DEMUNG JANGGALA Bagian 10

USUM panén geus réngsé. Huma ngahaja diberakeun heula, ti dituna mah itung-itung sina reureuh. Paré geus diampihkeun ka leuit. Di kebon ngadadak combrék. Ramé-ramé deui engké lamun geus rék nincak ka usum ngijih. Eurihna dibabad, terus dihuru. Cur hujan, ngaseuk dimimitian. Melak paré dipaselangkeun jeung palawija.
Saréngséna ngampihkeun paré, Demung ngahaja nepungan Aki Rangga. Ari pék di huma kasampak suwung. Pangangguran ditatanyakeun pamatuhanana. Ahirna teu burung kapanggih. Leumpangna lalakon ampir satengah poé.
Bubuhan katalian ku dulur, kulawarga anu dianjangan téh teu asa jeung jiga dina lebah ngakuna. Pokna ogé, asa katumbu deui babarayaan.
“Sukur ari hidep geus pupulih heula mah. Aki mah nanya sotéh bisi kolot hidep deudeupeun. Rék saminggu, rék dua minggu hidep cicing di dieu, taya halanganana. Pék waé sabetahna, da lain jeung sasaha ieuh,” omong pribumi.
Demung ngarasa betah. Dadakuna mah pédah nu dianjangan loba pisan luangna. Rék nyaritakeun naon waé, Aki Rangga teu weléh ngabijilan katerangan anu merenah. Ti mimiti bubuk leutik tuncab-tanceb tatanén tepi ka urusan anu patali jeung nagara, di manéhna nyampak. Anu matak, Demung asa manggihan guru.
“Peupeujeuh, Elu, di dieu mah ulah tepi ka kacalétot omong yén hidep téh anak Radén Suranangga. Lain ku nanaon, Aki mah ngajaga bisi; bisi kaémpér-émpér ka ménak di dayeuh. Saha anu nyaho engkéna bakal jadi mamala keur diri hidep,” omongna, basa keur ngobrol paduduaan.
“Padahal mah nya, Aki, kajadianana geus leuwih ti salapan usum. Tapi naha tepi ka ayeuna masih kénéh tacan réngsé-réngsé,” walon Demung.
“Ih, Kasép, urang kudu apal. Rama hidep téh apan sakitu tohtohanana ngabéla Kangjeng Dipati. Ari Kangjeng Dipati, apan sakitu dipikaceuceubna ku urang wétan mah. Dianggapna ogé ulon-ulon karaman anu baha kana timbalan Kangjeng Susuhunan. Jadi ceuk pangira Aki mah, najan geus aya welasna taun ogé, ménak anu ayeuna kawasa bakal terus ngudag-ngudag sakur jalma anu aya patalina jeung babarontakan baréto di Tanah Ukur. Terus deuih hidep kudu apal, apan papayung Ukur kiwari téh dijenengkéunana ku Kangjeng Susuhunan. Kitu deui sakur ménak anu aya di sahandapeunana. Ayeuna téh geus ninggang kana babasan, ganti ménak ganti lalakon. Tah, éta sababna Aki tara pirajeunan pipilueun kana urusan anu aya patalina jeung nagara. Aki milih cicing, da haté teu mikeun lamun kudu ulun kumawula ka anu teu sapuk jeung angen-angen mah. Enya, da lelembutan Aki mah teu cop ka urang wétan téh ti baréto ogé.”
“Aki ti heula kungsi nyebutkeun, pajar ayeuna aya ku loba dédéngéan. Naon maksudna éta téh?”
“Kitu pisan, Elu, ayeuna téh. Aki mah anu rumasa ukur jadi somah di pasisian, asa bararangga ngigelan kapalay ménak téh. Pamundutna teu weléh merul, kapalayna kudu hantem disubadanan. Ari anu kariripuhanana mah, nya bangsa somah. Mani asa teu kaur buluan. Geus puguhing séba tanaga pikeun migawé rupa-rupa papancén nagara, ladang makaya sorangan ogé kudu waé aya anu dicaoskeun hancengan pangagung. Paralun, lain rék baha kana pisaur, tapi da kumaha atuh rahayat ogé batan sakieu kaayaanana. Pangagung kagungan hajat, rahayat anu kudu nangkesna, ti mimiti salam séréh tepi ka ingon-ingonna.” 
“Naha Kangjeng Dalem anu kitu péta téh, Aki?”
“Aki téh teu apal mun mapay ka puhuna mah. Ngan anu écés, rahayat mah ukur bisa nyangga papancén. Ti luhur kitu, ka handapna ogé kitu. Malah mimindengna mah pamundut ti luhur téh sok ngabeukahan di jalan. Anu matak, ceuk Aki ogé, Aki mah bétah kénéh cicing nyaung-nyaung di nu simpé, ngarah teu loba dédéngéan. Ngan nya kitu deuih, ari hantem-hanteman nyingkurkeun manéh, karunya deuih ka anu lian, ka anu sok marénta pamuntangan ka Aki. Tah, keur bulan hareup geura, urang dieu téh kudu nyaoskeun pelén hiji. Pék waé itung, ti saban lembur kudu nyayagikeun munding hiji, kira-kira bakal sakumaha lobana anu dicaoskeun ka pangagung. Geus puguhing ari sabangsaning lalab rumbah jeung béas mah. Ceuk béja, barang caosan keur urang dayeuh téh, ti mimiti minggu hareup dikunjalanana anu asalna ti pakidulan mah.”
Demung ngahuleng sakeudeung. Minggu hareup? Naha kira-kira bakal ka lebah mana ngaliwatna?
“Naha atuh Aki cicing waé, lain némbongkeun sikep?” Demung nyarita, sanggeus lila ngahuleng.
“Ih, Kasép, apan cicing ogé sikep saenyana mah. Atawa, maksud Elu mah ngalawan? Kitu?”
“Enya.”
“Lain lawan-lawaneun, tuda. Itu samakta bari kawasa, ari urang nya 1émor nya paor. Atuh teu béda ti bonténg ngalawan kadu.”
“Atuh keun waé, Aki, bonténg ngalawan kadu ogé. Sugan ku cara kitu mah para ménak jadi nyarahoeun yén aya kénéh bonténg anu wanieun ngalawan kadu.”
“Ah, Elu, geus tong nyaritakeun éta, bisi kadéngéeun ku cakcak bodas. Apan ménak mah réa socana rimbil cepilna.” 
“Ari enggeus, urang kudu kumaha atuh?”
Aki Rangga teu gancang ngajawab, da puguh hésé keur pijawabeunana. Sanggeus rada lila, kakara pok nyoara. “Tapi, Elu, Aki mah yakin yén hiji waktu mah kaayaan téh bakal robah.”
“Robah sotéh, lamun aya anu ngarobahna,” Demung gancang némpas.
“Pasti bakal robah. Alloh mah tara nanggeuy di bongkokna. Anu salah, awal ahir bakal kabokér jeung kabendon.”
“Ah, kuring mah teu sapamadegan.”
“Ari kahayang Elu kumaha atuh?”
“Kuring mah hayang nyieun tarékah, moal masrahkeun ka Gusti,” témbalna. “Maksud téh, tarékah anu enyaan, najan kudu ditebus ku pangorbanan anu rohaka.”
“Ulah! Aki moal ngidinan,” Aki Rangga gancang megat kalimah. “Lamun Elu boga paniatan kitu, buru-buru geura singkahkeun ti ayeuna kénéh. Hayang jadi ménak mah teu kudu ku cara naragal kitu.”
“Ah, da lain hayang jadi ménak kuring mah.”
“Hayang naon atuh?”
“Hayang mulangkeun kanyeri, bongan kahirupan kuring geus dikakaya jeung disangsara deungeun,” témbalna tandes.
Puguh waé Aki Rangga ngarasa reuwas, duméh incuna boga pakarepan kitu. Tapi bubuhan kolot anu geus asak jeujeuhan, sikepna teu pati ditémbongkeun. Kalah pok nyarita leuleuy, “Lain kitu carana, Elu.”
“Kudu kumaha atuh?”
“Mending awét-awét umur jeung tanaga hidep. Sing yakin, hiji waktu mah kaayaan baris robah.”
“Beu, kaalaman ogé biheung, Ki.”
“Teu kaalaman ku urang, meureun ku anak urang,” omong Aki Rangga.
“Wah, kuring mah asa moal pisabareun ngadagoanana ogé.”
“Wayahna, urang kudu tamaha, da bongan ayeuna keur teu nyekel lalakon,” omong pribumi deui. “Aki ogé ngarti kana jero-jerona haté Elu. Tapi, pamaksudan hidep téh moal pihadéeun. Jeungna deui, urang kudu inget yén mun téa mah urang rék némbongkeun hiji kétak, omat, dasarna ulah kaceuceub sorangan. Sabab, ceuk pamadegan Aki mah, naon-naon anu dipigawé ku urang téh dadasarna kudu keur kapentingan balaréa. Ari hidep mah pan lain kitu.”
“Ah, naha maké kudu mamawa kapentingan batur! Kuring mah teu nyaho-nyaho ieuh.”
Aki Rangga teu ngomong. Ceuk dina pikiranana, hésé rék ngalelempengna ogé pakarepan budak kawas kieu mah. Dikasaran komo, cacak ku leuleuy ogé angger murugul.
“Geus waé obrolan ngeunaan éta mah urang pungkas tepi ka dieu,” omong pribumi sanggeus lila paheneng-heneng. “Jig geura ngedeng, da ieu téh geus maju ka tengah peuting.”
Najan geus ngagolér dikasuran, tapi Demung teu daékeun waé reup peureum. Saenyana manéhna hayang terus némpas kana pamadegan akina, tapi meureun lain pihadéeun. Demung geus engeuh, aya waktuna teu sajalan jeung pamadegan batur, najan pernahna jeung kolot sorangan.
Aya deuih hal séjénna anu ngalantarankeun manéhna haben nyileuk. Caritaan akina ngeunaan abrulan anu rék masrahkeun caosan keur ménak minggu hareup, teu weléh ngagoda pikiranana.
Ku aing kudu diakalan, pokna dina jero haté.
***
“HENTEU salah béja téh, Mung?”
“Piraku, Mang. écés pisan, da, ninggang poé ieu barang keur ka dayeuh téh dikunjalanana,” témbal Demung.
“Éta waé, urang geus kesel ngadagoan, tapi tacan jol kénéh.” 
“Urang dagoan. Mun teu tulus poé ieu, meureun isuk,” omong anu saurang deui.
Aya welasna jalma anu harita ngumpul di dinya téh. Puguh waé lain gawé énténg, ngumpulkeun jelema sakitu dina jero popoéan téh, mangkaning pamatuhanana nararenggang. Kabéh geus tarapti jeung taki-taki, sabab baris nyanghareupan gawé gedé: megat aleutan anu ngunjalan barang caosan pangagung. Geus méh satengah poé maranéhna ngadago-dago di lebah jalan liliwatan.
“Moal kitu maranéhna nyokot jalan ka Juarjajar?”
“Asa piraku, da lamun ka dinya mah muter, jaba deuih jalanna rumpil. Kana pihéséeun lumakuna ogé, komo lamun bari jeung nungtun munding.”
“Ari déwék mah anu matak rada melang téh, naha urang baris pimahieun moal dina nyanghareupanana?” omong Abah Demung.
“Ah, ku pangrasa kuring mah, cukup,” walon Si Jangkung.
Teu lila ti harita, kadéngé juru telik méré tangara. Ngahaja manéhna sina cicing di lebak, di tempat anu rada négla, ngarah awas ka anu bakal ngaliwat.
“Buru! Saréréa tarapti!” Demung paparéntah.
Anu welasan jalma téh jlung-jleng laluncatan ka tukangeun tatangkalan anu rajeg saparat jalan. Malencar bari ngatur siasat, sangkan anu dipegat langsung kakepung, teu beda ti lauk geus asup kana bubu. Saréréa rancingeus, teu meunang aya anu meléng.
Enya waé, teu sawatara lilana, aleutan téh geus cunduk.
Anu nanggungna aya genepan. Tukangeunana aya anu nungtun munding duaan. Minangka palatukna, anu leumpang panghareupna, pacalang opatan. Leumpangna ogé henteu ngadangah-dangah manéh, ngalénghoy waé da puguh bieu tas nanjak. Cindekna, bangun nu salsé, da puguh sasarina ogé taya nanaon ieuh. Teu engeuh yén ayeuna mah balai geus nampeu.
Demung ngahuit. Anu séjén jlung-jleng ti panyumputanana bari ngalalugas pakarang. Puguh waé matak reuwasna. Keur mah cikénéh tas nanjak sakitu netekna, ari ayeuna disampakkeun anu megat bari samakta pakarangna tur jumlahna sakitu réana. Pikeun anu borangan mah, piraku teu matak sawan; dipegat begal di tempat anu sakitu hara-haraeunana.
“Mun hayang salamet, tong aya anu ngalawan!” Demung ngagorowok.
Kabéh tingraringeuh, teu apal kudu kumaha anu dipilampah.
“Écagkeun kabéh babawaan!” ngagorowok deui.
Tapi, sérépét pacalang anu panghareupna mesat gobang. Bet kapiheulaan mantén ditiruk dadana. Gabres! Tumbak anu dilempagkeun ku Demung méh parat ngaliwatan tulang tonggongna.
Nénjo baturna bobor karahayuan, pacalang anu tilu deui nékad ngalawan. Tapi, bubuhan jumlahna teu ngimbang, atuh mani ngan sageprakan pisan. Ngan aya saurang anu teu beunang. Manéhna ngabecir, balik deui ka lebak, mani teu sirikna notog-notogkeun manéh. Ari anu séjénna mah, hiji ogé taya anu ngalawan, kalah tingpurungkut bangun kasima.
“Abdi mah ukur buburuh nanggung,” omong anu saurang bari ngayekyek.
“Mangga waé barangna candak sadayana,” ceuk anu nungtun munding.
“Naragog siah kabéhanana!” Demung ngahaok bari ngulangkeun tumbak anu seuseukeutna beureum ku getih.
Gog naragog, malah aya anu terus andiprék sagala. Ngan aya saurang anu angger nangtung. Paralun, lain rék ngalawan, ngan ieu mah bakat ku kasima.
“Nagog siah, goblog!” bari habek diteunggeul cécékolanana ku gagang tumbak.
Gubrag labuh, ninggang kana babawaanana.
“Talian kabéh! Gendengkéun dua-dua!”
Ret, ret dibanda ku tambang injuk sagedé indung leungeun. 
“Abdi mah tong dipaéhan, Ujang ...,” ceuk anu pangkolotna bari lumengis.
“Naon siah? Ka aing nyebut Ujang?” Si Joban morongos bari najong bobokongna.
“Ampun, Jur ... rag ... gan ....”
“Tah, kitu! Sing nyaho tatakrama siah!”
Bérés ngabanda anu dalapan jelema, Demung sabatur-batur cuhcih ngunjalan barang rampasan. Beubeunanganana mani mucekil, da puguh barang sakitu lobana. Gancang waé dibawa marubus ka jero leuweung. Da puguh jelema aya welasna, teu hésé ngunjalanana gé. Minangka anu rada sulit téh lebah ngabebedol munding. Keur mah munding geus leuseuh, katurug-turug dibawa kukurubutan. Malah anu hiji mah terus mopo. Sakitu dirangkétan ogé, kalah terus ngedeprék depa; napasna gegebosan.
“Geus waé urang peuncit!”
“Montong, bisi lila! Kuriak waé engké urang kasusul. Geus taringgaleun di dieu. Bisi kabur mah, matak naon cangcang sing wedel. Isukan urang téang deui,” anu saurang ngabijilan usul.
“Diteundeun di dieu mah, paling ogé engké peuting ditekuk kerud. Lebar deuleu!”
“Halik ku aing urang tigas beuheungna!” bari nyirintil. Habek dikadek ku gobang satakerna.
Da puguh saleuseuhna ogé tanaga munding, ari dikitukeun mah angger waé ngamuk. Gurinjal hudang bari pundukna geus awer-aweran getih. Der jadi édan.
“Nyaho ceuk aing gé!”
Demung rikat ngalempagkeun tumbakna. Gabres beunang igana. Anu séjén ogé nurutan, brus-bres ngagabreskeun tumbak sacekelna-sacekelna. Atuh awak munding téh jadi rimbil ku tumbak. Ceuk anu bohong téa mah; badis landak keur rancung buluna.
Najan masih kénéh kekejétan, direcah waé saharita; pada nyempog sadaekna. Nu nyesa téh ngan kari rorongkong jeung jeroanana!
Bring deui arindit bari saruka bungah. Leuweung anu disorang beuki rembet ku kakayon. Taneuhna beueus saumur-umur, bubuhan tara ngambeu matapoé. Tapi najan sakitu hésé bélékéna, bubuhan sasat geus jadi manukna, maranéhna bisaeun lumaku gancang.
“Ari silaing nanaonan tadi téh, maké hayang disebut Juragan?” Si Jangkung nanya ka sobat medokna.
“Atuh aing téh hayang was ngajaran siga ménak,” témbalna bari nyéréngéh.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar