DongÉng Ajag Jeung Belo

Ajag kolot geus nyorangan, taya nu ngabaturan. Ngadodoho belo tina rungkun, ngadago bongoh indungna. Kudu diolo, diajak rada anggang, ngarah jongjon ngarécahna. Kumétap, nyipta-nyipta daging uduh.
“Ujang, Kasép, ka dieu geura. Urang ulin jeung Mamang,” nyampeurkeun rerencepan, ka sisi tegalan.
“Karah Mamang ngajak ulin?” belo curinghak. Ras kana béja.
“Enya. Tempatna pikaresepeun,” atoh, bangun rék disanggut.
“Ké atuh, rék bébéja heula, bisi indung deudeupeun.”
“Sssttt …, teu kudu.”
“Ngan teu bisa leumpang gancang. Ieu suku tukang kacugak.”
“Cingan, urang pangnyabutkeun heula ku Mamang.”
Bélo ngangkat sukuna.
“Mana? Cucukna geuning teu kajeueung.”
“Ti kadeukeutan atuh, Mang.”
Ngeteyep lalaunan, bari culang cileung, laju neges-neges talapok nu geus ngangkang.
Habek! Ditéjéh satakerna. Ajag ngagorémpal, gagaikan, nahan nyeri nu pohara, ngalangsud ngajauhan tegalan. Belo lumpat ka indungna, bari séséréngéhan.
Ceuk juru dongéng: Cacak mun manusa, éta ajag bakal nyieun balitungan. Datang deui ka tegalan, bari mawa bedil. Belo haramjadah rék dikécéng, ti kajauhan. Tangtu waé ti tukang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar