DEMUNG JANGGALA Bagian 12

PANONPOÉ karék meleték di langit wétan. Anu ngalolos geus rada jauh ninggalkeun lembur. Aki Rangga leumpang ti hareup, dituturkeun ku Si Nini bari ngais budak. Tukangeunana, Embi Rukmi nungtun budak sadua-dua. Ari Demung leumpangna téh pangtukangna bari manggul babawaan. Hareupeunana, Embi Mirah ngélék buntelan.
Da puguh ngaranna ogé ngalolos, atuh dina nyokot jalan ogé milih-milih anu sakirana suni, ngarah henteu mindeng pasarandog jeung anu lian.
Anu lumaku terus nalikreuh; mipir lamping nyorang pagunungan. Kabeneran teu loba manggih halangan, ari lain gawir anu nawing jeung walungan raaseun mah.
Aki Rangga nyokot jugjugeun ka beulah kidul, sangkan leuwih énténg ngajauhan wewengkon Ukur. Beuki kidul, jalan anu kudu disorang téh beuki hara-haraeun. Gunungna beuki laluhur, leuweungna beuki geueuman.
Kasorénakeun, maranéhna cunduk ka tempat anu rada négla. Ku sabab pamohalan lamun neruskeun lalampahan, Aki Rangga ngajak reureuh di dinya. Sabah, lamun kapeutingan di leuweung mah bakal leuwih barabé.
Dok-dak nuaran heula awi sagedé-gedé pigeulang. Lain rék kuriak rongkah, tapi keur nyieun saung lulumayanan; tamba disimbutan teuing ibun, ditiungan langit lénglang. Babakuna mah ngajaga barudak, bisi ngadadak galingging panas tiris alatan asup angin.
Saung wawayagon dadamparna ngandelkeun amparan jukut. Minangka hateupna, dangdaunan diamparkeun; padu iuh!
Najan dibawa walurat kacida, anak jeung incu Aki Rangga teu kadéngé ngarasula. Jiga anu geus pasrah bébéakan, nyanggakeun hirup katut huripna kana takdir ti Yang Manon.
Ngan Demung anu remen guligah téh. Manéhna asa dibeungbeuratan dosa. Dihenteu-henteu ogé, alatan pamolah dirina pangna Aki Rangga sakulawarga tepi ka kadungsang-dungsang téh.
“Embi, hampura kuring,” omongna.
Anu diajak nyarita tiba ngarérét meueusan.
“Rumasa kuring kurang jeujeuhan. Tungtungna saréréa kabawa barubah,” omongna deui.
“Mana kitu ogé geus nasib meureun, Alo,” Embi Rukmi anu ngawalonan téh. Sedeng adina, kalah tungkul bari ngurutan bitis.
Untungna téh dahareun keur saharitaeun mah kaburu kénéh mawa, basa tadi janari tatahar indit. Teuing sabaraha canggeum béas anu diwadahan kana ruas awi temen. Keur isukan mah, teuing naon anu kudu diasakan.
Peutingna, saréréa gemprah di jero saung. Tangtu kana patétéép, da puguh tempatna heureut. Ngan Demung anu masih candukul kénéh téh, diuk nyang-hareupan durukan, kira-kira dua deupa ti tihang saung.
Kabeneran langit lénglang. Cacak lamun harita hujan, piraku saréréa teu jijibrugan.
Sabot keur ngasur-ngasur seuneu, kadéngé aya nu hudang. Ku Demung dirérét. Anu anyar hudang téh terus diuk dina tunjangeun anu séjén.
“Naha geus lilir deui, Embi?”
“Lain lilir, da ti tatadi ogé henteu bisa peureum,” témbal Embi Mirah.
“Reureuhkeun heula atuh, ngarah isukan jagjag deui. Pan lalakon téh panjang kénéh.”
“Asa jararauh pitunduheun,” omongna. “Geuning Alo gé candukul kénéh.”
“Ih, ari kuring mah pan kudu tugur, bisi aya naon-naon,” pokna bari neundeun deui pangpung garing. “Embi, naha bet mogogan kahayang Juragan Demang?”
“Nya saha anu mogogan? Embi mah teu rumasa. Anu nolak pamundutna mah kapan Aki.”
“Jadi, Embina mah sadia, nya?”
“Nya, ari pikeun kasalamétan saréréa mah ...,” témbalna alon.
“Najan Embi sorangan bakal jadi korban?”
“Ari enggeus, pan euweuh deui pilihan. Dina enyana ogé Embi boga pamilih, bet pimanaeun teuing bisa laksana.”
“Naha?”
Anu ditanya teu buru-buru ngawalonan.
“Naha, Embi?” Demung nanya deui.
“Teu umum tuda, mun awéwé ngabijilan ti heula mah.”
“Ari Embi geus boga pamilih sorangan?”
Teu ngajawab. Ukur ngarérét meueusan. Luk deui tungkul.
“Kumaha, Embi?” Demung keukeuh tetelepék.
“Naon téa?” bet kalah mailk nanya.
“Ituh ari Si Embi, malaweung. Embi geus boga pamilih sorangan, encan?” Demung malikan deui pananyana.
Mani lila deui waé rék ngajawabna téh. Tapi ahirna mah teu burung engab, da nu nanyana mani keukeuh ménta jawaban. Pokna, “Ari kangaranan manusa, tangtu waé dibarengan ku angen-angenna. Hayang kitu, hayang ka anu kitu. Ngan mimindengna mah anu jadi angen-angenna téh sok papalingpang jeung kanyataan.”
“Keur kuring mah asa lieur jawaban Embi téh. Teu kaharti, naha rék ka mana losna.”
“Nya meureun matak lieur keur anu teu surti mah.”
“Ari kuring kaasup ka anu teu surti, kitu?”
“Jigana enya, matak teu ngarti ogé,” témbalna alon. “Geus ah, Alo, nyaritakeun perkara anu kitu mah kudu dina mangsana rinéh, ngarah puguh namperna dina angen.”
Demung teu nyoara. Saenyana manéhna ogé keur ngalelebah sakur anu diomongkeun ku bibina bieu. Ngan nya kitu, apan kiwari mah lain keur mangsana rinéh. Hésé rék dibadéna!
Nénjo anu cindukul di jero saung, Demung bet ras ka lanceukna. Enya, Si Aceuk ogé bareto kitu diukna téh; basa keur dibeberik musuh terus kalangsu téa. Jeung asana téh ku kabeneran pisan, harita ogé Si Aceuk téh kira-kira keur saumur jeung Embi Mirah.
Pikiran Demung kumalayang ka mangsa anu geus kaliwat.
Bruh-bréh deui lalakon heubeul, mangsa manéhna dibawa ngalolos ninggalkeun dayeuh. Lalakon anu teu seubeuh-seubeuh jadi sawangna, najan ukur ku manéhna sorangan—sasoranganeun.
***
ISUKNA, anu lalunta neruskeun deui lalampahanana. Geus mimiti karasa leuseuh, da puguh anu geus disorang téh kaitung jauh. Teuing geus aya di bawahan mana harita téh. Ngan ceuk pangrasa maranéhna mah, geus ngaliwatan wates wewengkon Ukur.
Pasosoréna, nya anjog ka hiji lembur rada gegek. Aki Rangga pangangguran nanya ka anu kabeneran pasangrok di jalan, naha ieu lembur téh asup ka wewengkon mana?
“Kandangwesi, nun,” témbalna.
Aki Rangga ngajak ngarereb di dinya. Bubuhan loba padumukna, atuh sakalieun meuting mah teu hésé, da loba anu ngahiap-hiap. Najan kitu, Aki Rangga pipilih heula, henteu dapon milu ngarereb. Kangaraning anu ngalolos, najan geus aya di dayeuh séjén ogé, ari ati-ati mah angger kudu.
Ngahaja milu meuting téh di imah anu rada nenggang. Tapi nya kitu, angger waé jul-jol anu narepungan. Basana, hoyong terang dongéngna!
Bubuhan Aki Rangga capétang nyarita, katurug-turug tina dirina sumorot komara, atuh urang dinya téh jol-jol raresepeun nanggapna. Ceuk angkanan maranéhna, ieu jalma tangtuna ogé henteu samanéa. Tétéla, tuda, lega luangna tur jembar panalarna. Atuh salila ngariung téh, ki semah anu pangmindengna ngabuih. Sedeng urang dinyana mah samet hookeun ngabandungan.
Anu matak, isukna téh pribumi jol-jol nyarita, “Ulah teuing neraskeun angkat, Juragan. Mending di dieu waé linggih mah, margi abdi sadaya asa gaduh anu dipikolot.”
“Har, meureun matak ngabarubahkeun ka urang dieu,” walon Aki Rangga.
“Ah, henteu. Naha da teu matak nyesahkeun ieuh. Bilih peryogi ku pangrereban, keun saung butut, saung butut waé mah urang réréongan midamelna. Sageuy urang dieu teu kersaeun. Atuh bilih badé neraskeun garapan kana tatanén, moal jadi pamengan, da lahan ublug-ablag kénéh,” omong pribumi.
“Nuhun kana pangangkenna. Tapi rupina moal tiasa mutuskeun ayeuna perkawis ngababakan di dieu mah. Upami kawidian kénéh, badé neraskeun ngiring ngarereb di dieu dua-tilu dinten deui mah.”
“Sumangga téh teuing,” omong pribumi.
Aki Rangga nimbang-nimbang kana panyambat pribumi. Lila dibeuweung diutahkeun, disaliksik tepi ka bubuk leutikna.
“Kumaha lamun urang terus matuh di dieu?” nanya ka kulawargana.
“Perkawis éta mah, nyanggakeun,” témbal Embi Rukmi, sarta terus diheueuhan ku indungna.
“Kumaha, Mung?” nanya ka incuna.
“Ih, ari kuring mah atoh anu aya. Kahijina, tempatna kaitung pikagenaheun. Kadua, teu nampeu ka dayeuh. Meureun moal kagiridig teuing ku pangagung,” témbal Demung.
Tilu poé ti harita, urang dinya cuh-cih ngalelemah piimaheun. Najan teu dihiras, jul-jol daratang sorangan. Aya anu manggul kai meunang nuuskeun, aya anu nga-welit keur pihateupeun, nektrékan batu keur tatapakan. Pokona mah: ramé ku anu dok-dak kuriak!
Sanggeus rada lila, Aki Rangga ngileng-ngileng pihumaeun. Kabeneran manggih lahan anu teu pibanggaeun nyacarna. Lahan mayat bahé ngidul, totondén alus mawatna. Di juru-juruna rajeg dapuran kawung. Moal hésé ku pigulaeun, lakar daék ninggur jeung nyadapna.
Bubuhan kana tani geus maranti, Aki Rangga jol-jol ngalemah ngurus pakaya. Bibinihan palawija, ngahaja milihan heula anu hasilna picukuleun. Anu matak, kurang leuwih tilu bulan ti saprak matuh di dinya, kebonna ngarémploh héjo. Paré huma geus mimiti ngaliab dapuranana. Moal lila deui ogé bakal rambay alaeun raweuy beuweungeun!
“Ki, kuring téh moal rék salilana matuh di dieu,” omong Demung ding hiji poé.
“Naha?”
“Kahiji, melang ka kolot, sabab basa lunta ti imah téh bébéjana moal lila. Karunya bisi melangeun. Atuh kaduana, kuring ogé boga kénéh pancén lianna.”
“Nya ari kitu mah, Aki henteu bisa ngahalang-halang. Ngan peupeujeuh, engké hidep kudu leukeun ngalongokan ka dieu.”
“Bet piraku atuh kuring jolédar ka kolot sorangan,” omong Demung.
“Aki mah ngan bisa sambung dunga, pamaksudan hidep sing tinekanan.”
Maké rada ngarakacak Demung téh ngadéngé kitu mah.
Pasosoréna, waktu manéhna keur nguyab-nguyab jukut di gigireun kandang domba, Embi Mirah nyampeurkeun. Paromanna asa béda ti biasa.
“Ari sugan Alo téh rék salilana matuh di dieu,” omongna.
“Lain teu bétah, Embi, tapi kumaha atuh da kuring kudu panjang kénéh lalakon.”
“Ulah poho ka Embi.”
“Moal. Komo deui lamun engké aya mangsana rinéh.”
“Saenyana kamari ogé rinéh, ngan Alo keukeuh teu surti.”
“Rinéh téh keur Embi. Keur kuring mah acan,” walon Demung.
“Ah, Alo, tong motah teuing atuh.”
“Kapaksa ku kaayaan, Embi. Naha ku naon, kitu?”
“Milu mangmelangkeun,” témbalna alon bari tungkul.
Melang? Geuning aya kénéh anu mangmelangkeun. Ari aing, harianeun teu misurti ka anu mikamelangna. Tapi, mun ngagugu kana kamelang batur, iraha rék cundukna ka pangjugjugan? Apan lalakon téh masih kénéh panjang, da ayeuna mah udagan téh karék samet témbong gelor.

***   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar