DEMUNG JANGGALA Bagian 9

SAHA anu teu reuwas tuda, kakara ogé cikénéh anu dijurungan néangan datang méré laporan, ari ieu anu ditéanganana bet jol sorangan, teu kudu hésé deui nyusulan.
Paroman bapa kukutna bet jauh tina panyangka. Teu ambek teu sing geuning. Malah katénjona bangun anu sono waktu manéhna ngurunyung téh. Geus puguh deui ari indung kukutna mah, mani teu sirikna ngarontok, bawaning ku atoh.
“Tadina mah ku Ema jeung ku Abah rék ditéang ka ditu. Hadéna waé kaburu datang. Na atuh mani kamalinaan indit ti imah téh!” omong indung kukutna.
“Geus, tong diajak waé cacarita. Sina dahar anggursi,” ceuk bapa kukutna.
Ambu Demung duduk-dadak ka dapur, kaprak-keprek nyayagikeun deungeun kéjo. Gen nagenkeun pendil kana hawu. Kepoh-kepoh niupan seuneu.
Nénjo kitu mah, haté manéhna ngadadak lééh. Ébréh pisan kanyaah indung kukutna téh. Asa teu téga ninggalkeun, pokna dina jero haté. Tada teuing bakal nalangsaeunana, lamun aing nyingkah deui ti dieu téh.
“Demung, naha maké kudu indit ti imah?” bapa kukutna muka carita, waktu diuk di patengahan paduduaan, kapeutingnakeun.
Rada lila rék némbalanana téh. Maké ngarénghap panjang heula. Pokna, “Uing téh asa ku teu ngarti nénjo sikep Abah, naha harita mani poporongos kitu. Rarasaan asa teu salah-salah teuing uing tumanya kitu mah.”
“Hampura waé, harita déwék kalepasan. Éta, tuda pédah silaing tumanya waé ngeunaan perkara anu ku déwék kacida disimbutanana.”
“Teu kudu haben disimbutan waé, Bah. Kahiji, apan uing téh geus dianggap anak Abah. Jadi, geus tong aya rusiah deui atuh. Kadua, uing téh geus gedé. Pamohalan pisan lamun Abah terus-terusan nyimbutan perkara, da lila-lila ogé ku uing bakal kanyahoan. Malah ayeuna ogé geus mimiti karampa, naon anu sabenerna disimbutan ku Abah téh.”
“Demung,” sorana alon, “rumasa déwék téh salah tincak. Tapi silaing kudu ngarti, naon pangna déwék boga lampah kitu. Da déwék ogé nyaho atuh, ngabadog jeung ngarampas pakaya batur téh lain pagawéan bener. Cacakan déwék ukur jalma balilu geus boga pamadegan kitu, atuh komo silaing anu saeutikna rada mangarti, da turunan ménak.”
Demung ngarasa reuwas barang ngadéngé bapa kukutna nyarita kitu mah. Teu sangka. Bieu mah nyebut geus bisa rada ngarampa sotéh lain ka dinya maksudna. Najan kitu, manéhna teu némbongkeun kakagét.
“Naon sababna Abah bet kitu peta?”
“Panjang lalakonna mah, deuleu,” témbalna. “Asalna, hirup déwék téh lubak-libuk, da puguh boga kolot réa pakayana. Ngan waé dina hiji waktu, waktu umur déwék nincak welasan taun, kahirupan kolot déwék terus ngagejrét, sabab aya anu ngagarejud. Kolot déwék katipu ku hiji jalma. Lain waé semet pakaya ledis, tapi deuih kolot déwék tepi ka hanteuna. Atuh hirup déwék jadi kadungsang-dungsang. Teu pati béda ti silaing, pangalaman hirup déwék téh. Ngan bédana téh silaing mah pencaran ménak, ari déwék anak sudagar. Ku sabab ngarasa dikakaya deungeun, tepi ka dina diri déwék timbul niat hayang males. Dina dada déwék salawasna aya rasa ceuceub anu teu bisa disieuhkeun.”
“Ari Mang Akung jeung Mang Joban kitu deuih alesanana?”
“Teuing maranéhna mah. Jigana lain. Geus aya bakatna kana rarampog meureun. Heueuh, da dewek tara caruta-carita lalakon sorangan, ari lain ka indung silaing mah. Nya ayeuna ka silaing déwék dodongéng téh,” témbal bapa kukutna. “Tapi, euy, najan enya déwék kasebutna begal, déwék tacan kungsi ngagunasika jalma anu katalangsara atawa anu katénjona ku déwék tara nyieun codéka. Kitu ogé, euy, saenyana déwék téh ayeuna geus langka, nyaéta ti saprak aya silaing. Kahiji, sabab umur geus maju ka kolot. Kadua, éra ku silaing. Tah, ayeuna déwék geus cacarita. Rék kumaha waé anggapan silaing ka diri déwék, kuma karep. Ngan waé, ti samet ieu ka hareup, déwék rék eureun tina éta lampah goréng téh.”
“Teu kudu eureun, Bah,” omong Demung.
Kacida ngarénjagna, barang anakna ngedalkeun kekecapan kitu téh. Éta, tuda, sama sakali teu disangka.
“Kumaha? Teu kudu eureun? Naha déwék teu salah déngé ieu téh?”
“Enya, teu kudu eureun. Malah uing rék miluan,” témbal Demung tandes.
Dua kali tah ngarénjagna. Abah Demung teu ngomong, kalah mencrong beungeut anak kukutna.
“Abah tong kapalang,” Demung neruskeun caritana, “urang tempuh ménak anu aya di dayeuh.”
Tilu kali!
“Ha-hah-hah ...! Silaing téh riwan, Demung? Maké jeung hayang nempuh ménak di dayeuh sagala?”
“Teu riwan, Bah. Uing sagemblengna sadar. Ti baheula uing geus boga niat hayang males pati.”
“Males pati téh, males pati ka saha? Kudu puguh heula atuh! Tong jangji ka saha waé!”
“Apan bieu geus diécéskeun, ka pangagung anu aya di dayeuh!”
“Naha yakin yén itu anu boga dosana?”
“Pokona mah, Bah, maranéhna anu ngalantarankeun uing katalangsara téh. Tangtuna ogé, ayeuna geus jadi papayung Ukur. Geuning Abah sorangan ogé mulangkeun kanyeri téh jadi ka saha waé. Naha Abah yakin yén sakur jalma anu kungsi ditandasa ku Abah geus écés kasalahanana anu langsung karasa ku diri Abah?” Demung kalah malik ngahual-hualkeun.
“Tapi béda, Mung, antara pakarepan silaing jeung naon-naon anu geus dipilampah ku déwék mah,” omong bapa kukutna. “Déwék mah teu bari ngendag-ngendag anu keur jadi papayung nagara. Saperkara, da mémang déwék teu boga urusan jeung ménak. Ari pakarepan silaing ayeuna, ceuk déwék mah mahiwal pisan, sabab sarua waé jeung asup ka enggon maung. Naha silaing rék sosoroh kojor?”
“Bah, karep uing moal bisa dihalang-halang jeung disingsieunan ku sakitu. Pokona mah, teu isukan nya pagéto. Teu pagéto, bulan hareupna. Bulan hareup tacan pareng kénéh, taun isuk. Pokona, arék!”
Bapa kukutna teu némpas.
“Terus deuih, Bah, uing moal rék gumantung ka Abah. Ngan ari satadina mah uing téh ngarasa atoh, duméh asa boga jalan. Piraku sugan Abah embung mantuan uing.”
“Ari pakarepan silaing geus sakitu pantengna mah, nya kumaha silaing waé. Ngan tadina, déwék mah melang, da dihenteu-henteu ogé dewek ka silaing téh geus asa ka anak pituin. Najan silaing cicing jeung déwék téh ukur dibawa sangsara,” omong Abah Demung sanggeus lila ngahuleng.
“Perkara kanyaah Abah jeung Ema, ku uing katarima pisan. Cacak lamun basa éta, uing teu ditulungan ku Abah, tangtuna ogé uing geus paéh kabawa palid,” De-mung gancang némpas. “Perkara niat hayang mulangkeun kanyeri, apan bieu gé geus disebutkeun, lain karék sataun dua taun. Ti saprak uing dikukut ku Abah, éta paniatan geus nyangkaruk dina ati. Éta anu jadi sabab pangna uing soson-soson meuseuh diri, hayang diajar ngulinkeun rupa-rupa pakarang. Bet kabeneran Abah ngayunkeun. Cacak lamun baréto Abah remen ngahulag, jigana uing moal betah cicing di dieu. Jadi, tataharna téh mémang geus lila, ngan pédah tara dibetuskeun ka anu lian. Ari peuting ieu, bet kabeneran asa manggih lolongkrang. Najan kitu, uing moal rék maksa sangkan Abah biluk jeung ngarojong pakarepan uing.”
“Déwék ngarti kana eusi haté silaing. Apan bieu ogé geus disebutkeun, dina émprona mah déwék moal bisa ngahalang-halang. Tapi mun téa mah déwék aya niat nuturkeun silaing, anu jadi dadasarna téh ukur rasa nyaah. Perkara urusan silaing jeung para ménak, déwék mah ukur semet taram-taram. Bral, rék ngalaksanakeun pakarepan mah. Déwék bakal marengan. Lamun silaing geus nyebut sanggup, déwék baris nuturkeun.”
Demung mencrong beungeut bapa kukutna. Tali batin anu nganteng méh welasan taun, peuting éta beuki écés ngaudatna.
“Tah ayeuna déwék rék nanya,” omong bapa kukutna deui, sanggeus manéhna lila paheneng-heneng. “Naha pakarepan silaing téh bakal cumpon lamun ukur dipigawé ku urang duaan?”
“Tong nyaritakeun éta, Bah. Anu penting mah niat urang masing keyeng,” omong Demung.
“Is, teu bisa kitu! Urang ulah jol-jol gapruk. Kudu dipikir heula masing jero, kumaha carana anu bakal pihadéeun jeung nguntungkeun. Lamun ukur ngandelkeun niat jeung kawani, tur kaayaan urang ukur batan sakieu, sarua waé jeung ngahudangkeun maung héés, terus urang ngasongkeun beuheung kana sihungna.”
“Maksud Abah, urang kudu loba heula batur?”
“Di antarana éta. Moal pimahieun, euy, ukur ngandelkeun tanaga duaan mah.”
“Abah sanggup néangan deui batur?” Demung nanya.
“Henteu,” témbalna. “Saha pijalmaeunana anu bakal sapuk jeung pakarepan silaing! Apan déwék ogé, daék soteh bakat ku nyaah ka silaing. Ari anu lian mah, nyao teuing!”
Demung ngahuleng. Caritaan bapa kukutna mémang loba benerna.
“Atuh kieu waé, Bah, pakarepan uing anu sabenerna mah tong teuing ditembrakkeun ka batur. Cukup keur urang duaan. Mun téa mah urang rék néangan balad, bibitaan waé ku anu séjén. Sageuy mun teu haripeut ditémbongan pihasileun anu mucekil mah.”
“Nya, urang cobaan waé atuh.”
***
DINA émprona, mémang hésé mepek balad téh. Sakitu geus aya bulanna, anu bisa katepungan tur daékeun diajak ngahiji téh ukur sawatara urang. Bari éta ogé maranéhna teu 1ésot ti sikep curiga. Ngan untungna téh anu ka hareupna bapa kukutna. Cacak lamun manéhna sorangan mah, moal ieuh aya anu ngagugu. Bapa kukutna anu sok ngojok-ngojok sangkan anu séjén daékeun sabilulungan. Kitu ogé daraékeun sotéh, cenah, ukur pikeun sawaktu-waktu waé, mun sakirana aya pihasileun anu kaitung mucekil. Keur naon abring-abringan ogé, ari gégéleunana ukur sagedé curuk mah!
Sanggeus kitu, Demung tatahar pikeun nyanghareupan sagala kamungkinan anu baris timbul salila manéhna ngayakeun gawé babarengan. Masing kalah kumaha ogé, jalma anu dikumpulkeun ku manéhna téh anu teu baroga pikiran panjang, sabab ukur ngandelkeun kaludeung jeung kawani. Teu béda ti ngumpulkeun ajag tuda. Lamun dibéré haté teuing, pasti bakal ngarewég. Kitu deui lamun dikerasan, geus tangtu malik ngalawan. Tapi deuih lamun hantem diparaban, kana moal kaarah gawéna, da bakal héés kateterusan.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar