DEMUNG JANGGALA Bagian 11

PIRAKU teu jadi guyur, aleutan anu ngunjalan barang caosan pangagung aya anu megat di tengah jalan. Nya saha jalmana anu wani kitu peta? Bet asa kakaraeun teuing aya anu ludeung ganggu ka ménak. Padahal biasana ogé, anu kasebutna bégal, tara tepi ka kitu. Paling-paling wanina téh ukur megat anu balik masar. Kitu ogé bari sok némpo rada bongoh ti baturna. Da ka jalma abring-abringan mah, tara ieuh rajeun ganggu.
Ari ieu, apan sidik dikawalna ogé ku pacalang. Sageuy mun teu apal yén maranéhna nyangga pancén ti pangagung. Sabab, asa ku teu umum aleutan anu barangbawa dibarengan ku para ponggawa nagara.
Lain bégal samanéa. Kitu ceuk anggapan sawatara menak anu ngeréh pakidulan Ukur. Malah ieu béja téh saenyana geus tepi ka Kangjeng Dalem di dayeuh. Kangaranan béja téa, mimindengna mah sok beukah di jalan. Anu matak, pangagung di dayeuh Ukur gancang pisan nyokot kacindekanana: di pakidulan aya karaman!
Enya, lain bégal samanéa. Komo mun nilik kana jumlahna anu, cenah, aya welasna. Bet asa ku kakaraeun aya bégal abring-abringan. Tangtuna aya anu ngagugulukeunana, tur teu mustahil geus asak ngararancangna. Nya saha atuh jalmana?
Nya ku lantaran éta pisan, papancén kapetengan tambah deui. Maranéhna kudu leuwih giat ngaronda ka pasisian, bisi aya deui ririweuhan anu matak ngabarubahkeun ka nagara. Teu sirikna saban lembur diasruk. Kituna téh sakapeung mah bari sok sarampid-rampidna deuih! Rahayat beuki tambah bangreung. Keur mah ginggiapeun ngadéngé bégal anu sakitu tarelengesna, katurug-turug para ponggawa nagara anu nyaksrak ka désa ogé loba anu sakama-kama!
Demung ogé tambah iatna. Sabab, saha anu nyaho yén isuk pagéto mah manéhna bakal kasusud. Manéhna ngarasa butuh ku rupa-rupa katerangan ngeunaan kaayaan nagara. Moal ka saha deui lumpatna lamun lain ka Aki Rangga; Si Aki anu réa kanyahona.
Hanjakal, anu rék ditepunganana kasampak suwung. Anu nyampak téh ukur Si Nini jeung barudakna. Kitu ogé paromanna bangun anu keur nandangan tunggara.
“Ka mana ari Si Aki?” Demung nanya, sanggeus manéhna pada ngabagéakeun.
Méméh ngajawab téh, pribumi kalah silirérét heula. Bangun anu horéameun pisan pikeun nyarita satarabasna. Tapi lila-lila mah teu burung pok, “Apan geus saminggu dibawa ka pakemitan, Alo.”
Demung terus rasa. Moal kitu aing anu jadi gara-garana?
“Baruk dibawa ka pakemitan? Naha ku naon, kitu?”
“Nya éta atuh, bet aya-aya baé,” témbal Si Nini.
“Éta alesanana, naon cenah?” Demung nanya deui, sabab banget ku panasaran.
“Ah, duka atuh, Alo,” témbal anak Aki Rangga anu cikal. 
“Piraku, Embi, jalma teu tuah teu dosa ujug-ujug dibawa ka pakemitan?”
“Ari enas-enas anu jadi perkarana mah Nini ogé teu apal. Teuing aya pitenah, teuing aya naon. Ngan anu écés mah, pédah Aki baha kana pamundut Juragan Demang.”
“Enggeus, Ema, tong diuar-uar sual éta mah,” anakna gancang megat kalimah, bisi indungna kalalanjoan nyarita.
“Pamundut naon kitu, Embi?”
“Ah, dasar Si Ema, sok sakacuam-caem. Lain éta, Alo, alesan anu saenyana mah.”
“Naon atuh?” Demung keukeuh panasaran.
“Jigana mah lantaran pitenah; aki hidep dituding jadi ulon-ulon tepi ka rahayat teu daraékeun udunan pikeun nyaoskeun munding ka dayeuh,” témbal bibina.
Demung ngahuleng. Teu lila, pok nyarita deui, “Cing, kumaha dongéngna téh, Embi?”
“Ti heula aya wawaran ménak yén urang dieu kudu sayagi munding hiji. Cenah mah keur nyaosan pamundut Kangjeng Pangawulaan ti dayeuh anu badé kariaan. Pa-ménta anu kaitung beurat pikeun urang dieu mah. Encan deuih kudu nyadiakeun anu séjénna, da geuning lain munding wungkul ding émprona mah anu dipundutna téh. Lantaran munding teu bukti, Aki dituding ngahasud rahayat, pédah di dieu sok kalulutan ku jalma loba.”
“Aya deui alesan séjénna, Embi?” Demung nanya deui. 
“Ah, euweuh anu Embi nyaho mah,” témbalna bangun anu sungkan méré katerangan bangblas.
Ku Demung kasurti yén aya kénéh caritaan anu disumputkeun. Pribumi henteu nyarita satarabasna. Sari-sari ngemu rusiah anu hésé diteguhna.
Demung jadi milik nanya ka dirina sorangan. Sabab, saha anu nyaho, akina tepi ka ditu téh alatan gawe manéhna. Masing kalah kumaha ogé apan nyahona kana aleutan anu mawa barang caoskeuneun ka pangagung téh ti Aki Rangga. Moal kitu éta anu jadi lantaranana?
Saenyana Demung hayang terus nyeleksek tatanya, tapi pribumi teu méré jalan ka dinya. Atuh tungtungna ukur semet ngageremet sorangan. Da piraku ari kudu hayoh tetelepék mah!
Karasa pisan cawérangna euweuh Si Aki mah. Demung asa teu manggih batur ngobrol. Atuh gawéna téh ukur hulang-huleng teu puguh. Saenyana, ti antara pa-ngeusi imah téh ka manéhna aya anu remen merhatikeun. Ti keur mimiti datang ogé, waktu munggaran nganjang ka Aki Rangga, itu jiga anu hayang mauran obrolan. Tapi ku sabab Demungna api lain pisan, tungtungna mah anu hayangeun diajak cacarita téh ukur émok di juru, bari sakapeung maling-maling neuteup ki semah. Tapi ari anu diteuteupna kalah haré-haré.
Ari harita, bet kabeneran aya lolongkrang adu hareupan.
Éta gé teu dihaja. Demung keur ngadaweung, ituna datang, nyampeurkeun bari nyodorkeun dahareun.
“Embi,” omong Demung. Najan mun ditilik tina umur mah sahandapeun, tapi ku sabab itu kolot dapuran, Demung nyebutna téh Embi, lengképna mah Embi Mirah, anak bungsu Aki Rangga. “Aya naon atuh saenyana pangna Aki dibawa ka pakemitan?”
Bubuhan teu tatahar ti anggalna, anu ditanya téh katénjo rada reuwaseun. Tuda sasarina ogé tara kungsi diajak ngobrol. Paling ukur imut sakumaha ilaharna sémah. Kitu ogé ukur meueusan.
“Ah, teu aya nanaon,” témbalna alon.
“Piraku, Embi!”
“Duka atuh, Alo.”
“Naha lain pédah kungsi kadatangan kuring?”
“Ah, henteu.”
“Naha naon atuh anu sabenerna?”
Lila rék ngajawabna téh, bangun anu heurin ku létah. “Lain kadatangan Alo anu jadi cukang lantaran mah”
“Enya, naon atuh?”
“Alatan Embi sorangan,” témbalna. Kaciri pisan yén anu ditanya kalepasan teuing ngabijilan jawaban.
“Naha kumaha kitu”
Kalah ngabetem. Malah tungtungna mah terus ngaléos deui ka tukang.
Nénjo pamolahna kitu, Demung beuki panasaran. Anu matak manéhna buru-buru nepungan Si Nini.
“Nini, pok atuh béjakeun, aya naon sabenerna di imah ieu téh?”
“Apan tadi ogé geus diécéskeun ku bibi hidep. Pangna Aki dibawa ka pakemitan téh sabab keuna ku pitenah,” témbal ninina.
“Ah, piraku ngan sakitu-kituna. Geuning ceuk katerangan Embi Mirah aya deui tambahna.”
Si Nini ngarénjag, duméh anu disimbutan téh bet ditembrakkeun ku anakna sorangan kénéh. Pokna bari ngagerendeng, “Ih éta mah Si Mirah, aya ku sakacuam-caém pisan biwir téh.”
“Jeung ti batan haben disimbutan, ayeuna mending wakcakeun ka kuring. Atuh sugan waé bisa méré bongbolongan,” omong Demung.
“Jadi kieu, Kasép,” pokna sanggeus rada lila ngahuleng. “Juragan Demang téh mundut Si Mirah. Ari ku aki hidep henteu dibikeun. Meureun geus katulup moal pimaslahateun. Nini ogé, anu jadi indungna, ngarasa teu téga lamun budak tepi ka dipasrahkeun sakumaha kapalay anjeunna mah. Apan Juragan Demang téh garwana galituk di ditu, di dieu. Tah kitu, singgetna mah. Geus karampa meureun, ka mana pimaksudeun carita Nini bieu?” 
Demung unggeuk.
“Ari kamari ieu, Si Aki téh bet katindih ku kari-kari. Keur mah ku Juragan Demang dipikacua, lantaran baha kana pamundutna, ari pék terus aya anu nuding ngahasud rahayat. Anu matak, giriwil waé dibawa. Teuing bakal kumaha perkarana ieu téh. “
“Naha atuh Nini jeung Embi caricing waé.”
“Kumaha atuh, tuda Nini ukur pangawak awéwé anu heureut deuleu pondok 1éngkah. Kitu deui embi hidep. Cacak lamun boga anak lalaki mah, atawa minantu aya kénéh, meureun Nini téh bakal rada tipoporosé ihtiar,” témbalna.
Demung ukur ngahuleng, bari namperkeun ngaguruhna rupa-rupa rasa. Aya ruhak hurung ngahéab kana dadana.
***
WANCI geus ngagayuh ka tengah peuting. Pacalang anu jaga di pakemitan ukur kari duaan. Kitu ogé anu saurang mah katénjona ngan lelenggutan waé. 
“Ulah saré waé atuh! Yeuh, uing rék nguriling heula,” omong anu saurang.
“Heueuh, jig,” témbal baturna.
“Enya, tapi manéh kudu nyaring!”
“Pan ieu gé,” bari gigisik ku tonggong leungeunna.
Anu saurang ngaléos ka tukang. Teu poho bari ngajéwang heula gegendir.
Lenggut deui baturna téh. Abong jurig tunduh geus teu bisa disieuhkeun.
Peuting geus simpé pisan, bubuhan ti soré mula turun hujan. Raat-raat sotéh bieu. Anu nyésa kari cileuncang; ngareyembeng. Saha anu rék ngulampreng ti imah, ari lain anu boga maksud séjén mah.
Lebah dapuran cau, dina juru pager, pacalang anu keur ngaroris kaayaan téh ngajanteng heula sakeudeung bari panonna ngulincer ka sabudeureunana. Ah, sasarina ogé taya nanaon, omongna dina jero haténa.
Tapi, kakara ogé rék ngaléngkah deui ka hareup, ngan habek waé pundukna aya anu neunggeul satakerna. Bakat ku tarik-tarikna, pacalang téh tepi ka ngusruk; teu hudang deui. Teu udah, teu aduh heula. Saharita teu inget di bumi alam.
Demung bijil ti panyumputanana. Pacalang anu geus ngagolér téh terus dipanggul ka anu suni. Papakéanana dilaanan. Rap dipaké ku manéhna. Dapon napel, da puguh dangdan di nu poék. Bubuhan ituna leutik, atuh barang dipaké ku manéhna téh mani ngararatung.
Manéhna leumpang keketeyepan ka hareup. Reg deui ngarandeg bari ngawaskeun ka lebah anu jaga. Tétéla keur lelenggutan. Gadona disangheuy ku leungeun kéncana.
Demung leumpang deui ngadeukeutan lawang. Teu ku hanteu, ari jetruk téh najong congo awi. Puguh waé anu keur lelenggutan téh ngadadak nyaring, terus nangtung bari gigisik. Demung gancang taki-taki. Tapi barang bréh baturna deui mah, anu kakara hudang téh ukur kukulutus.
“Ati-ati atuh leumpang téh! Aing kakara ogé salenggut,” omongna bari gék diuk deui dina urutna.
Demung terus leumpang ka jero. Ku manéhna dipapay, saban panto dipariksa, selotna dilaanan. Bet kararosong. Naha di mana diteundeunna Si Aki téh, haténa nanya. Bray deui mukakeun panto saterusna. Katénjo aya anu ngaréngkol, najan ukur reyem-reyem. Ku manéhna disampeurkeun lalaunan, terus diguyahkeun.
“Aki ...! Aki Rangga ...!”
Samet ngulisik meueusan.
“Hayu urang bijil ...!” bari leungeunna satengah dibetot. 
Najan bari lulungu, Aki Rangga teu burung nuturkeun ka anu ngabedol leungeunna.
“Rék dibawa ka mana ieu téh?”
“Ssttt! Tong geruh! Hayu tuturkeun!”
“Ké, ari andika saha ...?” Si Aki nanya deui, da puguh tacan sidik kana rurupaan anu haben ngabebedolna. Anu kakara hudang saré téa, téténjoanana rucang-riceng kénéh.
“Demung,” témbalna bari terus metot Si Aki, dibawa ka anu rada poék.
“Ieuh! Nanaonan ari manéh, Elu?”
“Geus tong loba carita, bisi urang kaburu kanyahoan ku anu jaga!”
Leumpangna téh bari jeung ngadedempes, sakapeung salungkar-salingker heula. Kabeneran pisan pacalang anu keur jaga masih kénéh katénjo lelenggutan. Teu hésé ngaliwat ka lebah dinya téh. Ngahaja bari jéjéngkéan, bisi gareuwah ka anu keur kapulesan.
Sanggeus ngaliwatan lawang, terus Si Aki dibawa mubus ka nu poék. Maranéhna leumpang apruk-aprukan, nyingkahan pakampungan. Sajajalan, Si Aki teu dilésotkeun. Da puguh kana talag-tologna mun teu ditungtun mah. Ari manéhna onamanan, tutur aprak-aprakan ka anu paroék.
“Ari manéh nanaonan ieu téh?” Aki Rangga nanya deui semu nyentak, waktu geus rada jauh ti pakemitan.
“Naha Aki maké nanya kitu? Apan sidik hayang nulungan Aki!”
“Nulungan ...? Naha kieu carana atuh, Elu?” nanya deui bari bangun anu mangloh; teu tarima kana pilampah incuna.
“Ké, ké, tacan ngarti. Naha ari kahayang Aki, kudu kumaha atuh?” Demung malik nanya.
“Lain kieu carana atuh. Hidep geus lalawora kacida. Ku ditaragal kieu, tangtu bakal jadi mamala gedé pikeun urang. Ari hidep geus mikir panjang, bakal kumaha pibalukareunana?”
“Pokona mah kuring banget teu mikeun, Aki dibérok tanpa alesan. Anu matak, kuring merenyeng hayang nulungan.”
“Kaharti ku Aki ogé. Saha pijalmaeunana anu suka nénjo kolotna sorangan dikakaya deungeun. Tapi, lampah Elu bieu téh bakal ngabarubahkeun ka saréréa. Ku sabab bieu pakemitan dijorag, tangtu waé gegedén di pademangan moal cicingeun. Moal ka saha deui ngabarérangna, lamun lain ka Aki sorangan. Keur mah Aki téh dituding ku rupa-rupa perkara, kari-kari ayeuna kabur ti pangbérokan. Keur diri hidep, tangtu moal matak jadi bangbaluh. Tapi keur Aki sakulawarga? Daék teu daek, Aki kudu buru-buru nyingkah. Sabab, mun teu kitu, mamala baris tumiba. Nya ka mana Aki kudu lunta? Dina umur sakieu nya ka kolotan katurug-turug taya deui lalaki anu baris nalang-nalang, asa seunggah kacida lamun Aki kudu ngababakan di tempat anu sakirana moal kadongkang ku gegedén ti Ukur.”
Demung lila ngahuleng. Ku manéhna mimiti kapikir yén kitu geuning balukar tina pilampahna téh. Teu lila, pok nyarita, “Ari kahayang Aki kumaha, kitu?”
“Yeuh, Elu mun téa mah Aki dianggap boga kasalahan, ukur kasalahan anu teu sabaraha. Kitu deui pasualanana, dianggap geus tereh réngsé deuih. Tapi ku sabab ayeuna Aki dibawa kabur ti pangbérokan, pasualan anu ampir putus téh bakal anggay-anggayan deui. Pamolah Elu ayeuna, sarua waé jeung ngagugahkeun macan turu.”
Demung teu nyoara. Beuki kaharti waé ka mana brasna pamaksudan Aki Rangga téh.
“Ari Elu badami heula jeung batur kikieuan téh?” 
“Henteu,” témbal Demung pondok.
Pleng deui euweuh anu cacarita.
“Cacak lamun lain Elu anu nyieun pamolahna,” ceuk Aki Rangga sanggeus rada lila, “jigana Aki téh bakal balik deui pikeun masrahkeun diri. Lain ku nanaon, Aki moal pisanggupeun nadah balukar engkéna. Tapi lamun tepi ka kitu, Aki téh sarua jeung ngusrukkeun Elu kana durukan. Ayeuna mah da urang geus kapalang ngaléngkah, urang teruskeun waé ngala ka hareup. Ku Aki ogé kaharti, hidep téh budak kénéh, tacan loba luang jeung pangalaman, tapi ukur boga kahayang jeung kaludeung. Ngan engké deui, lamun urang rék milampah hiji perkara, peupeujeuh kudu dipikir heula masing asak. Ulah kejot borosot, ulah getas harupateun.”
Dicaritaan kitu, Demung ukur ngeluk. Rumasa, aing teu asak jeujeuhan, ceuk dina haténa. Ku kitu, ku kieu, ayeuna aing kudu milu tanggung jawab.
“Ayeuna mah meungpeung aya kénéh waktu, hayu urang buru-buru indit ti dieu. Urang kudu gagancangan nyingkah ka anu jauh, ulah tepi ka kapiheulaan beurang. Kitu deui Si Nini jeung barudak kudu kabawa ayeuna kénéh.”
“Indit ka mana, Aki?”
“Urang nuturkeun indung suku. Enya ari baraya mah Aki téh boga kénéh, tapi marangkukna teu jauh ti dieu. Cumah atuh lamun urang nyingkur deudeukeutan mah.”
“Kuring rék milu,” omong Demung.
“Kumaha lamun indung jeung bapa kukut hidep leungiteun?”
“Alah keun waé. Penting kénéh marengan Aki batan mulang ka Janggala mah. Atuh engké mah, lamun Aki geus merenah ogé bakal nyelang balik heula.”
“Ari kitu mah, hayu atuh!
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar