Hayang nyalsé, ngahaja ninyuh cikopi di dapur, bari
ngareureuhkeun capé. Nyot udud. Karasa haneutna cengkéh.
“Aya langganan anyar, keur ngadagoan,” ceuk nu mawa béja,
jolna ti rohang tamu.
“Bikeun atuh ka nu séjén,” cekéng téh.
“Keur ngareusi. Apan loba nu peré. Bagi-bagi komisina,” bari
nyirihil.
Ditoong tina sesela panto. Aya lalaki diuk rada nukangan.
Kang Bandi, kitu? Boa enya. Kang Bandi anu baréto pangheulana nyaréan, dina
umur wewelasan, lantaran waragad rumah sakit teu bisa dianjuk. Aya lima-genep kalina,
ngan teu kungsi sabulan. Eureun-eureun sotéh satutas indung dianteurkeun kana
mobil janazah.
“Gancang geura ka kamar. Kadé tong nguciwakeun,” digebah ku
nu boga tempat.
Enya ah, asa Kang Bandi. Apal kénéh kana pamakéna, anu sok
rurusuhan. Ngan pédah ayeuna mah geus teu pati rosa tanagana.
Réngsé. Angger kawas baréto, terus dangdan deui rurusuhan.
Nangtung nukangan, bari nyisiran.
“Badé mindoan?”
Manéhna gideug, sok neundeun duit luhureun sepré. Laju
kaluar ka luar.
pak punten bade copas tulisan ieu kangge PR basa sunda di sakola nyah pak
BalasHapus