MUSIBAT MUDIK

Najan pada ngageunggeureuhkeun gé, éta panumpang téh keukeuh waé mawa monyét kana beus. “Kajeun mayar saharga karcis jalma,” pokna ka kondéktur.
”Kumaha mun monyétna nalaktak, mangkaning teu dikandangan,” omong panumpang séjén.
”Moal. Dijamin. Ieu mah monyét geus ngarti,” témbal nu boga monyét.
Da piraku kudu patugeng-tugeng, nya ahirna mah dihempékkeun wé.
Tariking cilaka, tengah peuting, éta beus ragrag ka jungkrang. Panumpangna kabéh maot. Anu hirup téh ngan ukur monyét. Pikeun nalungtik sababiyah beus ragrag ka jungkrang, ahirna éta monyét ditalék ku para patugas jalan raya.
“Kumaha harita kaayaan kabéh panumpang, saméméh beus ka jungkrang?”
“Uk, uk, uk,” témbal monyét bari terus nyapertikeun anu saré.
”Euh, kabéh saré geuning,” ceuk patugas. “Ari kondektur kumaha?”
”Uk, uk, uk,” bari angger nyapertikeun anu saré.
“Sarua saré geuning. Ari supir?”
“Uk, uk, uk,” keukeuh nyapertikeun anu saré.
“Wah, keur dina kaayaan istirahat meureun, mun kabéh sarararé kitu mah. Piraku atuh supir jeung kondektur bareng saré dina mobil mah. Tangtuna gé sabot eureun di restoran, bari niiskeun mesin,” omong patugas séjén.
Tapi keukeuh aya patugas anu panasaran. Pokna, “Yeuh, Nyét, waktu beus keur maju, méméh ragrag ka jungkrang, ari manéh keur naon?”
”Uk, uuukkk ….. uk, uk!” témbal monyét bari nyapertikeun anu keur nyupiran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar