NGARAKIT BASA JADI CARITA


Karangan lancaran (prosa) dina sastra Sunda, di antarana carpon jeung novel.
Boh dina carpon boh dina novel tangtu aya anu dicaritakeun, aya carita
--> Carita diwangun ku peristiwa (tunggal), atawa ku rupa-rupa peristiwa
Peristiwa: 1. nyata (faktual)
                 2. rékaan (imajinasi)

Pangulinan pangarang aya di antara dua kutub: nyata – rékaan.
Najan carita téh sagemblengna ukur rékaan, tapi angger bakal aya bagian—gedé atawa leutik anu napak dina alam nyata (réalitas).
Realitas dina karangan aya anu témbrés atawa nonggérak, tapi aya deuih anu ukur hawar-hawar, malah ukur dicokot hakékatna wungkul (atawa simbul-simbulna).

Masing kalah kumaha ahéngna carita dina karangan, angger bakal aya pakan (benang merah) anu nganteng kana réalitas kahirupan.
Réalitas anu nonggérak, babari katimuna, tur teu hésé nyurahanana. Réalitas anu hawar-hawar mah sabalikna, jeung teu nutup kamungkinan bisa nimbulkeun multi tapsir ti nu maca atawa ngaprésiasina.

Katapis pangarang ditangtukeun ku kamampuhna dina ngolah réalitas—béh jauhna sina ngajanggélék jadi karya imajinatif, lantaran dibeungharan atawa dieuyeuban ku pangalaman batin pangarangna.
Hal-hal anu imajinatif téh teu salawasna dijanggélékkeun dina ngahadirkeun tokoh atawa peristiwa, tapi bisa waé ukur sawates dina suasana carita.

Peristiwa 1 – peristiwa 2 – peristiwa 3 – jst. --> ngajanggélék jadi jalan carita atawa alur.
Dasar anu ngagerakkeun peristiwa tepi ka jadi jalan carita disebutna plot.
Dina plot aya unsur sabab-akibat, demi anu jadi ukuranana nyaéta logika sastra.

Salah sahiji unsur (penting) dina plot nyaéta konflik:
a)  internal (palaku) tokoh
b)  antara hiji tokoh jeung tokoh lianna: - sajalur
      - pajurawet (kompléks)
Konflik kudu puguh alesanana atawa kasang tukangna.
Konflik téh kurang leuwih dua hal atawa leuwih anu pateungteung, miboga sipat interelasi, terus silih pangaruhan, tepi ka nimbulkeun masalah.

Gunggungan atawa kagemblengan carita téh dina enas-enasna mah kudu ngaréngsékeun konflik, dumasar kana imajinasi.
Ana kitu, ngarang téh dina hakékatna mah: ngolah konflik jeung ngulinkeun imajinasi.
Ditilik tina inténsitasna, aya anu disebut konflik utama, jeung aya konflik pangjangkep.
Ditilik tina jumlahna, aya anu disebut konflik tunggal, jeung konflik jenuk.

Konflik tunggal—ilaharna dina carpon, muncul jeung cara ngaréngsékeunana sakaligus.
Konflik jenuk—ilaharna dina novel, muncul jeung cara ngaréngsékeunana aya anu:
a)      nungtutan, diréngsékeun sakaligus
b)      nungtutan, diréngsékeun nungtutan
c)      sakaligus, diréngsékeun nungtutan

Réngséna konflik tacan tangtu mangrupa kasimpulan jinek ti pangarang.
a)      pungkasan nutup (close ending)
b)      pungkasan muka (open ending) --> bisa waé nyésakeun pertanyaan, anu hal éta sagemblengna dipasrahkeun ka nu maca

Najan kasebutna logika sastra (sipatna imajinatif), tapi pikeun hal-hal anu patali jeung data faktual mah teu bisa dirobah.
Kudu disingkahan timbulna
a)      anakronismeuà patali jeung akurasi data
b)      teu ajegna karakter tokoh --> patali jeung kasang tukang psikologis
Ana kitu, saméméh prak ngarang téh kudu aya riseut heula.


Carita rekaan dina basa lancaran: carpon jeung novel.
Carpon leuwih basajan batan novel --> dina alur jeung konflik (pasti), sarta jumlah tokohna (teu salawasna).

Lengkah dina ngararancang karangan:
1. Néangan jejer atawa téma utama
2. Milih séting: waktu jeung tempat
    - waktu, iraha jeung sabaraha lila carita lumangsungna (poé, bulan, taun)
      Dipatalikeun jeung peristiwa faktual, aya kajadian naon dina mangsa lumangsungna
      carita téh --> anu patali jeung carita
    - tempat, di mana waé carita lumangsungna, jeung kumaha deskripsina di saban lokasi
3. Nangtukeun tokoh-tokohna:
    - awéwé/lalaki katut déskripsi fisikna (rupa, dedeg-pangadeg, umur, jeung aésoris
      lianna)
    - karakter (protagonis, antagonis, panyaimbang)
    - peran dina carita: tokoh utama jeung tokoh pangjangkep
4. Alur --> plot --> konflik --> pungkasan carita
    - alur liniér
    - bobok tengah, bobok ahir
5. Sudut pandang (point of view): jalma kahiji atawa jalma katilu, atawa bisa waé dicaruk
    Jalma kahiji --> bisa teleb dina neuleuman kajiwaan, tapi bakal kasengker dina nataan
    suasana di luar dirina, utamana anu patali jeung suasana batin tokoh lianna. Kitu deui
    mun nyaritakeun séting anu keur teu karandapan ku jalma kahiji.
    Jalma katilu, pangarang keur lir jadi dalang --> bisa laluasa dina nataan naon waé anu
    patali jeung carita, tapi moal pati teleb dina ngungkab suasana kajiwaan.
    Anu maca posisina jadi jalma kadua. Ku katapis dina ngatur téknis nulis, bisa waé
    jalma kadua téh hadir dina (suasana) carita.

Prak-prakan dina waktu nuliskeunana:
1. Nangtukeun judul, bisa di awal bisa di tengah, bisa di ahir deuih. Lian ti éta, judul bisa
    waé dirobah.
2. Nyusun carita bisa ngaguluyur ti awal tepi ka ahir, bisa deuih dicékclok.
3. Sajeroning ditulis, bisa waé aya bagian anu robah atawa méngpar tina rangkay anu
    geus dijieun saméméhna.

Ngédit atawa nyusurup:
1. Dina prakna nulis karangan bisa waé diabur ti awal tepi ka ahir. Geus kitu kakara
    dibaca deui terus diédit atawa disusurup (dipapantes).
2. Bisa deuih dibaca jeung diéditna nungtut, pangpangna pikeun hal-hal anu patali jeung
    data faktual.
3. Bagian karangan anu diédit téh biasana:
    - hal-hal anu patali jeung data faktual
    - milih kecap (diksi)
    - ungkara kalimah jeung susunan paragraf
    - miceunan bagian anu dianggap teu perlu, sangkan karangan teu ngayayay
    - ngasupkeun hal-hal anyar anu katimbang perlu
4. Kalimah anu disusun kudu pepel, kecap-kecapna aya “nyawaan”, malah kudu aya
    bagian anu murwakanti (puitis).
4. Mun dianggap geus final, taya salahna mun sina dibaca heula ku batur, utamana ku
    aprésiator anu dianggap lega kaweruhna ngeunaan karangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar