Naning

Lawas taya béjana, da geus lain-lainna deui. Baréto, Naning diiwat. Teu bisa kukumaha. “Abdi nohonan kapalay sepuh,” pokna. Kaharti, mun manéhna teu bisa baha, tuda pangawak awéwé, bari ukur anak hiji-hijina.
Kungsi ngadéngé saliwat, rumah tanggana teu nincak welasan taun. Naning mulang deui ka kolotna, katilu budak.
Teu diajam ti méméhna, ngan pedah kabeneran sorangan lunta ka kotana. Bet hayang nepungan.
Matuhna angger di tungtung gang, tur teu loba nu robah, iwal pagerna. Imah buhun, suhunan potongan nyungcung.
“Badé ka saha?” nu mukakeun panto nanya. Lalaki geus maju ka tengah tuwuh.
“Nepangan Naning. Réréncangan kapungkur nuju jaman sakola,” témbal téh, bari neuteup pribumi. Salakina nu ayeuna? Geuning meunangkeun kolot, ceuk haté.
“Pun biang mah tos opatlas taun ngantunkeun,” pokna, banget ku héran.
“Ngantunkeun? Ké, ké ..., dupi ayeuna taun sabaraha?"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar