“Arapal ka Sékéhaur, lin?” Demung ngawahan, rék nerangkeun
rarancangna engké. “Tah, pan jalan liliwatan téh aya di sahandapeun cadas anu
sakitu nawingna. Dina prakna engké megat, urang kudu aya dina luhureun cadas,
ngarégrég kira-kira sapuluh deupa séwang anggangna. Ku cara kitu, urang aya
dina kaayaan anu nguntungkeun. Kahiji, bakal babari ngajorag ti luhur mah, bari
urangna teu kudu turun heula. Sarta musuh urang moal bisaeun ngaberik
gagancangan, sabab pan jalanna ogé sakitu rumpilna. Kadua, lamun urang
kira-kira teu sanggup terus ngayonan, rék kabur ka jero leuweung ogé babari.
Yakin, itu moal bisaeun ngudag. Kaharti?”
“Peun, lebah dinyana mah, kula geus bisa nyawang,” omong
gegedug ti Kolébérés. “Ngan anu masih kénéh panasaran téh, naha enya bakal aya
anu ngaliwat ka dinya, sabab biasana ogé jalan éta mah suwung ku nu lalar
liwat. Lamun tacan pasti mah, kula horéam inditna ogé. Sieun engké téh hanas
urang ngalelentuk nungguan, tapi anu didagoanana euweuh.”
“Enya. Ulah rék natambuh laku. Kira-kira teu pihasileun mah,
mending kénéh néangan anu séjén. Kajeun hasilna teu pati mucekil, tapi geus
pasti,” omong anu séjén.
“Kuring yakin yén aleutan ménak bakal ngaliwat ka dinya,”
omong Demung, tandes, bisi niat babaturanana ngolémbar deui.
“Ari kuring mah kieu ieu téh, Jang,” ceuk anu pangkolotna,
urang Pasirjambu. “Naha rék langsung ditempuh ku urang anu dipegat téh, bari
jeung teu dibéré heula tangara?”
“Enya,” témbal Demung. “Pokona mah barang geus katénjo
ngabrul, sarta geus asup kana tataheunan urang, langsung waé jorag ti luhur,
tong dibéré mingé pikeun ngalawan.”
“Ah, euweuh ti dituna lamun kitu mah. Biasana ogé anu
dipegat téh tara langsung ditarajang, tapi sok dibéré heula kasempétan pikeun
serah bongkokan. Lamun maranéhna keukeuh rék ngalawan, ku urang kakara
diayonan. Tapi lamun ménta ampun méméh prung mah, ulah ieuh diganggu jalmana;
cukup ku dirampas babawaanana,” omongna deui.
Demung teu waka bisaeun némbalan. Ari sugan téh lain rék
kadinya losna, tuda.
“Anu rék dipilampah ku Ujang, geus luareun tetekon jeung
kailaharan anu sok dipigawé ku urang-urang,” anu séjén mairan.
“Kieu saenyana mah,” Si Joban milu nyarita, “anu rék
disanghareupan ku urang téh rada béda ti biasa ...,” nyaritana teu kebat sabab
kaburu dikiceupan ku Demung.
“Pokona mah, anu rék milu, hayu bareng. Anu moal, jeun
teuing, ngan meureun moal meunang bagian nanaon. Kitu wé lah! Da lamun haben
patugeng-tugeng, kalah ka manjangkeun catur. Kuring mah teu resep paréa-réa
omong!”
Sanggeus dikitukeun mah, saréréa jempé. Maranéhna sapuk kana
pangajak Demung.
“Mamang, tong dibéjakeun rék nempuh aleutan Pangawulaan
atuh! Éta mah ukur rusiah urang duaan,” ceuk Demung ka sobatna, waktu cacarita
paduduaan.
“Enya, ampir Mamang kalepasan,” témbalna.
Dina rék brengna, anu megat geus karumpul, sakumaha hasil
babadamian ti heula. Wanci haneut moyan, maranéhanana geus ngajéngjréng dina
biwir cadas nawing. Aya anu nyarékel gondéwa, aya deuih anu nyangigirkeun batu
sagedé-gedé sirah. Pokona mah ngan kari prak. Geus kacipta bakal nyocolna.
Musuh anu araya di handap moal bisaeun loba hojah, lir lauk dina bubu!
Tapi, anu didago-dago téh lebeng. Boro-boro aleutan
pangagung ti dayeuh, teu ponggawa-ponggawana acan!
Demung katut batur-baturna mimiti marudah haté. Lengo deui,
lengo deui, ngalieukan ka beulah wétan. Lapur, teu kalangkangna-kalangkangna
acan. Tepi ka wanci tangangé, anu didagoan teu embol-embol.
“Mana? Geuning euweuh!” mimiti kadéngé aya anu nyoara,
minangka pikeun ngedalkeun kakeuheul; tapi teuing kudu keuheul ka saha.
“Heueuh! Hanas sing geus kapentrang ti tadi kéneh,” omong
baturna. “Héy, urang Janggala!” ngageroan ka Demung. “Geuning teu bukti
caritaan andika téh!”
“Dagoan sakeudeung deui atuh, bisi anu di jalan aya heula
halangan,” témbal Demung ti peuntaseunana.
“Sakeudeung-sakeudeung podol séro! Jaba cangkeul jeung
kesel, jaba cokor ditapuk sireum tataman.”
Demung teu némbal. Ceulina karasa panas barang ngadéngé kitu
mah. Tapi, manéhna teu bisa nambalang kateterusan, da puguh enya keur ninggang
di salah. Tangtu waé dirina anu jadi paneumbleuhan saréréa.
Anu maregat geus mimiti luh-lah humandeuar. Malah tungtungna
mah narungtutan tarurun deui ti panyumputanana. Nénjo galagat kitu, Demung ogé
milu turun deuih.
“Geus waé bubar! Cumah ngalelekur nungguan di dieu gé,” ceuk
gegedug Pasirjambu.
“Heueuh. Kaya kieu mah déwék teu hayang teuing babarengan
deui jeung urang Janggala. Hanas lalakon leumpang sakitu jauhna, tapi hasilna
nyamos,” anu séjén mairan.
Ngadéngé kitu-kitu teuing mah, Demung ogé teu cicingeun.
Manéhna nyampeurkeun bari némbal, “Kakara ayeuna déwék
gagal. Naha teu inget yén anu ti heula-heula mah salawasna ogé sok hasil?”
Sanggeus nénjo paroman Demung kitu mah, saréréa taya deui nu
wani némbal. Kahiji, maranéhna rada gimir nyanghareupanana. Najan enya urang
Janggala kari tiluan deui, tapi maranéhna geus apal, saha jeung kumaha ari
kabisa Demung dina urusan bégalan pati. Memang enya caritaanana téh bener.
Gagal sotéh karék ayeuna, da biasana mah tara kungsi nyamos.
“Kula ayeuna rék neruskeun lalampahan, moal putus harepan
ukur ku sakieu. Saha di antara maranéh anu rék milu?” omong Demung ka
batur-baturna.
“Naha rék terus ka mana deui?” gegedug Kolébérés nanya.
“Urang ka Pasirsalam,” témbal Demung.
“Hah! Ka Pasirsalam? Atuh jauh temen. Rék naon los-los ka
leuweung?”
“Kula moal bisa nerangkeun di dieu. Mun rék milu, hayu!”
Babaturanana silirérét. Maranéhna ngarasa bingbang, sabab
rék naon los-los ka tempat anu sakitu jauhna, bari teu puguh udaganana.
Lantaran taya anu nyarita, tungtungna Demung ukur ngajak dua
sobat satiana. Éta ogé Si Joban jeung Si Jangkung téh saenyana ngarasa
seunggaheun kacida. Tapi lamun baha, sieun matak goréng balukarna. Piraku
gegedugna rék sina indit nyorangan.
Tapi lila-lila mah, sanggeus Demung katut dua sobatna
ngaléos, anu séjén ogé aya anu terus nuturkeun; urang Pasirjambu jeung urang
Bojonglaja, kabéhna aya tujuhan. Teuing mémang karepna, teuing pédah ngarasa
kapaksa jeung kagok asong.
Maranéhna terus leumpang ngulon. Saréréa jempé, kawas anu
keur ngararasakeun nyeri huntu. Saenyana dina pikiran Si Joban loba
kedalkeuneun, tapi teu manggih lolongkrang pikeun pokna.
Lebah mumunggang pasir, aya jalan sisimpangan anu brasna ka
Tegalwaru. Jalan netek arula-arileu. Ceuk anu bohong téa mah, lamun nanjak di
dinya, tuur bisa antel jeung gado; bakat ku netek!
Maranéhna ngadon reureuh, bari ngararasakeun kacapé urut
bieu kukurusukan di jalan takulan. Panonpoé geus mimiti lingsir ngulon.
Sabot kitu, Si Joban ngajorowok bari nunjuk ka lebak, “Itu
geuning!”
Enya waé, katénjo aya anu ngabrul ka dieukeun. Tacan pati
écés jumlahna mah, da jauh kénéh. Ngan anu sidik, jiga teu sabaraha loba.
Saréréa blas-blus kana ruyuk sisi-sisieun jalan. Demung
ngawaskeun ti lebah tangkal asem. Hiji, dua, tilu ..., ngan aya dalapan jelema
geuning. Kitu ogé anu opatan mah purah nanggung tandu. Tukangeunana aya kuda
umbal momot barang. Asa piraku rombongan Pangawulaan ukur sakitu jumlahna.
“Aya araheunana moal ieu téh?”
“Aya, Mang, ngan jigana moal loba,” témbal Demung bari terus
nyalingker.
Kabeneran deui waé, megat téh dina lebah mumunggang. Anu rék
dipegat tangtuna ogé geus leuseuh, urut bieu nyorang tanjakan.
Najan sasatna geus jadi pagawéan baku, tapi keur kitu mah
angger waé maranéhna degdegan. Komo barang nénjo anu tiluan mawa tumbak
nyalulagrang mah. Kira-kira sapamaledog ogé geus kaciri, tuda, anu datang téh
dikawal ku kapetengan.
“Geuning dibarengan ku perjurit,” Si Jangkung ngaharéwos.
“Tong gimir, Mang. Keun bagian kuring kapetengan anu
hareupna mah,” omong Demung, sarua ngaharéwos.
Barang geus aya hareupeunana, Demung rikat ngajleng bari
tatahar rék ngalempagkeun tumbak. Anu séjén ogé jlung-jleng ningker sasaranana.
“Pasrahkeun sakabéh babawaan ...!” Demung ngajorowok.
Puguh baé anu kakara réngsé nyorang tanjakan téh reuwasna
kabina-bina. Tapi, lain gé kapetengan padaleman lamun kudu mundur ku sakitu
mah. Apan ngaraponan bapa maling atawa meruhkeun bangsat gerot geus jadi
kaulinan sapopoéna. Maranehna ogé rikat arék ngalawan.
Tapi, Demung geus miheulaan ngalempagkeun tumbakna. Salilana
ogé tara nyalahan. Seuseukeut tumbak nanceb kana lebah hulu angen musuhna.
Der waé gelut campuh. Tapi, ku sabab teu ngimbang jumlahna,
kapetengan anu tilu deui terus ngababatang. Ari anu ngagotong tandu, kalah
ngaberetek balik deui ka jalan urutna. Ku Demung diberik. Gabres beunang anu
nanggungna di beulah tukang. Najan teu nenggel, tapi teu burung terus
ngudupruk. Guprak tandu téh ragrag tina taktak anu ngagotongna. Kadéngé sora
anu ngajerit: sora awéwé!
Anu ngagotong tandu geus katénjo ngayekyek. Komo sanggeus Si
Joban datang nyampeurkeun mah. Congo tumbak jeung seuseukeut gobang anu geus
lamokot ku getih wuwuh matak paur.
“Ampun ..., Jur ... raggaaan ...,” omong anu saurang.
Lamun musuh geus nyebut ampun, hartina ménta dihirupan. Teu
kaci terus dipaehan, da kitu “aturanana”.
Demung nyampeurkeun tandu anu geus ngajéngjéhé dina kamalir.
Hég réréganana disingkabkeun ku congo tumbak. Bréh aya awéwé mani ngahéphép
bari nanangkeup budak leutik. Barang bray, barang jerit! Atuh budak anu
ditangkeupna ogé milu ngocéak deuih.
Kitu deui waktu Si Joban nyampeurkeun bari ngabar-ngabar
gobang. Éta awéwé ngajerit deui, bari beuki nyempod ka juru tandu.
Demung terus mencrong, malah ampir teu ngiceup-ngiceup.
Perkara éta awéwé sakitu gamulengna, geus pasti éta mah. Kitu deui perhiasanana
anu sakitu reunceumna. Tapi, lain éta anu ngalantarankeun manéhna terus
mencrong mah. Lain, lain!
Barang Si Joban rék ngarongkong ka jero tandu, maksudna rék
ngadudut eusina, ku Demung gancang dihalangan, malah bari semu dijengkangkeun.
Puguh waé baturna téh jadi hémeng. Komo deui barang nénjo Demung kalah terus
ngajanteng bari mencrong teu ngiceup-ngiceup mah. Demi awéwé anu dipencrongna
téa anggur beuki ngahéphép.
“Urang raradan emas intenna,” ceuk Si Joban, maksudna mah
ménta kasaluyuan. Tapi Demung angger balem. Lelembutanana teuing keur ngacacang
ka mendi.
Lantaran anu ditanya henteu ngabijilan omongan, Si Joban
malik ka awéwé anu dina jero tandu. Pokna satengah nyentak, “Laanan siah
perhiasanana!” Nyarita kitu téh bari angger ngajanteng tukangeun Demung. Si
Joban teu wanieun deui ngarongkong ka jero, sabab sieun dijengkangkeun kawas
bieu.
Da puguh keur sakitu kasimana, batan ngagugu mah éta awéwé
téh kalah beuki ngayekyek.
“Buru laanan, siah, bisi ku aing dirangsadanana!” pokna
deui.
Kongkorongna dilaan rurusuhan. Kitu deui geulangna
diporosotkeun. Suweng jeung ali katut panitih taya anu diiwalkeun. Ku Si Joban
buru-buru ditampanan bari satengah dijéwang.
Sajeroning kitu, Demung masih kénéh ngajanteng, teu ngomong
sakemék-kemék acan. Pipikiranana tacan ngumpul deui.
“Bijil siah!” ceuk Si Joban deui.
Anu di jero tandu kalah beuki nyempod bari pageuh nangkeup
budakna.
“Bijil, bisi tanduna ku aing dicacag!”
Ngadéngé kitu, Demung malik mureleng ka baturna. Matana
ngadadak hurung. Tumbakna diangkat, terus dilempengkéun ka lebah dada Si Joban.
Puguh waé, Si Joban ngadadak kabur pangacian. Ngan deregdeg
waé lumpat ngajauhan, mani tibabaranting, nyampeurkeun batur-baturna anu keur
ngararadan barang rampasan.
Demung malik deui mencrong ka anu keur ngahéphép di juru
tandu; jiga anu rék nyacapkeun kapanasaran. Lalaunan rérégan tandu ku manéhna
ditutupkeun deui. Geus kitu mah, léos waé leumpang nyampeurkeun batur-baturna
anu keur ngarejengan babandan.
“Leupaskeun!” omong Demung pondok. Geus kitu, manéhna terus
ngahuit babaturanana sangkan buru-buru ingkah ti dinya.
Saréréa nurut, najan masih kénéh aya anu ngarasa panasaran.
Blas-blus ka anu bala gagancangan, bisi kaburu aya anu ngudag nyusulan.
“Mung, naha awéwé sakitu gamulengna henteu dibawa?” Si Joban
lahlahan nanya, waktu laluntana geus rada jauh.
“Sakali deui nyarita kitu, ditiir ku aing éta genggerong
téh!” témbalna.
Si Joban ukur silipelong jeung baturna.
Sajajalan, Demung henteu nyoara pisan. Baturna anu duaan ogé
sarua, milih jempe. Disada-disada deui téh dina waktuna babagi barang rampasan.
Réngsé babagi, maranéhna terus papencar, baralik ka
salemburna-salemburna. Najan beubeunanganana teu pati mucekil, tapi maranéhna
jaligrah, sabab ti pihakna taya anu jadi korban.
Sanggeus rada jauh, Demung ngajak reureuh ka dua sobatna, da
lamun terus lumaku ogé bakal kapeutingan di jalan.
“Mung, ku naon siga anu bingung?” Si Jangkung ngawani-wani
manéh nanya.
Demung teu waka némbal.
“Éta, Mung, asa ku teu ngalalarti Mamang mah,” anu saurang
deui mairan.
“Mamang, ulah teu ngahampura ka kuring, pédah tadi geus
ngasaran Mamang,” omongna alon. Siga anu horéam nyaritana ogé.
“Naha naon atuh sababna bet kitu peta?”
Méméh ngajawab, Demung neuteup heula ka langit, ka lebah
layung anu rék mimiti hibar. Rét deui ka dua sobatna. Sanggeus rada lila,
kakara pok nyarita, “Mamang, kuring téh teuing salah téténjoan, teuing kumaha
...,” reg deui ngarandeg. Puguh waé anu duaan téh beuki ngarasa panasaran.
“Tacan ngarti Mamang mah. Anu dimaksud salah téténjoan téh,
kumaha?”
“Mun teu salah, awéwé anu tadi dina tandu téh ....”
Pleng deui teu nyarita, Demung kalah ngusap beungeut, terus
narik napas jero pisan.
“Saha, Mung?” duanana nanya méh bareng, bakat ku geus teu
kawawa hayang buru-buru manggih jawaban anu écés.
“Si Aceuk téa, Mang ...,” témbalna alon.
***
Aduh mau translatenya ada ngga?
BalasHapus