PÉRS SUNDA = SARUNDÉNG (Dijieunna lila bari hésé, ari nu beukina langka)


Urang téh, heueuh urang Sunda, sok tibelat (waé) ka mangsa lawas. Anu digugulung téh mimindengna ukur nostalgia. “Jaman Akang mah, Yi ...,” kitu nu sok jadi kacapangan, bari terus nyaritakeun jaman kapungkur.
Nyaritakeun pérs Sunda ogé kitu, angger waé anu jadi ulekan téh jaman buhun; paling banter anu dipesék tepi ka taun 1950-an. Tur padahal, ayeuna mah geus béda deui alamna. Keun, lamun nyaritakeun mangsa lawas téh ari saukur pikeun referénsi mah. Tapi atuh kudu diimbangan ku kakiwarian, malah pikahareupeunana deuih.
Jigana masih perlu dipadungdengkeun: naon atuh ari pérs Sunda? Naha geus dianggap cukup pédah eusina ditulis dina basa Sunda? Naha pérs Sunda téh ukur ngungkab jeung midangkeun Sunda ku basa Sunda? Atawa bisa dilegaan, ngungkab jeung midangkeun dunya ku basa Sunda? Atawa, boa aya anu leuwih punjul deui ti éta? Cindekna, lain ukur dina hal basa wungkul anu jadi ciri pérs Sunda téh. Kuring kungsi nyieun rumusan, anu tangtu waé masih kénéh kudu dipadungdengkeun: yén fungsi pérs Sunda dina kakiwarian téh ngungkab jeung midangkeun dunya ku basa Sunda, tina sawangan Sunda, keur kapentingan Sunda.
Ngan nya kitu, heueuh ieu mah ceuk rarasaan, pérs Sunda téh hayoh wé ulukutek dina dunyana anu heureut, anu boa-boa mun dipeunteun mah ukur gawé puraga tamba kadengda, boh ditilik tina eusina, boh ditilik tina wujud fisikna. Tangtu bakal gancang dihualkeun, “Sakitu gé untung aya kénéh, teu tepi ka pareum pisan. Sakitu gé untung aya kénéh anu daék ngamodalan jeung daék ngurus. Coba mun geus taya saurang-urang acan anu daék jejeblogan jeung daék rugi, pérs Sunda téh ngan kari ngaran.”
Heueuh ari lebah dinyana mah. Éta téh tangtuna gé kaasup gawé mulya. Ngan ku naon atuh teu pada ngarojong, kalah pada ngantep?
Tong nyalahkeun batur. Urang salahkeun wé diri urang sorangan. Naha atuh mani tepi ka teu metu? Padahal, urang Sunda anu baroga duit asa galituk. Atuh bangsaning daktar-doktor jeung prafusar-profésorna nyayeud. Komo lamun bari diitung jumlah urang Sundana mah apan nempatan mayoritas kadua. Mana kitu gé meureun ruhul Sundana (nginjeum istilah tina ruhul jihad) tiba kakalicesan. Bororaah ngagegedur. Sunda téh ukur semet wacana, atawa boa ukur rétorika. Apan organisasi kasundaan anu kaitung geus kahot jeung di jerona diwewegan ku para jumhur ogé, dina kabuktianana mah teu bisa nerbitkeun pérs Sunda, komo lamun bari diémbohan ku “anu luyu jeung pangabutuh jaman” mah . Paling-paling minangka hélahna téh: “Baheula mah, Yi, apan kungsi nerbitkeun koran anu panggedéna sa-Jawa Barat.” Muhun, éta mah jaman kapungkur atuh, Pa Adén ....
Balik deui kana pedaran anu ngokolakeun pérs Sunda téh pola mikirna masih katalikung ku kondisi jaman kapungkur; yen pérs téh lapangan perjuangan, yén ari kasebutna berjuang mah kudu daék prihatin. Sakapeung, atawa boa mimindengna, istilah prihatin téh dihartikeun kékéréhét atawa walurat. Éta téh pamanggih anu dikedalkeun taun 1988. Heug lah, enya kitu. Yén pérs Sunda mah rada béda jeung pérs nasional. Béda dina guluburna maksud téh. Tapi da ari jaman ayeuna mah teu cukup ku ngasongkeun alesan perjuangan wungkul. Pérs téh apan geus jadi industri, anu tangtu waé kabeungkeut ku hukum ékonomi jeung hukum pasar. Daék teu daék, urang téh aya dina kondisi kawas kitu, jeung asa teu katulup boga pilihan séjén. Kahirupan urang kiwari téh geus kajiret ku kapitalismeu, anu tangtu waé pangaruhna kana kahirupan pérs bakal paralél. Ari dina dunya kapitalismeu, apan faktor modal téh gedé pisan pangaruhna. Teu cukup ukur ngandelkeun kadaék atawa kahaat wungkul. Kitu sotéh lamun urang hayang nyieun pérs Sunda anu alus, anu lain waé bisa ngigelan, tapi ngigelkeun jaman.
Ieu mah impian kuring, keun waé rék disebut gundam gé, kuduna mah anu nyieun pérs Sunda téh hiji konsorsium, ngarah weweg sagala-galana. Tapi naha ieu kahayang téh bakal aya anu ngabagéakeun, hususna ti aranjeunna anu kagungan artos seueur, duka teuing.
Anu kungsi kaalaman, ngokolakeun pérs Sunda téh lain gawé babari. Naha euweuh SDM-na, hususna ti angkatan ngora? Ceuk kuring mah pasualan pokona teu nyoko di dinya. Mun teu rék disebut loba gé, ngalikur kénéh atuh, barudak ngora (sahandapeun 40 taun) anu baroga minat milu ancrub kana pérs Sunda téh, anu masih kénéh boga idéalismeu, anu nyawang Sunda lain ukur pikeun wacana, jajauheun mun ukur ngadagangkeun Sunda jadi komoditi pikeun kauntungan pribadina mah. Ngan mun téa mah ayeuna teu pati témbong, bisa jadi kasang tukangna mah rupa-rupa. Éta mah kudu dipedar sa deui.
Dina jaman ayeuna, anu pangaruh transformasi budaya sakitu meuweuhna, ngokolakeun eusi pérs Sunda téh hakkul yakin leuwih beurat batan pérs pérs nasional. Dua kali gawé lah, anu karasa ku kuring mah. Ana kitu lebar temen, mun hasilna langka anu beuki. Jadi, kudu kumaha atuh? Nya tangtuna gé pangabeuki anu maca wayahna kudu anu kaasup dituturkeun, utamana dina wujud fisikna. Ari masarakat urang ayeuna, apan geus biasa nuturkeun pérs nasional, anu umumna lain waé obroy, tapi deuih eusina gé punjul. Mémang teu kabéh kitu, da pérs nu maké basa Indonésia gé teu kurang-kurang anu eusina taya araheunana, malah ukur dipaké kamuflaseu pikeun kapentingan séjén anu kacida heureutna.
Ngolah wujud fisik anu obroy, tangtu butuh waragad gedé. Kitu deui mun eusina hayang punjul, sarua kénéh butuh modal, da ari nyieun keur pieusieunana anu alus mah tangtuna gé teu cukup ukur meunang mulungan, bari saranana dapon aya. Lamun nyieun pérs Sunda asal-asalan mah, jigana téh bakal lapur, kawas kanyataan kiwari, oplahna teu nyugemakeun. Lain rék ngalelewang, ngan jigana kitu anu disanghareupan ku pérs Sunda kiwari téh.
Lamun nyaritakeun hal éta, ulekanana téh kana modal deui, kana modal deui. Heueuh tuda heureut (kénéh) pakeun pérs Sunda mah, anu balukarna nyungkeret ka ditu, ka dieu. Cacak lamun anu ngamodalanana rempeg bari weweg mah, jigana kondisina moal kawas ayeuna.
Anu matak, ceuk pamanggih kuring mah, lamun kondisina masih kénéh kawas ayeuna, nyieun pérs Sunda téh boa-boa teu bina ti nyieun sarundéng. Enya, apan nyieun sarundéng téh lain pagawéan énténg jeung téréh-téréh. Ngala kalapana, butuh kaahlian tuak-taék. Terus deuih lebah miceunan tapas reujeung ngabutikna, éta téh lain pagawéan babari. Ti dinya terus diparud, anu waktuna geus pililaeun deui waé, bari kudu luut-léét késang. Kalapa meunang marud disambaraan, terus disangray, digulah-galéh dina katél bari seuneuna kudu mayeng; ulah gedé teuing, ulah leutik teuing. Matak hareudang ngajogo di hareupeun hawu téh apan.
Ti mimiti kalapa diala tepi ka jadina sarundéng téh kudu ari satengah poé mah. Tapi ana geus jadi, anu beukieun kana sarundéng téh teu loba. Atuh mun dijual ogé, hargana teu sabaraha, moal kurup kana béakna tanaga pikeun nyieunna.
Ngan anéhna, kuring ogé sok tibelat waé hayang nyieun sarundéng. Di antarana nyieun tulisan anu ayeuna dibaca ku Sadérék.***

1 komentar: