DEMUNG JANGGALA Bagian 5

DINA jaman dalem anyar, dayeuh Ukur dipindahkeun ka beulah kalér, sisieun Walungan Citarum. Dokdak kuriak rongkah. Kangjeng Dalem ngerid rahayatna. Dayeuh heubeul mah cul waé ditaringgalkeun. Taya anu diiwalkeun, saréréa kudu pindah, ngababakan di tempat anyar.
“Bral atuh geura arindit, meungpeung tacan panas,” omong Sénapati Sungsang.
Listayu anjeucleu dina tandu bari nangkeup orok beureum. Si Ibi leumpang tukangeunana, mawa gémbolan mani angkaribung.
Nya kakara harita Listayu nyaksian deui dayeuh anu ayeuna rék ditinggalkeun. Sabab, salila jadi babandan, manéhna teu meunang lunta jauh. Paling-paling ogé ngalantung di buruan. Banget nya ngarasa pangling, waktu nangenan kaayaan anu geus robah pisan. Dayeuh geus teu pati kaurus. Di ditu, di dieu, anu katénjo téh ukur eurih ngajejembrung. Kitu deui urut pamatuhanana baréto, ayeuna geus rata jeung lemah; geus jadi tegal cécéndét. Kawasna waé langsung diduruk musuh, waktu geus ditaringgalkeun ku pangeusina téh. Anu nyésa ngan kari tatapakanana, ngajarentul dina urutna. Kitu deui tatangkalan anu aya di pakarangan ogé loba anu geus ditutuhan. Tuh, di handapeun tangkal sawo anu ngarangkadak baréto manéhna sok ulin jeung babaturanana papada budak awéwé deui. Ayeuna mah tangkal sawona ogé jiga anu geus mimiti ngarangrangan. Taman anu tadina asri, geus robah jadi dapuran manjah jeung limusa. Béda jeung baréto, di dinya téh loba tangkal kekembangan. Geus loba pisan ganjorna geuning. Ari kitu téa pantes, da éta tempat téh geus ampir sataun ditinggalkeunana ogé.
Ku Si Ibi katénjoeun yén asuhanana keur neuteup ka urut pamatuhanana baréto. Teu ieuh digeunggeureuhkeun. Manéhna ogé sarua kagagas waktu ngaliwat ka lebah dinya téh.
Saméméh lohor, aleutan anu pindah téh geus cunduk ka tempat anyar. Listayu jeung pangasuhna ditempatkeun di hiji imah. Wawayagon pisan kaayaanana ogé. Jigana téh waktu nyieunna digariduskeun.
“Bakal terus matuh di dieu meureun urang téh, Ibi,” ceuk manéhna bari ngagolérkeun orok dina palupuh, ukur ditilaman ku samping kebat. Listayu terus ngabebenah pienggoneun.
Pangasuhna ngaléos ka pawon, rék nyieun hawu. Pak-pik-pek da puguh sagala kudu ngabaru.
“Ari éta imah hancengan saha nya, Ibi?” omong Listayu bari nunjuk ka wawangunan gigireun imahna.
“Saurna mah anggoeun Juragan Sénapati. Terang sotéh bane waé tadi anu nganteurkeun urang cacarita jeung baturna,” walon Si Ibi.
“Keun, rada jongjon meureun ari teu jauh ti Paman Sungsang mah. Meureun engkéna bakal jeung kulawargana di dieuna téh.”
“Rupina kana kitu, Endén.”
Enya waé, teu mangkuk ti saminggu ogé éta imah geus dieusian ku Sénapati Sungsang saanak bojo. Listayu teu ngarasa cuang-cieung teuing, da puguh deukeut ka tatangga. Kabeneran deuih nu anyar datang téh galéhgéh pisan. Karék matuh sawatara poé ogé ku Listayu geus dipiconggah. Manéhna remen lar sup ka dinya. Ngarah teu nilam, cenah, pribumi ngabasakeun dirina téh Embi. Embi Téja atuh lengkepna mah.
“Eulis, di dieu mah Eulis meunang ngulampreng ka luar, da kasawangna kaayaan geus mimiti aman. Kahirupan rahayat geus pulih deui sabihari. Anu tani, geus jarongjon deui molah tanahna. Kitu deui tukang dagang, geus jarongjon dadasar di pasar. Ngan, omat aya hiji amanat anu kudu diéstokeun ku Eulis,” omong Radén Sénapati dina hiji peuting, waktu keur ngarariung di patengahan. “Omat ulah rék cacarita yén Eulis téh putra Kakang Suranangga. Najan perjurit ti wétan ayeuna geus marulang deui ka lemburna, tapi saha anu nyaho engké rusiah diri Eulis kadéngéeun ku cakcak bodas. Geus tangtu bakal jadi mamala. Eulis gé meureun terang, sakur anu aya patalina jeung Kangjeng Dipati suargi, kudu diiringkeun ka Mataram. Teu meunang aya anu nyésa saurang-urang acan. Ari Kakang Suranangga pan geus pada terang, anjeunna téh sénapati satia Kangjeng Dipati. Ku urang wétan kacida diarah-arahna. Lamun arapaleun yén salasaurang putrana aya di dieu, geus tangtu bakal dibawa ka ditu. Kaharti ku Eulis?” 
“Kahartos, Paman.”
“Tah, ku Paman jeung ku Embi, Eulis téh rék diaku alo pituin, bawa ti Cihaur. Malah ngaran Eulis ogé kudu dirobah. Lain ku nanaon, lain rék nyapirakeun ngaran ti tuang rama, tapi ieu mah pikeun kasalametan Eulis sorangan. Ku Paman, Eulis téh rék diganti jadi Lismaya. Keun waé, da sarua Eulis-Eulis kénéh nénéhna mah.”
“Nyanggakeun perkawis éta mah,” walon Listayu. “Nuhun pisan, kasaéan Paman sareng Embi ku abdi katampi. Beurat nyuhun beurat nanggung abdi téh. Tos sakitu lamina abdi janten kabeungbeurat sareng nyesahkeun Paman katut Embi. Tug dugi ka ayeuna, apan kanggo kaperyogian sadidinten ogé dicekap waé ti dieu. Abdi ogé ngémut, piraku ari hayoh-hayohan kieu mah, da matak isin. Hoyong atuh abdi téh tiasa hirup macakal, ulah ngan ngandelkeun dicukup ku batur, buktosna ku Paman sareng ku Embi.”
“Ari maksud Eulis rék kumaha, kitu?”
“Abdi hoyong dipasihan padamelan. Atuh purah-purah nyangu saur kasarna mah.”
“Ulah ngalalaip diri, Geulis. Bet piraku atuh Embi téga ningal Eulis buburuhan,” Embi Téja némbrong. “Da. pantesna ogé Eulis mah digéndéng ku ménak deui.”
“Enya, dina pikiran Paman ogé kitu.”
“Ah, saha pijalmieunana anu bade mileuleuheungkeun abdi.”
“Perkara éta mah, pasrahkeun waé ka Paman. Eulis mah terang di aya. Tangtuna ogé lalaki pinilih anu baris diasongkeun ka Eulis téh.”
“Asa abot, Paman, nampina ogé, margi tangtos abdina bakal nguciwakeun.”
“Tong boga pikiran ka dinya! Eulis tong nginget-nginget waé mangsa anu geus kaliwat,” pribumi gancang megat kalimah. “Geus, percayakeun waé ka Paman perkara éta mah. Perkara Si Ujang anu orok kénéh, taya halanganana diurus ku Embina ogé, da geus teu boga budak leutik uruseun ieuh. Ku Eulis ulah rék dipaké melang.”
***
CARITAAN Paman Sungsang Pamangger mémang teu méncog. Listayu diasongan pisalakieun, Cutak Cikalongwétan anu kakara ditinggalkeun maot ku pamajikanana.
“Sanggem Ibi mah, Eulis téh badé milarian anu kumaha deui?”
“Ari Si Ibi, mani sok ngagampangkeun! Bet kami mah rupana ogé tacan nénjo-nénjo acan. Boa teuing aki-aki geus reuay incu itu téh,” walon dununganana.
Pangasuhna teu némpas, kalah terus gap mangku budak anu keur roroésan.
“Ibi, ari awéwé ku naon nya bet ditakdirkeun teu meunang boga pamilih? Ari Ibi baheula kawin ka Mamang meunang milih sorangan lain?”
“Sanés, Ndén Ayu. Pangrérémo kolot. Apal-apal kana rupana téh basa rék dirapalan,” témbal Si Ibi. “Tapi geuning, Endén, teu burung awét rumah tangga Ibi téh. Cacak lamun teu kasapih ku pati mah, rumah tangga Ibi masih kénéh reugreug pageuh, sanaos teu diparengkeun gaduh turunan ogé.”
“Naha meunang sabaraha taun kitu reureujeungan jeung Si Mamang téh?”
“Wah, lami atuh, Endén. Salikur taun mah langkung. Waktos Mamang ngarangkep ka Ibi, Ndén Ayu téh teu acan lahir. Harita, sepuh Endén téh nembé kagungan putra dua. Hanjakal duanana teu panjang yuswa. Endén mah tangtosna ogé moal émut kana rupina, da nuju burey kénéh. Tah, Endén, raka Endén anu nomer dua téh sarimbag pisan sareng tuang putra.”
“Ari ceuk téténjoan kami mah asa sarupa jeung Si Adi.”
“Sanés, Endén. Ceplésna pisan mah ka raka anu ngantun. Dén Emung mah caketna ka Endén, sami cureuleukna.”
Listayu teu ngomong. Saban inget ka adina, haténa ngadadak sok ngarakacak. Malah sok remen ngahuleng teu pupuguh, lamun peutingna tas kaimpikeun téh.
“Ari Ibi aya niat rarabi deui?”
“Alah, Endén, Ibi mah tos teu émut ka dinya. Kahoyong téh mung kantun hiji; hoyong buméla ka Endén sareng ka Radén Alit dugi ka tutup umur. Teu panasaran Ibi kumawula téh, komo saupami diparengkéun kénéh nyarengan Endén reugreug pageuh rumah tangga. Cacap kapanasaran Ibi téh, ti ngawitan nyarengan tuang ibu dugi ka Endén puputra deui.”
Listayu teu ngomong.
“Dupi Endén tos masihan kasanggeman teu acan perkawis badé didahupkeun téh?”
“Ah, acan, Ibi. Éta mah karék kapalay Paman. Apan ceuk kami ogé bieu, kami mah tacan nénjo rupa-rupana acan.”
“Nguping wartos téh Juragan Cutak badé ka dieu. Leres?”
“Lain ka dieu anu maksudna ka imah urang, tapi ka padaleman. Enya. Saur Paman Sungsang mah minggu hareup. Kapan di padaleman rék aya gempungan ménak sawéwéngkon Ukur. Sakur umbul jeung cutak baris sarumping. Ngadéngé béja téh, kabéh ogé cutak anyar. Cutak hareubeul mah geus sina marén. Apan ninggang kana babasan, ganti ménak ganti lalakon.”
“Upami kitu, panginten Juragan Cutak Cikalongwétan téh baris sakantenan nepangan Endén ka dieu?”
“Teuing atuh, Ibi. Kahayang kami mah entong.”
“Ituh-ituh ari Si Geulis! Naha bet kitu?”
“Bisi kamina teu bogoh. Lamun kawin karana ku kapaksa mah, kuriak waé engkéna pista.”
“Kumaha pami engké dina kabuktosanana anu sumping téh pameget gandang pikaresepeun istri.”
“Kop waé méré keur Ibi.”
“Ituh-ituh ari nanaon téh! Apan ka Endén badé didahupkeunana ogé.”
“Meugeus Ibi, gandéng! Tong nyaritakeun waé éta!” omong Listayu bari gudad-gadeud.
Tapi, dina émprona mah Listayu ngagugu kana kahayang Paman Sénapati. Manéhna daékeun midang, da rék dibawa ka padaleman. Cenah, rék dibéré pancén ngaladénan tuang leueutna para ménak nu marilu gempungan.
Saenyana bari jeung satengah haté. Manéhna keukeuh waé ngarasa horéam rék dirérémokeun ka lalaki anu sama sakali tacan dipikawanoh téh. Ngan nya kitu, lamun teu ngagugu, manéhna sieun dianggap baha. Malah teu mustahil bakal dianggap jelema anu teu nyaho males kahadéan. Mana ngajeujeuhkeun kitu ogé, meureun Paman Sungsang téh bakat ku nyaah ka diri aing, ceuk pamikir Listayu.
Da puguh geulis bawa ngajadi, barang geus réngsé dangdan mah témbong deui rupana. Keuna kana babasan anak hiji keur gumeulis téa!
“Tos kantenan sanggem Ibi mah anu ngasuhna, dalah saur batur ogé moal teu aya anu nyebat kabedil langit, ningali Endén parantos dangdos mah. Da lamun seug aya katumbirl, pasti bakal seueur anu nyangki aya widadari turun ti kahiyangan.”
“Alah, Ibi, ari muji téh mani sok bébéakan kitu!”
“Ih, da muhun atuh, Endén.”
“Geus lah, gandéng! Mihapé waé budak, bisi kami mulangna rada peuting,” omongna bari terus turun tina babancik.
Alun-alun ngadadak ramé, dipasieup umbul-umbul jeung lawéronték warna-warni. Ngageder tatabeuhan ti papanggungan, ngabagéakeun para tamu anu sarumping.
“Tah, pancén Eulis ayeuna kudu mantuan Mas Jurusimpen enggoning ngatur idangan,” omong Paman Sungsang sanggeus aya di padaleman. “Ieu téh pun alo anu baris ngiring ngabantu-bantu,” nyarita ka Jurusimpen.
“Nuhun atuh. Puguh ti tatadi milarian jalmi anu pipanteuseun nyanggakeun leueuteun ka paséban. Sok, Geulis, bantuan Uwa. Tong asa-asa tong kararagok jeung Uwa mah. Saha kakasih téh?” galéhgéh pisan éta Jurusimpen anu ngabasakeun dirina Uwa téh.
“Lis ... Lismaya, Uwa,” témbalna rada asa-asa.
“Pék atuh nya, Eulis. Paman mah da ayeuna téh kudu geus aya di lebet,” omong Paman Sungsang.
Najan geus lawas teu nincak padaleman, tapi Listayu masih kénéh apaleun, kumaha tata-titina lamun keur aya di jero, utamana lamun keur nyanghareupan Pangawulaan. Pagawéan anu dipapancénkeun ayeuna, keur manéhna mah beunang disebutkeun geus biasa. Apan jaman dalem anu ti heula ogé, manéhna sok dibéré pancén ngaladénan anu masamoan.
Dina waktuna nuangkeun tatamu, sakapeung Listayu sok rarat-rérét. Da ari dina haté leutikna mah aya kapanasaran, hayang nyaho kana rupa Cutak Cikalongwétan téa. Tapi lebeng teu manggih katerangan. Teuing anu mana jinisna.
Unggal aya di jero paséban, loba anu tingrarérét ka manéhna. Rérét lalaki! Anu matak jadi rada geumpeur, éta tuda loba anu tingpéndéléng.
“Uwa, dupi anu caralik di jajaran kidul saha waé” Listayu bet pangangguran nanya ka Jurusimpen.
“Uwa ogé teu apal kabéh. Anu pangjuruna, Demang Kahuripan. Heuleut hiji ti dinya. Ngabéhi Sagarahérang. Gigireunana, Cutak Batulayang. Tuh, ngan apal tilu anu pasti mah. Ké heula, anu saurang deui, gigireun Cutak Batulayang, cenah mah cutak anyar ti Cikalongwétan.”
Listayu unggut-unggutan. Manéhna nginget-nginget deui rupa ménak anu dariuk di jajaran kidul. Ku manéhna diapalkeun deui katerangan Mas Jurusimpen bieu. Demang Kahirupan, heuleut hiji ti dinya Ngabéhi Sagarahérang, Cutak Batulayang, Cutak Cikalongwétan. Sakali deui, Demang Kahuripan, heuleut hiji Ngabéhi Sagara-hérang, Cutak Batulayang..., apal lah!
“Eulis, ieu poci candak ka lebet,” omong Jurusimpen.
Waktu geus di jero paséban, Listayu maling-maling neuteup ka jajaran kidul. Demang Kahuripan anu itu. Ngabéhi Sagarahérang pastina ogé anu itu. Ari kitu anu geus cetuk huis? Cutak Batulayang apan éta mah. Rét deui ka anu gigireunana, lalaki ngalémpéréng konéng, udengna réréng picisan. Listayu maké rada ngalenyap. Cutak Cikalongwétan téa, kitu?
Listayu maké rada lila ngarérétna. Bet kabeneran itu ogé neuteup ka manéhna. Puguh waé jadi rampang-reumpeung, da katohyan keur maling-maling neuleu. Untung teu salah ngeusian lumur ogé.
Hanjakal ngan saliwat pisan aya di jero paséban téh. Tuda salilana ogé ukur ngeusian lumur. Sanggeus ka luar deui, Listayu terus ngahuleng. Mun enya téh éta, kapeunteun dina rupana mah. Tapi, teuing anu luareun ti rupa. Boa teuing ukur alus luarna wungkul. Padahal, saur jenatna Ambu ogé, hadé rupa tacan tangtu hadé lampah.
Tepi ka bubaran gempungan, Listayu teu kungsi manggih raratan anu leuwih jauh ngeunaan Cutak Cikalongwétan. Teu kurang teu leuwih, ukur semet karérét dedegan jeung rupana. Panasaran kénéh, pokna dina jero haté. Tapi meureun engké peuting ogé ku Paman Sungsang bakal dibawa nyimpang.
Listayu jadi ngarep-ngarep panggih deui. Malah mun bisa mah dina waktu anu rada laluasa.
Bet méncog tina panyangka, Cutak Cikalongwétan téh teu kungsi datang nepungan. Waktu geus peuting, Paman Sungsang kakara mulang ti padaleman. Henteu ngiringkeun tamu saurang-urang acan.
Piraku lamun aing kudu torojogan tatanya mah, atuh goréng kasebutna, ceuk pamikir Listayu. Najan kitu, manéhna maksakeun unggah ka imah Paman Senapati.
Barang bus, katénjo Paman Sungsang keur cacarita jeung Embi Téja bangun daria naker. Hanjakal teu kadéngé, da semu haharéwosan. Listayu buru-buru undur deui, da ceuk angkananana bisi matak ngaganggu ka anu keur badami. Tapi manéhna kaburu digupay ku pribumi.
“Capé tangtuna ogé nya, Eulis,” omong Embina.
“Cekap waé, Embi. Sanés capé-capé teuing tanaga abdi mah, tapi capé haté, bilih idangan kirang nyugemakeun tatamu,” walon Listayu bari gék émok hareupeun pribumi. “Parantos bubar rupina tatamu téh.”
“Gempunganana mah geus lekasan, tapi para uleman kana isuk pimuliheunana téh. Kétang, aya tadi saurang anu maksakeun mulih ti heula, Cutak Ciparay,” témbal Paman Sungsang.
Oh, jadi Cutak Cikalongwétan mah aya kénéh di dieu atuh. Tapi naha ku Paman Sungsang teu dibawa nyimpang? Listayu nanya dina jero haténa.
“Paman téh boga picaritaeun ka Eulis, ngan jigana moal bisa ayeuna nepikeunana, da Pamanna capé kénéh.”
“Perkawis naon, Paman?”
“Nya ari perkarana mah ngeunaan anu penting pisan, utamana pikeun diri Eulis. Isukan waé atuh ngobrolna, nya?” 
“Mangga,” témbal Listayu.
Manéhna terus amitan. Hatena banget nya panasaran. Naon atuh anu rék ditepikeun ku Paman téh?
Kasampak Si Ibi masih kénéh nyaring.
“Aya Juragan Cutak téh, Endén?”
“Aya “
“Endén diajak nyarios naon waé?” 
“Henteu naon-naon.”
“Ah, piraku!”
“Enyaan!”
“Piraku teu ngajak cacarios pisan!”
“Ituh ari Si Ibi! Mani teu percaya ka kami. Yeuh, Ibi, rék bisa cacarita kumaha, da panggih ogé henteu.”
“Saurna nembé téh aya.”
“Enya, aya di padaleman. Apan Ibi kitu nanyana, aya Juragan Cutak téh, Endén? Ku kami dijawab, aya. Lamun Ibi nanyakeun panggih henteuna, tangtu ku kami bakal dijawab henteu.”
“Aéh muhun. Aya ku pinter ari Si Geulis. Mani telik kana nu kitu ogé,” omong Si Ibi.
Sakitu geus ngagayuh ka tengah penting, Listayu tacan ngarasa kaeunteupan ku pitunduheun. Padahal tadi beurang téh lumayan rada capé, kancad-kincid ngaladénan tatamu. Caritaan Paman Senapati teu weléh ngaganggu pikiranana. Naha rék nepikeun naon atuh, mani sign anu penting-penting teuing? Jeung deuih, naha Cutak Cikalongwétan teu dibawa nyimpang?
Aya hiji rasa anu beunang disebut anéh, anu pagaliwota dina dada Listayu. Naha aing bet ngarep-ngarep panggih, ceuk dina haténa. Saumur dumelah, asa kakara ayeuna kaeunteupan ku rasa kawas kieu. Padahal boa teuing “ituna” mah teu ingeteun-ingeteun acan.
Kira-kira wanci janari gedé, manéhna kakara bisaeun ngerejep. Kitu ogé ngan sakeudeung, da dihudangkeun manten ku sora bedug subuh ti kaum hareupeun alun-alun.
Wanci haneut moyan, manéhna pangangguran ngulampreng ka buruan. Sabot kitu, ti lebah kidul katénjo abrulan anu tarumpak kuda dicongklangkeun. Bréh katénjo anu tumpak kuda dawuk ruyung. Listayu ngalenyap. Manéhna ngajengjen bari neuteup ka jalan, kana abrulan ménak anu kakara bijil ti padaleman.
Lebah Listayu nangtung, di luareun pager, anu tumpak kuda dawuk ruyung téh mégég kadali, terus ngalieuk ka manéhna.
“Permios, Eulis. Wilujeng kantun ...,” omongna bari manggut.
“Wilujeng angkat ...,” walon Listayu, sorana semu ngageter. 
Kadalina dikendoran bari kekemplonganana digedig meueusan. Si Dawuk lumpat deui nyusul baturna.
Listayu neuteup bari naleukeum kana pager. Kira-kira sapamaledog, itu ogé ngalieuk deuih. Prok paadu teuteup, parat kana rasa.
Listayu nyerangkeun tepi ka lesna lebah péngkolan. Sanggeus rada lila, kakara manéhna ngaléos, rék unggah deui ka imah.
“Juragan Cutak téa anu nembé téh, Endén?” Si Ibi nanya. Sihoréng manéhna ogé ti tatadi nyérangkeun pamolah dununganana.
Listayu ngan ukur unggeuk. Rasa anéh dina dadana mimiti motah deui, tur hésé dipapalérkeunana.
“Ku naon teu sindang heula Juragan téh, Endén?”
“Duka teuing atuh, Ibi,” témbalna bangun teu purun.
Teu kungsi lila, Listayu disaur ku Paman Sungsang.
“Kieu ieu téh, Eulis,” pokna sanggeus adu hareupan. “Paman ogé bingung kénéh, teuing kudu ti lebah mana mimiti muka caritana. Hampura lamun henteu ngaleunjeur, sabab dina dada Paman ngagelek rupa-rupa rasa.”
Listayu mani saregep ngabandunganana, najan hatena mah mani degdegan pisan.
“Eulis, popohokeun was kekecapan Paman anu geus kaliwat mah. Éta, perkara Paman aya niat ngadu-ngadu Eulis ka Radén Praja, cutak ti Cikalongwétan téa. Hampura, lantaran Paman geus kalepasan nyarita.”
“Teu sawios-wios, Paman, da nembé babalagonjangan ieuh. Sarengna deui, da abdina ogé teu ngémut-ngémut ka dinya,” pokna. Réngsé ngedalkeun kalimah anu panungtung, maké terus ngagebeg manéhna téh, da rumasa bohong. Puguh teu kitu kanyataanana mah. Tapi piraku deui lamun kudu bruk-brak satarabasna mah.
“Saterusna,” Paman Sungsang neruskeun caritaanana, “Tah ieu anu jadi galeuh obrolan urang téh. Muga-muga Eulis tong ngarasa reuwas.”
“Kumaha kitu, Paman?” Listayu maksakeun nanya, bakat ku ngarasa geregeteun.
“Eulis dipikapalay ku Pangersa Pangawulaan,” walon Paman Senapati, alon tapi tandes.
Mun téa mah kungsi dibéntar gelap, jigana téh reuwas kénéh harita. Listayu ukur bisa ngembang kadu. Teu, sama sakali teu nyangka bakal kitu pamustunganana caritaan Paman Sungsang téh. Kangjeng Dalem rék mileuleuheungkeun diri aing? Teu salah éta caritaan téh?
“Kumaha ceuk pamadegan Eulis, kana éta pamundut Kangjeng?” Embi Téja milu nanya.
Listayu teu gancang ngajawab, da puguh matak kacida bingungna. Ari rék nyebut daék, papalingpang jeung kereteg batinna sorangan. Ari embung, kumaha deui pibalukareun engkéna.
Ku manéhna geus kajudi, dipileuleuheungkeun ku Kangjeng Dalem téh tangtuna ogé ukur pikeun dijieun parekan. Pangawulaan téh pan tos kagungan garwa. Enya, garwa candak ti ditu, saméméh jeneng dalem di Ukur. Naha masih kénéh kurang kitu, apan selirna ogé sakitu galitukna? Meureun diri aing téh pikeun ngajejegan wungkul.
“Ari ceuk tinimbangan Paman mah, Eulis mending kénéh kersa,” omong Paman Senapati, sanggeus Listayu ukur semet ngabigeu. “Jadi kieu, Eulis geus tangtu bakal disenangkeun, bakal sagala dipupujuhkeun. Talunganan hantem waé cicing jeung Paman, ukur disampakkeun sagala kakurang. Lian ti éta, kasalamétan Eulis bakal leuwih kajamin. Terus deuih, ieu téh aya patalina jeung diri Paman. Pangawulaan uningaeunana ka Eulis téh alo Paman. Anjeunna mikapalay Eulis ogé ngalangkungan Paman. Lamun Eulis nolak, geus tangtu Paman ogé bakal kabarérang. Meureunan naha mani teu bisa ngayunkeun dunungan.”
“Pasihan waktos atuh kanggo ngémut,” omong Listayu.
“Asa teu kudu kitu, Eulis. Mending tampi éta kapalay pangagung téh,” Paman Sungsang gancang némpas. Manéhna geus boga rasa, bisi Listayu baha. Mun tepi ka kitu téh, tada teuing goréng pibalukareunana.
“Sadinten wé atuh, Paman,” omong Listayu deui.
“Enya atuh, Akangna. Meureun Kangjeng Pangawulaan ogé moal matak éwed manahna ieuh, diundur sadinten mah,” Embi Téja mairan.
“Heug atuh. Ngan lamun Eulis nyaah ka Paman jeung ka Embi, peupeujeuh ulah rék baha,” ceuk Paman Sungsang, sorana rada beurat.
Listayu amitan bari mawa rasa anu teu puguh.
“Naha bet maké dibéré ombér, manéhna?” Paman Sungsang rada nyereng ka pamajikanana.
“Ih, ari abdi mah, Kang, tuda sarua pada-pada awéwé. Tangtuna ogé bisa ngaragap kaayaan haténa,” ceuk Embi Téja.
“Lain kitu! Ngan lamun budak urang nolak, kami bakal meunang mamala. Teu mustahil bakal dicopot tina kalungguhan sénapati gé. Tapi sabalikna, lamun tepi ka hasil, geus aya gerentes ti Pangawulaan yen kami rék dijenengkéun patih.”
Pamajikanana teu ngomong, da moal pihadéeun lamun terus paréa-réa omong mah.
Samulangna ti imah paman Sungsang, Listayu teu loba carita. Malah ka pangasuhna ogé teu betus yén dirina dipileuleuheungkeun ku Pangawulaan pikeun dijieun selir. Manéhna lila nimbang-nimbang, najan saenyana mah geus taya lolongkrang pikeun nolak. Kangaranan pamundut papayung agung téa, nya saha jalmana atuh anu bisa ngapilainkeun. Apan sagala rupa anu aya di ieu nagara téh aya dina cepenganana. Piteuk tongo walangtaga kabéh aya dina dampal gusti! Ieu mah ménta waktu dipundurkeun sapoé téh, itung-itung pikeun namperkeun lelembutan. Lamun tepi ka nolak, apan bieu ku Paman Sénapati geus diécéskeun pibalukareunana. Keun, ari balukar goréng anu bakal tumiba ka aing pribadi mah, teu pati jadi perkara ieuh. Ngan kumaha lamun Paman Sungsang terus kabarérang? Geus tangtu kasalahan téh mojokna ka diri aing. Meureunan naha atuh maké baha, tur taya pisan pamulang tarimana. Aing mah embung lamun tepi ka dicap jalma teu bisa males kahadéan anu lian. Da masing kalah kumaha ogé teu bisa dipungkir, Paman jeung Embi gedé jasana. Piraku anu asih dipulang sengit!
Geus kasawang, bakal kumaha piengkéeunana hirup jadi selir. Dina seuhseuhanana mah ukur pikeun nyugemakéun lalaki, nyugemakéun Kangjeng Dalem anu kawasa sa-Tatar Ukur. Dina kaayaan diri aing kitu, naha kira-kirana masih kénéh aya lolongkrang pikeun némbongkeun jeung mancegkeun ajén diri sorangan?
Listayu teu manggih jawabanana. Manéhna ukur bisa ngadagoan geletuk batuna kecebur caina. 
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar