Konsultasi

“Panon kirang awas Abah téh. Padahal karesep maca koran, da alim kakantun informasi.”
“Nyetél radio atawa televisi wé. Pasén nomer 67!”
“Tulungan abdi, Bapa, pun anak kabanjur cipanas tina téko poslén, dugi ka tékona peupeus.”
“Cipanasna eusikeun kana térmos isukan mah. Pasén nomer 68!”
“Abdi mah, Gan, sesah pisan mondok, sering nyileuk sawewengi. Sakitu dipeureum-peureum gé, hih ....”
“Sakalian waé bijil ti imah, terus milu ngaronda. Pasén nomer 69!”
“Tos saminggu teu raos neda. Kedah kumaha, nya?”
“Alus. Cicilan motor téréh lunas geura. Pasén nomer 70!”
“Pun lanceuk nu rada kaganggu émutan, kamari neureuy patlot ukuran sacuruk. Jigana mah stresna parna deui.”
“Ganti nulisna ku pulpén. Pasén nomer 71!”
“Hoyong gaduh irung mancung Nénéng mah. Tiasa dioperasi plastik, kitu?”
“Liang irungna tunjel ku siki korék api. Pasén nomer 72!”
“Abdi mah pami tumpak kendaraan sok lieur waé, dugi ka mabokna, Pa,”
“Wayahna ka mamanana kudu leumpang. Pasén nomer 73!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar