MEUPEUSKEUN KACA

"Geus diputus kalawan adil. Hésé néangan lolongkrang pikeun naék banding gé," ceuk hakim ka para wartawan anu megat di lawang pangadilan. "Terdakwa kahiji dihukum genep taun, lantaran maéhan jalma. Terdakwa kadua dihukum saumur hirup, lantaran meupeuskeun kaca."
"Piraku ukur meupeuskeun kaca mani dihukum saumur hirup," wartawan motong kalimah.
"Heueuh, apan anu dipeupeuskeunana kaca kapal selam," walon hakim.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar