DEMUNG JANGGALA Bagian 4

LISTAYU jadi ngajubleg. Manéhna geus teu bisa dibeberah atawa diajak cacarita. Gawéna ngan huleng jentul waé, bari sakapeung cipanonna merebes mili. Awakna terus ngorotan, malah geus mimiti maju ka rangkebong. Si Ibi anu tara jauh ti manéhna geus béak déngkak enggoning ngajejegkeun deui ingétanana. Geus dikitu, geus dikieu, tapi asuhanana angger waé ngabigeu.
Éta ogé aya alusna sanggeus awakna ruksak téh. Ayeuna mah manéhna jadi dicul-jeunkeun. Da basa keur lingsig kénéh mah, ampir saban peuting digadabah ku perjurit anu ngaboyongna. Si Ibi ogé langka diiwalkeun. Taya péta pikeun ngalawan, da kaayaanana batan sakitu. Kangaranan jadi babandan, maranéhna kudu pasrah kana nasib anu tumiba. Rék dikitu, rék dikieu, geus taya deui daya pikeun nanduk. Rék ménta tulung ogé, ménta tulung ka saha, da sakuriling bungking taya jelema anu haat nulungan. Kangaranan ka babandan, pihak anu keur aya dina kaunggulan dianggap wenang najan milampah sakama-kama ogé.
“Paéhan waé atuh kami téh,” ceuk Si Ibi dina hiji peuting, waktu nyaksian anak dununganana, basa keur awakna pikabitaeun kénéh, nu geus teu walakaya digadabah ku sawatara jelema.
“Teu kudu dipaéhan, da silaing mah bakal paéh sorangan ieuh,” témbal salasaurang perjurit anu nyarimpang ka tempat ngerem boyongan.
Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang. Listayu katut pangasuhna geus teu dianggap manusa anu boga rasa jeung harga diri.
Ayeuna, sanggeus kari hampasna, Listayu geus tara ditarolih deui. Da meureun naon araheunana. Boh manéhna boh pangasuhna, saeutik-eutikkeun bisa rada nyénghap. Enya, nyénghap sotéh ukur nyénghap bari ngadago-dago dipundut umur. Da ku nilik saréatna mah asa pamohalan bisa menyat deui, lamun nasibna teu buru-buru aya anu ngajait mah. Ngan untungna téh Si Ibi masih kénéh jejeg ingétanana. Cacak lamun manéhna sarua jadi teu waras mah, Listayu moal aya anu miroséa pisan.
Hiji poé, ka tempat ngerem boyongan téh aya saabrulan deui perjurit. Sawaréh tarumpak kuda, diluluguan ku hiji senapati.
“Dédéngéan kami, bieu téh aya sora awéwé,” ceuk senapati bari mégég kadali.
Kabeneran harita téh Si Ibi keur ngajak cacarita ka asuhanana. Nyarita sorangan saenyana mah, da Listayuna ukur ngabigeu.
“Saha anu aya di jero?” senapati nanya ka salasaurang perjurit anu jaga.
“Boyongan, Jur ... ragan ...,” témbalna bari rada ngadégdég. 
“Hah! Boyongan? Naha atuh maké diteundeun di dieu? Apan kuduna ogé kabeh dikumpulkeun di padaleman?” 
Taya anu ngajawab. Saréréa tungkul.
“Saha anu tanggung jawabna?”
Angger jarempé. Maranéhna ukur silirérét ku juru panon.
“Silaing nya, anu mingpin di dieu téh?” bari nunjuk ka gegedug perjurit anu sawatara minggu ka tukang ngaraponan Listayu katut Si Ibi.
Anu ditunjuk kalah beuki ngeluk, da rumasaeun yén laku sérongna geus katohyan ku dununganana.
“Jawab, siah! Naha bet aya boyongan disélongkeun di dieu?”
“Ampun, Juragan ...,” témbalna alon.
“Cing bawa ka luar!” paréntah senapati ka salasaurang perjuritna bawa ti dayeuh.
Listayu anu geus lir rorongkong hirup téh dipayang dibawa ka luar. Geus teu bisaeun nangtung-nangtung acan, tuda. Sorot matana ogé geus surem.
“Anak saha ieu?”
Taya anu ngajawab.
“Anak saha? Jawab ku silaing!”
“Anak Senapati Sura..., Suranangga ...,” témbalna alon.
“Hah!” kaciri ngarénjagna senapati téh, barang ngadéngé jajawaban bieu. “Alus, euy, kalakuan silaing téh. Karék dibéré pancén sakitu, geus daék sakama-kama. Pan ceuk déwék ogé ti heula, sakur boyongan, rék awéwé rék lalaki, kudu dikumpulkeun di padaleman. Naha ku silaing maké aya anu diiwalkeun? Silaing geus teu satuhu kana paréntah déwék. Cing ka dieu, nangtung téh sing rada deukeut!” bari nunjuk ka gegedug perjurit anu keur tungkul téa.
Maju dua-tilu léngkah bari angger tungkul. Ngan habek waé diteunggeul satakerna, tepi ka ngarumpuyuk kana deukeut cokor kuda anu ditumpakan ku sénapati. Kuda téh rada ngajerété.
“Maju deui, siah!”
Habek deui diteunggeul. Kabéhanana dipapay. Taya anu wanieun ngalawan, tuda saha anu disanghareupan ku maranéhna téh.
“Talian kabéh ieu jelema tukang hianat kana papancén téh!” paréntahna.
Rét, rét dibanda ku dadung. Geus kitu terus sina narangtung, ngajajar.
“Tah ilikan, ieu contona jalma anu nganggap énténg paréntah ti kami!” sénapati nyarita ka perjurit séjén. “Abringkeun ka alun-alun, terus pasrahkeun ka logojo, sina diketok beuheungna!”
Puguh waé, maranéhna anu boga dosa téh ngadadak asa dibéntar gelap.
“Ampun ..., Juragan ....”
“Montong ampun-ampunan, siah!” bari jekok ditajong luhureun tarangbagana. “Ieu boyongan, duanana bawa ka tempat kami! Jieun heula cikrakna!”
Gedok-gedok naluaran awi picikrakeun. Didadak harita, da teu hésé ieuh. Ari perjurit anu ditiban hukuman, terus waé sina indit ngajugjug puseur dayeuh.
Teu kungsi lila Listayu geus digotong dina cikrak, dibawa ka tempatna sénapati. Si Ibi ngiciprit tukangeun perjurit anu leumpangna ngagaredig.
Sadatang-datang, sok digolérkeun dina bangku. Anu mawana mah terus arindit deui harita gé. Listayu dibenerkeun simbutna.
“Geura damang atuh, Endén,” ceuk Si Ibi bari ngusapan tarang asuhanana. “Geus damang mah, hayu urang ngalolos deui sareng Ibi. Urang téh tong kapameng ngadamel lalakon.”
“Rék ngalolos dédéngéan téh?” ujug-ujug kadéngé aya anu nyarita. Sidik pisan, sora sénapati.
Si Ibi kacida ngarénjagna. Rumasa kalepasan teuing omong. Manéhna teu nyangka yén harita aya anu merhatikeun, najan kahalangan ku rérégan. Per waé awakna ngeleper, da puguh manéhna katohyan geus cacarita sakacuam-caém, najan anu diajak nyaritana henteu némbalan ogé.
Sénapati nyampeurkeun. Atuh Si Ibi beuki ngadégdég. Nurutkeun pangirana, manéhna bakal dianteurkeun ka logojo, kawas abrulan perjurit anu tadi, terus diketok beuheung. Késang badag rembes maseuhan tarangna.
“Rék ngalolos ka mana?”
Si Ibi teu némbal, kalah capa-cipi teu puguh rampa.
“Jawab! Rék ngalolos ka mana? Manéh kudu nyaho, ieu dayeuh téh geus katingker. Pamohalan pisan lamun manéh bisa kaluar ti wewengkon Ukur. Mun ngalolos, sarua waé jeung nangtang kojor,” omong sénapati bari ngabedega.
Si Ibi beuki ngeluk.
“Ulah hayang ingkah ti dieu, lamun manéh jeung dunungan manéh hayang salamet! Awas, lamun sakali-kali deui manéh ngojok-ngojok teu bener ka dunungan manéh!”
“Tos teu kiat abdi téh, Juragan ...,” omong Si Ibi alon. 
“Naha dikira ku manéh lamun ngalolos bakal senang kitu?”
“Abdi mah paéh ogé teu panasaran, asal ulah hantem-hanteman dirogahala di dieu. Tos teu kiat abdi téh nandanganana. Mangga tingali, salira Endén Eulis dugi ka réksak kieu. Naha Juragan téga hantem ngakaya abdi duaan anu tos teu daya teu upaya?” omong Si Ibi. Bet ngadadak manéhna bisaeun nyarita rada lancar.
“Pokona lamun hayang salamet, tong nyaba-nyoba kaluar ti ieu imah. Cicing di jero! Ngarti?”
Unggeuk lalaunan.
“Ayeuna mah urus dunungan manéh. Saha ngaranna téh?”
“Listayuwangi, Juragan ...”
“Tah, heueuh. Urus ku manéh sing bener, sugan pareng cageur deui. Mun aya bubutuh, manéh kari nyarita ka kapetengan anu jaga di hareup. Ngan sakali deui, omat, ulah boga niat ingkah ti dieu!”
Maké rada ngemplong Si Ibi téh barang ngadéngé caritaan kitu mah. Aya harepan anu ngadadak ngolényay, najan karék kokolébatan kénéh. Naha saha ieu jelema téh, ceuk Si Ibi dina jero haténa. Asa béda pisan ti anu sején-séjén. Naha enya aing jeung Ndén Ayu rék dibéré jalan pisalameteun?
***
TEU karasa, geus aya bulanna Si Ibi kadua Listayu matuh di dinya téh. Si Ibi ngarasa jongjon, pangpangna mah sabab tara aya anu ngagunasika ka asuhanana. Ari ku hantem diméménan mah, Listayu eungkeut-eungkeut ka cageur. Pikiranana mimiti jejeg deui. Atuh awakna ogé mimiti rada ngareusi.
Sajeroning matuh di dinya, senapati ukur néang dua-tilu kali. Kitu ogé ukur saliwat-saliwat. Si Ibi ngagugu kana pangomat-omatna. Pakarepan pikeun mawa Listayu ngalolos, ku Si Ibi geus disieuhkeun. Da enya geus katoong, lain jalan pisalameteun.
Si Ibi boga pangira yén kaayaan di luareun imah geus mimiti aya robahna. Buktina waé, perjurit anu sok tingalabring di buruan geus mimiti ngurangan.
Ku sabab tepungna ogé langka, atuh lapur teu kungsi katalungtik leuwih jauh, saha saenyana éta senapati téh. Si Ibi ukur apaleun kana ngaranna, kitu ogé béja ti anu jaga. Cenah, katelahna Radén Sungsang Pamangger. Manéhna ukur bisa ngalelebah, naon sababna éta “musuh” katénjona bageur, utamana ka anak asuhanana. Tapi lamun ngeunteung ka anu enggeus-enggeus kaalaman, jigana bageurna téh ukur bageur pangarahan. Remen éta ogé manéhna cacarita jeung Ndén Ayu; ngeunaan kabageuran Juragan Sénapati. Minangka kacindekanana, dina pikiran Si Ibi, meureun aya erongan séjén mana kitu ogé. Ngan anéhna, sanajan Listayu geus maju ka cageur, senapati téh teu wanieun ngagunasika. Ceuk kasarna; teu kungsi noél-noél acan.
“Saha anu terang, Endén bakal jadi istri Juragan,” ceuk Si Ibi dina hiji poé, waktu keur ngobrol jeung asuhanana.
“Dikawin ku musuh maksud Ibi téh? Naha asa gagabah pisan nyarita téh, Ibi!” omong Listayu.
“Naha alim kitu, Endén?”
“Kop waé keur Ibi.”
“Ituh-ituh, ari Si Geulis!”
“Geus, Ibi, jempé! Barina ogé naha bet ambon sorangan. Teu pupuguh maké ngajangjaruhkeun kami,” omong Listayu deui. “Barina ogé, saha pilalakieunana anu mikahayang kami, anu geus jadi pasesaan jalma loba? Jeung deuih, apan ieu beuteung kami beuki ngabeukahan.”
Si Ibi teu ngomong.
“Goréng-goréng teuing atuh mimilikan diri téh, bet diparengkéun reuneuh bari teu puguh saha lalakina. Padahal mah harita téh, Ibi, kami tong teuing diubar-aber sangkan katumbu umur. Geus waé antep saripuhna, ngarah ngabulungbung jalan pipaéheun,” omong Listayu, sorana datar.
“Endén, tong nyarios kitu ...”
“Da enya atuh, Ibi, keur naon atuh hirup ogé ari kudu nandang wiwirang saumur-umur mah. Keur mah kolot duanana geus taya dikieuna, adi anu ngan hiji-hijina ogé pondok umur deuih.”
Réngsé nyarita, cipanon Listayu mimiti rembes, terus nyuuh kana lahunan pangasuhna. Segruk ceurik bangun kanyenyerian.
“Deudeuh teuing, Endén ...,” pokna bari dumareuda. Manéhna ogé ras ka dirina sorangan anu geus teu boga batur pakumaha, iwal Ndén Ayu anu ayeuna sarua, malah leuwih gedé katunggarana. Da mun ras kana nasib anu tumiba, Si Ibi sok aya gerentes rék luluasan. Hirup ogé da ngan ukur manjangkeun kasangsaraan. Tapi ana dipikir deui, kitu peta téh lain jalan anu hadé. Komo deui manéhna ngarasa wajib kénéh ngasuh Si Endén. Atuh saeutikna bisa-bisa méré conto ku kapanggeran haté.
“Ibi, kami mah inget waé ka Si Adi. Geus noron dua peuting kaimpikeun waé,” omong Listayu, sanggeus rada leler. Anu nyésa téh kari inghakna.
“Tong diémutan waé, Endén. Keun, da Si Radén mah tos jongjon mulih kana pangkonan Anjeunna. Anggursi Ndén Ayu sing bérag, supados Ibi jadi bingah. Ulah ngémut-ngémut waé anu tos kalangkung, da moal aya mangpaatna ieuh.”
“Enya, Ibi, ari kituna téa mah. Batan dilelewang ku mangsa ka tukang mah, mending neuteup pikahareupeun. Tapi nya kitu, geus puguh anu ka tukang-tukang matak lewang, ka hareupna ogé asa teu katulup pibéngraseun.”
“Ah, teu kitu mungguhing hirup mah, Endén. Saha anu terang isuk pagéto mah nasib urang robih.”
“Nya pasti atuh lebah robahna mah, Ibi. Ngan, teuing robah ka mana,” omong Listayu bari neuteup ka luareun jandéla kamarna.
“Ari Ibi mah teu weléh gedé haté,” ceuk Si Ibi. Maksudna mah ngabubungah, sugan waé dununganana teu terus-terusan nguluwut. “Teu ayeuna, manawi atuh engké mah urang diparengkéun pulih deui sabihari. Saha anu terang, jaga mah Endén baris linggih di padaleman.”
“Naha ngimpi téh kamalinaan, Ibi! Nya, teu mustahil dina hiji waktu mah kami cicing di padaleman, tapi ukur jadi purah tukang ngéjo, ngarah buruhan sahuap sakopeun keur maraban anak nu teu puguh bapana.”
“Endén,tong nyarios kitu!” Si Ibi ngagebés. “Boa teuing éta murangkalih anu ayeuna dikandung kénéh téh baris nyandak darajat ka salira ibuna. Ibi mah asa ka dinya loyogna tulupan téh. Saha anu terang, Endén.”
Listayu teu ngomong, kalah gék diuk deui dina sisi kasur. Keur kitu, ti hareup kadenge anu mukakeun panto, ditema ku sora palupuh ngaréket. Si Ibi nyingkabkeun rérégan saeutik. 
“Saha, Ibi?” ngaharéwos méh teu kadéngé.
Tapi saméméh dijawab, rérégan kamarna geus aya anu nyingklakkeun. Listayu jeung Si Ibi terus tarungkul.
“Geus séhat pisan ayeuna mah, Eulis?”
“Sakinten, Juragan,” témbal Listayu alon.
“Geus, geus! Ulah nyebut Juragan! Paman, kituh!” omong Radén Sungsang. “Tah, ieu samping bisi butuh keur salin,” bari sok neundeun bungkusan.
Meunang sajongjongan mah Listayu kalah ngahuleng. Kitu deui Si Ibi bangun anu hookeun.
Sanggeus neundeun bungkusan, Radén Senapati ngaléos deui.
Barang geus aya léngkahna ngaléos, Listayu kakara sadar yén bieu manéhna teu nganuhunkeun-nganuhunkeun acan. Matak gura-giru waé bijil ti enggonna.
“Nuhun,” omongna alon, sanggeus manéhna adu hareupan.
“Enya. Pék tarima, lumayan waé atuh keur sakalieun tas ti cai. Bisi Eulis aya pangabutuh mah, nyarita baé ka barudak anu kagiliran jaga di hareup,” walon Radén Sungsang bari kusiwel nyieun seupaheun.
Salila diperenahkeun di dinya, kakara ayeuna Listayu boga waktu pikeun cacarita jeung anu méré panyalindunganana. Biasana ogé da nyimpangna téh ukur saliwat-saliwat. Sok rajeun sotéh nyarita rada lila, jeung Si Ibi, lain jeung manéhna.
“Teu betah meureun nya, cicing di dieu téh?”
Listayu teu ngajawab, kalah tungkul.
“Wayahna waé lamun teu bétah mah. Keun sugan ka hareupna urang perenahkeun sing rada pantes. Keur saayeunaeun mah nya hampura waé, da pamanna loba kénéh gawé, tacan kasiwer nempatkeun Eulis.”
Pleng deui euweuh anu cacarita. Si Ibi ngahaja teu milu nyampeurkeun, ukur ngadengekeun ti jero enggon.
“Dupi Juragg ...,” omong Listayu sanggeus lila ngahuleng.
“Tong nyebut kitu!” ceuk Radén Senapati, megat kahmah. “Paman, kituh!”
Listayu balem deui.
“Rék nyarita naon bieu Eulis téh?”
“Dupi Paman téh anu ti mana?” nanya bari semu asa-asa.
“Ti Cihaur,” témbalna.
“Dupi kukupingan téh, Paman uninga ka pun bapa.”
“Atuh puguh waé. Apan waktu ngarurug ka Batawi téh, Paman babarengan jeung Kakang Suranangga. Anu matak, basa mimiti tepung jeung hidep téh, Paman asa panggih jeung tuang rama.”
Listayu ngarénjag, barang ngadéngé katerangan kitu téh.
Teu sangka, geuning kitu jujutanana. Manéhna ngabetem deui. Saenyana, dina haténa mah loba pisan picaritaeun. Ngan nya kitu, hésé pisan ngedalkeunana.
“Paman rék ngaroris heula barudak, bisi minggu hareup tulus mapagkeun pidalemeun. Béjana, sumpingna téh Jumaah engké,” ceuk Radén Sungsang bari jut turun deui ti imah. 
Listayu ngan ukur unggeuk.
“Paingan nyaaheun ka Endén, upami kawitna kantos caket sareng tuang rama mah,” omong Si Ibi, sanggeus Listayu asup deui ka enggonna.
“Enya,” omong Listayu. “Ngan teu kahartina téh, naha ayeuna Paman Sungsang jadi biluk ka musuh. Asa baluweng kénéh mikiranana ogé. Moal kitu Paman Sungsang téh kaasup gegedén anu ngijing sila béngkok sembah?”
“Ibi mah teu ararapal kana urusan anu kitu. Panginten éta mah kaulinan para menak,” ceuk Si Ibi.
“Ah, teu kitu kabéh,” Listayu buru-buru némpas. “Geuning bapa kami milih tutumpuran ngabéla Kangjeng Dipati, ti batan kudu midua haté ka urang wétan mah.”
“Ari leresan tuang rama mah atuh ulah dicarioskeun deui. Anjeunna mah ménak anu ngadék sacékna nilas saplasna. Maksad pisanggem Ibi mah, anu sanés! Rupina teu kirang-kirang réréncangan tuang rama kapungkur anu ayeuna tatan-tatan badé kumawula ka dalem anyar.”
“Ah, éta mah urusan maranéhna,” omong Listayu. “Geus diilik-ilik sinjang paméré ieuh?” manéhna nyalénggorkeun obrolan.
“Ih, teu wararantun teuing Ibi mah. Mangga waé buka ku nyalira.”
Bray dibuka. Eusina samping réréng sadua-dua.
“Boéhna ogé mani lemes. Matak tisorodot tuma, sanggem juru pantun mah,” omong Si Ibi.
“Kop keur Ibi hiji. “
“Ulah, Geulis. Apan masihanana ogé ka Ndén Ayu. Baring ogé piraku Ibi disamikeun sareng dunungan. Mun anu geulis badé masihan mah, éta waé lungsuranana,” walon pangasuhna.
Samping téh ditatap diusap. Seungit soga kaambeu mani meleber.
“Geura anggo midang atuh ku Endén.”
“Boro-boro hayang midang. Moal pipanteseun, da beuteung geus mimiti mendeyang,” omong Listayu bari ngarampa beuteungna.
“Ieu mah sinjang bijilan wétan,” ceuk Si Ibi buru-buru nyalénggorkeun obrolan, bisi Listayu kateterusan nyabit-nyabit perkara kandunganana. Tuda geus moal ka mana brasna lamun nyaritakeun éta mah, tangtu kana ulekan katunggaraan. Mangkaning apan saenyana anu keur kakandungan mah dipahing pisan ngagugulung kasedih. Kudu sina bérag jeung hégar, sabab ceuk indung beurang ogé éta téh gedé pangaruhna ka jabang bayi anu keur dikandungna.
“Ku Ibi geus kajudi, naon alatanana Paman Sungsang bageur ka kami?”
“Lebeng, Ndén Ayu. Mung ku ngabandungan cariosanana nembé, ceuk émutan Ibi, asa sanés bageur pangarahan.”
“Da kami ogé teu boga pikiran ka dinya. Anu karasa téh, najan tacan lila, teu béda ti nyaah kolot ka anakna. Anu matak kami teu sapamadegan jeung Ibi ogé naha ku naon atuh. Bet asa piraku Paman Sungsang aya karep mileuleuheungkeun kami, sabab asa béda geterna.”
“Cobian atuh papaykeun ku nyalira.”
“Arék éta ogé, lamun geus manggih waktu anu mustari mah. Tapi tangtuna ogé nanyakeunana kudu ku cara anu lantip tur malapah gedang,” omong Listayu.
***
DINA pamustunganana mah Listayu teu kudu nanyakeun, sabab Radén Sungsang ngajalanan ti heula.
“Paman téh geus jangji ka diri pribadi, hayang bisa males kasaéan tuang rama. Ngan hanjakal ayeuna tos taya dikieuna. Anu matak, pamales budi Paman téh rék ditamplokkeun ka Eulis,” ceuk Radén Sungsang waktu ngalayad deui Listayu.
“Naha kumaha kitu, Paman, kajantenan anu saleresna téh?”
“Paman kungsi ditulungan ku Kakang Suranangga,” témbalna. Jep deui répéh, jiga anu rék nataran picaritaeun. 
Listayu ngahaja milih jempé, bisi anu rék cacarita ngarasa dikagokan. 
“Harita téh, basa balad Ukur rék nempuh jurit ka Batawi, Paman kungsi cilaka. Inget kénéh, di lebah Telukjambé, rakit nu ditumpakan ku Paman sabatur-batur ngadadak titeuleum di tengah walungan. Paman kabawa palid, tepi ka méh-méhan maot di cai. Ngan untungna téh gancang ditulungan ku Kakang Suranangga. Da ceuk saréatna, lamun harita tuang rama teu ngetohkeun pati nulungan, geus tangtu Paman moal kajait deui tina balai,” omong Radén Sungsang. 
Listayu jeung pangasuhna ukur molohok barang ngadéngé dongéngna kitu téh.
“Anu matak, Paman téh banget nya tumarima. Salawasna sok tumanya dina haté, iraha bisa panggih deui jeung Kakang Suranangga, hég kabeneran ninggang dina waktu rinéh. Lain ku naon, apan bieu gé geus disebutkeun, hayang males kasaéanana, sabab Paman geus ditumbu umur. Hanjakal, tepi ka papisahna deui, Paman teu kungsi tepung, margi tuang rama miheulaan mulih ka Ukur nyarengan Kangjeng Dipati.”
“Naon margina Paman teu mulih sareng?”
Radén Sungsang teu gancang ngajawab. Tapi lila-lila mah burung pok, “Eulis, kaayaan kiwari geus robah. Saenyana pikeun Paman pribadi ogé ngarasa beurat. Tapi, da kumaha atuh, kaayaan maksa kudu kitu,” reg deui eureun.
Listayu ngabandungan mani saregep pisan.
”Jigana tacan pati manjing lamun ayeuna Paman ngabéjér-béaskeun ieu pasualan ka Eulis. Kahiji, bisi Eulisna sorangan salah harti. Kadua, kaayaan nagara masih kénéh harénghéng, sanajan perjurit anu ti wétan ayeuna téh geus marulang deui ka Mataram. Ngan anu jelas mah, Paman nyaah pisan ka Eulis. Poma Eulis ulah boga pikiran anu lain-lain. Tarimakéun kanyaah Paman. Keun, tong mikiran ka sisi ka gigirna, utamana anu patali jeung kaayaan nagara dina waktu kiwari. Saheulaanan mah anu kararitu téh tong waka dijieun hancengan urang.” 
“Maksad Paman, urang ulah ngémutan ka saha nya kedah kumawula?” Listayu nanya.
“Kira-kira kitu. Rék saha waé anu jadi dalem di Ukur, urang éstokeun.”
“Tapi, naha bakal tiasa kitu, Paman? Kanggo sadiri-abdieun mah asa abot pisan.”
“Geus kajudi, pamadegan Eulis bakal kitu. Tapi urang kudu inget, kaayaan nagara geus robah jauh pisan. Meureunan Eulis ogé geus nguping yén dalem anu ayeuna téh lain pituin urang dieu. Tapi urang wasa nolak, da kitu kapalay Susuhunan ti Mataram. Saenyana lain ngan Ukur waé anu didaleman sakumaha kapalay ti wétan téh, tapi deuih Parakanmuncang, Sukapura, jeung Sumedang. Ari urang mah anu ngan saukur kumawula ka wayahna; nya kari tamaha waé, ganti ménak ganti dunungan.”
Listayu teu ngomong, da puguh teu pati timu dibawa cacarita ngeunaan éta mah. Komo deui pan ayeuna geus aya bulanna sasat hirup dina pingitan.
“Geus waé tepi ka dieu nyaritakeun perkara éta mah. Apan bieu ogé ku Paman geus ditétélakeun, naon pangna urang ulah rék sakacuam-caém. Ngan hiji anu kudu jadi bahan pikiraneun Eulis mah; kaayaan geus robah. Peun semet dieu.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar