MADRAJI

Saha nu teu bangreung, nénjo Madraji ngajingjing bedog? Sapangeusi lembur apal inya kana adatna, harung gampung tur barangasan. Lila jadi pangeusi Nusakambangan.
“Neuleu Si Kasja ngaliwat ka dieu?” sorana gopro.
Nu ditanya ukur gideug.
Karah naon atuh Si Kasja, bet nyieun pucuk ti girang jeung jalma weureu?
Gidig ka lebak. Srog ka hareupeun tajug.
“Aya Si Kasja?” nanya ka anu keur dariuk dina babancik.
Duanana gideug.
Gidig deui.
“Béjaan Si Kasja, tong maké wiridan heula. Buru geura nyingkah, kituh!”
Karék gé bus nu rék ngabéjaan, Madraji balik deui ka hareupeun tajug. Rét kana tarumpah, apaleun bogana Kasja.
“Pajarkeun euweuh, geuning éta!” pokna. Nu duaan beuki ngayekyek. “Gancang sambéangna siah, Kasja!”
Kadéngé palupuh ngarekét. Kasja kaluar ti tajug.
“Sia téh hayang ieu?” ngacungkeun bedog.
“Nya, ari Aka wani mah,” kalem.
“Yeuh atuh. Hayam panukeuranana isuk anteurkeun ka imah aing. Kadé poho pesen sarangkana ka urang Galonggong. Bedog alus pisan ieu téh, euy.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar