Gambar Cangcaya

Gambar tina tumpukan betrak-betruk, waktu ki sobat keur akut-akut, pindah imah. Asa wawuh, najan tiba ngelemeng dina ingetan. Asa anu sok kapireng tina dongéng, putri nu teu kungsi deui mulang, ditéma kalara manjang. Piungkaraeun geus ‘na tungtung létah, tapi keukeuh teu daékeun kedal. “Hayang? Jig wé bawa, ngan tong mindeng ditémbong-témbong. Baréto kapanggihna ku aki, ti para, waktu ngarakrak imah titinggal uyut, cenah.” Teu ngadua-kalian nyebut enya, éta gambar putri geus pindah dunungan. Gambar basajan pisan, ngan asa aya jiwaan, tur sok nganteur implengan ka alam mana mah boa. Sakapeung séah reureundahan. Séjén waktu bangun ngajak titereb kana kangungun. Ngan lila-lila ngalantarankeun datangna rasa cangcaya, kana sumpah ngahijikeun Nusantara.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar