DEMUNG JANGGALA Bagian 2

GUYUR salelembur Pameuntasan, tukang rakit nimu layon bawa caah. Dirariung ku anu araya di dinya, sanggeusna digolérkeun dina bangku awi.
“Nilik papakeanana mah, siga-siga santana nya, euy?” ceuk salasaurang anu araya di dinya.
“Enya. Ku naon nya, éta dadana gudawang?”
“Heueuh. Jeung siga-siga tapak nyiksa deuih. Éta geura, beungeutna ogé mani barengep kitu.”
“Ulah loba teuing carita, urang kurebkeun waé ayeuna mah,” ceuk anu séjén.
“Kumaha lamun engké aya anu nyusul?”
“Atuh kari terangkeun, naon héséna. Bet piraku layon hayoh waé dijapapangkeun kitu mah. Keur bau téh, matak baluas anu borangan deuih!”
Gecruk-gecruk ngali kuburan, teu jauh ti tempat kapanggihna. Kabeneran harita keur loba jelema, bubuhan ninggang poé pasar. Teu kungsi lila ogé ngurebkeun mayit téh geus réngsé.
Teu jauh ti dinya, ka lebah girangna aya deuih anu nimu budak bawa caah. Nyangsang dina dapuran haur anu nyolodor kana beungeut cai.
“Kang, siga manusa itu téh!”
“Mana?” omong anu béwosan.
“Itu, tuh!”
“Heueuh waé”
“Alah, paling ogé bangké bawa ti girang. Apan kamari caah sakitu gedéna,” omong anu saurang deui.
“Panasaran aing mah,” ceuk anu béwosan bari terus ngadeukeutan tunggul haur.
Anu duaan deui mah kalah ngajarengjen handapeun tangkal dadap cangkring. Anu saurang maké totopong hideung, pangawakanana jangkung begang. Anu saurang deui bubudugulan, buukna ngarumbay semet taktak.
“Manggih bangké ogé saleuheung mun bangké awéwé mah nya, Kung?”
“Silaing mah, Joban, ngan ka bikang waé. Moal ngeunah deuleu, geus euweuh nyawaan mah,” walon Si Jangkung.
“Nya, jeung ti batan euweuh-euweuh teuing mah, jeun teuing geus jadi bangké ogé, komo lamun parawan kénéh mah,” omong Si Joban bari nyéréngéh.
“Ngacapruk, siah! Kuriak engké ngajungjurigan!”
“Sakalian jurigna ogé ku déwék mah rék diasaan!” 
“Meugeus, siah! Engké ogé lamun asup ka lembur, sabataé.”
Obrolan maranéhna kapegat, sabab baturna anu saurang deui nyalukan. Terus waé nyalampeurkeun.
“Aya kénéh nyawaan, euy,” omong Si Béwos sanggeus ngahanjatkeun titimuanana.
Baturna milu nyampaan awak budak anu geus digolérkeun dina keusik sisi walungan.
“Pencét geura beuteungna, Kang, terus poréatkeun, ngarah caina bijil,” ceuk Si Jangkung.
Enya waé, tina sungut jeung liang irungna kaluar cai. Sanggeus beuteungna kempés, terus digolerkeun deui. Budak téh masih kénéh ngalempréh, teu inget di bumi alam, bari beungeutna mani geus geunteul.
“Rék dikumahakeun, Kang?”
“Urang bawa. Bet piraku digolerkeun waé di dieu, kuriak engké direwég kerud,” témbal Si Béwos, anu ku babaturanana disarebut Akang.
“Atuh matak ngabarabékeun mun urang mamawa budak mah, Kang.”
“Enya,” Si Joban mairan. “Apan, cenah, urang téh kudu gagancangan cunduk di léngkob Selapgohgor. Lamun kaburitan mah bisi anu baralik ti pasarna geus ngaraliwat.”
“Enya, Kang. Malah ceuk béja, tadi téh aya anu geus masar ti dayeuh, bandar kantéh. Tangtu beubeunangan urang bakal mucekil lamun hasil megat éta mah. Biasana ogé, cenah, ari balik masar téh sok loba-loba waé mawa ladangna,” omong Si Jangkung.
Si Béwos ngahuleng sakeudeung. Enya, ceuk dina haténa, bakal ngaganggu lamun mawa budak mah. Tapi piraku rék diantep atuh.
“Asa watir, euy, lamun ieu budak ditinggalkeun mah,” omong Si Béwos sanggeus rada lila ngahuleng.
Si Joban seuri.
“Naha silaing maké seuri?”
“Geuning Akang masih kénéh boga rasa watir.”
Dikitukeun téh Si Béwos mureleng. “Da aing ogé manusa, siah!”
“Alah, tong terus kapapanjangan atuh,” ceuk Si Jangkung. “Rék dibawa mah, nya bawa waé atuh, Kang. Ngan alusna kudu dipihapékeun heula. Da piraku ari rék disimpangkeun heula ka lembur urang mah. Tah engké, samulangna ti Selapgohgor, matak naon urang sampeur deui, ari enya mah Akang butuh ku éta budak.”
“Puguh waé butuh mah,” omong Si Béwos. “Heueuh, alus tah euy, caritaan anu bijil ti silaing téh, Kung. Tapi...,” manéhna ngahuleng deui.
“Tapi kumaha, Kang?”
“Rék di saha dipihapékeunana, euy?”
“Urang simpangkeun waé ka Haurmuseur,” témbal Si Jangkung.
“Naha silaing boga kawawuhan di dinya, kitu?”
“Apan bogaeun anu ngora di dinya téh, Kang. Si éta mah tangtuna ogé sakalian bari néang pamajikanana, ka dinya heula téh. Mangkaning geus heubeul teu dilongokanana ogé, lain?” Si Joban mangnémbalankeun.
“Baruk, silaing boga teuteundeunan di dinya téh? Naha aing mah teu nyaho-nyaho. Iraha dirapalanana, euy?”
“Geus heubeul, Kang,” anu némbalan téh angger lain jinisna. “Biasa, awéwé meunang ngiwat ti lembur batur. Ayeuna ogé cicingna téh lain jeung kolotna, da.”
“Disélongkeun di saha atuh?”
“Di Aki Subita, tukang nyadap téa. Geuning anu matuhna ukur nyaung-nyaung di tengah huma.”
“Oh, heueuh. Apal aing ka aki-aki éta mah. Nya alus waé lamun pamajikan silaing dipihapékeun di dinya mah, da tempatna nyingkur pisan.”
“Bet piraku atuh, Kang, luludeunganan mihapékeun pamajikan di tengah lembur, pantar urang mah!”
“Heueuh, hayu atuh!”
Bring ka tonggohkeun. Budak téh dipanggul ku Si Béwos. Leumpangna mani ngagedig, sumanget pisan, tepi ka anu duaan mindeng tinggaleun di tukang. Aya kaatoh anu nyangkaruk dina batinna, sanggeus manéhna nimu éta budak.
“Nénjo rurupaanana mah, asa kasép budak téh,” omong Si Jangkung.
“Enya. Anu matak pantes lamun Si Akang hayangeun ngukut ogé. Keur mah tuda manéhna gabug. Jadi meureun asa kacumponan kahayangna,” omong baturna.
“Keun atuh, ngarah pamajikanana bogaeun batur ari keur ditinggal-tinggalkeun kawas ayeuna.”
“Heueuh.”
***
TÉTÉLA nyamos ti Selapgohgor téh. Maranéhna teu meunang naon-naon, sabab anu tas malasar téh henteu ngaraliwat ka dinya. Jigana mah nyokot jalan séjén, sabab geus arapaleun yén di lebah dinya mindeng aya bégal. Sakitu didagoan tepi ka parat sapoé sapeuting ogé, lapur taya anu ngulampreng saurang-urang acan. Kétah, aya éta ogé ari anu ngaliwat mah, duaan, tapi lain tas masar. Tas nuar kai ti leuweung.
Atuh baralikna ti dinya téh teu katémbong bérag, iwal Si Béwos. Manéhna mah teu siga-siga handeueul najan teu beubeunangan ogé. Leumpangna ngagandeuang bari héhéotan. Béda jeung anu duaan, sajajalan gawéna ngan kutuk gendeng.
“Meugeus ulah ngomong waé. Ayeuna nyamos, sugan isuk pagéto mah hasil,” omong Si Béwos. Ti dituna mah ngabeberah, meureun.
Lebah sisimpangan, maranéhna papisah. Si Joban terus ngidul, ari anu dua deui méngkol ka Haurmuseur. Tangtu waé leumpangna bari mipir-mipir lembur. Manéhna tara ludeungeun ngulampreng ka paraméan. Komo pabeubeurang mah.
Barang jol ka pamatuhan Aki Subita, budak téh masih kénéh ngalempréh. Karék matana wungkul culak-cileuk. Beungeutna geus teu pati geunteul teuing, geus mimiti katémbong aya getihan.
“Tas dihuapan citajén ku Si Nini bieu téh,” ceuk pribumi. 
“Daékeun?”
“Asup wé tilu séndok mah,” témbalna.
“Mun atuh téang Ma Ursih,” omong pamajikan Si Jangkung.
“Saha kitu ari Ma Ursih téh, Idoh?” salakina nanya.
“Indung beurang. Sugan waé manéhna bisaeun ngubaran. Piraku sugan teu metu ngajampé-jampé acan.”
“Atuh indung beurang mah matih sotéh jampéna ka anu tas hudang ngajuru. Apan ieu mah budak cilaka ku caah,” ceuk Si Jangkung.
“Kétang, teu halangan. Ari nyieun tarékah mah, kumaha waé atuh carana,” ceuk Si Béwos.” Jig téang ka dituh, Idoh!” nitah ka pamajikan babaturanana.
“Kudu aya anu nganteur atuh, da jauh imahna ogé. Teu ludeung ari indit sosoranganan mah,” omong anu dibéré pancén. 
“Dianteur ku saha? Piraku kudu ku kami?” ceuk salakina. 
“Jeung Si Aki waé atuh inditna,” ceuk Si Béwos.
“Ari ieu anu nungguan godogan peueut saha atuh, lamun kami kudu indit mah? Mangkaning Si Nini geus indit ka kebon bieu,” ceuk Aki Subita.
“Ka dieukeun ku kami!”
“Enya,” omong Si Béwos.” Keun ku kami ditungguanana pigulaeun mah. Buru waé kaituh téang indung beurangna!”
“Tapi kadé nya, euy, ulah tepi ka gontot nyuluhanana. Sok tara waras hasilna. Suluhna mah, tuh, ngabugbrug di pipir, bogor kawung meunang nampolan,” omong Si Aki.
“Enya, lah! Keun, suluhna urang bugbrugkeun kana sungut hawu, sugan waé gulana jadi hideung, siga birit sééng,” ceuk Si Jangkung.
“Béak suluh, tong salémpang, saung ieu wé urang ruag,” ceuk Si Béwos bari nyéréngéh.
“Atuh lamun saung ieu euweuh mah, rék di mana sarilaing engké mihapékeun awéwé” Aki Subita gancang némpas bari terus ngaléngkah ka luar. “Hayu, Nyai, meungpeung panonpoé tacan mentrang! Ulah hayoh waé dilayanan jalma garejul kitu mah.”
Werat kénéh heureuy, bubuhan maranéhna gancang loma. Ari kitu téa pantes, da Aki Subita ogé ruruntuk bégal, najan tacan kungsi reureujeungan jeung Si Béwos sabatur-batur, da ganjor umur. Sanggeus tanagana suda, manéhna terus nyaung-nyaung jadi panyadap. Anu matak Si Jangkung jeung batur-baturna geus teu asa-asa lar sup ka pamatuhanana téh.
Waktu Ma Ursih cunduk, Si Béwos jeung Si Jangkung mah henteu némbongan. Untungna téh ngajampéna teu lila. Malah katénjona téh siga anu garudas-garidus pisan.
“Sing téréh jagjag, jalu,” omongna bari terus amitan.
Teu lila ti sajungna indung beurang, budak téh mimiti bisaeun cengkat, terus ménta nginum. Si Béwos kacida ngarasa bungahna. Malah ku manéhna sorangan diinumanana ogé. Mimiti mah budak téh embungeun, sabab katénjona siga anu singsieuneun kénéh. Tapi ku haben diasong-asong mah, nya daékeun saregot.
Si Béwos teu daékeun ingkah jauh, campego waé di hareupeun budak timuna. Sakapeung beungeutna diteuteup mani anteb, terus tarangna diusapan.
“Alusna mah tong waka dibawa ayeuna. Antep heula di dieu tepi ka jagjagna,” omong Aki Subita waktu manéhna geus balik deui, tas nganteurkeun indung beurang.
“Enya, keun ku kami urang urus,” Si Nini anu karék balik ti kebon mairan.
Si Béwos kalah ngahuleng.
“Mending kitu, Kang. Budak mah tong teuing dipaké melang, da uing ogé rék cicing heula di dieu,” omong Si Jangkung.
Si Béwos ngahuleng kénéh. Teu lila, pok nyarita, “Kitu hadé atuh. Tapi peupeujeuh mihapé. Jigana pagéto amat déwék rék ka dieu deui.”
“Sakalian atuh sampeur Si Joban. Apan rék ka ditu téa.” 
“Enya,” walon Si Béwos. Manéhna ujug-ujug ngarti kana maksud caritaan baturna.
“Piraku sugan tepi ka teu hasil anu engké mah. Ngan kadé waé salah utang-itungna, bisi nyamos deui kawas kamari.” 
“Moal atuh, euy.”
***
ARI ku dileukeunan mah, budak téh bisa katumbu umur. Tilu poé ka opatna, manéhna geus bisaeun hudang. Ngan nya kitu, jiga anu baluas was katénjona téh. Remen pisan ujug-ujug tibuburanjat siga anu tas manggih kasieun. Komo ana pareng disampeurkeun ku Si Béwos mah. Katénjona téh bangun anu kacida sieunna.
“Geus bisa diajak cacarita, Aki, budak téh?”
“Enggeus, ngan tacan pati jéntré. Kitu wé, karék sakecap dua kecap. Anu geus écés téh karék nyebutkeun ngaranna wungkul,” témbal Aki Subita. “Ngakukeunana mah Emung.”
“Emung?” Si Béwos rada kerung.
“Naha ku naon kitu, Kang?” Si Jangkung nanya.
“Ceuk déwék mah asa kurang pantes, nya? Emung Emung ... . Asa leuwih genah Demung, euy!”
“Naha mani nyapirakeun pisan kana ngaran batur téh. Ngaran hasil utang-itung, Kang, bari jeung kolotna mubur beureum mubur bodas heula,” omong Si Jangkung.
“Ah, da ayeuna mah déwék anu jadi kolotna ogé,” ceuk Si Béwos bari édég.
“Heueuh, saha indung bapana nya, ieu budak téh?” ceuk Aki Subita. “Ku nénjo pamuluna mah, jiga-jiga lain anak bulu taneuh.”
“Puguh enya, asa jajauheun pisan jeung rurupaan anak urang,” Si Joban milu nyarita. “Pék waé geura, anak urang mah keur harurik téh, beuteungna balucitreuk bari buukna cerewing. Ari ieu, kulit ogé mani sakitu beresihna. Buuk gomplok, bulu mata carentik.”
“Heueuh. Asa numpang pisan mun dibandingkeun jeung beubeungeutan Si Akang mah,” omong Si Jangkung bari nyéréngéh.
“Si! Naha silaing bet jadi ngagogoréng rupa déwék!” Si Béwos gancang nambalang bari ngahéhéh.
“Jeung Si Nyai Idoh sok rajeun daékeun cacarita rada lila téh. Apan lindeukna ogé ka manéhna,” omong Si Nini bari nolol ti lawang dapur. “Anu ngurus sapopoé ogé pan Si Nyai, da kami mah teu ari balas naheuran lahang. Tadi ogé isuk-isuk, daékeun dahar segut sotéh pédah ditungkulan ku Si Nyai. Katénjona mah geus mimiti maju ka mamayu.”
“Heueuh, sukur atuh,” cek Si Béwos. “Mana Si Nyaina ayeuna?”
“Keur ngisikan ka lebak,” témbal Si Nini. “Tuh geuning, geus balik deui!”
Bus ka jero dapur.
“Anak saha cenah, Nyai, budak téh ngakukeunana?” Si Nini nanya.
“Nyebutkeunana mah ti dayeuh, bapana ngaran Suranangga, pangkatna senapati,” témbalna bari ngeurihkeun béas meunang ngisikan kana aseupan. Gen sééngna dikana-hawukeun.
“Suranangga?” Si Béwos kerung. “Asa tacan kungsi ngadéngé. Sugan Aki apal, saha éta téh?”
“Teuing atuh.”
“Terus kumaha cenah, Nyai?”
“Cenah, manéhna téh dibawa ngalolos ku pangasuhna, lantaran dayeuh diranjah musuh. Ngan pareng di satengahing jalan, manéhna tigujubar ka walungan.”
“Cek, cek, cek ...,” Si Jangkung gogodeg.
“Ih, alus waé,” omong Si Joban.
“Alus kumaha ari silaing?”
“Heueuh, alus. Budak-budak geus pinter ngawadul,” témbal Si Joban bari nyéréngéh.
“Akang percaya kana caritaanana?”
“Percaya teu percaya, euy. Ari percayana, éta lebah nénjo pamuluna. Apan ceuk silaing ogé, taya sari-sari anak bulu taneuh. Ari teu percayana, bet piraku pangasuhna talobéh, tepi ka manéhna ragrag ka walungan. Ari perkara di dayeuh aya ririweuhan mah, déwék ogé kungsi ngadéngé, ti anu tas baralik ti ditu,” témbal Si Béwos.
“Ari pangna ragrag ka walungan, kumaha cenah, Nyai?” Si Jangkung nanya ka pamajikanana.
“Tah, lebah dieu asa pamohalanana téh,” témbalna bari barabat didongengkéun lalampahan éta budak waktu asruk-asrukan; ti mimiti teu manggih pameuntasan tepi ka dibeberik ka sisi gawir walungan.
“Beuki ramé waé dongéngna téh,” ceuk Si Joban.
“Ari keur déwék mah,” ceuk Si Béwos, “rék enya kitu, rék lain, bet mangsa bodo teuing. Anu penting mah budakna daékeun tur bétaheun di imah déwék. Éta cenah manéhna téh bener-bener anak ménak, nya sukur nu aya.”
“Heueuh, sugan wé Akang kaparengkéun undak darajat ari ngarasanan anak menak mah,” omong Si Jangkung.
“Enya, Kang. Saha anu nyaho engké Akang baris jeneng patih. Pantes pisan, Kang. Beungeut jémbros bari mata jaléér beureum. Ngan hanjakalna téh teu bisa maca. Ha-ha-hah ... ! “
“Meunggeus siah, tong heureuy waé! Apan enya mawa milik budak téh. Buktina, peuting tadi urang mucekil. Coba, éta téh perbawa naon?” omong Si Béwos.
Sabot kitu, ti jero enggon kadéngé palupuh ngarékét. Lol sirahna nonghol tina lawang. Tapi lantaran di patengahan loba jelema, budak téh ngalelep deui.
Si Béwos ngojéngkang lalaunan, terus ngelol ka jero enggon.
“Yap ka dieu ...,” omongna.
Budak téh kalah undur-unduran.
“Hayu ka dieu, ka Abah,” omongna deui. “Abah mah boga anak bajing.”
Budak téh teu némbalan.
“Ku Nyi Idoh sina diolo heula, geura,” ceuk Aki Subita. Idoh abus ka enggon. Budak téh diusapan, terus dituyun ka luar. Daékeun.
“Sok diuk ngariung di dieu, urang dahar. Tuh, sanguna ogé geus ngebul, jaba tadi Aki meuncit hayam.”
Gek diuk di juru. Gawéna ngan tungkul.
“Emung ulah sieun-sieun. Kabéh anu aya di dieu téh balageur. Apan basa Emung palid di walungan ogé, ditulunganana téh ku Si Abah. Mana kitu ogé Abah téh bageur ka Emung,” ceuk Nyi Idoh, maksudna mah ngajalanan, ngarah budak gancang wanoheun ka anu araya di dinya.
“Enya, Mung,” omong Si Béwos. “Mun harita teu gancang dihanjatkeun ka darat, geus tangtu bakal disantok buhaya. Mangkaning di lebah dinya téh buhayana galedé. Harita ogé Abah ampir-ampiran gelut jeung buhaya, basa nulungan silaing téh.”
Si Joban jeung Si Jangkung ukur nyéréngéh barang ngadéngé sobatna nyarita kitu téh.
Teu sakara-kara, budak téh daékeun tanggah, terus neuteup ka anu araya di dinya.
“Emung nyaho buhaya?” Si Jangkung nanya.
“Anu sok malingan hayam téa? Geuning, anu sok naraplok dina tangkal sisi walungan bari maroyan,” daékeun nyarita saterusna mah.
“Éta mah bayawak atuh, Mung. Buhaya mah leuwih gedé, kahakanana sato galedé deui, atawa manusa. Engké lamun pareng ku Abah dibawa ulin ka walungan gedé, geura urang tuduhkeun.”
“Ah embung, sieun,” omongna.
“Atuh ti kajauhan waé nénjona. Biasana ari isuk-isuk téh sok maroyan dina keusik sisi walungan. Anu matak, silaing kudu milu ka Abah,” ceuk Si Béwos.
“Naha ka kami maké wawanianan nyebut silaing?” budak téh kalah malik nanya bari neuteup.
Si Béwos ngajenghok, duméh teu sangka budak téh wanieun nambalang. “Heueuh atuh, moal nyebut silaing ari embung mah,” pokna. “Abah rék nyebut Demung.”
“Emung ngaran kami mah!” némpas deui.
“Heueuh atuh, Emung,” Si Béwos ngéléhan. “Tah, Emung kudu milu ka Abah.”
Budak téh gideug.
“Apan rék dibéré anak bajing téa. Geus lindeuk téh,” ceuk Si Béwos.
“Embung bajing mah.”
“Hayang naon atuh?”
“Hayang titimplik,” témbalna.
“Keun, manuk titimplik ogé ku Abah rék dipangalakeun. Kurungna urang nyieun sing alus. Babari ieuh ngala titimplik mah, di tegal pangangonan ogé loba sayangna. Urang néangan anakna anu geus teu pakan kundang.”
“Embung anakna mah, hayang anu geus bisaeun bacéo.”
“Anu geus bisaeun bacéo ogé ku Abah rék dipangalakeun. Babari lah ngalana ogé, maké leugeut teureup. Malah sakalian urang bari mikat cangkurileung. Emung resep kana cangkurileung?”
“Resep,” témbalna. “Manuk haur resep deuih.”
“Tah, manuk haur ogé ku Abah rék dipangalakeun. Pokona, hayang manuk naon waé ogé jangji aya. Sok, hayang naon deui? Kasintu hayang, henteu?”
“Embung kasintu mah giras, tara beunang dicoo.”
“Enya, kétang, kasintu mah giras,” omong Si Béwos. “Jadi, engké téh urang ngala titimplik, manuk haur, jeung cangkurileung, nya?”
“Bajing ogé hayang, kétang!”
“Enya. Geus aya bajing mah,” Si Béwos ngarasa bungah.
Si Joban nyerengeh, terus ngaharéwos ka Si Jangkung,
“Manéh bakal dititah ngala anak bajing geura ku Si Akang.” 
Si Jangkung seuri bari unggut-unggutan.
“Tah, ayeuna mah sing segut daharna, ngarah jagjag. Apan rék milu ka Abah.”
“Jauh, kitu?”
“Jauh. Tapi moal capé ieuh, da.”
“Naha rék kana kuda inditna téh, kitu?”
“Moal, tapi Emung rék digandong ku Abah, lamun geus capé mah.”
“Engkéna bakal ngaliwat ka dayeuh?”
“Moal. Naha rék naon kitu, maké nanyakeun ngaliwat ka dayeuh sagala?”
“Rék nyimpang heula ka srimanganti, bisi bapa kami keur aya di dinya.”
“Naon euy, srimanganti téh?” Si Joban ngaharéwos bari nyiku Si Jangkung.
“Teuing atuh.”
“Lain kitu tempat sintir mah? Atawa, boa-boa pangrereban ronggéng?”
“Meugeus siah, gandéng!”
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar