MEUREUT KECAP


Aya sawatara kecap anu bisa disingget (digabungkeun) nulisna, tina dua atawa tilu jadi hiji. Jigana lumayan waé, aya mangpaatna dina meureutan ungkara.
- dékah; tina déwék mah
- uingah; tina uing mah
- urangah; tina urang mah
- manémah; tina manéh mah
- tatéh; tina éta téh
- tamah; tina éta mah
- cekéng; tina ceuk aing
- kitudi; tina kitu deui
- béah; tina baé ah
- jeunting; tina kajeun teuing
- tongting; tina entong teuing
- soktuh; tina sok atuh
- nyalah; tina enya lah
- kabégé; tina kabéh ogé
- patlas, juhlas, neplikur; tina opat welas, tujuh welas, genep likur
- taktagé; tina anu matak ogé

Tidak ada komentar:

Posting Komentar