DONGÉNG LEBARAN DI KEBON BINATANG

Rék munggah pisan, Dusép di-PHK. Puguh waé bingung, sabab moal lila deui lebaran. Tangtu loba kabutuh nu kudu dicumponan. Néangan gawé, keukeuh teu manggih. Nya ahirna mah ditarima, di kebon binatang. Éta gé bakat ku kapaksa daék sotéh.
Dusép kudu jadi gaganti orang utan anu dipikaresep pisan ku pangunjung. “Geus saminggu paéh,” ceuk kapala bonbin. “Padahal éta urang utan téh jadi daya tarik pikeun pangunjung. Komo dina poé lebaran mah, waktuna pangunjung aleut-aleutan.”
Dina derna gawé, Dusép maké baju jeung kedok nu dirupakeun orang utan. Mani persis pisan, bubuhan meunang nyieun ahlina. Dina jero karangkéng, manéhna niron-niron pamolah urang utan, malah leuwih lincah, tepi ka pangunjung terus ngarogrog di dinya.
Dusép naék kana sarigsig beusi, terus ngagulayun nyekelan ranté. Kitu jeung kitu wé gawéna téh, itung-itung nyukakeun anu daratang ti jauhna.
Manéhna kalepasan ngagulayun, tepi ka ragrag ka jero kandang maung lodaya, gigireunana. Pangunjung surak. Sabalikna ari Dusép mah ngadadak asa coplok jajantung. Mana komo waktu maung ngadeukeut mah. Ayeuna aing paéh téh, dikerekeb ku sakadang maung, ceuk dina haténa.
Dusép nyempod di juru kandang. Tapi maung téh terus wé nyampeurkeun. Pangunjung narahan napas.
Beuki deukeut, beuki deukeut. Maung ngan kari satengah jeungkal deui kana beuheung orang utan mamalihan. Dusép méh waé kapiuhan.
“Tong sieun, Jang. Akang gé sarua karyawan,” maung ngaharéwos.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar