PAMINGPIN PADATI, JAPATI, JEUNG SAJATI


AYA tilu tipeu pamingpin: “pamingpin padati, pamingpin japati, jeung pamingpin sajati”. Bet mani kabeneran, ungkarana murwakanti: padati – japati – sajati. Kabéh rubuh dina sora “ti”, diwangun ku tilu engang, guru laguna a – a – i.
Asana, éta ungkara téh meunang mulungan ti Kang Tjetje Padmadinata. Ari Kang Tjetje, cenah ngadanguna ti Pa Ema Bratakusuma. Heup baé tepi ka dinya raratanana téh. Duka teuing, naha orisinal buah pikiran Pa Ema, atawa anjeunna gé meunang mu-lungan deui.
Padati, ceuk watesan dina Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS, nyaéta: sabangsa roda modél baheula, kikipingna ku canir (teu maké jari-jari), ditarikna ku munding.
Jigana keur generasi ayeuna mah geus moal apal. Ulah waka padati, dalah roda anu gilindingna ku kai tur maké jari-jari bari ditarikna ku kuda ogé asa geus langka. Baréto mah bekénna sok disebut “impala udin”, duméh di kolong roda téh sok aya tahang digantungkeun, wadah huut meunang ngagalokeun jeung jukut keur parab kuda, dimérekkan “udin”. Mun ayeuna hayang nénjo padati, paling-paling ukur aya di musieum.
Kasebutna munding, ulah waka sina narik padati, dalah leumpang biasa gé tara bisaeun gancang—ngeteyep leuwih kendor batan jalma, komo mun dibandingkeun jeung kuda mah jauh. Ana kitu, di mana teuing aya padati majuna tarik. Nu puguh mah ngetruk lalaunan—gancang kénéh leumpang. Lantaran gilindingna tina kai, ana sakali ngaliwat kana jalan taneuh anu rada ledok téh matak jadi nyeblok, malah aya kalana terus mebes, tepi ka ahirna ngajenten teu bisaeun deui maju.
Kumaha gambaran patali marga anu ngagunakeun padati dina abad ka-19, ku urang bisa diténan dina catetan Lie Kimhok (1853 – 1912), anu lumampah ti Cianjur ka Batawi (ayeuna Jakarta):
“Pedati adalah gerobak ditarik sapi atau kerbau, dan dengan kendaraan ini dapat diiritkan ongkos pikul barang bekalan yang saat dibawa bersama. Gerobak ini besar dan berat, dilarang jalan di bagian  yang dikeraskan dari Groote Postweg, tapi boleh di sisi jalan raya ini yang disebut jalan pedati, yang dalam musim hujan merupakan kobakan lumpur, dalam musim panas tumpukan debu, terutama dekat-dekat Puncak. Di dalam banyak hal di tanjakan  yang berat, sapi atau kerbau, pedati tidak dapat menanjak, karena gerobak itu terpendam di lumpur sampai di asnya, hingga perlu didapatkan bantuan kuda untuk mendorong atau menarik.”
Ku ukuran jaman ayeuna mah asa teu kasawang aya kendaraan kawas kitu, anu nyorang lalampahan ti Cianjur ka Jakarta aya kana opat-lima poéna. Dina sakalieun nyaba téh, ceuk nu bohong téa mah, matak kolot di jalan.
Pamingpin padati, heueuh, pamingpin anu majuna kawas padati. Di mana teuing aya padati boga karep hayang maju sorangan, sabab salawasna ogé kudu diséséréd, atawa didorong digulutukkeun, kakara daékeun ngarayap. Mun teu kitu mah angger wé ngajeten bin ngahunted, kajeun kahujanan-kapanasan. Ana geus diséréd, majuna teu sabaraha gancang, tapi matak ngaruksak kana jalan. Padahal pikeun nyérédna téh butuh tanaga rosa.
Pamingpin padati, pamingpin anu teu boga inisiatif pikeun maju. Ngajeten jeung ngajubleg dina status quo. Pamingpin anu teu boga kreativitas—ceuk urang lembur téa mah: taya gadag. Ngajentulna salaku pamingpin téh—ngajentul jiga tihul, ukur dina status, da teu ngadatangkeun parobahan nanaon pikeun rahayat anu dipingpinna mah.
Bisa jadi renungna pamingpin padati téh balukar tina sistem katrolan. Maranéhna anu teu boga bakat jadi pamingpin, naha di lembaga inpra atawa supra-struktur, tapi ku sabab kabeneran cicing dina buleudan kakawasaan, nya ahirna mah teu burung jeneng. Atawa bisa waé ku sabab loba duit pikeun meuli jabatan; uwar-awur rajakaya ka balaréa, atawa sugak-sogok ka anu aya di saluhureunana sangkan bisa ruwal-rawél pikeun ngahontal pangkat—monyét dibéré séséngkéd onamanan puguh deui. Dina jaman pilkada kawas ayeuna, iklim pikeun tumuwuhna pamingpin padati téh kaitung subur. Kaasup deuih meureun pikeun maranéhna anu hayang ngawakilan rahayat di lembaga législatif. Heueuh, pan ayeuna mah jaman “uang punya kawasa”, anu ceuk panyajak Taufiq Ismail mah “Keuangan Yang Maha Esa”.
Pamingpin japati, tah ieu mah pamingpin anu ramé—gegederan teu bina ti dulag dina malem lebaran. Japati gé apan hiberna téh mun dikeprokan. Beuki tarik jeung beuki loba anu ngeprokanana, beuki luhur waé hiberna téh. Ku luhur-luhurna, tepi ka ahirna poho jalan balik ka pagupon sorangan, anu antukna mah hiberna teuing ka mana.
Dina sawatara carita pantun didongéngkeun kabiasaan raja anu lamun rék biantara hareupeun balaréa téh kudu waé disayagikeun tukang keprok. Saméméhna Paman Léngsér dibéré pancén sangkan ngumpulkeun sajumlahing jalma anu pancénna sina ngeprokan lamun Kangjeng Raja réngsé biantara. Diburuhan? Is, atuh puguh waé. Keprok téh apanan capé, bari dampal leungeun karasa peureus, piraku atuh sina ciatah alias garatis. Kudu puguh itungananana atuh, Bung! Hanas rahayat anu keprok téh teu ngartieun kana eusi biantara Kangjeng Raja, ah éta mah béda deui urusanana. Nu penting, ramé!
Jadi, rék ngabiantarakeun hal naon waé, ti mimiti ngumumkeun naékna harga BBM tepi ka ngaresmikeun jambatan atawa rumah susun, upamana, kudu waé diraramékeun ku keprok. Alus-goréngna biantara Bapa Pamingpin, bakal diukur ku raména keprok. Kacida cawérangna mun anu keprokna ancal-ancalan, da kuduna ogé gegederan, tepi ka bumi karasa eundeur. Hanas éta kudu aya pos husus tina anggaran pikeun mayar tukang keprok, ah da éta mah geus dibalitungkeun ti saméméhna. Ari anggaran mah apan bisa dirugal-rigel ieuh, nya, Ceu Enéng?
Pikeun pamingpin japati, dunya tanpa keprok téh kacida sepina—lir deukeut-deukeut ka kiamah! Atawa, boa kiamah téa, kitu? Kawas tukang obat di alun-alun, lamun tas ngabuih téh apan kudu waé ditungtungan ku, “Keprok euy, dak!” (untung tukang obat mah nitah keprokna ukur ka barudak). Hanas obat anu ditatawarkeunana teu metu nyageurkeun kasakit, ah éta mah taya hubunganana jeung keprok atuh, Kang!
Boh pamingpin padati boh pamingpin japati, rarasaan téh asa mindeng manggihan. Nu hiji kudu diséséréd waé, nu hiji deui kudu dikeprokan waé.
Pamingpin sajati, tah anu kieu mah teu apal, sabab asa tacan kungsi manggihan, ari lain ukur semet ngadéngé tina dongéng mah. Dina jaman ayeuna, duka aya, duka henteu pamingpin sajati téh (jaman minyak tanah mahal bari hésé disiarna, jaman jalma kaidek dina waktu ngabagikeun jakat).
Mun téa mah uing nyebut teu apal, rumasa waé sabab hirupna kurung batok. Duka mun seug uing mindeng ngencar jeung liar kalawan lampar cara nu lian mah. Upamana waé dina jaman kapal ditukeuran ku béas ketan, naha pamingpin sajati téh kungsi aya? Duka teuing.

                                                                              Riung Kawung, Sept. 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar