Akang taya maksud ngungkit-ngungkit jasa Akang ka Euis. Tapi pantes pisan mun Euis sadia ngaringankeun bangbaluh Akang. Akang téh rumasa kemba. Anu matak jadi bujang kolot gé naha ku naon atuh. Padahal mah gawé boga, najan wayahna kudu hirup ngumbara gé. Ari rasa mah da teu beunang dipaling geuning. Geus lila Akang bogoh ka Euis, ti saprak panggih, ngan teu wani pok. Ukur bisa nyérangkeun ti kaanggangan, basa Euis nganjang ka imah. Bet ku kabeneran, harita Akang keur cuti. Tangtu nyobat pisan jeung Euis téh, nya? Tah ku sabab nyobat, asa merenah mun Akang titip salam ka Euis. Pangnepikeun ka Euis, nya? Akang mah lain keur saheureuyeun, kituh! Mun Euis daékeun, Akang jangji ka Euis, rék mantuan Euis neruskeun sakola. Akang percaya, Euis bakal bisa nyaritana, itung-itung mangdagangkeun Akang. Sugan waé ku caritaan Euis anu merenah, Euis téh terus ngarasa kataji ku Akang.
Sakieu surat ti Akang.
Sakieu surat ti Akang.
Gunung Halu, 8 Désémber 1992
Akang nu nyaah ka Euis,
Yayat Priyatna
Akang nu nyaah ka Euis,
Yayat Priyatna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar