Ngan éta-étana, minangka katineung lahir nu dipiboga. Potrét Euis ukuran kartu pos. Ditapelkeun dina témbok kamar, sangkan remen kateuteup. Kitu biasana, dina saméméh saré.
Hujan ngayer ti méméh magrib. Balik gawé, teuing ku lungsé. Golédag, reup.
Euis kaimpikeun datang. Rancucut méh kabulusan.
“Minggat,” pokna pondok, di lawang panto. Miheulaan ka kamar. “Nginjeum kaos anu rada gombrang. Teu kuat ku tiris.”
Euis ucul-ucul. Atuh néangan kaos tina lomari téh teu kaur prak. Rét deui, rét deui. Baheula, tacan kungsi aya téténjoan kawas kieu.
“Ku naon?” nanya. Teu ditémbalan. Kaos mah lapur teu kapanggih. “Ti baheula gé diagéh-agéh. Ngan naha atuh api lain.”
Di luar hujan beuki ngagedéan.
Kahudangkeun ku adan subuh. Potrét Euis geus ngagolér gigireun. Teu dibaju.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar