RÉFORMASI MANCAWURA (Nu nyésa kari amarah rayat)


Gedé harepan bakal sagala robah: tina sangsara jadi raharja, tina dikakaya jadi boga harga, nu tadina ukur obyék katideresa jadi subyék nu cacarita, jeung saterusna, jeung saterusna. Pokona mah, tina goréng nanasiban jadi caang padang kahirupan. Heueuh, éta téh harepan urang waktu réformasi mimiti ngagulutuk, terus ngagorolong, anu ahirna tepi ka ngabelenyengna pisan.
Ayeuna, sanggeus réformasi méh nincak sawindu, tapi asa angger waé geuning; mun cék sakadang monyét téa mah: atung énéh, atung énéh. Mémang enya aya anu robah, tapi ana dikalkulasi bari dipatalikeun jeung kahirupan balaréa mah, bisa disebutkeun taya hartina éta parobahan téh, malah asa jadi loba ngabarérangna.
Satadina, ku turunna Soeharto tina kalungguhan persidén téh bakal ngarobah Indonésia lir ngagosok lampu Aladin. Ari rayat mah mencrongna ukur semet dinya, da. Teu pati kapikir yén turun sotéh ukur tina jabatan, da ari kakuatan nyamuni di satukangeunana mah (invisible government), cék saha geus burak-barik jeung burakrakan. Enya ari Soehartona mah turun, tapi apan ari usung-ésangna anu nempatan rupa-rupa posisi strategis bari milu weureu seubeuh mah (streber, kutu loncat, bajing luncat, atawa mangandeuh) cék saha geus karurud terus arasup kana kotak.
Ari anu disebut réformasi, apan lain hartina ngabukbak alas, tapi leuwih keuna mun disebut ngayuman aturan. Tong waka kitu, dalah dina révolusi ogé, mun urang ngeunteung kana sabudeureun 1945, bet aya waé anu mamalihan mah. Anu tadina asa pang-Walandana atawa pang-Nipponna, apan sanggeus merdéka mah jadi asa pang-RI-na. Komo deui dina réformasi anu loba nyésakeun lolongkrang pikeun tingsulusup jeung jlung-jlengna anu garanti parahu, bari jeung maranéhna mah duit boga deuih—naon deui?
Satadina, ku bisa lumangsungna pemilu anu karasa démokratikna téh (lain pepemiluan), taun 1999, dipiharep bakal muncul kakuatan anu dirojong ku mayoritas warga, tur anu terus dipercaya nyekel kakawasaan bakal satékah pola ngarobah nasib rayat: tina goréng kana hadé téa. Ari pék, dina émprona mah teu bisa (langsung) kitu. Angger waé loba halangan-harunganana; boh faktor internal anu sumberna tina diri nu nyekel kakawasaan kénéh, boh éksternal anu jolna ti luar bari tanagana rosa enggoning mangaruhan lajuna sistem pamaréntahan.
Karék gé sataun nincak kaduana periodeu réformasi, konflik horisontal (papada rayat) mimiti meuweuh, malah di sawatara daérah mah jadi konflik fisik. Béda bandéra partéy, lantaran teu saétnik, géséh dina papahaman, parebut kapentingan anu patali jeung sumber kahirupan, atawa ngan saukur tina rasa curiga jeung timburu sosial; éta kabéh gampang pisan jadi cukang lantaran timbulna konflik, anu remen manjang deuih. Dina mangsa saterusna, kajadian kawas kitu téh teu bisa dierém, malah beuki ngalegaan.
Sabeuleugeunjeur
Kabébasan pers dina émprona bet jadi kamalinaan. Mimitina rada kagét waktu ngabandungan média midangkeun tulisan anu eusina ngésék-ngésékkeun publik figur (umumna gegedén) téh. Tapi lila-lila mah jadi asa biasa, malah jadi teu hayang maliré, sabab dina sajeroning nyerang jeung ngabongkar hiji kasus téh, teu kurang-kurang di satukangeunana aya kapentingan séjén, anu ahirna ngamuara kana duit. Keur mah deuih, najan geus dibruk-brakkeun ogé angger waé teu ngalantarankeun jadi reugeujeug. Buktina, najan kasus korupsi geus dikorankeun jeung di-tv-keun, angger waé koruptor téh henteu ngurangan, malah leuwih ngalobaan. Bangunna téh boro-boro éra, tapi angger wé sabiasa, mun teu rék disebut reueus gé! Urusan di pangadilan, apan bisa diatur. Dalah tepi ka Mahkamah Agungna sorangan, apan teu beresih tina isu jual-beuli perkara.
Pers anu bébas ngalantarankeun saha waé bisa nyieun média, asal nyampak modalna, rék citak rék éléktronik. Atuh dina lebah ngeusianana, kari milih sakahayang: naha rék nu kumaha. Maranéhna anu ancrub kana bisnis pers, can tangtu kabéhanana dibarengan ku rasa tanggung jawab anu nyoko kana kapentingan jeung tarékah ningkatkeun martabat bangsa. Éta pangna média anu eusina rupa-rupa foto sabeuleugeunjeur ogé, anu di nagara asalna mah geus mimiti disieuhkeun, apan di urang mah rék diayakeun.
Ku ayana réformasi, rayat boga kabébasan: bébas jadi anggota partéy, bébas milih pamingpin, jeung bébas ngaduitkeun kadaulatan anu dipibogana—upamana dina pilkada. Ari sababna, kadaulatan rayat dina pulitik téh tacan paralél jeung kasajahteraanana. Jadi teu kudu anéh, mun sora rayat (anu hirupna masih kénéh katalangsara) bisa ditukeuran ku lima bungkus mie instan. Anu médah-meduhna, nya tangtuna gé para calo pulitik.
Aya deuih anu disebut kontrak pulitik, anu dina seuhseuhanana mah ukur nyimbutan kapentingan pribadi jeung golongan anu (rék) nyekel kakawasaan. Enya ari rétorikana mah “demi kepentingan umum”, tapi lamun dibacana henteu salancar mah lain kitu surahanana.
Dina jero dalapan taun téh, enya ari persidén mah gunta-ganti. Ku Gus Dur mah meureun kahirupan téh bakal nyay-nyayan, tuda sahenteuna persidén dicekel ku rembesing kiyai jumhur. Ah, henteu geuning. Jigana Mbak Méga anu bakal enya-enya mihak rayat mah, sabab dina kampanyeuna ogé sok remen ngahiap-hiap wong cilik. Tétéla sami mawon. Tah, kawasna SBY yeuh anu bakal ngarobah kaayaan téh, tuda sahenteuna apan dipilihna ogé dumasar kana sora balaréa. Gandang, kasép, simpati, bari jeung sok rajeun dareuda mun keur nyaritakeun katunggaraan rayat Indonésia téh. Idem kénéh jeung nu ti heula.
Tah, dina émprona mah (cék sakadang monyét gé): atung énéh, atung énéh. Anu puguh mah hahargaan beuki ngajaul, anu ngaligeuh lantaran PHK beuki loba, anu korupsi angger mahabu jeung beuki ngalegaan (teu kalis ku dibibira bari diamang-amang palu hakim), tarékah nanjeurkeun hukum loba kandegna (bari mimindengna mah alatan gawé anu icikibung dina widang hukumna sorangan), leuweung beuki ruksak ku illegal loging anu cenah duitna mah gegedéna asup kana rékening gegeden di sagigireun para cukong téh (da ari rayat anu butuh sahuap-sakopeun mah ukur nuar satangkal, dua tangkal, ku pakakas saayana, bari kaina ogé kudu dipanggul sorangan; lain ngagunakeun ragaji mesin, terus hasilna diakut kana treuk, laju dikapalan).
                                                                                                      Démo diburuhan
Ku gantina pamingpin téh, urang ukur bisa ngarep-ngarep, anu dina enas-enasna mah bari urang yakin deuih yén anu diarep-arep téh ukur kalangkang heulang. Rayat mah ukur bisa sugan jeung sugan.
Jadi, naon atuh anu nyésa dina rék nincak sawindu réformasi anu geus mancawura téh? Mun nyawangna ka lapisan handap mah, ukur rayat nu kukulutus lantaran ngarasa kagencét ti ditu, ti dieu. Ti dinya, ngawujud jadi kamarudah, terus bedah jadi amarah, anu mimindengna mah dikamalirkeun dina bentuk démonstrasi. Ngan nya kitu, ku sabab anu démo téh loba teuing rupana, kaasup jeung kahayangna, antukna matak jadi barieukeun. Démo ti mimiti sabab di-PHK, pédah lemburna kaliwatan kabel listrik tegangan éksrta tinggi (SUTET), lantaran wewengkonna dijieun pamiceunan runtah (TPA), tepi ka sual robahna ruteu angkot. Geus karuhan ari démo kana ngajaraulna hahargaan mah anu ulon-ulonna sabab pamaréntah ngundakkeun harga BBM (cenah, listrik gé caréraman rék milu naék deuih). Anu matak, sasaran démo téh rupa-rupa pisan.
Aya deuih anu mangrupa “tindakan nyata” minangka ébréhan tina amarah rayat téh: sweeping inuman keras, ngaburak-barik pangrucahan (tempat mesum), ngaduruk balé désa lantaran prosés dibagikeunana BLT dibarung ku pilih kasih, nutup jalan ka hiji lokasi lantaran rayat ngarasa dirugikeun, ngaruksak masjid jeung pasantrén lantaran béda aliran dina agama, jeung sajabana, jeung sajabana.
Tapi kahadé, tacan tangtu anu démo kabéhanana murni mawa sora haténa. Ari sababna, dina jaman réformasi ayeuna mah démo téh bisa dipake pakasaban deuih. Lumayan aya buruhna, pilakadar abring-abringan di jalan bari mawa spanduk atawa ngacung-ngacung bandéra. Jeung ti batan hirup ti poé ka poé ukur moyan; ka panas-panas tonggong mun beuteung kukurubukan mah. Anu sok diburuhan mah biasana démo pikeun “ngabéla” salah sahiji pihak anu keur pagedrug kahayang katut kapentingan, atawa anu ngarasa dilicikan dina pilkada, atawa anu keur unggah balé watanganana pisan.
Saheulaanan, démo anu diburuhan mah urang iwalkeun heula. Anu sidik, remen ngagederna démo anu relatif murni téh ngébréhkeun gedéna kamarudah balaréa, anu terus budal jadi amarah téa. Hanjakalna téh masih kénéh sporadis, tur anu jadi komandanna ogé loba deuih—nu penting asal wani ngajorowok. Éta amarah rayat téh tacan jadi kakuatan anu solid. Cacak mun geus “diorganisasikeun” mah, geus disina kompak bari aya dina hiji komando, tangtu bakal jadi kakuatan rohaka.
Tah, ayeuna saha anu aya karep tampil ka hareup enggoning ngaorganisasikeun amarah rayat anu masih bacacar? Yakin kuring mah, saha waé anu wani tandang, gedé harepan bakal jadi pamingpin. Satungtung éta pamingpin ajeg dina amanat rayat, yakin deuih bakal meunang dukungan ti balaréa.
Atuh meureun bakal aya réformasi jilid dua? Naha lamun tepi ka kitu, kaayaan bakal robah jadi alus?
Jigana pertanyaan anu bieu mah ulah waka dikahareupkeun, nya? Sapuk?
                                                                        ***

                                                                        Riung Kawung (Cibiru), Feb. 2006

Tidak ada komentar:

Posting Komentar