DEMUNG JANGGAL Bagian 8

POÉ geus maju ka burit. Anu minggat geus rada jauh luntana. Teuing geus sabaraha lembur anu kaliwatan ku manéhna. Ngapruk ka mana karep, da puguh taya rarancang jeung teu apal ka mana nya kudu ngajugjug. Ngan hiji anu aya dina pikiranana; indit ngajauhan imah bapa kukutna.
Nataku ngarasa keuheuleunana téh. Lain pédah ku dicabok-cabok teuing, ngan ceuk rarasaanana, da asa teu ninggang di salah. Aing téh teu pira ogé nanya, tapi naha mani poporongos kitu! Bet ku kolot sorangan ogé, baréto, asa tacan ngajaran dikitu-kitu.
Keur mah manéhna ngabarungsinang ku sabab kuda kameumeutna aya anu nyokot teu pupuguh, katurug-turug kolotna sorangan jadi malik pasangan. Puguh waé, kapusing anu geus ngunung-ngunung téh ngadadak bedah. Da mun teu ras inget yén anu disanghareupanana sasat geus jadi kolot sorangan, jigana manéhna bakal ngalawan. Ngan untung dibéré sadar. Lamun tadi saruana, geus tangtu bakal jadi ramé.
Anu matak, manéhna terus ngajauhan lemburna. Ceuk pamikirna, keur naon balik deui ka imah ogé, geus moal pibétaheun. Leuheung jeung kolot sorangan mun aya pacogrégan téh, sok babari deui lipurna. Ari ieu mah pan sidik, deungeun-deungeun haseum, ukur katalian pédah ku dikukut.
Aing hirup sorangan ogé bisa, omongna dina jero haté.
Tapi, ras deui manéhna ka indung kukutna. Tah, anu beurat téh papisah jeung Ema. Karunya, meureun ayeuna ogé keur kokotéténgan néangan. Kangaranan ka nu indit bari ngejat, tangtu bakal melangeun kacida.
Manéhna terus nutur-nutur indung suku. Éta ogé aya pikiran hayang ngajugjug dayeuh. Sugan waé diparengkéun panggih jeung anu kungsi wawuh, baréto. Tapi pan, cenah, dayeuhna ogé geus dipindahkeun. Boa urut dayeuh téh ayeuna mah geus jadi deui leuweung.
Mending jadikeun waé kitu, indit ka dayeuh? Tapi, rék saha anu kudu dipanggihan? Jigana téh ukur nyangsara manéh, ari cunduk ka ditu kalah malangmang-mulungmung mah.
Mun diparengkéun tepung jeung Si Aceuk mah, tada teuing bungahna. Di mana ayeuna nya ayana? Ari Si Ibi jeung Si Mamang harirup kénéh, kitu? Da sidik ari indung bapa aing mah, ceuk pangrasa sorangan, pasti geus taya dikieuna.
Mun ras ka dinya, manéhna sok ngarasa nalangsa pacampur jeung amarah anu nguntab-nguntab. Enya, amarah hayang mulangkeun kanyeri ka jalma-jalma anu geus ngalantarankeun kahirupan kulawargana paburantak.
Mémang geus lila, sacara teu sadar, kaceuceub jeung niat males pati ku manéhna terus diipuk. Sok remen jadi bahan catur padungdengan aingna jeung aingna.
Aing kudu balitungan, rék kumaha waé jalanna. Kudu! 
Manéhna anjog ka hiji saung di tengah huma. Pangangguran disampeurkeun. Tangtu eusian, da kaciri aya haseup ngelun. 
“Sampurasun anu di saung ...!”
“Rampés. Saha tatéh ...?” kadéngé aya anu némbalan, ti jero saung.
“Kuring. Rék milu reureuh, sugan kaidinan.”
Torojol aya anu kaluar. Aki-aki geus cetuk huis. Pokna, “Yap atuh!”
Gék manéhna diuk dina palupuh anu geus leucir.
“Keur tunggu paré, Aki?” manéhna nanya. Lahlahan éta ogé nyebut “Aki” sotéh, duméh nénjo warugana geus manjing disebut kitu.
“Heueuh. Mun teu kieu mah tuda bakal lapur, béak digalaksak bagong, paré meunang hésé capé ngurus téh,” témbal Si Aki. “Lain, ieu téh anu ti mana, jeung rék ka mana?”
“Ti beulah kidul lembur mah,” témbal Demung. 
“Ari tujuan Elu?”
“Maksud mah rék ka dayeuh. Ngan jigana bakal kapoékan di leuweung lamun terus lumampah mah.”
“Atuh puguh kapeutingan mah. Sakeudeung deui ogé reup-reupan.”
“Kaidinan lamun kuring milu ngarereb di dieu?”
“Heug waé. Aki mah atoh anu aya, jadi boga batur keueung,” témbal Si Aki.
“Kaasup ka lembur mana ieu kebon téh, Ki?”
“Kiangroké,” témbalna deui, bari terus turun ti saung, rék ngasurkeun seuneu. “Rék naon maké los-los ka dayeuh, Elu?” 
“Nya, naon wé atuh, Ki. Susuganan meunang gawé, itung-itung nyiar pangalaman,” témbal Demung sabalang béntor. “Ari Aki nyorangan di dieu téh?”
“Heueuh. Si Nini mah di lembur, ngurus incu. Aki mah di dieu sotéh tunggu kebon, bisi paréna lapur béak ku hama. Jeung deuih, itung-itung niiskeun pikir. Ari cicing di lembur téh asa mindeng teu ngeunah dédéngéan. Itu téa, ieu téa. Mending kénéh di dieu, jongjon.”
Demung tumpa-tempo ti lebah saung. Paré geus mimiti maju ka konéng. Moal lila deui ogé cunduk usum panén.
“Geus asak geuning, Elu, kejo téh. Hayu urang madang heula!”
Da puguh geus karasa lapar ti beurang kénéh, Demung teu kudu dua kali nawaran. Najan ukur karo uyah-céngék, daharna mani ngalimed.
Wanci geus maju ka sareupna. Si Aki ngabrus-ngabruskeun jukut garing kana durukan, itung-itung keur muput reungit.
“Aki, keun waé atuh tunggu paré mah ku kuring,” omong Demung. Ti dituna mah itung-itung pamulang tarima, duméh bieu geus milu ngajejelan peujit.
“Enya atuh. Engké tengah peuting, Aki hudangkeun. Giliran Elu anu saré,” omongna bari unggah ka saung.
Kira-kira sapanyeupahan, kérék Si Aki geus kadéngé kur-ker. Bubuhan beurangna tas capé gawé, katurug-turug geus sababaraha peuting kurang saré, atuh ana sakalina antel kana anggel téh langsung teu hudang deui.
Usum katiga bari bulan moncorong, puguh waé di huma téh jadi caang. Manéhna diuk nyanghareupan durukan. Sora caricangkas patémbalan jeung sora cihcir tingkalencir. Rét ka juru saung, katénjo aya kuli nanggeuh, panjangna kira-kira sadeupa leuwih.
Jigana anu ngahuma di lelewek dinya téh ngan Si Aki wungkul. Pantes rék remen digalaksak bagong gé, tuda méh adek ka leuweung.
Sabot kitu, ti beulah kaler kadéngé soya bagong keur susungkur. Demung rikat nangtung. Ceg kana kuli.
Bari jeung keketeyepan, bagong anu keur susungkur téh ku manéhna disampeurkeun. Bréh mani saopat-opat, bagong keur mareujeuhna. Jigana mah jajalon kénéh.
Ku manéhna diincer hiji. Belesur kulina dilempagkeun. Keuna, ngan teu meneran kana mamatihna, bari jeung teu pati nenggel deuih. Bagong téh ukur samet ngaguik bari terus barirat ka nu bala.
Hanjakal teu beunang, gerentesna, bari terus nyokot deui kuli anu bieu dilempagkeun. Manéhna terus leumpang ngideran huma, bisi aya deui hama asup ka jero.
Paingan bedul arasup, tuda ieu pagerna loba anu bolongor. Teu kasiwer ngayuman meureun Si Aki téh, jaba humana kaitung lega. Keun, isukan mah urang bantuan ngoméan pagerna, ceuk dina haténa.
Ari ngahaja diaprak mah bagong téh taya deui anu némbongan. Manéhna balik deui ka saung. Kasampak durukan geus méh pareum. Hawa usum katiga mimiti karasa nyecep kana kulit, bubuhan geus ngagayuh ka tengah peuting.
Ah, keun waé Si Aki mah moal dihudangkeun, karunya, ceuk pamikirna.
Teu kungsi lila, seuneu durukan geus ngagarabyag deui. Manéhna ngadéang-déang dampal leungeun, ngarah teu tiris teuing. Pitunduheun geus mimiti rada nyantong dina kongkolak panonna.
Gorobas deui kadéngé sora anu ngagorobas di beulah wétan.
Lakadalah, datang deui tah jurig téh! Kudu beunang siah ayeuna mah. Ceg deui kana kuli. Malah teu poho bari nyokot bedog bogana pribumi anu diselapkeun dina lincar saung.
Manéhna leumpang keketeyepan bari ngadodoho inceranana. Bréh bagong gedé pisan keur ngagaresan paré dina jajaran sisi.
Dohot, dohot ngadeukeutan sakadang anu keur jongjon mahpralan dapuran paré. Ngahaja dideukeutan heula, bisi molos deui kawas anu tadi.
Barang geus deukeut, ngan gabres waé kulina ditotogkeun kana lebah walikat bagong. Puguh atuh mani nenggel pisan. Tapi bubuhan bagong geus nunggal, malah boa-boa garung, karék ku sakitu mah tacan waka rubuh. Malah terus malikan rék narajang. Untung manéhna rikat. Barang rék ngagadil, manéhna mundur saléngkah bari ngayunkeun bedogna. Bres keuna kana lebah pundukna.
Beuki tambah tatuna, beuki édan ngamukna. Untungna kuli anu nanceb téh teu lépot deui, bubuhan ruruhitna geus ngait di jero. Gagang kuli ku manéhna gancang dirawél bari terus didedetkeun. Bagong ngababuk satakerna. Ku manéhna henteu diaduan, tapi kalah dibéréan. Da lamun sarua padogong-dogong mah tangtu bakal manéhna anu éléh tanaga. Malah teu mustahil gagang kulina ogé terus potong.
Hantem dibawa pupuiran bari papelit-pelit. Ngan bubuhan itu mah sato bari awakna geus daréwang, tungtungna mah bagong téh terus ngalumbruk bari guguikan tarik pisan, da geus taya deui peta pikeun ngalawan. Geus leuseuh kitu mah, kuli dibebeskeun deui, tepi ka parat kana taneuh. Ahirna sakadang bagong ukur bisaeun sesegor, sakarat!
Bangké bagong anu sakitu ngalinggirikna disered ka deukeut saung. Lumayan matak ngoprot késang. Jaba urut bieu jogol ogé mani sakitu matak capéna. Cacak lamun éléh pelit mah, manéhna ogé tangtu bakal cilaka. Sahenteuna, kagadil-gadil waé mah kudu.
Parat tepi ka balébat manéhna nyaring. Ngadadak jadi leungit pitunduheun, tuda.
Réket sora palupuh. Lol sirah Si Aki ti jero saung.
“Geuning geus caang. Naha Aki teu dihudangkeun?” pokna bari turun. Gog nagog nyanghareupan durukan anu ngan kari ruhakna.
“Karunya tuda, mani tibra rék digeuingkeun téh,” omong Demung.
Barang rét kana bangké bagong, Si Aki katénjo ngarénjag.
“Geus paéh, Aki,” omong Demung deui bari nyéréngéh.
“Sugan téh lain bangké,” ceuk Si Aki bari nyampeurkeun bangké anu ngajungkiring, terus digulipakkeun. “Bet asa kakaraeun teuing, bagong sagedé kieu bisa rubuh ku sorangan,” omongna deui bari gogodeg.
***
TUNGTUNGNA mah terus nganjrek di saung Si Aki anu minggat téh. Kitu waé sagawé-gawé, itung-itung mihapékeun beuteung. Pribumina sorangan nyaaheun deuih. Pokna ogé, tong teuing lunta ka dayeuh ari sakadar butuh ku gawé mah.
Salila cicing di dinya, Demung henteu loba cacarita ngeunaan dirina. Kabeneran deuih Si Akina ogé tara tetelepék. Najan kitu, geus mimiti tumuwuh hubungan batin antara manéhna jeung pribumi. Demung asa manggihan deui tina sabagian dunyana anu geus lila putus. Sabab, salila matuh jeung indung bapa kukutna, anu karasa jeung katarima saban poé ku manéhna téh ukur hal-hal anu basajan pisan. Anu jadi bahan obrolan sapopoé salilana kukulibekan di dinya. Tacan teuing aya obrolan anu brasna ka dunya anu leuwih lega. Béda deui jeung ti Si Aki, obrolanana karasa ngeusi, sabab réa kanyahona. Anu matak manéhna jadi bétah, da réa pisan pulunganeunana.
Nincak poé kalima, waktu manéhna balik ti wahangan tas mandi, di saung geus nyampak dua sobat bapa kukutna. Rada reuwas manéhna téh, da geus teg dina haténa, tangtu keur nénéangan anu matak datang ka dieu téh.
“Tah geuning datang,” ceuk Si Aki. “Elu, ieu aya anu nyusulan hidep. Geus sababaraha poé, cenah, aprak-aprakan néangan.”
“Enya. Tong kamalinaan teuing minggat téh,” omong Si Joban.
“Karunya tuh, ka Ema, anu unggal usik midangdam,” baturna mairan.
Demung teu ngomong.
“Hayu urang balik!”
“Moal,” témbal Demung pondok.
“Naha?”
“Ah, geus teu hayang cicing di ditu.”
“Naha teu karunya kitu ka Ema?”
Teu némbal.
“Jamak waé dicarékan ku kolot sakitu mah. Bakat ku nyaah éta téh, Mung,” omong Si Jangkung.
“Béjakeun waé ku Mamang, uing mah moal balik, kituh!”
Si Jangkung jeung Si Joban silipélong. Maranéhanana geus apaleun pisan kana aadatan anak kukut sobatna anu gurat batu. Lamun geus carékna kitu, hésé rék dionggét-onggétna. Ari rék terus dipaksa, lain pihadéeun tangtuna ogé.
“Nya ari keukeuh embung diajak balik mah, Mamang moal bisa maksa. Ngan peupeujeuh, Demung ulah ingkah ti dieu, ngarah lamun aya nanaon babari nyusulanana,” omong Si Joban.
“Perkara cicing mah, nya kumaha uing waé. Naha maké rék pipilueun ngatur.”
Duanana taya anu ngomong.
“Enya, keun da moal ka mamana ieuh,” omong Si Aki. Ti dituna mah méré jalan anu lantip. “Béjakeun waé, bétaheun di dieu, kituh!”
Geus jinek kitu mah, duanana terus amitan.
“Naha teu inget ka kolot kitu, Elu?” Si Aki nanya, sanggeus sémahna arindit.
“Henteu, Ki,” témbalna pondok.
“Ih, teu meunang kitu. Burung palung ogé kolot urang sorangan.”
“Ah, da, lain indung bapa pituin ieuh.”
“Har, naha kumaha kitu sabenerna?”
“Kuring mah cicing di dinya téh dikukut.”
Si Aki gogodeg. Pokna, “Kutan, kitu? Naha ari Elu anak saha kitu?”
Demung teu waka némbalan. Mending béjakeun kitu, lalakon hirup aing? Manéhna lila nimbang-nimbang. Tapi ahirna mah teu burung pok, “Panjang, Aki, lalakon kuring mah.”
“Pok atuh béjakeun, sugan Aki bisa méré bongbolongan.”
Nya terus ku manéhna dicaritakeun lalakon hirupna. Sajeroning kitu téh paroman Si Aki ngadadak jadi robah, jiga-jiga nu hayang gagancangan ngedalkeun eusi haténa, ngan kagok ku dongéng anu tacan tutug.
“Paingan atuh, Elu,” bari terus ngagabrug. “Paingan Aki geus beda rasa. Geuning hidep téh incu. Tong kapalang ayeuna mah nyebut Aki téh, da jeung enyana.” 
Demung kalah molohok, teu ngartieun. Incu? Bet asa ku araranéh teuing ieu téh!
“Yeuh, Elu, lamun diterangkeun mah, indung hidep téh kapialo Aki. Éyang hidep ti pihak indung, nyaéta manten Cutak Cihanjuang, apan anjeunna téh pilanceukan Aki. Ngan bédana téh, anjeunna katut rundayanana jaradi ménak, ari Aki kalah milih jadi bulu taneuh,” omong Si Aki, rada dareuda.
Kakara waé manéhna ngarti kana duduk perkara anu sabenerna. Ana kitu, enya atuh lain anu lian Si Aki téh, najan geus rada laér ogé.
“Naha Aki bet masisian ngadon ngababakan?” Demung nanya.
“Éta ogé panjang lalakonna. Tapi lamun dicindekkeun mah, Aki leuwih bogoh hirup ngandelkeun tatanén, batan jadi ménak. Lain nanaon, Elu, hirup ngandelkeun tina tani mah muklis ladang késang sorangan. Tapi najan kitu, Aki teu mopohokeun wiwitan sorangan. Sanajan hirup di lembur singkur ogé, ari kana urusan di dayeuh mah Aki téh sok rajeun nuturkeun. Lain rék ngagulkeun manéh, ku sabab dianggapna rada beunta, Aki sok kalulutan jalma réa.”
“Lain rék culangung, ari Aki téh naon lengképna?”
“Aki Rangga,” témbalna. “Tah ayeuna, cing terangkeun, saha bapa kukut hidep téh?”
Ku manéhna diterangkeun satarabasna, da ceuk pikiranana, lain di hareupeun sasaha ieuh.
“Tah, kitu kasang tukang jeung kaayaan kahirupan kuring sanggeus dikukut téh. Anu matak, pantes lamun kuring garihal tur teu apal kana tata-titi téh, da kitu kabiasaanana,” ceuk Demung.
Aki Rangga unggut-unggutan.
“Ayeuna mah kieu atuh, Elu,” pokna sanggeus rada lila. “Tapi ieu mah lamun hidep rék ngagugu kana omongan Aki. Asa leuwih hadé lamun hidep balik heula. Tobat, lain Aki rék ngusir. Engké mah lamun hidep hayang ka dieu deui, baeu téh teuing. Keun, da moal disaha-saha ku Aki ogé. Lain ku nanaon, Elu, indung jeung bapa kukut hidep sakitu geus kahéséanana. Asa teu hadé lamun hidep ngaléos kitu waé. Kumaha?”
Demung teu gancang ngajawab. Tapi sabada dipikir-pikir, enya aya benerna omongan si Aki téh. Naha aing bet ngagugu waé napsu, tepi ka pundung téh kalalanjoan.
“Enya atuh, Aki, kuring rék balik heula,” pokna sanggeus rada lila.
“Tah kitu. Mun hidep rék balik deui ka Aki, kudu pupulih heula sing bener. Asal hidepna aya karep, keun ku Aki rék dijeujeuhkeun. Bisi hayang masantrén, heug! Kitu deui lamun hayang nyiar gawé ka dayeuh, Aki sayagi nganganteurna. Piraku teu jadi ménak, apan hidep téh lain anak si itu si éta. Ngan lamun hidep aya niat kumawula ka pangagung di dayeuh, alusna mah ulah ayeuna-ayeuna. Engké waé lamun geus ganti lalakon. Éta tuda ayeuna mah asa ku loba dédéngéan.”
“Ngan hiji kahayang kami anu pangbangetna mah, Aki, nyaéta panggih jeung Si Aceuk.
“Keun, ku Aki bakal dibantuan, anu sakirana mampuh mah.”
“Neda amit atuh, Aki.”
“Enya, meungpeung isuk kénéh. Jung didungakeun, sing salamet,” omong Si Aki.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar