KARÉTA API NGAN RUGI JEUNG RUGI

Karéta api kaasup kana transportasi massal. Jadi, satungtung masih kénéh loba manusa, karéta api moal kakurangan panumpang. Komo dina usum mudik mah. Ngan ku naon asa mindeng kabéjakeun rugi jeung rugi waé pausahaan karéta api di urang téh? Ceuk panalungtikan, lantaran loba panumpang anu teu meuli karcis. Komo panumpang KRD atawa KRL mah, cenah, lolobana sok hayang garatis waé. Tah, ku naon pangna méntalitas panumpangna kitu? Ceuk panalungtikan kénéh, anu salah téh lantaran lagu. Geura urang bandungan:
“Naek kereta api, tut, tut, tut ….
siapa hendak turut
ke Bandung – Surabaya
bolehlah naik dengan percuma ….”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar