DEMUNG JANGGALA Bagian 16

TI saprak kajadian harita, Demung remen katénjo huleng jentul. Sakapeung diuk nyorangan sallia-lila. Pikiranana kumalayang bari pinuh ku padungdengan.
Naha téténjoan aing harita henteu salah, omongna dina jero haté. Tapi asa piraku, da nilik keureutan beungeutna mah geus moal salah deui, éta téh Si Aceuk. Pipina kempot, panonna cureuleuk. Rada robahna téh pédah ayeuna mah awakna jadi ngareusi. Terus deuih lebah sorana, tétéla sora Si Aceuk anu remen kadéngé welasan taun ka tukang. Jeritna, masih kénéh jerit anu baheula, lamun keur metikan kembang hég manggihan hileud bulu. Ngan rada hamhamna téh, naha ka aing mani teu apaleun pisan. Pédah ieu kitu, dedegan jeung beubeungeutan aing geus robah pisan? Padahal, papisah téh tacan likuran taun. Tapi meureun, bisa waé kituna téh alatan kasima, tepi ka manéhna taya ingétan neges-neges jalma anu aya di hareupeunana.
Saenyana, aing kénéh anu salah mah. Padahal matak naon mun harita téh sebut ngaranna. Atawa, bakal leuwih hadé deui lamun manéhna dibawa heula, ngarah bisa ditanya. Ari ku aing kalah 1éos ditinggalkeun deui. Naha atuh maké rurusuhan harita téh? Ari ayeuna, rék disusul ogé, disusul ka mana, da teu écés raratanana. Boa aya di mana, boa aya di mendi.
Mun téa mah enya Si Aceuk, naha manéhna bet dikawal ku gulang-gulang? Ari budak anu dina jero tandu, anakna kitu? Anak ti saha?
Rupa-rupa pertanyaan galécok dina jero dadana. Tapi, hiji ogé teu manggih keur pijawabeunana. Antukna Demung ukur semet padungdengan aingna jeung aingna. Aya ogé sobatna anu terus marengan, teu ieuh bisaeun méré bongbolongan.
Manéhna tambah kaseuit-seuit lamun nénjo deui kongkorong meunang ngarampas harita. Gedéna ampir sacinggir budak, liontinna ditaretés inten mani babarasatan. Bréh kongkorong, bréh kacipta anu makéna. Batinna beuki kasiksa. Tapi anéhna, bet tanya bosenna nénjo. Meusmeus diilikan, meusmeus diilikan. Kituna téh bari ngimpleng-ngimpleng anu samar tur matak raranjugan; da anu diimplengna sasat geus jadi panyileukan sapopoé, tapi kapindingan halimun anu ngadingding.
“Mamang, kuring téh hayang dianteur deui ka dayeuh,” omong Demung ka sobatna.
“Rék naon?”
“Hayang néangan raratan awéwé anu kamari ieu téa, bisi enya manéhna téh lanceuk kuring,” témbalna.
Sobatna saurang ogé taya anu waka némbalan.
“Kumaha, Mang?”
“Asa paur rék saba dayeuh téh,” omong Si Joban. “Kuriak waé engké urang aya anu ngaraponan.”
“Atuh sing bisa dina urusan nyamurna,” walon Demung.
“Naha geus yakin yén awéwé anu kamari téh lanceuk Ujang? Jeung deuih, naha enya matuhna di dayeuh?” Si Jangkung nanya.
“Ari yakin mah tangtuna ogé acan. Ngan asa taya salahna lamun kuring néangan heula bukti.”
“Jang, néangan jelema hiji anu matuh di dayeuh, ceuk Mamang mah teu béda ti ngubek leuwi rék ngala beunteur. Geus tangtu kana héséna. Jigana kudu mulan-malén nalungtikna ogé.”
“Enya, kuring ogé ngarti. Ngan ieu mah awahing ku hayang nyacapkeun kapanasaran,” omong Demung. “Tapi, kuring moal rék maksa sangkan Mamang milu. Kahiji, da mémang moal aya pihasileunana. Kadua, ieu mah ukur urusan kuring pribadi.”
Sanggeus rada lila, pok sobatna nyarita, “Piraku Mamang rék téga nénjo Ujang indit nyorangan. Ngan anu kudu dipikiran ku urang téh, lebah pisalameteunana. Lain kitu, euy?”
“Enya, Mung,” témbal Si Joban.
“Ah, asal urangna we sing tarapti. Sok ayeuna urang badamikeun, kumaha carana sangkan urang rapih nyamur.”
***
DEMUNG katilu sobatna miang ka dayeuh. Lalakon sapoé leumpangna ogé, da kaitung jauh, komo deui ieu mah bari naranggung dagangan.
Isukna.
“Terus waé urang ngajugjug pasar,” omong Demung.
Teu béda ti hayam panyambungan barang mimiti datang mah. Tuda iraha teuing maranéhna ngulampreng ka dayeuh. Kabeneran pisan isukna ninggang poé pasar. Anu dagang jeung anu rék balanja ramé balawiri. Tepi ka wanci haneut moyan téh daganganana geus rék béak salayan séwang, cacakan anu didadasarkeunana ukur sabangsaning beubeutian meunang sarabut-rabutna ti kebon.
“Jang, lamun dagangan urang geus béak, rék kumaha deui?” Si Jangkung nanya semu ngaharéwos.
“Urang buburuh ngarit keur parab kuda,” témbalna.
Sabot kitu, lar aya awéwé tengah tuwuh ngaliwat ka hareupeun dadasarna. Ku Demung karérét meueusan. Bet maké pangangguran hayang neges-neges. Ngahaja dudukuy cetokna dilelepkeun heula, ngarah ituna henteu nyahoeun yén aya anu nyérangkeun. Kabeneran deuih éta awéwé téh barangbeuli ka tukang dagang gigireun Demung. Atuh rurupaanana beuki atra.
Demung ngagebeg sanggeus yakin kana téténjoanana. Rék saengabeun pisan nanya, hadéna kaburu sadar deui. Lain pihadéeun lamun ditanya ayeuna mah, ceuk pamikirna. Tungtungna Demung semet nyiku sobatna bari ngaharéwos, “Awéwé itu tuturkeun, terus ku Mamang cirian di mana matuhna!”
“Saha kitu, Jang, itu téh?” Si Akung nanya.
“Tong loba tatanya,” témbalna, angger ditompokeun kana ceuli sobatna.
Teu talangké, Si Akung terus milu seselendep. Atuh Demung jeung Si Joban mah jongion deui nyanghareupan dadasarna. Henteu cacarita, da kabeneran terus aya anu barangbeuli. Sajeroning kitu téh, pikiran Demung masih kénéh nganteng ka awéwé tengah tuwuh téa. Nilik kana dedegan jeung rurupaan mah asa teu salah yén bieu téh Si Ibi. Leuh, muga-muga sing enya. Tangtuna ogé aing bakal babari lamun mapaykeun Si Aceuk.
Si Jangkung tacan embol-embol. Atuh anu nitahna jadi teu genah haté; lieuk deui, lieuk deui. Naha mani lila-lila teuing ieu téh? Boa-boa leungiteun udagan. Atawa, naha imahna jauh, kitu?
Tepi ka pasar coréngcang, anu dititah ngukuntit téh tacan jol kénéh waé. Demung geus teu sabar, gawéna ngan élékésékéng teu ngeunah cicing.
“Cing susul atuh ku Mamang! Geuning Mang Akung téh kalah lep buleneng.”
“Tapi peupeujeuh tong ka mamana, bisi engké urang jadi silitéangan,” walon Si Joban.
“Moal.”
Léos indit.
Arl teu kungsl lila, anu dijurungan ti heula jol datang.
“Naha mani ngampleng, Mang?” Demung nanya, bakat ku geus teu sabar hayang manggih katerangan.
“Lah, Jang, awéwé anu tadi téh asup ka padaleman. Atuh Mamang téh teu bisa terus nuturkeun. Tungtungna mah ukur basa nungguan teu jauh ti lawang kori. Kasebelanana téh, teu balik deui! Ceuk dina haté, moal kitu matuhna di jero? Ari rék naléngténg tatanya, asa kararagok Mamang téh, pangpangna sieun anu ditanya terus curiga,” témbal Si Akung.
“Terus kumaha, Mang?”
“Sanggeus kesel ngadagoan, tepi ka kira-kira wanci lohor, Mamang rék sajungeun pisan balik deui ka dieu, da angkanan téh bisi Ujang kesel nungguan, ari pék manéhna bijil ti lawang kori. Nya terus waé ku Mamang dituturkeun, sakumaha paménta Ujang,”
“Kapanggih imahna?”
“Enya. Di beulah kalér. Ti dieu téh terus waé lempeng. Engké di lebah tangkal asem, méngkol ka kenca. Ti dinya lempeng deui, kira-kira tilu ratus léngkah. Tah, anu dihareupna aya tangkal namnam imahna téh, nyanghareup ngidul.”
“Kuring ayeuna rék ka ditu atuh,” omongna bari rurusuhan. “Mamang tong ka mamana, bisi Mang Joban néangan.”
“Ké heula, Jang, ngarah Mamang teu panasaran, saha atuh saenyana manéhna téh?”
“Pangasuh kuring bareto,” témbalna pondok bari terus ngaléos rurusuhan.
Teu nyalahan panuduhan sobatna téh. Imah anu keur ditéangan babari kapanggihna.
Demung ngajanteng bari mikir-mikir, kudu kumaha ngasongkeun pamuka carita. Tapi ahirna mah manéhna lahlahan ngetrok panto.
Bray muka. Pribumi ngelol ti tukangeun panto. Demung kalah ngajanteng. Picaritaeun anu rék dikedalkeun ngadadak lus-les.
“Rék ka saha, Ujang?” pribumi miheulaan nanya.
“Eu ..., eu ..., rék ka dieu waé ngahaja,” témbalna. Katara pisan anu keur geugeumeueunana téh.
“Rék naon?”
Tah, rék naon, yeuh? Daék salamet, Demung kasima! Tina perbawa ngaguruhna rupa-rupa rasa jigana.
Pribumi melong ka ki sémah anu sama sakali anyar pinanggih. Pok deui nanya, “Rék aya naon maké nepungan Ibi?”
“Béjana Ibi ... butuh binih paré ketan hideung,” témbalna sabalang bentor. Jigana téh asal padu engab.
“Binih paré?” pribumi kerung. “Ah, henteu. Ibi mah lain tukang tani, da.”
Demung ngahuleng deui. Geus yakin pisan ayeuna mah yén anu hareupeunana téh pangasuhna bareto. Ngan, rék kumaha ngamimitian nyaritana, da puguh geuning kalah jadi kasima.
“Salah déngé meureun, Ujang.”
“Enya meureun salah déngé,” omong Demung bari nyuplak dudukuy cetokna, terus dipaké ngageberan awakna. Maksudna mah sugan waé itu bisaeun neges-neges beungeut manéhna. Saha anu nyaho, ujug-ujug apaleun. “Ibi, meunang kitu kuring milu reureuh heula sakeudeung dina babancik? Asa teu kuat ku panas mani nongtoréng kieu.”
“Nya hempék,” témbalna. “Ari sakalieun cai-cai waé mah aya, da,” omongna deui bari terus ka jero imah. Teu kungsi lila geus jol deui bari ngasongkeun téko jeung lumurna.
“Cai-cai atuh, Ujang, lumayan tamba hanaang.”
“Puguh waé hanaang mah, Ibi,” bari cur ngeusian lumur.
“Cenah Ujang téh rék nawarkeun binih paré, tapi mana daganganana?”
“Eu ..., dipihapékeun di beulah dinya, da ditatanggung ogé ukur kabeurat-beurat,” témbalna bari cur deui ngeusian lumur. Manéhna nginum mani ngalekik. Da jeung enyana, keur hanaang.
Pribumi ogé gék milu diuk, tukangeun bangbarung. Demung geus bisa neger-neger manéh. Manéhna ngararancang ungkara kalimah anu baris dikedalkeun pikeun ngutarakeun pamaksudanana.
“Lain, kieu ieu téh, Ibi,” manéhna muka carita.”Kuring téh boga tanyakeuneun.”
“Rék nanyakeun naon, da Ibi mah ukur jalma taya kanyaho.”
“Kieu, Bi,” omongna antaré naker, “kuring téh keur néangan lanceuk anu geus lawas papisah. Cing sugan Ibi apal.”
“Naha saha atuh lanceuk Ujang téh?”
Méméh ngajawab, Demung ngarénghap heula, “Listayuwangi.”
Si Ibi kacida ngajenghokna. Bis waé tidagor kana panto.
“Henteu, Ujang. Teu nyaho,” témbalna semu ngadegdeg. Jung nangtung, rék buru-buru ngajéngkat ka jero. Ngan ku Demung kaburu ditongtak leungeunna.
“Ibi tong ngabohong!” bari dipencrong beungeutna. Pribumi terus ngayekyek, da ayeuna mah jadi manéhna anu kasima. “Bareto Ibi kungsi ngasuh dua budak; hiji awéwé, hiji lalaki. Kitu, lin?”
Si Ibi kalah calangap. Ku Demung disurungkeun meueusan ka tukangeun panto, bari manéhna ogé terus unggah ka jero. “Ibi, kuring téh budak asuhan Ibi anu lalaki”
“Ah, lain ....”
“Naha maké nyebut lain?”
“Lain ..., lain ..., Dén Emung mah geus maot kabawa palid.”
“Hirup kénéh, Ibi. Pan ieu buktina. Kuring téh Surapamungkas téa.”
“Teu percaya ...,” bari gogodeg.

“Naha ku kuring kudu diterangkeun sagala rupana?” Demung mencrong beungeut pribumi. “Hadé. Regepkeun ku Ibi! Ibi jeung salaki Ibi ngagandék ka bapa kuring, Senapati Suranangga suargi. Pancén Ibi sapopoé nyaéta ngasuh Si Aceuk jeung kuring. Waktu umur kuring méméh nincak sapuluh taun, kuring katut Si Aceuk dibawa ngalolos, lantaran di dayeuh aya riributan. Ibi inget kénéh, waktu urang kapeutingan di sisi cai, sabab teu manggih pameuntasan?” Demung nyarita mani ngagorolang. Demi Si Ibi kalah terus calangap. “Naha perlu diteruskeun, sangkan Ibi beuki yakin yén kuring téh budak asuhan Ibi anu disangka geus paéh? Heug. Bandungan deui! Waktu lolos ti dayeuh, kuring digandong ku Si Mamang. Isukna, urang kaberik ku musuh, tepi ka beunangna. Ibi tacan yakin kénéh? Urang teruskeun deui. Si Mamang terus dibanda, ari kuring dipundak ku salasaurang musuh. Terus kuring nyabut kerisna. Terus dicocogkeun kana cangkéng anu mundak kuring. Terus kuring dibeubeutkeun. Kuring lumpat, da harita padangaberik. Ibi inget kénéh, basa harita kuring dibeberik ka sisi walungan?”
  Si Ibi beuki calangap.
“Kuring luncat ka walungan, terus kabawa palid ka hilir. Tapi, kuring teu paéh sakumaha ceuk pangira Ibi.”
“Saha atuh anjeun téh ... ?” Si Ibi nanya bari molohok bangun anu kasima kénéh.
“Kuring téh Pamungkas téa. Jaman keur budak, kuring remen ngéndong di imah Ibi. Ibi sok mangnyieunkeun cobék belut kabeuki kuring. Ari Si Mamang, sok mangalakeun anak manuk. Hiji poé, kuring luludeunganan ngala sayang manuk dina tangkal dadap tukangeun imah Ibi. Kuring ragrag. Ibi harita ngocéak bari lumpat muru kuring anu keur aduh-aduhan, bélaan cul kéjo anu keur diakeul, tepi ka ahirna ambacak dikacak hayam anu arasup ka dapur. Ibi rawah-riwih ....”
“Radén ...!” Si Ibi ngajerit bari nubruk nonoman sembada anu diuk hareupeunana.
Si Ibi ceurik mani ngagukguk. Demung ogé jadi ngarasa sedih, rus-ras ka anu lain-lain.
“Ibi geus yakin yén kuring téh Surapamungkas?” ceuk Demung, sanggeus Si Ibi leler ceurikna.
“Emh, Si Radén ..., aya ku teu sangka ...,” ngan sakitu anu kedal tina biwir urut pangasuhna.
“Mémang moal aya anu nyangka, tuda.”
“Hapunten Ibi, Radén ...,” omongna deui.
“Sarua waé, Ibi, kami ogé kudu dihampura, sabab bisi matak ngabarubahkeun.”
“Ih, Ibi mah asa mendak bagja anu taya hinggana ieu téh,” bari nyusutan cimata ku tungtung kabayana.
“Ari Si Mamang mana? Geuning asa teu katémbong ieu téh.”
“Apan tos ngantun, Radén,” témbalna alon.
“Iraha?” Demung ngarénjag.
“Pas dina dinten éta kénéh, waktos Radén ragrag ka walungan téa,” témbal urut pangasuhna, bari terus dicaritakeun lalakon maot salakina.
“Atuh meureun harita téh palidna patutur-tutur jeung kuring, nya?”
Si Ibi teu némbal, kalah tungkul.
“Tah, Ibi,” ceuk Demung deui, “ari Si Aceuk di mana?”
“Aya, Radén,” témbal pribumi.
“Aya téh, naha di mana?” Demung nanya deui, awaking ku geus teu sabar.
“Di padaleman, nyarengan Kangjeng Pangawulaan.”
“Naha teu salah déngé ieu téh?” Demung kacida ngarénjagna.
Si lbi henteu nyoara, ukur unggeuk lalaunan.
“Ké, naha kumaha mimitina?”
“Panjang dongéngna mah, Radén,” bari terus didongéngkeun lalakon anu karandapan ku Listayu, ti saenggeusna jadi boyongyan. “Tah kitu, anu karandapan ku tuang raka téh. Ayeuna mah mangga waé geura sumpingan tuang raka téh. Mangga, ku Ibi dianteur.”
Demung ngahuleng. Manéhna nimbang-nimbang, naha mending nepungan ayeuna, atawa tong waka. Nataku hayang panggihna mah, malah hésé rék disisilihanana. Tapi lamun ditepungan ayeuna, naha moal aya matakna? Pan aing datang ka dayeuh téh bari nyamur. Moal kitu bakal nimbulkeun mamala, sabab ceuk sasatna sarua waé jeung rék nyébakeun diri.
“Kumaha Si Aceukna cageur?”
“Anu mawi, Radén, nuju teu damang. Janten upami Radén sumping téh, étang-étang sakantenan ngalayad.”
“Oh kitu, Ibi? Ti iraha?”
“Tos aya kana samingguna. Tapi ayeuna mah rada sakinten. Kawitna kieu, dina minggu pengkér, tuang raka téh dicandak ku Kangjeng anu badé bubujeng. Namung di satengahing jalan, rombonganana papisah. Lajeng Endén Ayu téh kacilakaan. Rombonganana dipegat ku bégal anu tos kawentar bengisna,” témbal Si Ibi.
Gebeg! Enya atuh, Si Aceuk anu harita dipegat aku aing téh. Ras manéhna inget kana kajadian saminggu ka tukang. Kacipta deui awéwé anu ngajerit dina jero tandu bari nanangkeup budak leutik. Najan kitu, Demung teu pati nénjokeun pasemon reuwas.
“Kumaha atuh ari ayeuna?” Demung nanya deui.
“Sanggem Ibi ogé, tos maju ka damang ayeuna mah, mung masih kénéh sok katingal gegebegan teu puguh. Baluas kénéh rupina mah, Radén,” témbal pribumi. “Emh tuda, Radén, wartosna mah éta bégal téh taya pisan rasrasanana. Anu mawi, ayeuna mah gegedén ti dayeuh ogé tara warantuneun saba ka pakidulan, upami teu dikawal ku perjurit anu samakta mah. Kangjeng Pangawulaan parantos nimbalan, sing saha waé anu tiasa néwak gegedugna, baris dipasihan hadiah. Éta mah naha kacerék hirup-hirup, atanapi tos jadi babatang.”
Demung ngahuleng deui. Enya, tétéla geuning aing geus nyanghareupan picilakaeun di ditu, di dieu. Sasatna anu bakal jadi mamala téh geus nampeu pisan. Mun kurang-kurang tapis dina milih tincakeun mah, geus tangtu aing bakal keuna ku burang.
“Panginten Radén ogé tos sering nguping,” omong Si ibi deui.
“Naon téa, Ibi?”
“Éta, begal anu sok ngabubuhan tur sering ngagalaksak di pakidulan. Numutkeun wartos, namina téh Demung Janggala. Sakitu bapana mah tos kacerek, malih tos ditibanan hukuman teukteuk beuheung, tapi ayeuna téh kalah beuki mahabu.”
“Euh, horéng kitu, Ibi?”
“Sumuhun, Radén,” walon Si Ibi. “Malih tilu dinten ka pengkér mah, Kangjeng Dalem parantos nimbalan ka Juragan Patih supados saénggal-énggalna ngabeledig éta begal katut usung-ésangna. Nyandak perjuritna ogé langkung ti sawidak. Jabi deuih tangtosna ogé baris dikiatan ku kapetengan ti sawatara umbul anu aya di pakidulan. Janten werit tuda, Radén, kahirupan rahayat di ditu téh.”
“Étah, Ibi mani sagala apal.”
“Ih, apan Ibi mah sering lar-sup ka lebet. Da sanaos Endén kagungan lanjang sakitu seueurna, ka Ibi mah angger nganggap pangasuhna anu teu tiasa digentos ku lanjang sanésna,” omong pribumi. “Kumaha atuh, Radén, badé angkat ayeuna waé nepangan Endén téh?”
Demung ngahuleng heula. Sanggeus rada, lila, kakara pok némbalan, “Jigana mah moal waka, Ibi. Ari pangpangna mah bisi matak ngabarubahkeun ka urang padaleman.”
“Naha maké janten ngabarubahkeun? Apan anu badé nepangan téh raina ku anjeun, sanés si itu, sanés si éta.”
“Ih ari Ibi. Bet geuraheun teuing! Apan bieu ku Ibi geus didongengkéun ka kami yén saha-sahana Si Aceuk anu sabenerna téh kacida disimbutanana. Terus deuih, apan Pangawulaan apaleunana ka Si Aceuk téh urang Cihaur, anu hirupna geus teu dulur teu baraya, tur cundukna ka dieu téh dibawa ku ..., ku saha téh?”
“Juragan Sungsang Pamangger,” témbal Si Ibi.
“Tah, enya. Kari-kari ayeuna, bet jol kami anu ngakukeun adina. Piraku teu matak ngahudang kapanasaran. Sahenteuna, Pangawulaan bakal tetelepék. Ceuk wangwangan kami, saha anu nyaho mun ahirna rusiah Si Aceuk kabokér, yén Si Aceuk téh lain urang Cihaur, tapi pituin wedalan Ukur, anakna Sénapati Suranangga. Hal ieu tangtuna ogé moal pihadéeun, boh keur kami boh keur diri Si Aceuk. Kaharti ku Ibi?”
“Kahartos atuh upami kitu mah, Radén.”
“Tah, paling-paling ogé engké waé nepungan mah, lamun Si Aceuk geus jagjag deui. Kitu ogé tepungna ulah di padaleman.”
“Janten Ibi kedah kumaha atuh ayeuna?”
“Ibi cukup nerangkeun yén kami masih kénéh aya di kieuna. Tapi omat, ieu katerangan ulah tepi ka betus ka anu lian. Kadé, Ibi ulah sakacuam-caem, bisi ahirna kaémpér-émpér ka Pangawulaan,” témbal Demung. “Ayeuna mah da kami geus meunang kapastian yén Si Aceuk aya, kami rék amitan heula.”
“Naha bet angkat ayeuna, Radén?”
“Aya uruskeuneun heula. Minggu hareup, kami rék nepungan deui Ibi ka dieu. Tapi saméméhna, dongéngkeun heula ka Si Aceuk.”
“Ké, Radén,” omong Si Ibi. “Ti tatadi mung Ibi wungkul anu ngadongengkéun riwayat téh. Ari Radén henteu kantos ngadadarkeun pangalaman anu kantos karandapan ku salira.”
“Naha perlu kitu?”
“Kantenan waé. Margi tangtosna ogé engkéna, bakal janten bahan dongengkeuneun ku Endén. Upami Ibi nyanggem yén Radén jumeneng kénéh, ku émutan Ibi, tuang raka moal percanteneun kitu waé, margi kedah diuningakeun heula lalakonna. Geuning Ibi ogé nembé, teu ujug-ujug percanten kana kasauran salira.”
Demung ngahuleng heula. “Hadé atuh mun kitu mah. Kieu, Bi. Harita téh pan kami ragrag ka walungan. Saterusna mah kami teu inget di bumi alam, teuing sabaraha lilana, da nyaho-nyaho sotéh sanggeus kami aya anu nulungan, nyaéta ku jelema anu saterusna jadi bapa kukut kami,” omong Demung, bari terus ngadongengkéun lalampahanana jero welasan taun papisah jeung lanceukna. Tangtuna ogé ukur dijugjugan anu pantesna wungkul. Enya, pantes didongengkéun ka Si Ibi.
Sajeroning ngadéngékeun téh, Si Ibi gawéna ngan gogodeg bari cruk-crék. “Murahing Pangeran, Radén,” omongna, sanggeus Demung réngsé medar lalakon hirupna, “salira tiasa kénéh salamet sareng dipanjangkeun yuswa. Atuh ayeuna, tuang raka ogé parantos tiasa kapapay deuih.”
“Enya,” omongna. “Lain teu sono kami téh, Ibi. Rék amitan waé ayeuna, mah.”
“Hapunten atuh Ibi, Radén. Ibi jangji, baris mageuhan cariosan Radén nembé. Upami minggu payun bade sumping deui, mangga diantos pisan.”
Demung turun tina golodog. Dudukuy cetokna dilelepkeun ngarah nutupan beungeutna, terus indit rurusuhan.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar