DEMUNG JANGGALA Bagian 3

POÉ geus maju ka burit. Anu tas ti reuma kakara tarurun, mapay jalan satapak. Leumpangna patutur-tutur. Budakna ti hareup, ngajingjing manuk laleutik satiiran; meunang meuncitan. Kolotna ti tukang. Sarua deuih ngajingjing tiiran manuk aya welasna. Nyoréndangkeun koja anu geus darobol juruna.
“Bah, naha maké dipeuncit kabeh manuk téh?” budakna nanya, waktu maranéhna reureuh di sisi wahangan.
“Keur naon dihirupan ogé, da taya araheunana. Tuh, pan anu beunang poé ieu mah ukur manuk uncal, kadanca, walik, jeung tikukur. Anu diala hirup-hirup mah kuduna ogé manuk anu alus rupana atawa alus sorana. Jeung barina ogé keur naon loba-loba teuing ngukut manuk. Anu geus aya di imah ogé pan sakitu lobana,” témbal lalaki anu disebut Abah.
“Hayang ngukut manuk julang uing mah, Bah.”
“Wuah, keur naon boga manuk kitu! Parabna ogé hambur, jaba galak deuih. Lamun sakalieun macok téh gedé bahayana. Geuning pamatukna ogé mani sagedé leungeun silaing. Kumaha lamun engké macok kana mata? Piraku teu matak bocos!”
“Béo atuh, Bah.”
“Enya. Keun engké, lamun manggih sayangna urang cirian. Da sok matuh béo mah nyayangna téh. Lamun kapanggih sayangna, ku urang entong digareuwahkeun, antep sina tepi ka anakan di dinya,” omong bapana. “Hayu ah, urang ngeureuyeuh deui!”
“Ké atuh, capé kénéh,” walon anakna bari angger ngeueumkeun suku semet mumuncanganana. “Bah, ari babaturan Abah ku naon sok nyarebut Kang Béwos ka Abah téh”
“Heueuh, pan beungeut déwék béwosan. Geuning Mang Akung ogé disebut kitu téh pédah jangkung.”
“Terus, ari pangna Abah ka uing sok nyebut waé Demung?”
“Ah, hayangna wé kitu.”
“Da ngaran uing mah lain éta. Emung, pan. Malah ku batur mah sok disarebut Radén Emung.”
“Wuah, montong hayang disebut Radén geus jadi anak déwék mah. Silaing tong ngarasa waé jadi anak ménak, da ayeuna mah geus matuh jeung déwék.”
Budakna teu némbal.
“Hayu, burit mantén! Engké ku indung manéh moal kaburu diasakan manukna, lamun urang datang ka imah geus peuting mah.”
Budak téh terus nangtung. Ceg deui kana tiiran manuk. Méméh jung, manéhna nyarita heula, “Isuk nya, Bah, urang rék néangan sayang béo téh?”
“Montong isukan atuh,” témbal bapana. “Pan isuk mah déwékna ogé rék nyacar pihumaeun. Lamun hantem-hanteman ngala manuk saban poé, meureun huma urang bakal kabolér.”
Laleumpang deui patutur-tutur. Béak jalan satapak, bras ka jalan jajahan anu rada rubak. Geus aya di dinya mah leumpangna jadi ngaréndéng.
“Ari jalan anu ka kulon, brasna ka mana, Bah?”
“Ka Cilubang.”
“Ramé, Bah?”
“Puguh waé, da itu mah lembur gedé.”
“Ari Abah ku naon bet cicing téh di Janggala, lembur anu tiiseun?”
“Ah, bétahna wé di dinya. Jeung deuih, apan ngarah deukeut ka huma,” témbalna. “Geus, tong cacarita waé ari keur leumpang mah, sok babari capé, mangkaning di hareup kudu nanjak.”
Budak téh nurut. Najan loba tanyakeuneun ogé, manéhna milih jempé, da enya babari karasa capé ari leumpang bari ngobrol téh.
Geus ampir tilu bulan Emung aya di imah Si Béwos. Ku bapa kukutna keukeuh sok disebut Demung. Lila-lila mah, najan jinisna siga-siga teu nampa ogé, antukna teu burung matuh. Anu matak, Si Béwos téh ayeuna mah jadi katelah Abah Demung. Lamun aya anu poho teu nyebut kitu, manéhna mani teu sirikna tipopolotot. Ari pamajikanana jadi Ema Demung.
Ti saprak ngukut budak, kahirupan manéhna mimiti robah saeutik-saeutik. Jadi langka liar peuting-peuting ninggalkeun imah jauh-jauh ayeuna mah. Sapoé-poéna aya wé di lembur, ngajak ulin anak kukutna. Aya ka huma atawa ka tegalan, ngadon ngala manuk. Mun teu kitu, sok mapay-mapay walungan, néangan lauk.
Nénjo pamolahna robah, pamajikanana ogé mimitina ngarasa héran. Komo deui sanggeus salakina ngasongkeun karep rék mimiti deui ngahuma mah. Padahal geus lawas pisan lahan anuna téh teu ditoél-toél, diantep ngajejembrung tepi ka siga deui leuweung. Ari rék dipigawé ku pamajikanana wungkul, da puguh moal katanagaan.
Emung kacida dipikanyaahna, komo ku indung kukutna mah. Pantes tuda, geus aya welasna taun hayang boga budak, ari ayeuna hég diparengkeun manggih. Kabeneran deuih budakna geus teu ngahésékeun, da geus hideng. Malah sakapeung mah sok rajeun bisaeun nalang-nalang.
Barang mimiti mah, budak téh nataku teu bétaheunana, da puguh cicing di deungeun-deungeun haseum anu saméméhna sama sakali teu wawuh. Katurug-turug deui kahirupan anu karasa ayeuna ku manéhna téh kacida ganjorna. Matuh di lembur singkur bari kaayaan di imahna sarwa walurat. Padahal, apan tadina mah batan sakitu senangna. Sagala dipupujuhkeun, da puguh anak menak. Los ka mana, los ka mana teu weléh pada ngabagéakeun ku batur ulinna. Kana kahayangna tara aya wani-wani mungpang. Ari ayeuna, sakalieun hayang boga batur ulin ogé hésé, da imah bapa kukutna nenggang ti nu séjén. Lian ti éta, manéhna sok dicarék mun cacampuran jeung budak séjén téh.
Anu matak, katénjo pisan ngarumasna jero sabulan mah. Ngan ku sabab indung jeung bapa kukutna saban poé ngébréhkeun kahéman, lila-lila mah manéhna mimiti bisaeun nyaluyukeun diri. Kahirupanana mimiti dalit jeung kabiasaan-kabiasaan anyar anu loba pisan patukang tonggongna jeung keur waktu matuh di dayeuh. Jigana waé, najan alam pikiranana jauh tangéh ka sawawa, manéhna geus bisa tumarima kana kanyataan dirina. Tuda rék cicing di mana deui? Apan sidik, indung bapana mah teuing aya di mana. Boa aya kénéh di kieuna, boa geus ninggalkeun alam dunya. Kitu deui lanceukna anu ngan hiji-hijina téh sama sakali euweuh kelemengna. Manéhna geus teu boga deui tuturkeuneun. Dina ayana ogé anu jadi baraya, teuing araya di mana deuih.
Mun ras kana nasib anu tumiba ka dirina, dadana sok teu pupuguh jadi rénghap ranjug. Dihenteu-henteu ogé, najan budak kénéh, manéhna geus bisa ngararasakeun kasedih jeung katunggara. Sakabéh éta anu tumiba téh, ku sabab aya pamolah deungeun. Anu matak, dina dadana tumuwuh pepetétan rasa ceuceub jeung niat mulangkeun kapeurih. Ngan, teuing ka saha kudu ditujulkeunana. Tungtungna éta rasa téh ukur dikemu dina dada, anu beuki dieu beuki ngarékahan.
Keur anyar mah, manéhna sok merenyeng hayang dianteurkeun ka dayeuh. Ngan waé ku bapa kukutna teu dipairan, kalah terus diolo-olo sangkan manéhna ngarasa bétah. Ari kitu téa mah bisa pisan ngabébénjokeunana téh. Sakur kahayangna, iwal menta dianteurkeun ka dayeuh, sok diayunkeun. Anu teu nyampak ogé, sok ngadadak diaya-ayakeun. Itung-itung panyombo minangkana mah. Kabeneranana téh budakna tara barangpénta anu bararangga. Kitu waé sabangsaning manuk anu bisa didongkang ka reuma atawa ka leuweung. Anu matak di imah bapa kukutna téh mani rantuy kurung manuk.
Kira-kira wanci asar ahir, maranéhna geus cunduk. Lembur leutik dina mumunggang anu kayaanana semu ngagupit. Pangeusina teu kungsi likuran kuren. Éta téh bari tempatna patarenggang. Imah bapa kukutna téh aya dina tungtung anu ngagupitna téa; ka kénca gawir, ka katuhu gawir.
“Manukna rék didudutan heula nya, Ma? Engké ku Ema pangmeuleumkeun,” omong manéhna ka indung kukutna.
“Keun waé ku Ema ngadudutanana ogé. Demung mah jig waé geura mandi, bisi kaburu tiris,” témbal indung kukutna.
“Moal waka mandi, kétang. Pan rék ngala heula simeut keur parab titimplik jeung saéran,” omongna deui.
“Geus dipangalakeun ku Ema. Tuh, diwadahan dina ruas parantina.”
Brus mandi di pancuran, lebakeun imahna. Sanggeus disalin, manéhna terus maraban manuk kukutanana. Dipapay taya anu kaliwat.
“Demung! Geura dahar, euy, meungpeung kéjona haneut!” gero-gero bapa kukutna ti dapur.
“Enya. Yeuh geus asak beuleum tikukur téh. Tuh, mani girinyih kieu dada mentona ogé,” indungna mairan.
Puguh waé mani ngalimed. Balik capé tas asruk-asrukan ti leuweung, terus disampakkeun sangu katut deungeunna haraneut kénéh.
Reup peuting, pangeusi lembur geus ngarampih ka saimah-imahna. Éstu jadi combrék pisan, ari lain sora bueuk tingkarueuk dina tangkal awi mah. Tuda tong waka peuting di dinya mah, beurangna ogé tiiseun. Anu sok rajeun tingkulampreng di buruan téh paling ogé barudak anu keur arulin, da ari kolot-kolotna mah mimindengna araya di huma. Tara kacaturkeun aya tukang dagang ngider anu saba lembur. Anu matak, urang dinya mah sok saaya-aya beunangna sorangan waé. Mun sakalieun aya pangabutuh ka pasar ogé, teu nitih sabulan sakali.
Biasana mah ari geus reup peuting téh Abah Demung mindeng tara aya di imah. Ngahaja inditna ngelemet, ngarah teu kanyahoan ku anu séjén. Da saréréa ogé taya anu apal, iwal pamajikanana pribadi, naon waé anu sok dipilampah ku manéhna peuting-peuting lamun geus bijil ti imahna. Aya kalana sawatara poé teu balik-balik. Ku pamajikanana mah sok disebutkeun keur nyaba, lamun pareng aya tatanggana anu nanyakeun téh. Da puguh patarenggang, katurug-turug langka tepung deuih, urang dinya tara arapaleun kana anu dipilampah ku dirina. Atuh da panggih jeung tatangga téh paling-paling ari pasarandong di jalan, dina rék indit atawa balik ti kebon. Beunang disebutkeun tara aya anu natangga, ari lain dina kumpul riung sidekahan mah.
“Isukan mah hudang subuh-subuh, terus ngéjo sing gedé,” ceuk Abah Demung ka pamajikanana.
“Naha rék talus kitu nyacar pihumaeun téh?”
“Heueuh. Wayahna urang bakal aya poéna cicing di kebon, ngarah teu kudu ujag-ajig. Lamun saban poé didugdag ti imah mah, kalah capé di jalanna,” témbal salakina.
“Ari budak rék dibawa deuih?”
“Nya heueuh atuh. Rék sina cicing jeung saha di dieu ogé” 
“Bakal bétaheun kitu dibawa nyaung-nyaung di huma?” pamajikanana nanya deui.
“Piraku sugan maké embungeun. Urang bébénjokeun waé ku pangaresepna.”
“Aéh enya,” omong Ema Demung, “kamari téh manéhna hayangeun dipangnyieunkeun gondéwa jeung jamparingna. Da geuning salian ti kana manuk, budak téh karesepna kana anu kitu.”
“Enya, ka kami ogé geus nyarita. Babari atuh nyieun anu kitu-kitu waé mah. Asa geus katénjo anléhna kana nyekel pakarang budak téh. Tadi ogé, di leuweung, manuk anu beunang disumpit ku manéhna aya duana.”
“Turunan ti bapana meureun. Apan cenah bapana téh pamanggul jurit di padaleman.”
“Ari manéh percaya?”
“Naon téa?” pamajikanana kalah malik nanya.
“Heueuh, cenah budak urang téh anak senapati ti Dayeuh Ukur.”
“Percaya. Da ari budak bijilan kampung mah moal kitu pamulu katut réngkak paripolahna. Enya, tangtuna ogé anak ménak manéhna téh. Geuning lamun nyaritakeun kaayaan di dayeuh jeung di padaleman téh mani norostos pisan. Mana kitu ogé apaleun pisan kana kaayaan anu sabenerna. Kami onamanan, anu ngabandunganana, ukur heueuh-heueuh bueuk, da tacan ngalaman nyaba ka dayeuh, komo nincak padaleman mah,” omong Ambu Demung. “Anu matak, ceuk kami mah, geura eureunan pagawéan anu sasari téh, bisi kaburu kabokér ku anak urang.”
“Wuah, awéwé mah ulah sok pipilueun kana urusan lalaki!” salakina rada nyereng. “Apan ayeuna mah kami geus langka liar ti peuting. Jeung barina ogé, urusan kami mah ulah dipatalikeun jeung budak. Asal manéh teu sakacuam-caém, budak mah moal ieuh apaleun.”
“Geuraheun teuing. Apan budak téh maju ka gedé. Meureun engkéna mah manéhna bakal naléngténg ka urang. Rék kumaha pijawabeun urang?”
“Meugeus, ah, ulah nyaritakeun perkara éta! Urusan éta mah, urusan kami!” salakina ngagebés.
Dikitukeun mah, jep waé pamajikanana balem.
***
(nyambung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar