DEMUNG JANGGALA Bagian 14

GEUS sababaraha poé pasemon Demung henteu bérag. Banget ngarasa bingung, kudu kumaha carana béla bapa kukutna. Masing kalah kumaha ogé, manéhna kudu tanggung jawab. Éta ogé henteu cicingeun. Manéhna remen néangan raratan, di mana bapa kukutna dibérokna. Ngan nya kitu, lebeng taya pisan katerangan.
Dina keur kitu, bet jol anu mawa béja. Eusina matak rentag kana haté.
“Si Akang geus diiangkeun ka dayeuh,” ceuk Si Joban.
“Nu bener, Mamang?”
“Yakin. Mangkukna, sakabéh hukuman geus digiringkeun ku para ponggawa. Diranté sina leumpang ngantay, sajajalan dilalajoan.”
“Naha loba kitu? Éta geuning Mamang maké nyebut ngantay.”
“Aya sababaraha urang. Tétéla lain batur urang wungkul, tapi deuih sakur hukuman anu aya di pakidulan. Pokona mah, kudu buru-buru disanggakeun ka dayeuh, sabab hukumanana baris diputus ku Pangawulaan,” témbal sobat satia bapa kukutna.
Demung ngahuleng, mikiran katerangan anu kadéngé cikénéh. Kudu kumaha nya pikarepeun?
“Mamang, cing kumaha carana lamun hayang nulungan Si Abah?”
“Asa teu katoong pijalaneunana, Mung. Komo ayeuna geus aya di dayeuh. Mamang ogé sarua ngarasa bingung. Saha anu téga lamun urang ngadéngé béja yén Si Akang jeung batur-batur urang diketok beuheungna di alun-alun, hég bari dilalajoan ku jalma réa,” omongna. “Ngan lamun ditanya kudu kumaha pikarepeun, rék balaka waé yén Mamang teu untupan ngasongkeun bongbolongan.”
“Kieu wé atuh, Mamang,” ceuk Demung, “uing rék indit ka dayeuh. Mamang daék nganteurna?”
“Ulah! Barina ogé rék naon?”
“Naha maké ulah?”
“Mamang ngarasa salempang, bisi urang terus diraponan. Beu, bakal leuwih barabé.”
“Naha maké sieun ditéwak? Mun urang teu kua-kieu mah, piraku ujug-ujug diraponan.”
“Geuraheun teuing. Apan urang téh geus dikakalakeun. Ayeuna waé pacalang jeung kapetengan teu eureun-eureun ngaronda ka pilemburan. Taya deui maksudna iwal rék nyangkalak urang. Anu matak, Mamang geus teu ludeung pisan ngulampreng rada jauh. Inggis jol-jol gerewek waé. Moal bisa kukumaha!”
Demung lila nimbang-nimbang. Yén pamadegan sobatna kitu, memang enya loba benerna. Tapi deuih, manéhna ngarasa panasaran, sugan waé bisa manggihan lolongkrang pikeun nyokot bapa kukutna ti pangbérokan.
“Jigana uing mah rék maksakeun indit,” pokna sanggeus rada lila mikir.
“Naha geus asak nimbang-nimbang pibalukareunana?” Si Joban kalah malik nanya.
“Enggeus,” témbalna tandes. “Mun Mamang rék milu, hayu. Tapi mun embung mah, kajeun. Uing rék indit sorangan.”
“Nya ari kitu mah piraku Mamang ogé téga ngantep sina indit nyorangan. Hayu waé dibaturan,” omongna.
***
ISUKNA, Demung kadua sobat satiana miang ka dayeuh. Ngahaja jalanna remen mabal. Kajeun kudu kukurusukan heula, jeung ti batan ngaliwat ka tempat ramé mah.
Dasar indit-inditan keur ninggang di sué, satengahing jalan, breg hujan gedé pisan. Maranéhna maksakeun nikreuh bari geus kabulusan, da teu manggih tempat keur ngiuhan. Hujan gedé dibarung ku angin téa, lain tadah-tadaheun daun cau saponggol.
Sanggeus lila jijibrugan, kakara manggih saung sisi jalan. Saung wawayagon bari ngupuk-ngupuk acan. Maksudna mah rék nyimpang heula, sugan waé bisa dipaké ngiuhan. Tapi, maranéhna ngarengkog deui, sabab di jero kadéngé sora anu keur guntreng.
“Kadé bisi kapetengan,” Si Joban ngaharéwos.
Demung ngintip tina sela-sela bilik, terus ngalieuk ka sobatna. “Lain,” pokna. “Sampurasun, kuring milu ngiuhan:”
“Rampés. Yap ka dieu, ka jero, da lega kénéh,” témbal anu di jero.
Bus ka jero, sanggeus meureutan heula baju dina taweuran. Kasampak aya jelema duaan.
“Rék ka marana ieu téh burit-burit?” anu saurang nanya, minangka ngabagéakeunana.
“Puguh rék mulang, ieu téh. Teu ku hanteu, di tengah jalan kapegat hujan,” témbal Si Joban. “Ari Akang rék ka marana deuih?”
“Sarua was rék mulang ka lembur. Sugan téh moal waka cur hujan. Nyana-nyana pikieueun mah, balik téh rék isuk waé, muru pasusubuh. Paingan bieu rék inditna mandeg mayong,” témbalna.
“Naha tas ti marana ieu téh’?”
“Ti dayeuh, tas nyumponan panyaur Kangjeng Dalem. Rék mulangna mah ti mangkukna kénéh, ngan keukeuh diandeg heula. Kabeneran deuih kamari aya lalajoaneun di alun-alun.”
“Naha aya naon kitu, Akang?” Si Joban hantem tetelepék
“Har, naha teu ngadéngé kitu? Apan aya raraméan.”
“Raraméan naon?” Demung ogé ahirna mah milu nanya.
“Neukteuk beuheung karaman anu ngagalaksak di pakidulan Ukur. Tiluan kabéhna mah,” témbalna deui.
Tangtu waé kana ngarénjagna, ngan buru-buru maranehna nyumputkeun semu; inggis katohyan ku jalma anu keur disanghareupanana.
“Rada aman meureun ka hareup mah,” omong nu saurang deui.
“Enya,” baturna mairan. “Hanjakal karék beunang tiluan. Cacak lamun gegedugna geus kacerék, tangtu bakal leuwih tengtrem.”
“Naha saha kitu, Akang, anu kamari diteukteuk beuheungna téh?” Si Joban nanya deui, akon-akon teu nyaho nanaon.
“Karaman, ceuk kuring ogé, pan. Ngagalaksakna mani kacida. Jumlahna aya welasna. Ka para ménak ogé wani ngaganggu, cenah. Tapi ari anu panggangasna mah gegedugna. Ceuk béja, jalmana ngora kénéh, keur sesedengna benteng, katelahna Demung Janggala.”
Gebeg!
Si Joban rikat ngiceupan, sangkan Demung buru-buru nyumputkeun deui pasemon. Sabab, bieu katara ngarénjagna. Untung anu diajak ngobrolna teu pati merhatikeun.
“Ké, ari Akang duaan remen disaur ku Kangjeng?” Si Joban nanya deui.
“Atuh puguh. Apan kuring téh pamatang anu remen jadi pamanggul di pamoroan, lamun Kangjeng Pangawulaan nuju bubujeng. Kamari ogé, pangna kuring disaur téh apan anjeunna badé nempuh ka Pasirsalam. Geus tilu usum tara aya ménak ngulampreng ka dinya. Tangtuna ogé kidang jeung uncalna geus rendang pisan. Tadina mah angkat bubujengna téh badé ka pakidulan. Tapi ku sabab ayeuna keur werit, nya terus dialihkeun ka beulah kulon.”
“Pasirsalam mah atuh jauh kacida, Akang. Lamun disorang ti dayeuh téh, ceuk pangira kuring, moal parat ku dua poé.”
“Enya, lamun ngaliwatna ka dieu heula mah. Tapi pan aya jalan takulan; ka Sékéhaur heula, ngan pédah teu ngabulungbung. Ké, saha geuning Ki Sanak mah apal ka lebah dinya?”
“Kungsi ngaliwat sakali,” omong Si Joban. Ari kitu téa mah pinter pisan ngabijilan caritaan, tepi ka anu duaan henteu curiga meueus-meueus acan. “Teu sangka, horéng Akang mindeng reureujeungan jeung para ménak. Tada teuing resepna jigana, nya?”
“Is, puguh waé,” pokna semu reueus, duméh aya anu muji.
“Iraha, Kang, derna moro téh?” Demung pipilueun deui nanya.
“Dua minggu deui,” témbalna. “Tapi da ti pagéto kénéh ogé kudu geus tatahar. Apanan ari ménak nuju bubujeng mah, kudu sadia papanggungan di luhur pasir anu plung-plong ka ditu, ka dieu. Malah teu cukup ku kitu, da kudu bari direuah-reuah ku tatabeuhan. Beu, Ki Sanak, di rarambu leuweung téh ngadadak aya pésta. Mangkaning biasana Kangjeng Pangawulaan mah arangkatna sok saputra garwa.”
“Ari Ki Sanak resep moro?” anu saurang nanya.
“Tara, Akang,” témbal Si Joban.
“Tah, Si Ujang anu ieu, anu pantes jadi pamatang mah. Awakna sembada, tangtuna ogé rosa tanagana,” omongna ka Demung.
“Nya, sok rajeun waé ari moro careuh mah, di kebon,” omong Demung, tamba henteu teuing.
Teu kungsi lila, hujan mimiti raat; kari miripisna. Wanci geus maju ka burit, kira-kira asar ahir.
“Ki Sanak, kuring mah rék neruskeun deui lalampahan, da lamun kapeutingan di dieu mah, kana moal manggih kéjo. Rék bareng?”
“Sok waé atuh Akang ti heula. Barina ogé kuring mah rék sumpung-simpang heula,” témbal Si Joban.
“Enya atuh. Hayu!” bari terus barijil ti saung. Teu kungsi lila geus ngiciprit ka kidulkeun.
“Rék kumaha atuh ayeuna lalampahan urang?” Si Joban nanya.
“Ah, urang balik deui wé. Rék naon los-los ka dayeuh ogé, apan bieu kitu dongéngna,” témbal Demung. “Teu sangka nasib Si Abah ....”
“Enya. Hampura kuring, Kang Éwos. Reureujeungan aya likurna taun, ari papisahna bet bari pikangeneseun.”
Pleng duanana euweuh anu cacarita. Dina dada Demung ngéntab-ngéntab seuneu amarah. Ayeuna mangsana aing kudu balitungan!
“Mamang, gura-giru urang mulang, tong hayang luas-léos heula. Geus kitu, urang kumpulkeun babaturan. Malah mun bisa urang tambahan,” omongna sanggeus rada lila.
“Naha rék nyieun rarancang naon deui, kitu?”
“Urang tempuh Pangawulaan,” témbalna alon, tapi tandes.
“Hah?” Si Joban calangap.
“Ku naon? Mamang kagét?”
“Ké, ké! Naon maksudna?” kalah malik nanya bari kerung.
“Mamang, apan bieu ku Mamang kadéngé pisan yén Si Abah dihukum pati téh ku Pangawulaan pisan. Hutang nyawa, bayar nyawa!”
“Enya. Tapi, moal pimahieun lamun urang rék kitu péta mah. Sahenteuna, anu bakal disanghareupan ku urang téh samagréng dina sagalana. Naha urang kudu terus nambahan korban?”
“Atuh carana ulah rék torojogan. Matak naon lamun ku lampah demit!”
“Ah, teu sanggup Mamang mah!”
“Ké heula! Ulah waka nyebut teu sanggup! Déngékeun heula rarancang uing!” Demung gancang némpas.
“Cing, kumaha piprakeunana?”
“Apan bieu geus disebutkeun yén rombongan Pangawulaan ti dayeuhna bakal nyokot jalan takulan. Tah, matak naon lamun urang megatna di lebah dinya. Kaharti ku Mamang?”
“Enya ari kituna mah. Tapi, da lain bantrak-bantrakeun atuh. Sing inget, Mung, anu rék dipegat ku urang téh abrulan perjurit petingan,” omong Si Joban, angger dina pamadeganana.
“Tapi, taya salahna mun urang nyobaan heula. Lamun sakirana teu pisanggupeun, matak naon urang bolaykeun. Mun téa mah babaturan urang geus katitih kaludeung,” omong Demung. Ku manéhna ogé kahartieun yén tacan tangtu anu séjén bakal sapamadegan jeung dirina. “Tah, lamun Mamang sabatur-batur ngarasa teu sanggup, kuring sorangan anu rék maju. Matak naon lamun kuring akon-akon jadi pamatang. Sugan waé bisa kaparengkéun meunang lolongkrang ngadeukeutan Pangawulaan. Nya harita mangsana kuring males pati.”
“Ulah ...!”
“Mamang moal bisa ngahalang-halang pakarepan kuring,” omong Demung tandes naker.
Bep duanana baralem. Si Joban anu geus apal kana adat sobatna, ngarasa taak pikeun terus ngélingan sangkan tong kalalanjoan.
“Mang,” ceuk Demung sanggeus rada lila, “kumaha lamun urang ayeuna mikaweruh heula jalan liliwatan anu engkéna baris dipaké ku abrulan pangagung. Sugan waé urang bisa manggihan tempat anu sakirana merenah pikeun megat maranéhna.”
“Naha enyaan ieu téh?” kalah malik nanya.
“Naha disangka kuring ukur bebenjon?” Demung mencrong sobatna. “Mun Mamang teu sanggup engké dina prakna, kuring moal rék maksa. Tapi sakali ieu mah kuring meredih sangkan Mamang daék nganteur, da kabeneran geus apal kana lebah-lebahna. “
“Nya, hayu atuh ...

***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar