DEMUNG JANGGALA Bagian 13

JAUH hamo burung cunduk, anggang hamo burung datang. Demung geus anjog deui ka wewengkon Ukur. Ti dinya mah lumampahna sasalingkeran, pikeun nyingkahan paraméan. Lebah sisimpangan, manéhna ngarandeg heula. Jalan anu lempeng, brasna ka Janggala. Ari anu mengkol ngatuhu, liliwatan ka urut lembur Aki Rangga. Naha mending ka mana heula?
Ah, rék lempeng waé, pokna dina jero haté. Tapi, karék ogé sababaraha léngkah, bet ngadadak aya pikiran hayang nyimpang ka lembur anu kungsi jadi pamatuhan akina. Saha anu nyaho aing bakal meunang katerangan anyar anu réa gunana, gerentesna
Kabeneran jalan liliwatan téh simpé. Kitu deui sawatara lembur laleutik asa ilang dangiang. Barang cunduk ka anu dijugjug, manéhna pohara ngajenghokna. Imah Aki Rangga geus rata jeung taneuh; ancur jadi lebu. Anu nyésa téh kari tatapakanana, parentul dina sela-sela dapuran cécéndét. Kawas anu geus lila dihuruna, sabab tatangkalan anu jaradi geus katémbong ngaliab. Pangauban anu tadina haneuteun téh, kiwari geus salin sinis jadi dungus.
Paingan ti tatadi teu katénjo jalma ngulampreng, omongna dina jero haté. Jigana mah pangeusi lembur ngarasa ginggiapeun, tepi ka maranéhna nyaringkah ti dinya. Teuing saheulaanan, teuing rék salilana.
Demung teu waka incah ti dinya, najan teu cicing di tempat negrak ogé. Ngahaja nyalingker di tukangeun tatangkalan, bisi aya batur anu pangangguran nyérangkeun.
Rada lila ngalelentuk, bari mikir-mikir kudu kumaha nya pipétaeun. Keur kitu, katénjo anu ngurunyung. Anu balik ti huma jigana mah.
Anu anyar datang téh kacida reuwaseunana, barang ku Demung disampeurkeun. Malah jigana téh arék ngabéngbéos deui, najan harita katénjo semu kasima.
“Ari ieu imah iraha kahuruanana?” Demung miheulaan nanya.
Teu gasik ngajawab, kalah mencrong ka anu nanyana, bangun anu rada curiga.
“Iraha, Mamang, kahuruanana?” nanya deui.
“Sanés kahuruan, da,” témbalna.
“Sanés kahuruan kumaha? Apan sidik, ieu buktina geus jadi lebu.”
“Sanés kahuruan, tapi ngahaja dihuru,” témbalna alon, sari-sari anu kalepasan nyarita.
“Diduruk ku saha?”
“Duka atuh, Ujang. Mamang mah teu apal inya, margi sanés urang lembur dieu. Ti dinya, ti peuntas.”
“Ari pangeusina kumaha, saralamet?” nanya deui, api-api teu nyaho.
“Da tos kosong waktos didurukna téh. Dua dinten ti saangkatna Juragan Rangga, ieu bumi lajeng diduruk. Tapi, Mamang ogé ukur terang tina wartos,” témbalna, bangun anu kacida ati-atina, bisi salah pok.
Demung ngahuleng. Geus teg waé yén anu boga gawé téh tangtuna usung-ésang ti pademangan. Moal saha deui! Jigana téh alatan meupeus keuyang, duméh anu rék diraponan ku maranéhna bet kasampak suwung.
Hutang uyah, bayar uyah! Hutang seuneu, bayar seuneu!
Dur, najan tepi ka mana waé ogé, ku aing mo teu disanghareupan, omongna ding jero haté.
Harita kénéh Demung geus boga rarancang rék ngajorag pademangan. Diduruk siah! Moal diisukkeun deui; peuting ieu kénéh!
Geus buleud patékadanana. Tapi, ngadadak manéhna inget kana caritaan akina—yén kudu dipikir heula masing asak, ulah sok kejot borosot!
Leng deui ngahuleng, nimbang-nimbang patékadanana anu bieu geus kedal tina dadana. Jorojoy aya pikiran séjén, matak naon mun séjén waktu, susuganan aya lolongkrang anu leuwih merenah. Jeung deuih, masing kalah kumaha ogé, gawé rongkah kawas kitu mah kudu bari réréongan jeung anu lian. Asa pamohalan mun dipigawé ku sorangan.
Cindekna: bolay, da geus kasawang untung rugina. Demung gesat-gesut mulang ka Janggala.
Barang datang, kasampak bapa kukutna keur ngahuhuleng semu bingung. Di imah karasa combrék.
“Ari silaing tas ti mana?” bapa kukutna ujug-ujug ngahaok.
“Hampura uing, Bah,” omong Demung.”’Rumasa uing indit lila bari jeung teu pupulih heula.”
“Heueuh. Tas ti mana?”
“Kieu, Bah,” terus waé didongéngkeun sakur anu karandapan ku manéhna.
Bapa kukutna ngabandungan gemet pisan. Sanggeus lalakonna tamat, kakara pok nyarita, “Naha atuh mani kamalinaan? Silaing geus nyiksa ka déwék, utamana ka indung silaing.”
“Hampura, Bah. Uing téh taya pisan waktu pikeun méré béja heula. Kumaha tuda, bongan kitu kaayaanana. Lain teu inget ka Ema jeung ka Abah. Ari sababna, ka itu ogé uing wajib buméla, da tunggal kolot sorangan kénéh,” omongna. “Mana ari Ema?”
“Indung silaing? Hayu tuturkeun déwék!” bapa kukutna kalah nyarita, kitu. Jut turun, koréléng ka pipireun imah.
Demung nuturkeun. Manéhna tacan bisa ngira-ngira, ka mana losna pamaksudan bapa kukutna.
“Tah, ieu ... !” pokna deui bari nunjuk gundukan taneuh beureum.
“Bah ...!” ngan sakitu anu kedal tina biwirna.
“Heueuh. Tah, aya di dieu indung silaing mah.”
Ngadadak asa leuleus taya tangan pangawasa. Ampir-ampiran teu kuateun nangtung ogé, malah. Manéhna ngeluk bari nungkupan beungeut. Asa loba budalkeuneun anu nyelek ti jeroeun dada, tapi dina tikorona karasa aya anu ngahalangan.
Sanggeus rada lila, kakara bapa kukutna nyarita deui. Cenah, ti barang manéhna teu balik-balik, indung kukutna terus ngareunggeuy; gering nangtung teu menyat deui.
“Silaing geus disangka paéh, mana mulan-malén taya béjana gé. Komo deui barang di lembur séjén guyur aya anu manggihan bangké ngabebengkang di walungan, anu awak jeung beungeutna geus raca tapak pakarang. Ku anu mawa béja digambarkeun dedeganana. Ari indung manéh, bet jol-jol yakin yén anu paéh téh anakna. Anu matak gering pikirna beuki parna. Déwék onaman, tacan enya-enya yakin.”
“Naha ku Abah teu dibuktikeun heula atuh,” omong Demung.
“Enggeus éta ogé. Ku déwék ngahaja layon téh ditéang, ngan hanjakal ku urang ditu geus dua poé dikubur, tuda cenah bauna geus nataku,” walon Abah Demung. “Saenyana déwék asa kurang kumaha nyarita, tapi indung manéh keukeuh waé mageuhan anggapanana. Saban poé taya deui anu dipicangcam, iwal silaing. Antukna tepi ka hanteuna.”
Demung ukur ngahuleng. Rumasa dirina salah, tur jadi cukang lantaran indung kukutna kagegeringan. Ayeuna mah rék kumaha deui pikarepeun, da moal bisa dibalikan deui. Najan ceurik lolongséran bari carékna tepi ka bijil cimata getih ogé moal aya gunana. Nu enggeus mah, nya enggeus. Tinggal neuteup pikahareupeun. Jalan sorangeun masih kénéh ngembat panjang, tur moal kurang tarahalna.
***
BEUKI maju ka peuting, anu nayuban beuki maraceuh. Tatabeuhan beuki ngemprung, anu ngarigel sakapeung beuki marotah. Sawaréh deui tingceuleuweung mabok arak, bari teu kurang-kurang anu téténjrag jeung totonjok, badis munding kaasupan gaang. Mun teu kitu, ngajéngjéhé pada marencétan, terus utah boboroloan.
Harita, peuting di pademangan jadi peuting anu pinuh ku kasuka.
“Pur, sing luhur ngalungkeun sampur, Mantri. Paratkeun tepi ka, subuh!” Juragan Demang ngajorowok, sanggeus bieu diceuceuhan.
Perjurit kapetengan tingkalalar di buruan, ngintip-rigintip bisi aya jurig nyiliwuri. Sabot nu nayub saruka bungah, maranéhna narima papancén ti dununganana. Mangka caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket!
Dikéképan ti lebah dieu, tapi di beulah ditu jadi bolongor. Anu ieu tohaga, anu itu wawayagon. Kitu harita di sabudeureun pademangan ogé. Kapetengan teu arengeuh yén aya pihak séjén anu niat néwo-néwo, dina mangsana para ménak cacap nganteur kasuka. Bongan kalalanjoan anu ngabaksaan, bongan ronggéng pangbarepna matak moho, antukna lat poho kana medemna peuting anu sakapeung dijieun lolongkrang hadé pikeun uru-ara.
Pauting harita, Demung sabatur-batur geus rapih ningker pademangan. Blas-blus ka anu paroék tur merenah dijieun panyumputan. Kari nunggu-nunggu tangara iraha pidereunana! Saréréa geus kabagi pancén. Lamun kitu, kudu kumaha. Lamun kieu, kudu kumaha. Mangkadé ulah rék kapiheulaan abar.
Sabot kitu, di beulah wétan katénjo seuneu ngabebela. Teu katangen iraha mimiti teurakna, nyaho-nyaho geus ngagégébrag salegana wawangunan. Langit ngadadak hibar. Sora awi garing tingbeletok jadi parab seuneu, silitémpas jeung kocéakna jalma.
“Kahuruan ... ! Kahuruan ... !”
Sora kohkol dititirkeun. Ditakolna saengangna, da bisi kasilep ku corowok jalma. Brug-breg anu lalumpatan. Pagaliwota hésé ngabédakeunana; naha anu rék mareuman seuneu atawa anu rék sacokotna-sacokotna dina mangsa anu séjén keur bangreung jeung tagiwur!
Seuneu beuki ngabebela, teu kalis ku dibanjuran. Gur deui, gur deui! Kapetengan cuh-cih nawu sumur jeung nilasan tangkal cau. Lung, lung dibalangkeun kana seuneu.
Juragan Demang ukur bisa hahaok, da puguh geus selang-seling weureu arak. Maksudna mah rék ngatur kapetengan, tapi tangtungna teu kaur ajeg. Meusmeus ngarampéol, meusmeus ngarampéol. Tungtungna terus pada nyareuceuhan. Atuh cai keur mareuman seuneu téh kacontang sasiwur, dipaké niiskeun anu weureu inuman.
Ana pareng geus rada éling, bijil deui haokna. Jung nangtung bari dadaligdeugan. Tungtungna ukur bisa ngatur bari disangkéh ku anu séjén. Éta ogé, teuing aya anu ngadéngé, teuing henteu, da puguh keur sakitu kaweurna.
Dina keur pahibutna mareuman seuneu, di sawatara tempat ragot anu bégalan pati. Kapetengan anu samakta budal kabéh, pabuis métakeun pangabisana. Tapi, da puguh musuh teu puguh saha-sahana, antukna loba anu cilaka ku pamolahna sorangan. Ari sababna, Demung sabatur-batur hésé dibedakeunana ti rahayat anu keur tagiwur.
Kaitung lila campuhna. Teuing sabaraha imah anu harita dirurud eusina, sakur emas-inten atawa barang anu gedé pangajina. Tangtuna ogé lain ti imah si itu, si éta barang marahal kitu mah; ti imah para gegedén sabudeureun pademangan. Sageuy di imah rahayat mah maké aya dunya brana sagala. Paling ogé pacul jeung parabot tatanén lianna.
Puguh waé mucekil beubeunanganana téh, najan éta ogé remen kudu adu hareupan jeung kapetengan pademangan. Bubuhan sarua pada-pada siihan, dina derna bégalan pati téh loba anu tatu kabeunangan; ti dua pihakanana.
Seuneu geus maju ka pareum, bapa maling geus nyaringkah deui ngajauhan puseur dayeuh pademangan. Kaburna nyarahcalan bari jeung inditna papencar, aya anu ngidul aya anu ngalér, ka wétan reujeung ka kulon. Pokona mah dapon salamet nya diri, sabab kapetengan anu bijil beuki abrul-abrulan, lir siraru saentasna turun hujan. Tangtu waé jumlahna henteu saimbang.
“Mundur, Mung,” ceuk Si Jangkung barang mireungeuh ponggawa nagara beuki réa jumlahna. Geus lain lawan-lawaneun jalma welasan, tuda.
Karepna mah hayang terus maju bébéakan, ngan kaburu ditongtak ku batur-baturna bari diarélingan yén terus narajang ogé moal aya gunana, malah engkéna baris jadi mamala. Demung ngarasa ganggarateun, sabab dipegat kahayangna. Tungtungna mah manéhna ogé milu mundur, nuturkeun batur-baturna anu geus jarauh incah ti tempat bégalan pati.
Ka mana deui lalumpatanana lamun lain ka leuweung, da di dinya anu sok dipaké panyumputanan. Harita ogé mimiti nungtutan daratang; jul-jol ti saban jurusan, lila-lila ngarumpul deui kawas basa rék indit. Anu daratang téh teu kabéh walagri. Aya anu geus dewang tapak gobang, aya anu bancunur urut katinggur. Demung ogé ngagurat lebah piping, tapak bedog anu teu kaburu digiwarkeun. Getihna merebey teu eureun-eureun..
Jebul Si Joban bari ingkud-ingkudan. Ngélék buntelan sadua-dua.
“Demung, urang katitiwasan,” omongna bari haruhah-haréhoh.
“Naha kumaha, kitu?”
“Si Akang beunang diraponan ku kapetengan.”
“Hah! Baruk Si Abah kacerek musuh?”
“Enya. Mamang lain teu niat nulungan, ngan tuda ituna lain lawan-lawaneun. Kuriak waé jadi cilaka saréréa,” témbalna deui bari terus ngalungsar dina canir.
Demung ukur bisa ngahuleng semu bingung. Kudu kumaha nya pipetaeun? Bapa kukutna sasat geus lain cokot-cokoteun, ari lain rék sosoroh kojor mah!
Barang diitung, tina dalapan welas jalma téh, tilu di antarana teu mulang deui. Teuing geus ngababatang, atawa kacerek aya kénéh nyawaan.
“Mung, urang tong lila teuing reureuh di dieu, bisi kasusul ku urang pademangan. Beu, matak barabé engkéna, da kaayaan urang kiwari ukur batan sakieu,” omong Si Jangkung.
“Enya. Anu geus kacerek mah, dalah kudu dikumaha. Ditéang deui ka ditu ogé, sarua jeung urang séba nyawa,” omong anu séjén. Maksudna mah sarua, hayang buru-buru ingkah ti dinya, bisi anu ngudag ngagurutak mantén.
Bring arindit deui, rék néangan panyumputan anu sakirana moal kasusud ku perjurit nagara. Tangtu waé jalan panglumpatan téh loba anu geus dipeungpeukan. Pamohalan lamun maranéhna bisa ngalanto ka pilemburan.
Anu lumaku geus teu bisa diajak rusuh. Komo deui ayeuna dibawa kukurubutan. Keur mah jalan sorangeun sakitu rumpilna, katurug-turug loba anu geus kalémpohan. Ngan awaking ku sieun waé pangna maranéhna maksakeun ingkah sotéh.
“Ayeuna mah kieu,” omong Demung sanggeus manggih pangreureuhan anu rada merenah, “saheulaanan mah reureujeungan téh tepi ka dieu heula. Pék ayeuna barang bagikeun. Mun geus réngsé, urang kudu terus papencar. Mun rék aya naon-naon deui, engké baris dibéjaan.”
“Tapi, entong nempuh anu matak cilaka atuh,” ceuk kokolot bégal ti Kolébérés.
“Enya, ulah kawas ayeuna, tepi ka batur urang aya anu beunang bari urangna sorangan loba anu tatu,” omong anu séjén.
“Heueuh, da saha anu apal pikieueun atuh,” omong Demung.
Réngsé babagi, maranéhna terus bubar. Geus dipapadonan éta ogé, sangkan tong kumawani ngulampreng ka paraméan. Malah mun bisa, pamatuhan ogé kudu buru-buru pindah.
Sajajalan, Demung katénjo rada nguyung; mikiran nasib anu tumiba ka bapa kukutna. Éta ogé ari napsu mah ngagugudug, tapi kakuatan anu nyampak moal picumponeun.
Tapi, najan kukumaha waé ogé, aing kudu boga tarékah, omong dina jero haténa.

***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar