SILIH KIRIM PIISUKANEUN LEBARAN

Ahir taun 1970, jaman keur ngumbara di wewengkon Bandung Kalér, ari piisukaneun lebaran téh sok aya tradisi silih kirim idangan. Aya nu dirantangan, aya anu cukup dina piring. Eusina mah sangu katut deungeunna. Resep tingalabringna sakapeung mah, da sok remen mareng. Nu ti kalér nanggeuy baki ka kidul. Nu ti kidul ngajingjing rantang ka kalér. Sok tepi ka welasna alas, malah sakapeung mah likur, kikiriman anu nyimpang téh. Ngan nya kitu, urang gé kudu ngirim ka batur, meureun minangka pamulang tarimana. Mun téa mah urang keur teu boga duit, teu kaduga meuli bahan olaheun, bisa waé ku cara ngaoplos kikiriman ti batur. Kikiriman nu geus ngumpul di imah urang, terus dicampur-campur. Geus kitu wadahan deui, laju dikirim-kirimkeun ka tatangga. Nya lumayan waé bisa aya batian, mun urang pinter ngaoplosna mah. Apan kungsi cenah aya nu maké tanda. Sakur gepuk anu dikirimkeun ka tatangga ditalian heula ku kenur, minangka ciri. Geus kitu mah terus wé dikirim-kirimkeun ka tatangga. Pasosoréna, sabada diitung, tina 18 gepuk anu dikenuran, lima di antarana mulang deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar