DEMUNG JANGGALA Bagian I

CITARUM caah rosa, ngagulidag umpal-umpalan. Atuh anu rék mareuntas téh jadi kandeg. Dipaksakeun ogé, ukur rék nyébakeun pati. Komo ku ngaraas, tuda, dalah maké rakit ogé hamo tepi ka peuntas.
Opatanana tingharintul di sisi cai; dua lalaki, dua awéwé. Bingung nya pilakueun. Ari rék lahlahan nyorang caah, da puguh teu piuntupeun. Komo deui bari jeung mawa budak. Ari haben cicing di dinya, sasat balai geus nampeu deuih. Tangtuna ogé prajurit musuh anu ngabeledig téh keur maju ka dieukeun. Kari nunggu-nunggu waktu picundukeunana. Geus pasti bakal kasusul, da jalan ngan éta-étana.
“Rék maksakeun waé atuh, manéhna?” awéwé anu geus rada aya umur nanya ka salakina.
“Asa teu sararanggup,” témbalna alon, bari neuteup beungeut cai anu sakitu motahna.
“Enya, Ibi, cai sakieu gedéna mah tong boro dipeuntasan, kakara ku ngadéngé ngaguruhna ogé geus matak keueung,” anu saurang deui mairan, budak awéwé geus manjing disebut parawan jekékan. “Geus waé urang dagoan orotna. Matak naon lamun meuting heula di dieu. sugan waé anu ngabeberik urang téh teu nyahoeun jalan.”
“Geuraheun teuing, Endén. Ku pangira Ibi mah, maranéhna téh geus deukeut. Asa teu kacipta kumaha piengkéeunana lamun urang kabandang téh. Geuning saur wartos ogé, sakitu barosongotna, pikasieuneun. Komo musuh anu jolna ti wétan mah, keur rurupaanana matak sawan mojang téh, nyararitana ogé beledag-beledug.”
“Alah, Ibi, lamun beunang mah paling-paling ogé urang téh dipaéhan.”
“Leuheung ku kitu, Endén. Untung kénéh lamun urang ukur diparabkeun kana gobang mah. Ukur saharita nandangan kanyerina. Tapi éta anu kacipta ku Ibi mah, lamun urang jadi babandan pikeun salalawasna. Sanés ras ka diri Ibi, tapi ka Endén utamina mah. Mangkaning keur sesedengna rumaja putri. Tada teuing itu aratoheun-ana. Mangkaning sanggem beja ogé sakitu ngagalaksakna; teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan. Ari sadirieun Ibi onaman, naon araheunana. Tapi ieu mang-lewangkeun téh ka anu geulis...”
“Meugeus montong nyarita waé!” salakina megat omongan bari satengah nyentak.
“Enya. Si Ibi mah ukur ngalelewang wungkul,” budak anu parawan némpas. “Lain kadua ngagedéan haté kami. Ari lebah kaléwang dina nyanghareupan poé isuk mah, asa geus teu kudu dicaritakeun deui. Ku dipapantes dina wangwangan diri sorangan ogé asa geus cukup.”
“Naha Aceuk maké borangan? Lamun anu ngudag geus tepi ka dieu mah, matak naon lamun ku urang terus dilawan,” omong budak anu lalaki.
Lanceukna ukur nyéréngéh.
“Tah enya, ku Radén atuh panglawankeun,” ceuk Si Ibi, tamba henteu teuing engab.
“Heug lah! Ti heula ogé, Si Armita tepi ka kokowowongan, basa ku Emung ditakol bincurangna. Tah, Mamang ogé apaleun.”
“Naha ku naon kitu, ku Emung maké ditakol bincurangna sagala?” lanceukna milu nyarita.
“Bongan tuda, kuda keur diparaban, kalah hayoh digebah. Harita ogé Si Armita teu daékeun ngalawan, kalah ceurik ema-emaan,” témbal adina semu agul.
“Heueuh, da moal ngalawan atuh masing ku Emung dibeberik tepi ka imahna ogé. Engké deui mah tong kitu ah, karunya,” omong lanceukna deui.
Najan keur nyanghareupan kasusah, tapi maranehna werat kénéh cacarita anu teu pati perlu. Meureunan itung-itung ngabeberah diri sorangan. Malah pikeun lanceukna mah jadi asa ngahudang panineungan, barang adina nyarita kitu téh. Bet ngadadak bruh-bréh kalangkang ti poé kamari ka ditu, jaman kaayaan tacan werit kawas ayeuna. Hirup téh teuing ku tingtrim.
“Aceuk, ari Si Armita ayeuna di mana, nya?”
“Teuing atuh. Kuduna Emung anu leuwih apal, apan jeung batur ulin sapopoé. Naha bet nanyakeun ka Aceuk,” témbal lanceukna.
“Meureunan sami waé jeung urang ayeuna, Radén, keur asruk-asrukan nyingkahan picilakaeun,” omong Si Ibi bari neuteup anak dununganana.
“Karunya, mangkaning adina téh teu bisaeun leumpang-leumpang acan.”
“Naha ku naon kitu, Radén?”
“Kapan kacugak harupat lebah keuneungna. Wah, Ibi, sukuna téh jadi bareuh sagedé pelok limus. Jaba deuih embé bogana Si Armita téh keur anakan. Meureun lamun ditinggalkeun téh moal aya anu maraban. Apan Si Armita anu sok ngaritna téh. Ti heula mah basa balik ngarit ti tegalan, Si Armita méré anak manuk titimplik ka Emung.”
“Éta manéh mani apal kana tékték bengékna,” omong lanceukna, ngarasa kayungyun ngadéngé caritaan adina kitu.
“Ih, kumaha wé atuh tuang rama. Apan sakitu towéksana ka somah téh. Da upami teu aya riributan mah, ku implengan Ibi, tuang rama baris jeneng dalem. Janten patih atuh, sakirang-kirangna. Hanjakal, naha atuh bet jadi aya riributan di nagara téh, dugi ka urang kapaksa kedah nyingkah ti dayeuh, bari jeung teu apal deuih, kumaha nasib tuang rama sareng tuang ibu kiwari,” Si Ibi nyaritana bari semu cumalimba.
“Meugeus, Ibi, tong nyaritakeun éta!”
“Heueuh atuh. Bet barina ogé ku naon éta biwir téh ngan sakacuam-caém waé,” ceuk salakina. “Meugeus, hayu urang arindit deui!”
“Indit téh indit ka mana, manéhna?”
“Urang mapay-mapay sisi walungan ka girangkeun, sugan waé diparengkéun manggih babantar anu bisa dipeuntasan,” témbalna. “Radén ulah palay digandong, nya?”
“Bet piraku maké ménta digandong sagala, kapan Emung téh geus gedé. Geuning bieu ogé kadéngé ku Aceuk, geus wani ngalawan ka musuh. Piraku ngalawan musuh bari digandong!”
“Enya, lah!” témbal adina.
Anu ngalolos neruskeun lalampahanana, mipir-mipir gawir walungan. Sakapeung kudu pupuranténgan, da puguh taya jalan satapak-satapak acan. Jigana téh ku tukang lintar ogé biheung kungsi kasaba. Jalan anu rék ditincak téh kudu dijieun heula. Leuheung kénéh mun ukur kudu nilasan dahan kirinyuh atawa manjah mah. Narajang éta, lamun kudu ngaliwatan dapuran haur. Kapaksa kudu sésélékét, bari remen tikakarait. Mangkaning harita téh geus ngahaeub ka burit.
Si Mamang jeung pamajikanana nyangga pancén anu beurat. Anak dununganana—Listayuwangi jeung Surapamungkas, kudu disalametkeun tina pancabaya anu kiwari campuh di puseur dayeuh Ukur.
“Ari Mamang kungsi ngaliwat ka dieu?” Listayu nanya.
“Acan, Endén, ka lebah dieuna pisan mah. Karék samet pameuntasan anu bieu wé. Tapi ku rasa mah moal tepi ka kasarung, da,” témbalna bari nyuay-nyuaykeun dangdaunan.
“Iraha, Mamang, rék meuntas téh?”
“Engké, lamun geus manggih anu rada déét bari caina teu rosa teuing,” lanceukna anu nembalan téh. “Ari Emung rék naon kitu? Lapar?”
“Henteu,” témbalna pondok.
Saenyana ku Listayu geus kajudi, adina ngabohong. Sageuy teu hayang dahar, bet manéhna sorangan ogé mun ngarah digugu mah geus kukurubukan. Apan kararaban sangu téh karék sakali, tadi isuk-isuk. Beuteung anu nagih eusi teu ieuh dirasa, atawa bisa waé jadi teu karasa. Boro-bora inget kana kéjo, bet mikiran pilakueun ogé geus nataku capéna. Jeung deuih naon anu rék didaharna, ari lain pupucukan mah. Kitu ogé moal piarieun narukanana. Tadi isuk-isuk indit téh sajungna pisan, teu aras-urus keur bekel di jalan, da teu kaburu.
“Urang eureun waé, manéhna. Kami mah mani geus asa beurat sakalieun ngaléngkah ogé. Jaba ieu bitis mani geus bararéd kieu,” omong Si Ibi.
“Alah, naha mani épés méér pisan! Naha teu éra ku Ndén Ayu?” ceuk salakina. 
“Ah, da kami ogé sarua geus capé. Ngan rék ngabijilan carita téh, bet kapiheulaan ku Si Ibi,” Listayu gancang némpas.
“Nya, ari kitu mah urang reureuh heula atuh. Hayu urang rada nonggoh, sugan manggih tempat anu rada lénang.”
Nyacat meueusan. Bet kabeneran aya tempat anu rada négla. Jigana mah urut huma. Hanjakal saungna geus burakrakan.
“Tah, di dieu yeuh rada merenah.”
“Moal nanaon mun ngadurukan, Mamang?”
“Moal meureun. Gur waé atuh bade mirunan mah,” témbalna.
Teu kungsi lila, durukan geus hurung. Sakalian deuih bari ngaduruk iwung meunang nyokél tina dapuran awi gombong.
“Beuleum iwung ogé ngeunah ari keur euweuh deui dahareun mah, geura,” ceuk Si Mamang bari ngagilir-gilir beubeuleumanana.
“Ah, Mamang, najan enya ogé beuteung tacan dieusian deui dahareun, asa teu hararayang kami mah.”
“Wayahna kedah dieusian, Endén.”
“Enya, Ndén Ayu, peupeuriheun urang téh balangsak eukeur, cing atuh tong ngantep teuing salira,” Si Ibi milu mairan.
Listayu teu nyarita. Rét ka adina anu keur nagog gigireun Mamang Jalaprang. Ébréh pisan beungeutna, da kacaangan ku seuneu durukan. Karék sapoé ogé, budak téh geus katara kucelna, omongna dina jero haté. Karunya, budak-budak kudu geus nandangan tunggara.
Listayu nataran lamunanana. Tacan aya kacindekan sama sakali, bakal kumaha pamustungan tina ieu lalampahan téh. Ngan anu geus kasawang mah, teu béda ti ngulur-ngulur waktu saméméh cundukna balai.
Bréh deui lalakon tadi isuk-isuk, saméméh manéhna papisah jeung indung- bapana. Taya pisan waktu rinéh pikeun cacarita, da ririweuhan datangna teu méré heula tangara. Nyaho-nyaho manéhna geus dibetot ku Mamang Jalaprang, durugdug dibawa lumpat ka jalan tukang. Satengah dikekenyang malah!
“Ieu papancén ti tuang rama,” omomg Si Mamang sanggeus rada jauh ti imahna.
“Rék ka mana urang téh, Mamang?”
“Urang ngalolos ka luar dayeuh. Hayu, ulah léléda!”
Opatan kukurubutan, ngajauhan padaleman. Tapi bubuhan bareng jeung awéwé, jaba deuih bari ngagandong budak, ahirna mah maranéhna teu burung kasusul ku anu ngaberikna. Untungna téh ngan duaan. Cacak lamun anu ngudagna lobaan, maranéhna tangtu kacerek harita kénéh.
Ku Listayu kasaksén pisan, kumaha tohtohanana Mamang Jalaprang. Da geus taya waktu pikeun terus ngejat, ahirna musuh anu duaan téh kapaksa disanghareupan. Jigana waé duanana ogé lain perjurit petingan. Buktina, ku Mamang Jalaprang ngan sageprakan pisan. Hanjakalna téh anu saurang deui bisaeun kénéh kabur, najan taktakna geus gudawang.
Waktu nénjo anu begalan pati, Listayu mah kalah jejeritan. Tuda saumurna, karék harita nyaksian anu silih arah nyawa. Geuning sakitu matak paurna. Komo barang geus nénjo getih ulaweran mah.
Geus kajudi, musuh anu kabur téh bakal bébéja ka batur-baturna. Anu matak, buru-buru maranéhna ngejat deui ti dinya.
Malah Mamang Jalaprang mah teu kaburu-buru acan ngumbah leungeunna anu lamokot ku getih musuhna. Sajajalan, Listayu gawéna ngan bibirigidigan.
Salila asruk-asrukan téh éstu taya pisan waktu pikeun reureuh, ari lain ukur sakedapan mah. Enya, reureuh ukur pikeun ngambekan sugan rada longsong kana dada. Kakara ayeuna bisa enya-enya reureuh panjang téh, dumeh geus maju ka peuting, da pamohalan lamun terus lumaku mah.
Peuting beuki jempling. Seuneu durukan ogé geus ngaleutikan sorangan. Najan kitu, pitunduheun teu waé daékeun datang. Listayu diuk dina taneuh bari nyarandé kana tonggong Si Ibi anu keur jongjon ngusapan adina. Budak téh geus saré tibra, najan ukur disimbutan ku karémbong ogé. Saenyana dina jero dada Listayu asa loba picaritaeun, tapi teuing ti lebah mana kudu mimiti ngabijilanana. Jigana pangasuhna ogé moal bina ti manéhna.
Durukan masih kénéh ngelun, itung-itung keur muput reungit. Hawar-hawar masih kénéh kapireng séahna caah di béh landeuh. Untungna téh teu hujan, najan langit teu tembong cangra ogé. Da mun téa mah harita dikersakeun hujan, geus tangtu saréréa bakal mucicid katirisan.
“Geura kulem, Endén.”
“Geuning Ibi gé acan.”
“Asa tararebih pitunduheun ieu téh.”
“Atuh sarua wé jeung kami. Boro-boro bisa saré, pikiran keur sakieu marungkawutna.”
“Ulah diemutan teuing, Endén, da moal réngsé ku kitu. Urang téh apan ngajalankeun tarékah eukeur. Ayeuna mah kantun neneda ka Nu Ngayuga, mugi-mugi aya berékah kasalamétan. Barina ogé ulah hantem-hanteman dianggé alit manah, apan Mamang sareng Ibi masih kénéh nyarengan,” omong Si Mamang.
Listayu teu nyarita.
“Ayeuna mah geura reureuhkeun,” omong Mamang Jalaprang deui. “Ngarah énjing jagjag deui. Da panjang kénéh lalakon téh.”
Enya, kahayang mah ayeuna téh bisa reureuh, komo lamun tepi ka bisa ngageubra. Tapi, éta heuay anu kacida diarep-arepna téh lebeng teu daékeun datang.
***
ISUKNA, najan srangéngé tacan meleték, maranéhna geus neruskeun deui lalampahan. Geus mimiti karasa lungsé, bubuhan sapeupeuting nyileuk waé. Panon pareurih, sirah enyud-enyudan. Tapi da kudu nyingkah téa, Listayu leumpang nuturkeun pangasuhna, nété akar ngeumbing jangkar.
Lumakuna teu kaur laju, da meusmeus ngarandeg, meusmeus ngarandeg. Uyuhan tuda, bet iraha teuing Listayu ngalaman apruk-aprukan. Tuda sapopoéna ukur ngaluis. Leuheung kénéh adina nu sok rajeun lampar ulinna. Keur mah budak lalaki, katurug-turug sok dibawa balantrak ku pangasuhna.
Salila ngaléngkah téh taya anu cacarita. Listayu geus teu hayangeun deui tatanya. Rék dibawa ka mana, rék dibawa ka mana, kumaha karep Si Mamang.
Najan geus aprak-aprakan ogé, maranéhna angger teu manggihan pameuntasan. Sakitu geus maju ka girang, cai walungan téh angger waé rosa. Jigana peuting tadi di beh girang mah aya hujan deui, da buktina cai walungan henteu ngorotan-ngorotan.
Sabot keur alak-ilik ka sisi walungan, teu kanyahoan ti mana waé datangna, ka lebah maranehna jul-jol perjurit anu samakta pakarangna. Puguh waé, Mamang Jalaprang kacida ngajenghokna. Nyaho-nyaho musuh geus ngepung aya welasna.
Si Mamang rikat nyekel badi.
“Montong ngalawan, cumah!” salasaurang ti anu ngepung ngagorowok.
Listayu muntang tipepereket kana leungeun pangasuhna anu sarua pada-pada baluas.
Mamang Jalaprang mundur dua-tilu léngkah, maksudna ngarah teu anggang ti barudak asuhanana. Atuh anu ngepung ogé mimiti rada ngangseg.
Aya dua pilihan anu nampeu hareupeunana. Maju pikeun narajang musuh anu jumlahna jauh leuwih loba, atawa serah bongkokan jadi babandan. Mun milih anu kahiji, écés pisan yén résiko paéh téh leuwih nampeu. Malah teu mustahil barudak asuhanana ogé bakal ngemasi pati. Heup waé lalakon téh ngan semet dinya. Lamun nyokot pilihan kadua, harepan hirup masih kénéh aya, utamana keur barudak asuhanana. Da ari manéhna sorangan mah geus dipastikeun, moal jauh ti hukum pati anu baris tumiba téh. Sugan waé atuh budak anu dua mah dibéré kénéh panjang umur, najan bakal hirup sarta sagulung-sagalang jeung musuh ogé.
“Geura alungkeun pakarang silaing ka lebah kami!” salasaurang ti anu ngepung ngajorowok deui, jigana mah kekentongna.
Mamang Jalaprang ngarérét ka Listayu, maksudna mah rék menta pamanggih; naha kudu kumana? Tapi anu dirérétna ogé kalah katénjo geus ngayekyek. Boro-boro bisaeun nyoara, méré isarah kudu kumaha, kudu kumaha ogé geus teu werateun.
“Buru balangkeun ka dieu! Ku kami diitung tepi ka tilu. Hiji! Dua! Ti ...”
“Mamang ...!” Listayu nyoara semu kapengkek.
“Kumaha, Endén, gugu was sapaméntana?” Mamang Jalaprang ngaharéwos bari neger-neger manéh.
Listayu unggeuk lalaunan. Unggeuk anu kacida beuratna.
Asa dina pangimpian anu karandapan ku Mamang Jalaprang téh, waktu manéhna ngabalangkeun badi ka lebah suku musuhna. Kosong. Ngoléang.
Geus kitu mah anu ngarepung téh nyalampeurkeun. Si Mamang gancang dibanda. Ret, ret, pageuh pisan. Salila kitu téh, musuh taya anu cacarita. Ngan basa rék mimiti jung, gegedugna nanya:
“Ari budak anu dua ieu, saha?”
“Anak kami,” témbal Si Mamang.
“Bohong! Geuning jeung silaing teu sabeungeut saeutik-eutik acan. Pok béjakeun, anak saha?”
“Anak kami,” témbalna deui.
Gampleng dicabok satakerna, tepi ka ngabangkieung.
“Mamang ...!” Emung ngajerit bari ngagabrug ka anu keur ugal-ugil. Rada héséeun rék hudang deui téh, sabab leungeunna dibanda.
“Tuh geuning, nyebutna ogé mamang. Piraku ka bapa sorangan nyebut kitu,” omong gegedugna deui, terus nyampeurkeun Emung nu masih kénéh pageuh nangkeup Si Mamang.
Budak téh nyempod tukangeun pangasuhna bari semu ngadégdég.
“Kasép, tong sieun, da moal dikukumaha ieuh,” nyaritana leuleuy. “Ari nu kasép téh putra saha?”
Boro-boro némbalan, kalah beuki nyempod.
“Saha namina rama téh?” nanya deui, leuwih leuleuy batan bieu.
“Sénapati Suranangga ...,” témbal budak téh pondok.
“Suranangga? Anak Suranangga geuning, euy! Wah, hébat! Isuk kénéh urang geus mucekil,” pokna ka batur-baturna. “Ari itu, saha?” bari nunjuk ka Listayu.
“Aceuk ...,” témbalna deui.
Geus kanyahoan kitu mah, Mamang Jalaprang ukur bisa tumamprak ka Nu Kawasa. Ayeuna geus euweuh deui anu bisa disimbutan, da geus nalalembrak. Satadina mah, sugan waé anak dununganana teu waka kanyahoan saha-sahana. Ari ayeuna, kapan bieu geus diécéskeun. Kangaranan budak téa, hésé rék dibawa bohong. Ku geus kanyahoan saha-sahana, tangtu bakal leuwih goréng balukarna. Apan dununganana téh kaasup kekentong Ukur anu kacida diarah-arahna, sanggeusna Kangjeng Dipati. Tuda moal aya nu bireuk deui, kaasup keur urang wétan, saha sabenerna ari Suranangga; sénapati kapetengan Ukur anu kacida satia jeung bumélana ka Kangjeng Dipati.
Sanggeus hasil nyerek udaganana mah, perjurit téh gagancangan arindit deui, malikan jalan urut bieu.
Sajeroning leumpang, Listayu ngarasa awakna ngoléang. Pangacianana mah sakapeung teuing aya di mendi. Adina ngiciprit ti tukang bari pageuh muntang kana leungeun pangasuhna anu ditalikung ku dadung sagedé indung suku kolot.
“Gancang leumpangna, bisi kaburu panas mantén!”
Tapi, da digancang-gancang ogé leumpang anu dibanda bari dipontélan budak, angger waé teu bisa dibawa rusuh. Komo lebah jalan anu rumpil mah.
“Gandong atuh budakna ku silaing!” ceuk kekentong perjurit ka anak buahna.
Tapi budak téh keukeuh mugen, teu daékeun leupas ti pangasuhna. Tungtungna mah kerewek waé dicekel cangkéngna, terus dipanggul. Budak téh kokocéakan hayangeun lésot.
“Écagkeun atuh, ulah dipaksa kitu!” ceuk Listayu.
Teu digugu. Batan dilésotkeun mah budak téh kalah beuki sina naplok kana taktakna. Komo deui ayeuna mah anu kudu disorang téh lebah biwir walungan anu sakitu gurawésna.
Pamungkas haben teterejelan. Tapi, sarosana ogé tanaga budak, moal ngimbangan bedasna kolot. Ahirna mah manéhna cicing sorangan.
“Tah kitu, ulah ajol-ajolan waé, da ku kami ogé moal dinanaon ieuh,” omong anu manggulna.
Pamungkas ngarérét ka lebah gagang keris anu nogél ding cangkeng perjurit anu manggulna. Bet kabeneran kadongkangeun ku leungeunna. Teu mangmang teu asa-asa, keris téh ku manéhna gancang dicabut. Gabres ditojoskeun kana lebah kekemplongan anu manggulna.
Atuh puguh, ngocéakna ogé tarik pisan. Gejrét budak téh dibeubeutkeun. Meunang sajongjongan mah saréréa ogé ngarasa hookeun, duméh éta kajadian sama sakali di luar panyangka maranéhna.
Ngan beretek waé budak téh lumpat, ngajauhan rombongan.
“Kurang ajar! Buru téwak!
Geus kitu mah kakara saréréa engeuh kana kajadian anu sabenerna. Teu talangké, tilu perjurit gancang ngudag. Atuh budak téh beuki tarik lumpatna.
“Radén ...! Radén ...!” Mamang Jalaprang ogé milu ngudag. Listayu jeung Si Ibi sarua tingjéréwét ngageroan. Babakuna mah bisi kumaha onam.
Teu hésé, budak leutik dikepung ku tiluan. Teu kungsi lila ogé geus kacerék deui. Durugdug budak téh digusur. Gampleng ditampiling ku anu séjén.
Puguh waé amarah Mamang Jalaprang ujug-ujug mudugdug. Teu mikeun anak dununganana ditandasa deungeun. Najan bari jeung dibanda, manéhna gancang narajang. Hek! Tuurna asup kana lebah tarangbaga musuhna. Anu saurang deui rikat malik, sarta terus narajang.
Da puguh teu pati bisaeun méta, ahirna Mamang Jalaprang ripuh. Gebru nyuksruk kana taneuh.
Sabot nénjokeun anu jogol, saréréa taya anu merhatikeun budak. Belecet deui Pamungkas lumpat ngajauhan. Breng diberik ku limaan.
Budak téh geus teu nolih ka lanceukna anu gogorowokan. Terus waé lumpat ka lebah gawir. Teuing bakat ku sieun ku perjurit nu ngaberikna, teuing lumpatna bakat ku lepas, ngan gujubar waé manéhna ragrag ka walungan. Bubuhan cai keur sakitu rosana, budak téh langsung ngerelep, terus kabawa palid ka hilirkeun.
Méh bareng saréréa lumpat ka sisi gawir. Budak téh ngan sajorélat katénjo, leungeunna roroésan.
“Emung ...! Emung ... !”
Kerewek Listayu ogé pada nyarekelelan, bisi manéhna tepi ka luas luncat ka walungan. Listayu diséréd ku duaan, terus di bawa ka anu rada jauh ti biwir jungkrang. Sajeroning kitu téh manéhna teu eureun-eureun gogorowokan bari teterejelan.
“Geus waé antep budak mah, da moal kapuluk ieuh!” ceuk kekentongna.
Saréréa ngumpul deui. Si Ibi ngalungsar kapiuhan. Kitu deui Listayu ogé ukur bisa midangdam bari sorana geus leslesan. Mamang Jalaprang dicekelan ku tiluan. Biwirna jamomom urut bieu diteunggeulan ku gagang tumbak. Getih ngucur maseuhan bajuna. Najan kitu, sorot panonna mah masih kénéh katénjo buringas.
“Sia anu jadi gara-garana mah!” ceuk kekentong perjurit bari gampleng-gampleng nampilingan. Geus kitu, gadona dicengkatkeun ku congo tumbak.
Ceprot! Mamang Jalaprang nyiduhan, meneran pisan kana pipi musuhna. Ciduh anu geus campur jeung getih lalambaran.
“Kurang ajar!” bari teu antaparah kekentong perjurit téh ngagabreskeun congo tumbak kana angen Si Mamang.
Bres! Dadana katiruk tumbak. Manéhna adug-adugan rék ngaleupaskeun nyawa. Teu lila kituna téh. Terus waé sirahna ngulahék. Bru ngalumbruk geus teu nyawaan.
“Balangkeun bangkéna ka walungan!”
Regeyeng digotong ku duaan. Gujubar dialungkeun. Lep, galéong palid ka hilirkeun.
“Hayu buru-buru indit deui!”
Anak buahna geus saged, kari sajungeun.
“Budak awéwé anu ieu bawa ku silaing, panggul!” bari nunjuk ka salasaurang perjuritna. “Awéwé anu itu bagian silaing!” bari nunjuk ka anu séjénna.
Regeyeng diparanggul, bring arindit.
“Manggulna sakali séwang jeung aing,” ceuk perjurit anu ukur kabagian keupat ka baturna anu dibéré pancén manggul Listayu.
“Is, ulah!” témbalna. “Mun arék mah, tuh sakali séwang jeung anu itu!” bari nunjuk ka baturna deui anu manggul Si Ibi. 
“Ah, teu sudi teuing manggul anak kebo mah!”
Dina jalan satapak mah maranéhna leumpang antay-antayan. Arula-arileu, siga walungan anu cikénéh tas ngahakan korban.
Pabeubeurang, bras tarepi ka wates dayeuh.
“Duanana ogé montong dianteurkeun ka dunungan urang. Simpangkeun waé ka dieu!” kekentongna paparéntah.
“Naha?” ceuk anak buahna.
“Naha an silaing teu ngarti? Belet téh kabina-bina. Lebar deuleu, awéwé keur meujeuhna cetrokeun kudu dipasrahkeun ka dunungan mah,” témbalna.
“Kumaha lamun engké urang dipariksa?”
“Béjakeun waé, kabéhanana paéh, kituh!”
“Ah, awéwé anu kolotna mah tong teuing dikukut,” omong anu saurang. 
“Ceuk kuring mah, Kang, teundeun di dieu hiji, anteurkeun hiji.”
“Montong, siah! Atuh engké kuriak jadi panyéréwédan. Mun arék ogé, awéwé anu kolotna paéhan!”
“Ah ulah, lebar! Keun waé kolot-kolot ogé, engké mah geura moal burung dikareureuyeuh,” ceuk anu séjén.
“Enya, geura.”
***
(nyambung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar