RÉK alus rék goréng, omongkeun baé. Maksudna, kudu balaka,
ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun. Cacak
lamun goréng gé, teu kudu sungkan-sungkan nyaritakeun lebah mana goréngna.
Kitu ayeuna mah paribasa “hadé ku omong goréng ku omong téh”
disurahanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk légégna mah: kudu transparan. Ulah
ditutup-tutup, sangkan anu séjén arapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu
meureun mun dina basa Indonésiana mah.
Kitu ceuk ayeuna. Tapi, kumaha ari ceuk baréto? Tétéla harti
éta paribasa téh robah, da ari asalna mah teu kitu. Hadé ku omong ku goréng ku
omong, maksudna: alus jeung goréngna jelema téh gumantung kana omonganana.
Jalma nu alus omonganana, bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna, nu goréng
omonganana, bakal diajén goréng. Cindekna, alus jeung goréngna jalma téh diukur
ku omonganana. Nu dimaksud hadé atawa goréng di dieu bisa tujul kana eusi atawa
substansi omonganana, bisa deuih kana tatacara atawa étikana.
Mana nu rék dipaké cecekelan, naha harti ayeuna, atawa harti
asalna? Jih, nya teu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mah boga saréréa, nya,
Ceu Enéng. Ari basa mah apan mekar saluyu jeung paneka jaman. Dina
kabuktianana, aya sawatara paribasa anu robah hartina, upamana waé “bengkung
ngariung bongkok ngaronyok”, anu ayeuna sok dihartikeun: keun baé hirup ripuh
gé, nu penting asal ngariung sadudulur. Padahal, dina harti asalna mah, éta
paribasa téh ngandung maksud hirup sauyunan. Tuh, apan sakitu
patukang-tonggongna, nya?
Tah, lebah “hadé ku omong goréng ku omong”, pikeun kaperluan
ieu tulisan, pun uing rék nyokot harti saasal. Yén alus jeung goréngna jalma
téh bakal diukur ku omonganana. Bakal alus kasebutna, mun alus omonganana.
Bakal goréng kasebutna, mun goréng omonganana.
Éta paribasa téh produk dina hiji jaman, gelar tina
kahirupan urang Sunda mangsa kapungkur. Meureun, jaman karuhun urang masih
kénéh jumeneng, omongan anu dikedalkeun ku hiji jalma téh bakal dipaké ukuran
dina nangtukeun pangajén. Éta pangna dina ngomong téh kudu ati-ati, ulah saengabna,
ulah padu heuay. Apan geus jadi kacapangan, mun kuda dicekel kadalina, ari
jalma mah omonganana.
Ngomong téh kudu alus, mun urang hayang diajénan batur. Kitu
ceuk karuhun, anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam. Heueuh, apan dina Quran
aya sawatara ayat anu nétélakeun yén ngomong téh kudu qaulan sadida, qaulan
layyina, atawa qaulan ma’rufa anu lamun dicokot babarina mah nya omongan anu
alus téa. Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw. anu ceuk basa urang pasantrén
mah: Sing saha-saha anu iman ka Alloh jeung kana poé kiyamah, mangka (maranéh)
kudu nyarita hadé, atawa jempé.
Ngan masalahna, naha jaman kiwari masih kénéh luyu ngukur
hadé jeung goréngna jalma téh tina omonganana? Tah, lebah dieu, pun uing
ngahuleng. Ku ngabandungan rupa-rupa hal dina mangsa ayeuna, asa mindeng
manggihan jalma anu hadé omonganana, tapi sabada dibandungan, bet tepi kana
kacindekan: éta jelema téh geuning goréng, euy!
Teu mustahil pamanggih pun uing dihualkeun: gagabah maké
nyebut goréng ka nu lian! Apan alus jeung goréng mah lain ceuk panénjo jalma,
tapi aya dina wewenang Gusti Alloh. Tong sok nyanyahoanan! Boa nu ku silaing
disebut goréng téh, mungguh Pangéran mah alus.
Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagala rupa gé, lamun geus
wangsulkeun ka Anu Di Luhur mah, urang-urang téh apan teu daya teu upaya. Tapi,
salaku mahluk nu boga akal, apan urang téh kudu ngagunakeun éta akal, pikeun
nimbang rupa-rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teu ngagunakeun akal? Kitu
apan pidawuh Gusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasil pikiran urang teu merenah,
nya munasabah baé.
Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus omonganana, laju ku
urang bisa dipeunteun hadé. Dina kabuktianana, loba nu omonganana hadé, tapi
dina pamustunganana ku urang henteu dipeunteun hadé. Beu, ari caritaanana mah
kurang kumaha hadé jeung merenahna, genah kana ceuli, matak nyerep kana manah,
pikabungaheun, matak gedé haté, jeung sajabana. Tapi éta caritaan téh horéng
ukur lalambé, ngan wungkul keur pangirut, leuwih jauhna sakadar pangbébénjo.
Omongan haradé dipidatokeun gegederan, ditabeuh dina
rupa-rupa forum, ditulis tingjareblag dina spanduk, diwawarkeun dina média
massa, dipaké jejer lagu, jadi hiasan barang cindera mata, jeung ... wah dina
naon rupaning nu bisa kadéngé jeung katénjo. Ramé pokona mah. Di jalan raya, di
alun-alun, di buruan pasar, dalah di géng seselempet, pinuh ku kekecapan
haradé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teuing tuda aya omongan dina kampanyeu
goréng. Bet kabéh gé jangjina mah demi rahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mah
pikeun kapentingan umum. Tepi ka asa enya, amanat UUD 1945 téh bakal sim
salabim .... ngarobah nu katideresa jadi raharja, subur mamur gemah ripah loh
jinawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah di tengah imah, kahirupan éstu
raweuy beuweungeun rambay alaeun.
Tapi, kituna téh ukur semet omongan, ukur catur tanpa bukur,
tara dituturkeun ku buktina. Antukna saréréa jadi maphum, tepi ka tara
ngarep-ngarep najan sakumaha hadéna omongan anu dikedalkeun gé. Moal, moal aya
buktina. Nu puguh mah ukur jadi omongan tamba bau sungut. Malah boa anu
ngedalkeun éta omongan haradé téh, dina seuhseuhanana mah maranéhna gé teu
ngarti kana naon anu diomongkeunana.
Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omong goréng ku omong” téh
geus teu luyu jeung kanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuh anu ayeuna bisa
dipaké ukuran hadéna jalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deui dongéngna. Sapuk?
Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas
Pasundan
Punten ngiring ngeusian lolongkrang nu disayagikeun.
BalasHapusNgiring bingah Demung Janggala tiasa diunggah dina ieu web. Tos sabaraha kali dibaca, nanging sok hoyong teras maca deui. Panginten tisagedengeun novel teh mundel pisan eusina, masih langkina novel sunda sanesna. Upami tiasa teras medal karya sanesna ti Pak Tatang, atanapi diunggah buku sunda sanesna. Sesah pisan milarian karyana Mohamad Ambri, sareng nu sanesna