CATETAN NGEUNAAN AWALAN JEUNG KECAP PANGANTÉT




Dina sawatara karya anu midang dina ieu lapak(http://www.facebook.com/groups/fikminsunda)
, sok rajeun kénéh aya anu patukeur lebah nuliskeun awalan jeung kecap pangantét (kata depan, bs. Ind.). Upamana waé: di pénta, ka dupak, ti tajong, disawah, kasakola, tihareup. Ceuk kaédah basa Sunda, cara nuliskeun kecap kawas kitu téh tibalik. Sabab kuduna: dipénta, kadupak, titajong, di sawah, ka sakola, ti hareup.
Di dina dipénta, ka dina kadupak, jeung ti dina titajong, disebutna awalan, cara nulisna kudu dihijikeun. Ari di dina di sawah, ka dina ka sakola, jeung ti dina ti hareup, kaasup kana kecap pangantét, cara nulisna kudu dipisahkeun.
Awalan di, ka, ti ilaharna larap kana kecap pagawéan (pénta, dupak, tajong), jeung engkéna ngawangun kecap pagawéan. Ari kecap pangantét di, ka, ti ilaharna dituturkeun ku kecap barang, tempat, atawa anu nuduhkeun tempat (sawah, sakola, hareup). Tapi lamun di ditambahan ahiran an, sanajan dilarapkeun kana kecap barang, engkéna bakal ngawangun kecap pagawéan.
Conto : di sawah – disawahan, di kebon – dikebonan, di jalan – dijalanan.
Aya anu kudu ati-ati, dina basa Sunda aya anu mangrupa kecap barang, tapi lamun maké awalan di, terus robah jadi kecap pagawéan (teu réa). Conto: pacul (kecap barang), tapi dipacul (kecap pagawéan),  bedil (kecap barang), tapi dibedil (kecap pagawéan), kaméra (kecap barang), dikaméra (kecap pagawéan).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar