk. Aya lima-genep kalina, ngan teu kungsi sabulan. Eureun-eureun sotéh satutas indung dianteurkeun kana mobil janazah.
“Gancang geura ka kamar. Kadé tong nguciwakeun,” digebah ku nu boga tempat.
Enya ah, asa Kang Bandi. Apal kénéh kana pamakéna, anu sok rurusuhan. Ngan pédah ayeuna mah geus teu pati rosa tanagana. Teu loba dijedud-jedud sentak badakeun.
Réngsé. Angger kawas baréto, terus dangdan deui rurusuhan. Nangtung nukangan, bari nyisiran.
“Badé mindoan?”
Manéhna gideug, sok neundeun duit luhureun sepré. Laju kaluar ka luar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar