DongÉng Gringo

Genep bulan Gringo disakolakeun. Lulusna yudisieum A. Pinter, gagah, bedas, jeung gangas.
“Dijamin, moal nguciwakeun. Gringo mampuh neguh sakur nu nyamuni, maca pikiran jeung eusi haté jalma,” omong instruktur kepala, saméméh Gringo dibawa deui ku dununganana.
Kasebutna lulusan sakola, tugasna gé istiméwa. Lain purah ngabuburak tukang kindeuw, ngagogogan tukang ngamén nu ngajentréng luareun pager, atawa nyingsieunan RT waktu ngédarkeun sumbangan warga.
Gringo laluasa lar-sup ka rohang tamu. Sakapeung depa handapeun méja. Sémah niat teu hadé, najan dibungkus ku paroman soléh, tong coba-coba! Dalah karék dina mobil kénéh, ku Gringo geus kaambeu. Karepna nyebrut ka buruan bari rurunjang. Cacak teu dihalangan ku pawangna, nasib sémah bakal kumaha mah boa.
Pinter, gagah, bedas, jeung gangas.
Hiji waktu, Gringo nyanggéréng ka dununganana. Rikat pawang murekan ranténa, da bangun lain keur ngajak ocon.
“Siah, ka aing bet kitu peta! Hayang sanasib jeung Ketua KPK?”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar